Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Katengtreman Haté—Kumaha Meunangkeunana?

Katengtreman Haté—Kumaha Meunangkeunana?

DUNYA ieu pinuh ku masalah, jadi urang hésé meunangkeun katengtreman haté. Sakapeung urang ngarasa tengtrem, tapi éta gancang leungit. Numutkeun Alkitab, kumaha urang bisa meunangkeun katengtreman haté nu sajati tur langgeng? Kumaha urang bisa ngabantu batur meunangkeun hal éta?

URANG KUDU KUMAHA?

Urang bisa bener-bener tengtrem lamun ngarasa aman jeung tenang. Urang ogé butuh sobat. Tapi nu pangpentingna, urang kudu nyobat jeung Allah. Kumaha carana?

Paréntah jeung prinsip Yéhuwa bisa ngabantu urang. Lamun éta dituturkeun, urang kabukti ngandel ka Yéhuwa jeung hayang raket ka Mantenna. (Yer. 17:7, 8; Yak. 2:22, 23) Ku kituna, Yéhuwa bakal ngaraket ka urang sarta masihan katengtreman pikiran. Yesaya 32:17 tina Terjemahan Dunia Baru (NW) nyebutkeun, ”Hasil tina bebeneran sajati téh katengtreman, Sarta buah tina bebeneran sajati téh katenangan jeung kaamanan nu langgeng.” Urang bisa bener-bener tengtrem lamun réla taat ka Yéhuwa.​—Yes. 48:18, 19.

Kasalempangan ngaleungitkeun katengtreman

Yéhuwa gé masihan kurnia nu bisa ngabantu urang mekarkeun katengtreman nu langgeng, nyaéta roh suci-Na.​—Ras. 9:31.

ROH SUCI NGABANTU URANG MEKARKEUN KATENGTREMAN

Rasul Paulus nyebutkeun yén katengtreman téh bagian tina ’buah padamelan roh’. (Gal. 5:22, 23, Sunda Formal) Ku sabab katengtreman téh hasil roh Allah, urang kudu daék dibingbing ku roh suci. Kumaha carana?

Kahiji, urang kudu rutin maca Alkitab. (Jab. 1:2, 3) Waktu urang ngalenyepan ayat-ayat nu dibaca, roh suci ngabantu urang paham kana pipikiran Yéhuwa ngeunaan rupa-rupa hal. Misalna, urang diajar kumaha Yéhuwa bisa tetep ngarasa tengtrem sarta naon sababna katengtreman téh penting keur Mantenna. Waktu urang ngalarapkeun palajaran tina Alkitab, kahirupan urang bakal leuwih tengtrem.​—Sil. 3:1, 2, NW.

Kadua, urang kudu ngadoa ménta roh suci Allah. (Luk. 11:13) Yéhuwa jangji ka nu ménta pitulung-Na, ”Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.” (Pil. 4:6, 7) Lamun urang tetep raket ka Yéhuwa jeung ngandelkeun roh suci-Na, Mantenna bakal masihan katengtreman pikiran.​—Rum 15:13.

Alkitab geus ngabantu loba jalma ngarobah hirupna. Ayeuna, maranéhna rukun jeung Yéhuwa, boga katengtreman pikiran, sarta rukun jeung batur. Kumaha maranéhna bisa barobah?

CARANA MEUNANGKEUN KATENGTREMAN SAJATI

Saacan diajar bebeneran, sababaraha dulur saiman urang téh gedé ambek jeung telenges. Tapi, maranéhna ngupayakeun barobah. Ayeuna, maranéhna jadi alus budi, sabar, sarta daék akur jeung batur. * (Tingali catetan handap.) (Sil. 29:22) Pék perhatikeun kumaha dulur urang nu ngaranna David jeung Rachel ngarobah kapribadianana.

Urang bisa tengtrem haté lamun ngalarapkeun prinsip Alkitab jeung ngadoa ménta roh suci Allah

Saacan David diajar bebeneran, manéhna osok ngiritik batur sarta ngomong kasar ka kulawargana. Tapi, manéhna sadar kudu barobah. Kumaha manéhna bisa meunangkeun katengtreman? Ceuk David, ”Abdi ngalarapkeun prinsip Alkitab dina kahirupan, hasilna abdi jeung kulawarga bisa silih ajénan.”

Rachel kapangaruhan ku kulawargana. Manéhna ngajelaskeun, ”Nepi ka ayeuna abdi kudu bajoang nahan amarah lantaran abdi digedékeun dina kulawarga nu gedé ambek.” Naon nu ngabantu Rachel? Ceuk manéhna, ”Abdi sering ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa.”

