Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pék Latih Haté Sanubari Sadérék ku Hukum jeung Prinsip Allah

Pék Latih Haté Sanubari Sadérék ku Hukum jeung Prinsip Allah

”[Abdi] sok ngaji aturan-aturan Gusti.”​—JAB. 119:99.

KAWIH: 127, 88

1. Naon nu ngalantarankeun urang leuwih luhur ti sasatoan?

YÉHUWA masihan hal nu istiméwa ka manusa, nyaéta haté sanubari. Ieu ngalantarankeun urang leuwih luhur ti sasatoan. Naon buktina Adam jeung Hawa boga haté sanubari? Sanggeus teu taat ka Allah, maranéhna nyumput. Ieu lantaran haté sanubari maranéhna kaganggu.

2. Ku naon haté sanubari bisa disaruakeun jeung kompas? (Tingali gambar dina awal artikel.)

2 Haté sanubari téh parasaan ngeunaan bener salahna hiji hal, nu bisa ngabingbing hirup urang. Jalma nu haté sanubarina teu kalatih sarupa jeung kapal laut nu kompasna ruksak. Angin jeung ombak bisa nyasabkeun kapal. Tapi, kompas nu alus bisa mantuan jurumudi pikeun ngajalankeun kapal tetep aya dina jalurna. Kitu ogé, haté sanubari nu dilatih ku cara nu bener bisa ngabingbing urang.

3. Naon balukarna lamun haté sanubari teu dilatih ku cara nu bener?

3 Lamun teu dilatih ku cara nu bener, haté sanubari moal ngingetan urang sangkan teu ngalampahkeun nu salah, malahan bisa ngayakinkeun yén nu goréng téh hadé. (Yes. 5:20; 1 Tim. 4:1, 2) Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Engke aya mangsa, jelema anu maehan ka maraneh pangrasana mah ngabakti ka Allah.” (Yoh. 16:2) Ieu ogé nu dirasakeun ku jalma-jalma nu maéhan Stépanus. (Ras. 6:8, 12; 7:54-60) Sapanjang sajarah, loba jalma nu ngalakukeun kakejeman, saperti maéhan jalma, ngakuna mah ibadah ka Allah. Tapi, éta justru ngalanggar hukum Allah. (Bud. 20:13) Jelas, haté sanubari maranéhna teu ngabingbing ku cara nu bener!

4. Urang kudu kumaha sangkan haté sanubari urang ngabingbing ku cara nu bener?

4 Jadi, kudu kumaha sangkan haté sanubari urang ngabingbing ku cara nu bener? Hukum jeung prinsip dina Alkitab téh ”mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener”. (2 Tim. 3:16) Urang kudu rutin diajar Alkitab, ngalenyepanana, jeung ngalarapkeunana. Ku kituna, urang diajar pikeun boga cara pikir Yéhuwa. Tuluy, urang bisa yakin yén haté sanubari geus ngabingbing urang ku cara nu bener. Hayu urang bahas kumaha hukum jeung prinsip Yéhuwa ngalatih haté sanubari urang.

DILATIH KU HUKUM ALLAH

5, 6. Kumaha sangkan hukum Allah aya mangpaatna keur urang?

5 Sangkan hukum Allah aya mangpaatna, teu cukup ngan saukur maca atawa nyaho kana hukum-hukum éta. Urang kudu mikaresep jeung ngajénan hukum Allah. Alkitab nyebutkeun, ”Kudu ijid kana kajahatan, pikaresep lampah bener.” (Amos 5:15) Tapi, kumaha carana? Urang kudu diajar pikeun boga cara pikir Yéhuwa. Ibaratna siga kieu: Urang sering hésé saré, tuluy dokter ngabéjaan sangkan urang ngadahar dahareun nu séhat, leuwih loba olahraga, sarta nyieun parobahan séjénna. Waktu saranna dituturkeun, hasilna téh alus! Kumaha parasaan urang kana saran dokter éta?

6 Kitu ogé, Nu Nyiptakeun urang masihan hukum sangkan hirup urang leuwih hadé sarta dijauhkeun tina balukar dosa. Misalna, Alkitab ngajarkeun sangkan urang ulah ngabohong, nipu, puak-paok, cabul, telenges, atawa ngalampahkeun hal-hal nu aya patalina jeung roh-roh jahat. (Baca Siloka 6:16-19; Wahyu 21:8) Waktu ngarasakeun mangpaatna taat ka Yéhuwa, urang jadi beuki nyaah ka Mantenna jeung beuki resep kana hukum-hukum-Na.

