Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

’Caang Maraneh Kudu Mencar’ Sangkan Yéhuwa Dimulyakeun

’Caang Maraneh Kudu Mencar’ Sangkan Yéhuwa Dimulyakeun

”Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, . . . supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh.”​—MAT. 5:16.

KAWIH: 77, 59

1. Naon alesanana urang bungah?

URANG bungah lantaran nyaho yén hamba-hamba Allah keur mencarkeun caang! Taun kamari, umat Yéhuwa ngayakeun leuwih ti 10.000.000 palajaran Alkitab. Jutaan jalma nu minat kana bebeneran datang ka acara Pangéling-ngéling sarta diajar ngeunaan kurnia tebusan ti Yéhuwa.​—1 Yoh. 4:9.

2, 3. (a) Caang urang bisa mencar ”saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit” sanajan aya hahalang naon? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Di sakuliah dunya, Saksi-Saksi Yéhuwa maké rupa-rupa basa. Tapi, éta teu ngahalangan urang pikeun muji Yéhuwa sabagé kulawarga nu ngahiji. (Wahyu 7:9) Teu sual urang maké basa naon atawa matuh di mana, caang urang bisa mencar ”saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit”.​—Pil. 2:15.

3 Waktu urang ngawawar, waktu tetep ngahiji jeung dulur saiman, sarta waktu urang tetep waspada, Yéhuwa bakal dimulyakeun sarta batur gé bakal kataji kana bebeneran. Kumaha caang urang bisa mencar dina tilu hal ieu?​—Baca Mateus 5:14-16.

BANTU BATUR PIKEUN NYEMBAH YÉHUWA

4, 5. (a) Salian ti ngawawar, kumaha urang bisa mencarkeun caang? (b) Naon hasilna lamun urang soméah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Ngawawar jeung ngajadikeun murid téh cara penting pikeun mencarkeun caang. (Mat. 28:19, 20) Dina taun 1925, artikel ”Caang di nu Poék” ngajelaskeun yén dina ahir jaman, moal aya nu bisa tetep satia ka Jungjunan lamun henteu ngagunakeun ”kasempetan pikeun mencarkeun caang”. Disebutkeun ogé, ”Éta dilampahkeun ku cara nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma, sarta nyaluyukeun hirup jeung caang bebeneran.” (The Watch Tower, 1 Juni 1925) Salian ti ngawawar, lalampahan urang gé mawa kamulyaan pikeun Yéhuwa. Loba jalma merhatikeun waktu urang ngawawar. Lamun urang soméah bari ngucapkeun salam, manéhna bisa boga pandangan nu alus ngeunaan urang jeung Allah nu disembah ku urang.

Pangwawaran jeung lalampahan urang mawa kamulyaan pikeun Yéhuwa

5 Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Memeh asup [ka imah] uluk salam heula.” (Mat. 10:12) Di jaman Yésus, jalma-jalma geus biasa ngondang jalma nu teu dikenal asup ka imahna. Tapi kiwari di loba tempat, geus euweuh kabiasaan ieu. Jalma-jalma sok curiga atawa ngarasa kaganggu lamun nempo jalma nu teu dikenal aya di hareupeun panto. Tapi lamun urangna soméah jeung bageur, maranéhna jadi leuwih tenang. Waktu ngawawar di tempat umum maké rak, naha karasa ku Sadérék yén jalma-jalma jadi teu asa-asa nyampeurkeun jeung nyokot publikasi lamun urangna soméah? Malahan, bisa jadi maranéhna daék diajak ngobrol!

6. Kumaha sapasang salaki pamajikan nu geus kolot bisa tetep aktif ngawawar?

6 Sapasang salaki pamajikan nu geus kolot di Inggris teu bisa sering ngawawar ti imah ka imah lantaran geus teu jagjag deui. Jadi, maranéhna neundeun publikasi dina méja di hareupeun imahna. Imahna téh deukeut sakolaan, jadi publikasi nu ditémbongkeun téh nu cocog pikeun kolot nu rék mapagkeun budakna. Sababaraha kolot nyokot publikasi, kaasup Pertanyaan Kaum MudaJawaban yang Praktis, Jilid 1 jeung 2. Saurang panaratas istri osok maturan pasangan éta. Kolot ti éta barudak merhatikeun yén éta panaratas téh soméah sarta éta pasangan ogé bener-bener hayang mantuan batur. Ahirna, aya saurang nu daék diajar Alkitab.

