Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kuduna Mah Manéhna Bisa Kamanah ku Allah

Kuduna Mah Manéhna Bisa Kamanah ku Allah

URANG ngawula Yéhuwa ku sabab hayang kamanah jeung diberkahan ku Mantenna. Tapi, kumaha carana? Di jaman Alkitab, aya nu pernah ngalakukeun dosa gedé, tapi bisa kamanah deui ku Allah. Nu séjénna boga sipat-sipat nu alus, tapi tungtungna teu kamanah ku Allah. Bisa waé urang nanya, ”Naon nu ditingali ku Yéhuwa ti urang?” Conto ti raja Yuda, nyaéta Réhabam, bisa ngajawab pananya ieu.

SALAH TI MIMITI

Suléman, bapana Réhabam, ngarajaan Israil salila 40 taun. (1 Rja. 11:41, 42) Sanggeus bapana maot, Réhabam indit ti Yérusalém ka Sékem pikeun jadi raja. (2 Bab. 10:1) Kabayang, manéhna bisa jadi teu percaya diri ngagantikeun bapana. Suléman kasohor hikmatna. Sakeudeung deui, Réhabam kudu ngabuktikeun naha manéhna gé bijaksana dina ngaréngsékeun masalah nu hésé.

Bangsa Israil ngarasa ditindes, tuluy ngirim utusan pikeun nepikeun kahayang maranéhna ka Réhabam, ”Tanggungan anu ku tuang rama dikeunakeun ka kuring sadaya kacida ngaripuhkeunana. Manawi anjeun kersa maparin kaentengan malar hirup kuring sadaya ulah ripuh teuing, kuring sadaya seja satia jadi bawahan.”​—2 Bab. 10:3, 4.

Réhabam kudu nyieun putusan nu hésé. Lamun manéhna nurut kana kahayang rahayat, manéhna jeung kulawargana di karaton kudu kaleungitan sababaraha hal nu méwah. Tapi, lamun paménta éta ditampik, rahayat bisa waé barontak. Naon nu dilampahkeun ku Réhabam? Mimitina, manéhna ngomong ka para sesepuh, urut jurunaséhat bapana. Saran ti para sesepuh nyaéta ngamakbul paménta rahayat. Tapi, Réhabam tuluy ménta saran ka babaturan nu saumur sarta mutuskeun pikeun nindes rahayatna. Manéhna ngomong ka rahayat, ”Tanggungan ti kami mah bakal beuki beurat. Ama kami nyabet ka maraneh ku pecut, kami mah arek ngababukan ku pecut cucuk beusi!”​—2 Bab. 10:6-14.

Naon palajaranana? Kiwari, loba sadérék nu geus kolot jeung loba pangalaman bisa méré naséhat nu alus. Lamun urang narima naséhatna, urang bisa nyieun putusan nu bijaksana.​—Ayub 12:12, 13.

MARANÉHNA ”NARURUT KANA TIMBALAN PANGERAN”

Réhabam ngumpulkeun prajuritna keur merangan kaom-kaom nu barontak éta. Tapi, Yéhuwa ngutus Nabi Sémaya pikeun ngabéjaan, ”Ulah merangan urang Israil, eta teh dulur maneh sorangan. Geura baralik bae kabeh, da kituna teh ku pangersa Kami.”​—1 Rja. 12:21-24. *—Tingali catetan handap.

Naha nurut ka Yéhuwa téh gampang pikeun Réhabam? Naon nu bakal dipikirkeun ku rahayat? Manéhna geus susumbar bakal ngahukum rahayat ku ”pecut cucuk beusi”, tapi waktu rahayat barontak kalah ka diantep! (Bandingkeun 2 Babad 13:7.) Sanajan kitu, ”seug [raja jeung para prajuritna] teh baralik, narurut kana timbalan PANGERAN”.

Naon palajaranana keur urang? Nurut ka Allah téh salawasna bijaksana sanajan urang jadi dihina. Allah pasti ngaberkahan lamun urang taat.​—Pam. 28:2.

Naha Réhabam diberkahan lantaran taat henteu merangan urang Israil? Réhabam tetep jadi raja pikeun kaom Yuda jeung Binyamin. Manéhna ngawangun kota-kota anyar di wilayah kakawasaanana sarta nohagaan sababaraha kota nepi ka kuat pisan. (2 Bab. 11:5-12, Terjemahan Dunia Baru) Nu leuwih penting, keur saheulaanan manéhna taat kana hukum Yéhuwa. Lantaran karajaan sapuluh kaom nyembah brahala, loba nu daratang ti dinya ka Yérusalém pikeun ngarojong Réhabam jeung ibadah nu sajati. (2 Bab. 11:16, 17) Jadi, ku sabab Réhabam taat ka Yéhuwa, karajaanana beuki tohaga.

