”Karajaan Kaula Sanes ti Dunya Ieu”
”Tujuan Kaula medal sareng dongkap ka ieu dunya seja ngawurukkeun hal kaestuan.”—YOH. 18:37.
1, 2. (a) Kumaha dunya ieu beuki kapisah-pisah? (b) Pananya-pananya naon nu bakal dijawab dina artikel ieu?
SAURANG sadérék istri ti Eropa nyaritakeun pangalamanana baheula, ”Ti ngongora, abdi biasa ningali kateuadilan. Jadi, abdi teu satuju kana sistim pulitik di nagri abdi. Abdi justru ngadukung pandangan nu radikal. Malahan, mangtaun-taun abdi bobogohan jeung téroris.” Saurang sadérék ti Afrika ngajelaskeun ku naon manéhna jadi telenges, ”Abdi yakin sélér abdi téh nu panghébatna, jadi abdi ngagabung jeung hiji partéy pulitik. Abdi diajar pikeun maéhan musuh ku tumbak, kaasup nu sarua sélérna tapi ngadukung partéy pulitik séjén.” Saurang sadérék istri nu cicing di Eropa bagian tengah ngaku, ”Abdi goréng sangka jeung ngéwa ka saha waé nu béda bangsa jeung agama.”
2 Kiwari, beuki loba waé jalma nu boga pandangan saperti kitu. Loba kelompok pulitik ngagunakeun katelengesan sangkan bisa merdéka. Geus biasa lamun jalma-jalma paséa ngeunaan pulitik. Di loba nagri ogé, jalma-jalma beuki jahat ka urang asing. Sakumaha dinubuatkeun Alkitab, jalma-jalma ”taya karunya, taya hampura” dina 2 Tim. 3:1, 3) Kumaha urang Kristen bisa tetep ngahiji sanajan dunya beuki kapisah-pisah? Urang bakal loba diajar tina conto Yésus. Jalma-jalma di jaman Yésus ogé kapisah-pisah lantaran boga pandangan pulitik nu béda. Artikel ieu bakal ngabahas jawaban ti tilu pananya: Ku naon Yésus teu daék ngadukung kelompok pulitik? Kumaha Yésus nunjukkeun yén umat Allah kuduna tetep nétral dina urusan pulitik? Sarta, kumaha Yésus ngajar urang sangkan henteu ngagunakeun katelengesan?
ahir jaman. (NAHA YÉSUS NGADUKUNG JALMA-JALMA NU HAYANG MERDÉKA?
3, 4. (a) Naon nu dipiharep urang Yahudi di jaman Yésus? (b) Naon pangaruhna ka murid-murid Yésus?
3 Urang Yahudi di jaman Yésus hayang pisan bébas ti pamaréntahan Rum. Kaom Zélot, nyaéta kelompok pulitik anu panatik, ngagedurkeun sumanget urang Yahudi pikeun barontak. Pamingpin kaom Zélot téh Yudas urang Galiléa, nu hirup sajaman jeung Yésus. Yudas téh mésias palsu nu nyasabkeun loba jalma. Ahli sajarah Yahudi nu ngaranna Yosefus nyebutkeun yén Yudas ngadesek urang Yahudi sangkan barontak ka pamaréntah Rum sarta nganggap jalma nu mayar pajeg ka Rum téh ”kecingan”. Tungtungna Yudas dipaéhan ku pamaréntah Rum. (Ras. 5:37) Tapi, sababaraha urang Zélot kalah ka beuki telenges demi ngawujudkeun tujuanana.
4 Lolobana urang Yahudi ngadago-dago datangna Mésias. Maranéhna mikir yén Mésias bakal ngamerdékakeun maranéhna ti urang Rum sarta Israil bakal jadi bangsa nu hébat deui. (Luk. 2:38; 3:15) Loba nu percaya yén Mésias bakal ngadegkeun karajaanana di bumi, nyaéta di Israil. Lamun éta kajadian, urang Yahudi nu papencar bakal baralik deui ka Israil. Malahan, Yohanes Jurubaptis nanya ka Yésus, ”Naha leres Juragan teh anu bade sumping numutkeun jangji Allah tea . . . atanapi abdi-abdi kedah ngantosan keneh anu sanes?” (Mat. 11:2, 3) Bisa jadi, Yohanes mikir yén aya deui nu bakal datang pikeun ngamerdékakeun urang Yahudi. Ka dieunakeun, Yésus nu geus dihirupkeun deui panggih jeung dua murid di jalan ka Émaus. Maranéhna miharep Yésus bakal ngamerdékakeun Israil. (Baca Lukas 24:21.) Teu lila ti dinya, rasul-rasul nanya ka Yésus, ”Gusti, dupi Karajaan Israil teh bade ayeuna diadegkeunana deui ku Gusti?”—Ras. 1:6.