David jeung Rachel téh ngan dua conto ti jalma-jalma nu ayeuna ngarasa tengtrem lantaran ngalarapkeun prinsip Alkitab jeung ngandelkeun roh suci. Sanajan hirup dikurilingan ku jalma-jalma nu gedé ambek, urang tetep bisa tengtrem haté. Ku kituna, urang jadi gampang akur jeung kulawarga sarta dulur saiman. Tapi Yéhuwa ogé nyarios, ”Sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.” (Rum 12:18) Naha bisa? Ku naon urang kudu akur jeung saha baé?

NGUPAYAKEUN AKUR JEUNG SAHA BAÉ

Dina dines pangwawaran, urang mawa warta pitengtremeun ngeunaan Karajaan Allah. (Yes. 9:6, 7; Mat. 24:14) Loba nu resep jeung narima warta ieu. Hasilna, maranéhna teu aral jeung ambek deui lantaran kaayaan dunya ieu. Ayeuna, maranéhna boga harepan sarta kajurung pikeun ’ngusahakeun karapihan’ atawa karukunan.​—Jab. 34:15.

Tapi, teu kabéh resep kana warta urang, sahenteuna waktu mimiti diwawaran. (Yoh. 3:19) Teu sual réaksi jalma-jalma, roh suci Allah bisa ngabantu urang tetep ngarasa tengtrem jeung ngajénan jalma nu diwawaran. Ieu luyu jeung naséhat Yésus, ”Méméh asup ka imah, uluk salam heula ka nu boga imah. Lamun manéh ditarima di imah éta, katengtreman bakal datang ka dinya, tapi lamun henteu, katengtreman éta bakal balik deui ka manéh.” (Mat. 10:11-13, NW) Lamun boga sikep saperti kitu, urang bisa tetep ngarasa tengtrem teu sual naon nu diomongkeun jeung dilampahkeun ku batur. Urang gé kudu inget, sugan kahareupna maranéhna bisa dibantu.

Urang gé bisa ngupayakeun katengtreman ku cara sopan waktu ngomong jeung pajabat pamaréntah sanajan maranéhna nentang kagiatan urang. Contona, di hiji nagara Afrika, pamaréntah teu ngidinan urang ngawangun Balé Karajaan. Sadérék-sadérék apal yén maranéhna teu kudu protés atawa paséa. Maranéhna ngutus hiji sadérék nu pernah jadi misionaris di nagri éta pikeun manggihan duta besar nagri éta nu aya di London, Inggris. Tuluy, manéhna nyaritakeun yén kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa téh ngajurung karukunan.

Sadérék éta nyarita, ”Pas panggih jeung résépsionis, abdi nyaho naon sélérna, éta kaciri tina papakéanana. Abdi pernah diajar basa sélér éta. Jadi, abdi ngucapkeun salam dina basa manéhna. Manéhna reuwas, tuluy nanya, ’Aya perlu naon, Pak?’ Ku cara nu sopan, abdi ngomong yén hayang panggih jeung duta besar. Manéhna nelepon pajabat éta nu ahirna kaluar manggihan abdi sarta ngucapkeun salam dina basa manéhna. Sanggeus éta, manéhna ngadéngékeun bener-bener waktu abdi ngajelaskeun kagiatan Saksi nu ngajurung karukunan di nagri Afrika éta.”

Sanggeus ngadéngékeun carita sadérék urang, éta duta besar jadi paham kana kagiatan urang jeung teu boga prasangka deui. Teu lila, pamaréntah nagri éta ngidinan Saksi-Saksi Yéhuwa ngawangun Balé Karajaan. Sadérék-sadérék urang bungah pisan! Jelas, lamun sopan jeung ngajénan batur, urang ngupayakeun karukunan.

PÉK RASAKEUN KATENGTREMAN SALALANGGENGNA

Kiwari, umat Yéhuwa geus ngarasakeun pirdaus rohani waktu ibadah ka Mantenna layeut jeung dulur saiman. Urang masing-masing boga andil ku cara ngupayakeun katengtreman dina hirup urang sorangan. Ku kituna, urang nyukakeun Yéhuwa. Di dunya anyar, Mantenna bakal masihan urang katengtreman nu bakal aya salalanggengna.​—2 Pet. 3:13, 14.

^ par. 13 Urang bakal ngabahas ngeunaan alus budi dina artikel saterusna tina séri buah padamelan roh.