RÉHABAM NGADOSA JEUNG TOBAT

Waktu karajaan Réhabam geus tohaga, manéhna jadi mahiwal. Manéhna teu taat ka hukum Yéhuwa tuluy nyembah allah-allah palsu! Naha bet kitu? Naha indungna, nu urang Amon, mangaruhan putusan manéhna? (1 Rja. 14:21) Urang teu apal, tapi sakabéh rahayat nuturkeun conto goréng manéhna. Jadi, Yéhuwa ngidinan Raja Sisak ti Mesir pikeun nalukkeun loba kota di karajaan Yuda sanajan Réhabam geus nohagaan kota-kota éta!​—1 Rja. 14:22-24; 2 Bab. 12:1-4.

Kaayaanana beuki parah waktu Sisak jeung pasukanana rék nyerang Yérusalém, tempat Réhabam maréntah. Pas kajadian éta, Nabi Sémaya nepikeun warta ti Allah ka Réhabam jeung para pamingpin Yuda, ”Maraneh enggeus ninggalkeun Kami. Ku sabab eta Kami ge rek ninggalkeun ka maraneh, ku Kami rek diserenkeun ka Sisak.” Kumaha réaksi Réhabam? Réaksina alus! Alkitab nyebutkeun, ”Raja jeung para pamingpin rarumasaeun kana dosana, sarta salaurna, ’Parantos layak pisan PANGERAN midamel kitu teh.’” Ku kituna, Yéhuwa nyalametkeun Réhabam, Yérusalém ogé teu jadi diancurkeun.​—2 Bab. 12:5-7, 12.

Sanggeusna, Réhabam tetep maréntah karajaan Yuda. Saacanna maot, manéhna méré loba warisan ka putra-putrana. Ieu téh bisa jadi sangkan maranéhna teu barontak ka Abia, dulur maranéhna nu bakal jadi raja saterusna. (2 Bab. 11:21-23) Ku cara ngalampahkeun éta, katingali yén Réhabam leuwih bijaksana ti batan keur ngorana.

NAHA RÉHABAM TÉH RAJA NU ALUS ATAWA GORÉNG?

Sanajan Réhabam ngalampahkeun sababaraha hal nu hadé, Alkitab nyebutkeun ”lampahna goreng”. Ku naon? Ku sabab ”Rehabam teu kersa nuturkeun pangersa PANGERAN” tina haténa. Jadi, manéhna teu kamanah ku Yéhuwa.​—2 Bab. 12:14.

Réhabam teu boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa kawas Daud

Urang bisa diajar naon tina kahirupan Réhabam? Sakapeung, manéhna taat ka Allah. Manéhna ogé ngalampahkeun kahadéan ka umat Yéhuwa. Tapi, manéhna teu boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa. Manéhna ogé teu bener-bener hayang nyukakeun Mantenna. Ku kituna, manéhna eureun ngalampahkeun nu bener tuluy nyembah allah-allah palsu. Bisa jadi kapikir ku Sadérék, ’Waktu Réhabam narima pangéling ti Yéhuwa, naha manéhna téh bener-bener ngarasa kaduhung kana kasalahanana jeung hayang nyukakeun Allah? Atawa, éta téh ngan saukur nuturkeun omongan batur?’ (2 Bab. 11:3, 4; 12:6) Ka dieunakeun, manéhna ngalampahkeun kagoréngan deui. Manéhna béda pisan jeung akina, Raja Daud! Daud mémang ngalampahkeun kasalahan nu gedé. Tapi, manéhna bener-bener tobat tina dosana. Daud ogé mikanyaah Yéhuwa jeung ibadah nu sajati saumur hirupna.​—1 Rja. 14:8; Jab. 51:3, 19; 63:2.

Aya loba palajaran tina kisah Alkitab ieu. Mémang hadé lamun hiji jalma nyumponan pangabutuh kulawargana jeung nyieun kahadéan ka batur. Tapi, sangkan kamanah ku Yéhuwa, ibadah urang kudu saluyu jeung kahoyong Mantenna. Urang gé kudu boga hubungan nu raket jeung Mantenna.

Sangkan bisa kitu, urang kudu bener-bener mikanyaah Yéhuwa. Saperti seuneu nu tetep ngagedur mun ditambahan suluh, kanyaah urang ka Allah ogé tetep ngagedur lamun urang rutin diajar Firman-Na, ngalenyepanana, jeung rutin ngadoa. (Jab. 1:2; Rum 12:12) Kanyaah ieu ngajurung urang pikeun nyukakeun Yéhuwa dina sagala lalampahan urang. Éta ogé ngageuing urang pikeun bener-bener tobat mun ngalakukeun dosa. Ku kituna, urang moal siga Réhabam, tapi tetep satia kana ibadah sajati.​—Yud. 20, 21.

^ par. 9 Ku sabab Suléman teu satia, Allah nyarios yén karajaan bakal dibagi dua.​—1 Rja. 11:31.