7. Kumaha kisah-kisah dina Alkitab bisa ngabantu urang?

7 Pikeun nyaho mana nu bener jeung nu salah, urang teu kudu sangsara heula lantaran ngalanggar hukum Allah. Urang bisa diajar tina kasalahan jalma-jalma di jaman baheula. Ieu dicatet dina Alkitab. Siloka 1:5 nyebutkeun yén jalma nu bijaksana resep ”nambahan kaweruh”. Kaweruh ieu téh asalna ti Allah, jadi tangtu ieu nu panghadéna! Contona, pék pikirkeun sakumaha nalangsana Daud sanggeus teu taat ka Yéhuwa sarta jinah jeung Batséba. (2 Sam. 12:7-14) Waktu maca caritana, pék lenyepan, ’Naon nu sakuduna dilakukeun Daud sangkan teu nalangsa siga kitu? Mun nyanghareupan gogoda pikeun ngalampahkeun nu cabul, abdi rék kumaha? Naha abdi bakal siga Daud atawa siga Yusup?’ (Kaj. 39:11-15) Lamun urang ngalenyepan balukar tina lalampahan nu salah, urang bakal beuki ”ijid kana kajahatan”.

8, 9. (a) Naon mangpaat haté sanubari nu geus dilatih? (b) Kumaha prinsip-prinsip Yéhuwa mangaruhan haté sanubari urang, jeung naon hasilna?

8 Urang ngajauhan hal-hal nu dipikaijid ku Allah. Tapi, kumaha lamun urang nyanghareupan kaayaan nu euweuh hukumna dina Alkitab? Kumaha carana nyaho naon nu dipiharep ku Allah? Lamun haté sanubari urang geus dilatih ku Alkitab, urang bakal nyieun putusan nu bijaksana.

9 Lantaran nyaah ka urang, Yéhuwa masihan prinsip pikeun ngabingbing haté sanubari urang. Mantenna ngajelaskeun, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.” (Yes. 48:17, 18) Lamun urang mikirkeun prinsip Alkitab nepi ka nanceb dina haté, haté sanubari urang bisa dilatih jadi bener. Hasilna, urang leuwih gampang pikeun nyieun putusan nu bijaksana.

DIBINGBING KU PRINSIP ALLAH

10. Naon prinsip téh, sarta kumaha Yésus ngagunakeun prinsip pikeun ngajar murid-muridna?

10 Prinsip téh bebeneran dasar nu ngabingbing pikiran jeung ngabantu urang nyieun putusan nu bener. Lamun paham kana prinsip Yéhuwa, urang jadi ngarti cara pikir Mantenna jeung alesan Mantenna masihan sababaraha hukum. Yésus ngagunakeun prinsip pikeun ngajar murid-muridna yén sikep jeung lalampahan urang aya balukarna. Misalna, anjeunna ngajarkeun yén amarah ngabalukarkeun katelengesan sarta pikiran nu cabul ngabalukarkeun jinah. (Mat. 5:21, 22, 27, 28) Haté sanubari urang dilatih waktu urang ngalarapkeun prinsip Yéhuwa dina kahirupan. Ku kituna, urang bisa nyieun putusan nu mawa kamulyaan ka Allah.​—1 Kor. 10:31.

Urang Kristen nu asak rohani bakal ngajénan haté sanubari batur (Tingali paragrap 11, 12)

11. Bakal kumaha putusan nu dihasilkeun ku haté sanubari nu dilatih ku Alkitab?

11 Sanajan urang Kristen geus ngalatih haté sanubarina ku Alkitab, putusan maranéhna ngeunaan hiji hal bisa béda jeung batur. Contona téh ngeunaan nginum alkohol. Alkitab teu nyaram nginum alkohol, tapi mépélingan urang sangkan ulah loba teuing nginum atawa mabok. (Sil. 20:1; 1 Tim. 3:8) Naha ieu hartina salila urang teu loba nginum, urang teu kudu mikirkeun hal-hal séjénna? Henteu. Sanajan haté sanubari urang teu kaganggu waktu nginum alkohol, urang tetep kudu mikirkeun haté sanubari batur.

12. Kumaha kekecapan di Rum 14:21 ngabantu urang ngajénan haté sanubari batur?

12 Paulus nunjukkeun yén urang kudu ngajénan haté sanubari batur waktu manéhna nulis, ”Ti batan matak ngalantarankeun dulur sakapercayaan dosa, leuwih hade ulah ngadahar daging, atawa nginum anggur.” (Rum 14:21) Jadi sanajan urang boga hak pikeun nginum alkohol, urang bakal réla ngorbankeun hak urang lamun nyaho yén éta bisa ngaganggu haté sanubari batur. Bisa jadi saurang sadérék kacanduan alkohol saacan diajar bebeneran, tuluy manéhna mutuskeun moal nginum deui saeutik-eutik acan. Urang tangtu moal nyababkeun manéhna balik deui kana kabiasaan goréngna. (1 Kor. 6:9, 10, Sunda Formal [SF]) Lamun sadérék éta nganjang ka imah urang, naha urang bakal maksa manéhna nginum alkohol sanajan manéhna geus nolak? Moal!

Naha Sadérék réla nyieun pangorbanan demi nulungan batur?