5. (a) Naon alesanana urang Galiléa hayang ngajadikeun Yésus raja? (b) Kumaha Yésus ngalempengkeun pamikiran maranéhna?
5 Urang Yahudi ngarepkeun Mésias bakal ngaréngsékeun masalah maranéhna. Bisa jadi ieu alesanana urang Galiléa hayang ngajadikeun Yésus raja. Maranéhna meureun mikir yén anjeunna bakal jadi pamingpin nu panghadéna. Anjeunna téh hutbahna alus, bisa nyageurkeun nu gering, malahan bisa méré dahar ka nu lapar. Jalma-jalma tarajub waktu Yésus méré dahar ka kira-kira 5.000 lalaki. Anjeunna apal naon nu bakal dilakukeun ku maranéhna. Alkitab nyebutkeun, ”Yesus uningaeun yen rek direreyang ku maranehna, rek dipaksa dijadikeun raja. Ku sabab eta Yoh. 6:10-15) Isukna, sanggeus jalma-jalma tarenang, Yésus ngajelaskeun yén anjeunna datang lain rék nyumponan kabutuhan matéri tapi rék ngajar maranéhna ngeunaan Karajaan Allah. Ceuk anjeunna, ”Ari digarawe ulah ngarah meunang dahareun anu keuna ku buruk, kudu ngarah anu awet, anu ngalantarankeun bisa hirup langgeng.”—Yoh. 6:25-27.
Anjeunna nyingkir ti dinya nyalira bae ka lebah pasir-pasir.” (6. Kumaha Yésus ngajelaskeun yén anjeunna embung jadi raja di bumi? (Tingali gambar dina awal artikel.)
6 Teu lila saacan Yésus pupus, anjeunna sadar yén murid-muridna percaya anjeunna bakal jadi raja di Yérusalém. Ti dinya, Yésus méré misil nu bakal ngabantu maranéhna ngarti yén éta téh moal kajadian. Misilna ngeunaan ”hiji jalma bangsawan”, nyaéta Yésus, nu bakal indit lila pisan. (Luk. 19:11-13, 15) Yésus ogé ngomong ka Pontius Pilatus, pajabat Rum, yén anjeunna moal ngadukung pulitik dunya ieu. Pilatus nanya ka Yésus, ”Anjeun teh Raja urang Yahudi?” (Yoh. 18:33) Pilatus sieun Yésus bakal mangaruhan jalma-jalma pikeun barontak ka pamaréntah Rum. Tapi Yésus ngajawab, ”Karajaan Kaula sanes ti dunya ieu.” (Yoh. 18:36) Yésus embung pipilueun dina urusan pulitik ku sabab Karajaan anjeunna aya di sawarga. Anjeunna ngomong yén tugasna di bumi téh nyaéta ”ngawurukkeun hal kaestuan”.—Baca Yohanes 18:37.
7. Ku naon teu gampang pikeun tetep nétral sacara pulitik kaasup dina haté urang?
7 Yésus paham kana tugasna. Lamun urang paham kana tugas urang, urang moal ngadukung kelompok pulitik mana waé, kaasup dina haté urang. Ieu teu salilana gampang. Saurang pangawas wilayah nyebutkeun yén jalma-jalma di daérahna jadi beuki ékstrim. Jalma-jalma nyombongkeun nagarana
sarta yakin kahirupanana bakal leuwih alus lamun maranéhna sorangan nu maréntah. Manéhna ogé ngomong, ”Hadéna, sadérék-sadérék ngajaga kasatunggalan Kristen ku cara getol ngawawarkeun warta hadé Karajaan. Maranéhna ngandelkeun Allah pikeun ngabéréskeun kateuadilan jeung masalah nu keur disanghareupan.”KUMAHA YÉSUS TETEP NÉTRAL DINA URUSAN PULITIK?
8. Kateuadilan naon nu kaalaman ku urang Yahudi di jaman Yésus?
8 Waktu jalma-jalma ningali kateuadilan di sakurilingna, maranéhna jadi pipilueun kana urusan pulitik. Di jaman Yésus, mayar pajeg jadi masalah pulitik nu ruwed. Malahan, Yudas urang Galiléa barontak téh lantaran pamaréntah Rum ngayakeun sénsus sangkan urang Yahudi mayar pajeg. Aya loba pajeg nu kudu dibayar, nyaéta pikeun barang nu dipimilik, tanah, jeung imah. Parahna deui, tukang mulung pajegna gé osok korupsi. Sakapeung, maranéhna nyogok pajabat pamaréntah supaya dibéré leuwih loba kakawasaan pikeun narikan pajeg, ku kituna bisa meunang leuwih loba duit. Sakéus, kapala tukang mulung pajeg di Yériho, jadi beunghar lantaran meres batur.—Luk. 19:2, 8.