7. Kumaha Sadérék bisa ngabantu para pangungsi di daérah Sadérék?

7 Ka dieunakeun, loba jalma ngungsi ka nagri séjén. Kumaha Sadérék bisa ngabantu pangungsi di daérah Sadérék pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa? Kahiji, Sadérék bisa diajar carana ngucapkeun salam dina basa maranéhna. Salian ti éta, ku cara ngagunakeun aplikasi JW Language, Sadérék bisa diajar sababaraha ucapan supaya maranéhna daék diajak ngobrol. Tuluy, Sadérék ogé bisa nunjukkeun vidéo atawa publikasi dina basa maranéhna di situs jw.org.​—Pam. 10:19.

8, 9. (a) Kumaha pasamoan tengah minggu bisa ngabantu urang? (b) Kumaha kolot bisa ngabantu budakna pikeun nyiapkeun koméntar nu leuwih hadé?

8 Yéhuwa masihan bantuan ngarah dines urang hasil. Contona, naon nu diajarkeun dina Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan ngabantu urang pikeun leuwih percaya diri waktu ngadatangan deui nu minat jeung ngamimitian palajaran Alkitab.

9 Jalma nu anyaran datang ka pasamoan biasana resep ngadéngékeun koméntar ti budak leutik. Sadérék bisa ngajar budak pikeun méré koméntar ku kekecapan sorangan. Sababaraha jalma kataji kana bebeneran lantaran ngadéngé budak leutik méré koméntar saderhana nu kaluar tina haténa.​—1 Kor. 14:25.

KUATKEUN KASATUNGGALAN

10. Kumaha carana sangkan kulawarga bisa tetep ngahiji?

10 Urang ngamulyakeun Yéhuwa lamun tetep rukun jeung ngahiji boh di kulawarga boh di sidang. Misalna, salaku indung bapa, Sadérék perlu rutin ngayakeun Ibadah Kulawarga. Sababaraha kulawarga nongton JW Broadcasting, tuluy ngabahas cara ngalarapkeun palajaranana. Inget yén bingbingan nu dibutuhkeun ku budak leutik jeung budak nu geus rumaja téh béda. Upayakeun sangkan unggal anggota kulawarga meunang mangpaat tina ibadah kulawarga.​—Jab. 148:12, 13.

Hadé lamun urang campur gaul jeung sadérék-sadérék nu geus kolot (Tingali paragrap 11)

11-13. Kumaha urang bisa ngabantu sidang leuwih ngahiji?

11 Salaku budak ngora, hidep bisa ngabantu unggal anggota sidang ngarasa dipikanyaah. Salah sahiji carana nyaéta nyobat jeung sadérék-sadérék nu geus kolot. Pék tanyakeun kumaha maranéhna bisa satia ka Yéhuwa mangtaun-taun. Pangalaman maranéhna méré loba mangpaat keur hidep. Hidep jeung maranéhna bisa dikuatkeun! Urang kabéh gé, teu sual ngora atawa kolot, bisa ngabagéakeun jalma-jalma nu anyaran datang ka Balé Karajaan. Ku cara nu soméah, ucapkeun salam, bantu manéhna néangan tempat diuk, ogé kenalkeun ka dulur-dulur séjénna. Bantu manéhna ngarasa betah.

12 Sadérék bisa ngabantu dulur-dulur nu kolot tetep mencarkeun caang. Waktu Sadérék ditugaskeun pikeun mandu riungan dines, béré daérah nu cocog keur maranéhna. Pasangkeun maranéhna jeung sadérék nu leuwih ngora. Sadérék-sadérék nu geus kolot jeung geringan osok leutik haté lantaran teu bisa sering ngawawar siga baheula. Tapi, maranéhna bisa gedé haté lamun Sadérék méré perhatian sarta ngarti kana kaayaan maranéhna. Jadi, kahadéan Sadérék bisa ngajurung nu ngora jeung nu kolot, nu geus pangalaman jeung nu anyaran, pikeun tetep sumanget ngawawar.​—Ima. 19:32.

Naha Sadérék bisa leuwih wanoh ka dulur-dulur di sidang?

13 Bangsa Israil resep ibadah babarengan. Ceuk nu nulis jabur, ”Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!” (Baca Jabur 133:1, 2.) Manéhna nyaruakeun kasatunggalan jeung minyak pangistrénan nu seungit jeung nyegerkeun kulit. Sarupa kitu, urang bisa nyegerkeun dulur-dulur lamun urang soméah jeung bageur ka maranéhna. Hasilna, sidang jadi leuwih ngahiji. Naha Sadérék bisa leuwih wanoh ka dulur-dulur di sidang?​—2 Kor. 6:11-13.

14. Kumaha carana Sadérék bisa mencarkeun caang di lingkungan imah?

14 Sadérék bisa mencarkeun caang di mana-mana. Kahadéan Sadérék bisa ngajurung tatangga pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. Pék lenyepan, ’Kumaha pandangan tatangga ka abdi? Naha imah abdi téh rapih jeung bersih nu matak lingkungan jadi merenah? Naha abdi osok mantuan tatangga?’ Pék tanyakeun ka Saksi séjén kumaha kahadéan jeung tuladan maranéhna mawa pangaruh alus ka kulawarga, tatangga, batur gawé, atawa batur sakola.​—Epe. 5:9.