13. Naon buktina Timoteus ngajénan haté sanubari batur demi pangwawaran?

13 Waktu Timoteus umur 20-an, manéhna daék disunatan sanajan éta téh nyeri pisan. Manéhna nyaho yén sunat téh penting pikeun urang Yahudi nu rék diwawaran ku manéhna. Saperti Paulus, Timoteus embung nyinggung haté batur. (Ras. 16:3; 1 Kor. 9:19-23) Naha Sadérék ogé réla nyieun pangorbanan demi nulungan batur?

”SING NEPI KA ASAK” ROHANI

14, 15. (a) Kumaha carana jadi asak rohani? (b) Naon nu bakal ditémbongkeun ku urang Kristen nu asak rohani?

14 Urang kabéh kudu maju tina pangajaran-pangajaran dasar, tuluy ngupayakeun jadi ”asak” rohani. (Ibr. 6:1) Geus lila jadi Saksi lain hartina urang geus asak rohani, ieu kudu diupayakeun. Pangaweruh jeung pamahaman urang kudu beuki jero. Jadi, urang kudu maca Alkitab unggal poé. (Jab. 1:1-3) Lamun maca Alkitab unggal poé, urang bakal leuwih ngarti kana hukum jeung prinsip Yéhuwa.

15 Hukum naon nu pangpentingna keur urang Kristen? Hukum asih. Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.” (Yoh. 13:35) Asih disebut ”hukum Karajaan” jeung hukum nu ”nedunan sakabeh parentah Hukum Agama”. (Yak. 2:8; Rum 13:10) Teu anéh lamun asih téh penting pisan, sabab Alkitab nyebutkeun yén ”Allah teh sipat asih”. (1 Yoh. 4:8) Pikeun Allah, asih teu ngan saukur parasaan. Mantenna ngabuktikeunana dina tindakan. Yohanes nulis, ”Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.” (1 Yoh. 4:9) Waktu némbongkeun asih ka Yéhuwa, Yésus, dulur saiman, jeung sakabéh jalma, urang ngabuktikeun yén urang téh asak rohani.​—Mat. 22:37-39.

Haté sanubari urang jadi leuwih bisa diandelkeun lamun urang mikirkeun prinsip Alkitab (Tingali paragrap 16)

16. Beuki asak rohani, ku naon urang beuki ngajénan prinsip-prinsip Allah?

16 Hukum biasana ngan bisa dilarapkeun dina hiji kaayaan, tapi prinsip bisa dilarapkeun dina rupa-rupa kaayaan. Beuki asak rohani, urang beuki ngajénan prinsip-prinsip Allah. Contona, budak leutik can ngarti bahayana ulin jeung babaturan nu bangor, jadi kolotna nyieun aturan pikeun ngajaga manéhna. (1 Kor. 15:33) Tapi, waktu éta budak beuki déwasa, manéhna diajar mikirkeun prinsip-prinsip Alkitab. Prinsip-prinsip ieu bakal ngabantu manéhna milih babaturan nu hadé. (Baca 1 Korinta 13:11; 14:20.) Beuki sering urang mikirkeun prinsip Alkitab, haté sanubari urang beuki bisa diandelkeun. Urang jadi leuwih paham naon nu dipiharep Allah ti urang dina sagala kaayaan.

17. Naon buktina urang boga loba bantuan pikeun nyieun putusan nu bijaksana?

17 Urang boga loba bantuan pikeun nyieun putusan nu kamanah ku Yéhuwa. Dina Alkitab, aya loba hukum jeung prinsip nu ngabantu urang ”dilengkepan ku pangarti, supaya . . . bisa ngalampahkeun sagala pagawean anu hade”. (2 Tim. 3:16, 17, SF) Prinsip Alkitab ngabantu urang paham kana cara pikir Yéhuwa. Tapi, ieu kudu ditéangan. (Epe. 5:17) Pikeun ngabantu urang, aya Indeks Publikasi Menara Pengawal, Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa, Watchtower Library, PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé, jeung aplikasi JW Library. Lamun éta digunakeun dina palajaran pribadi jeung ibadah kulawarga, urang bakal meunang mangpaat.

HATÉ SANUBARI NU DILATIH ALKITAB MAWA BERKAH

18. Naon hasilna lamun urang ngalarapkeun hukum jeung prinsip Yéhuwa?

18 Loba berkahna lamun urang ngalarapkeun hukum jeung prinsip Alkitab! Jabur 119:97-100 nyebutkeun, ”Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut. Parentah Gusti salamina aya dina pikiran, ngalantarankeun abdi jadi leuwih bijaksana ti batan musuh. Pangarti abdi ngalangkungan guru-guru sorangan, margi sok ngaji aturan-aturan Gusti. Abdi gaduh hikmat anu langkung ti batan jalmi karolot, margi nurut kana parentah-parentah Gusti.” Lamun urang nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan hukum jeung prinsip Allah, tindakan urang bakal leuwih bijaksana. Salian ti éta, ku cara ngagunakeun hukum jeung prinsip Allah pikeun ngalatih haté sanubari, urang bisa ”sawawa mikir jeung beuki sampurna saperti Kristus”.​—Epe. 4:13.