9, 10. (a) Kumaha musuh-musuh Yésus ngajiret Yésus pikeun pipilueun dina masalah pulitik? (b) Tina jawaban Yésus, urang diajar naon? (Tingali gambar dina awal artikel.)
9 Musuh-musuh Yésus ngajiret Yésus pikeun pipilueun dina masalah pajeg. Maranéhna nanya ngeunaan ”pajeg” nu gedéna sadinar nu kudu dibayar ku kabéh urang Yahudi. (Baca Mateus 22:16-18.) Urang Yahudi ijid pisan kana pajeg ieu lantaran jadi inget yén maranéhna téh keur dijajah ku urang Rum. ”Jelema-jelema golongan Herodes”, atawa partéy nu ngadukung pandangan pulitik Hérodés, rék nuduh Yésus jadi musuh Karajaan Rum lamun Yésus ngomong maranéhna teu kudu mayar pajeg. Tapi, lamun Yésus ngomong yén maranéhna kudu mayar pajeg, jalma-jalma bakal naringgalkeun anjeunna. Jadi, Yésus kudu ngajawab naon?
10 Yésus ngajaga diri tetep nétral. Ceuk anjeunna, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.” (Mat. 22:21) Sanajan nyaho yén loba tukang mulung pajeg osok korupsi, Yésus teu nguruskeun hal éta. Anjeunna ngutamakeun Karajaan Allah nu bisa ngaréngsékeun masalah manusa. Ieu jadi conto keur urang. Urang teu meunang pipilueun dina masalah pulitik sanajan aya pihak nu katingalina bener jeung adil sarta nu séjén katingalina salah jeung teu adil. Urang Kristen ngutamakeun Karajaan Allah jeung hal nu bener di pandangan Allah. Ku sabab éta, urang moal debat ngeunaan kateuadilan atawa protés ngeunaan hal éta.—Mat. 6:33.
11. Kumaha urang bisa mantuan batur meunangkeun kaadilan nu sajati?
11 Loba Saksi Yéhuwa geus suksés miceun pandangan pulitik nu tadina dicekel pageuh. Misalna, saacan diajar bebeneran, saurang sadérék istri di Inggris milu kelas élmu sosial di universitas. Ahirna, manéhna boga pandangan pulitik nu ékstrim. Ceuk manéhna, ”Abdi hayang ngabéla hak jalma
kulit hideung lantaran urang kabéh geus ngalaman loba kateuadilan. Sanajan abdi osok meunang debat, angger wé abdi ngarasa teu bagja. Abdi teu sadar yén nu nyababkeun kateuadilan téh kudu dipiceun tina haté. Waktu mimiti diajar Alkitab, abdi paham yén ieu kudu dimimitian tina haté abdi.” Nu ngabantu manéhna ngarobah parasaan dina jero haténa téh justru saurang sadérék istri kulit bodas. Manéhna tuluy nyarita, ”Ayeuna abdi jadi panaratas biasa di sidang basa isarat. Abdi ngupayakeun ngawawar ka rupa-rupa jalma.””ASUPKEUN ETA PEDANG, SARANGKAAN DEUI”
12. Naon maksudna ”ragi” nu kudu disingkahan ku murid-murid Yésus?
12 Di jaman Yésus, pamingpin agama ngadukung kelompok-kelompok pulitik. Contona, numutkeun hiji buku ngeunaan kahirupan dina jaman Yésus, urang Yahudi téh kabagi-bagi dina kelompok-kelompok agama nu sarupa jeung partéy pulitik. Jadi, Yésus mépélingan murid-muridna, ”Maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.” (Mar. 8:15) Waktu Yésus nyebutkeun Hérodés, éta ngamaksudkeun partéy nu ngadukung Hérodés. Kelompok séjénna nyaéta urang Parisi nu hayang urang Yahudi merdéka ti Karajaan Rum. Numutkeun catetan Mateus, Yésus ogé mépélingan murid-muridna ngeunaan urang Saduki. Urang Saduki hayang pamaréntahan Rum terus ngawasa supaya maranéhna bisa tetep boga kadudukan nu luhur. Yésus mépélingan murid-muridna pikeun nyingkahan ”ragi”, nyaéta pangajaran, ti tilu kelompok ieu. (Mat. 16:6, 12) Yésus méré pépéling ieu téh teu lila sanggeus jalma-jalma rék ngajadikeun anjeunna raja.