SING TETEP WASPADA

15. Ku naon urang kudu tetep waspada?

15 Lamun hayang caang urang tetep ngagebray, urang kudu inget yén urang hirup di ahir jaman. Sababaraha kali, Yésus ngingetan murid-muridna pikeun tetep waspada. (Mat. 24:42; 25:13; 26:41) Lamun ngarasa yén ”mangsa cilaka” téh lila kénéh, urang bakal haré-haré ngawawar ngeunaan Yéhuwa. (Mat. 24:21) Lainna beuki ngagebray, lila-lila caang urang beuki surup malahan pareum.

16, 17. Kumaha carana sangkan Sadérék tetep waspada?

16 Ti batan saacanna, urang ayeuna kudu leuwih waspada. Kaayaan dunya beuki parah. Tapi, urang nyaho yén dunya ieu bakal dibinasakeun pas dina waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. (Mat. 24:42-44) Saacan éta ngawujud, urang kudu sabar bari neuteup harepan. Baca Alkitab unggal poé, jeung ulah eureun ngadoa. (1 Pet. 4:7) Pék conto tuladan sadérék-sadérék nu geus mangtaun-taun ngawula Yéhuwa. Misalna, Sadérék bisa maca pangalaman hirup maranéhna, saperti dina artikel ”Tujuh Puluh Tahun Memegang Punca Baju Seorang Yahudi” nu aya dina Menara Pengawal 15 April 2012, kaca 18-21.

17 Tetep sibuk ngawula Yéhuwa. Jieun kahadéan ka batur sarta campur gaul jeung dulur saiman. Ku kituna, Sadérék bakal bungah jeung waktu téh asa gancang liwatna. (Epe. 5:16) Loba pisan nu geus dilampahkeun ku umat Yéhuwa salila saratus taun ieu. Kiwari, urang leuwih sibuk deui. Kagiatan umat Yéhuwa beuki loba, ngaleuwihan nu kabayang ku urang. Caang urang beuki ngagebray!

Waktu dianjangan ku para kokolot, urang bisa meunang mangpaat ti hikmat Allah (Tingali paragrap 18, 19)

18, 19. Kumaha para kokolot bisa mantuan urang pikeun sumanget ngawula Yéhuwa? Béré contona.

18 Sanajan sok nyieun kasalahan, urang diidinan ku Yéhuwa pikeun ngawula Mantenna. Pikeun ngabantu urang, Mantenna masihan ”kurnia-kurnia” mangrupa para kokolot sidang. (Baca Epesus 4:11, 12.) Jadi waktu kokolot nganjangan Sadérék, gunakeun kasempetan éta pikeun diajar tina hikmat jeung naséhat maranéhna.

19 Contona, salaki pamajikan ti Inggris boga masalah perkawinan, tuluy maranéhna ménta tulung ka dua kokolot. Pamajikanana ngarasa salakina teu ngabingbing kulawarga dina ngawula Yéhuwa. Salakina ngarasa teu pinter ngajar jeung ngaku ibadah kulawargana téh kakapeungan. Para kokolot ngabantu maranéhna pikeun mikirkeun conto Yésus. Salakina dijurung pikeun nyonto Yésus nu perhatian ka murid-muridna. Pamajikanana ogé dijurung pikeun sabar ka salakina kawas Yésus. Tuluy para kokolot méré sababaraha saran ka pasangan éta ngeunaan cara ngayakeun ibadah kulawarga bareng jeung dua budakna. (Epe. 5:21-29) Salakina ngupayakeun enya-enya pikeun jadi kapala kulawarga nu leuwih hadé. Para kokolot ngajurung manéhna sangkan ulah nyerah jeung terus ngandelkeun kawasa Yéhuwa. Kulawarga éta bener-bener kabantu lantaran para kokolot némbongkeun kanyaah jeung kahadéan!

20. Naon hasilna lamun Sadérék mencarkeun caang?

20 ”Jamuga sakur nu ta’at ka PANGERAN, anu hirupna nurutkeun timbalan Mantenna.” (Jab. 128:1) Sadérék bakal bagja lamun mencarkeun caang. Jadi, ajar batur ngeunaan Allah, sing enya-enya ngabantu kulawarga jeung sidang tetep ngahiji, sarta sing tetep waspada. Jalma-jalma lian bisa nempo kahadéan Sadérék sarta bakal ngamulyakeun Bapa urang, Yéhuwa.​—Mat. 5:16.