Yésus ngajar murid-muridna pikeun tetep nétral
13, 14. (a) Naon contona yén masalah pulitik jeung agama bisa ngabalukarkeun katelengesan jeung kateuadilan? (b) Ku naon urang teu meunang telenges sanajan ngalaman kateuadilan? (Tingali gambar dina awal artikel.)
13 Lamun agama pipilueun dina masalah pulitik, biasana balukarna katelengesan. Yésus ngajar murid-muridna pikeun tetep nétral. Éta sababna imam kapala jeung urang Parisi hayang maéhan Yésus. Maranéhna sieun jalma-jalma bakal ngadéngékeun Yésus tuluy ninggalkeun maranéhna. Lamun ieu kajadian, kakawasaan agama jeung pulitik maranéhna bakal leungit. Ceuk maranéhna, ”Lamun terus diantep, jelema-jelema tangtu biluk kabeh palercaya ka Manehna. Tungtungna engke bangsa urang digempur ku pamarentah Rum, Bait Allah tangtu ancur!” (Yoh. 11:48) Jadi, Imam Agung Kayapas ngarencanakeun rék maéhan Yésus.—Yoh. 11:49-53; 18:14.
14 Kayapas ngadagoan nepikeun ka peuting tuluy ngirim prajurit pikeun néwak Yésus. Tapi, Yésus nyaho rencana éta. Jadi, dina peuting éta Yésus Luk. 22:36-38) Tuluy, gorombolan jalma datang pikeun néwak Yésus. Pétrus kacida ambekna ningali kateuadilan ieu nepi ka nyabut pedang jeung nyerang hiji lalaki. (Yoh. 18:10) Tapi, Yésus ngomong ka Pétrus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.” (Mat. 26:52, 53) Yésus ngajar naon ka murid-muridna? Maranéhna teu meunang jadi bagian ti dunya ieu. Éta nu didoakeun ku Yésus saacanna. (Baca Yohanes 17:16.) Mung Allah nu boga hak pikeun ngabéréskeun kateuadilan.
nitah rasul-rasulna mawa pedang. Dua pedang nu dibawa bakal dipaké keur ngajarkeun hal penting. (15, 16. (a) Kumaha Firman Allah bisa ngabantu urang Kristen tetep rukun? (b) Naon nu ditingali Yéhuwa di dunya ieu?
15 Sadérék istri ti Eropa nu dicaritakeun saacanna meunang palajaran nu sarua. Ceuk manéhna, ”Abdi geus nyaksian yén katelengesan moal mawa kaadilan jeung jalma nu ngagunakeun katelengesan biasana malah paéh. Loba ogé nu jadi nalangsa. Abdi bungah pisan bisa diajar tina Alkitab yén mung Allah nu bisa mawa kaadilan nu sajati di bumi. Éta nu terus diwawarkeun ku abdi salila 25 taun ieu.” Sadérék ti Afrika ngaganti tumbakna ku ”pedang” Firman Allah. (Epe. 6:17) Ayeuna, manéhna ngawawarkeun warta katengtreman ka rupa-rupa jalma, teu sual naon sélérna. Sanggeus jadi Saksi Yéhuwa, sadérék istri nu aya di Eropa bagian tengah kawin jeung saurang sadérék nu asalna ti sélér nu tadina dipikangéwa ku manéhna. Tilu sadérék ieu bisa barobah lantaran hayang nyonto Kristus.
16 Parobahan ieu penting pisan! Alkitab nyebutkeun yén umat manusa téh saibarat laut motah nu terus ombak-ombakan. (Yes. 17:12; 57:20, 21; Wahyu 13:1) Masalah pulitik ngabalukarkeun jalma-jalma jadi paraséa, papisah, jeung telenges. Tapi, urang mah rukun jeung ngahiji. Waktu Yéhuwa ningali jalma-jalma di dunya ieu kapisah-pisah, Mantenna tangtu bungah ningali umat-Na ngahiji.—Baca Sepanya 3:17.
17. (a) Ku cara naon waé urang bisa tetep ngahiji? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?
17 Urang geus diajar tilu cara sangkan tetep ngahiji: (1) Urang ngandelkeun Karajaan Allah pikeun ngabéréskeun kabéh kateuadilan, (2) urang moal pipilueun dina masalah pulitik, sarta (3) urang nyingkahan katelengesan. Tapi, aya hal séjén nu bisa ngaruksak kasatunggalan nyaéta prasangka. Dina artikel saterusna, urang bakal diajar cara nyanghareupanana, sakumaha urang Kristen nu mimiti.