Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Andelkeun Yéhuwa—Jieun Putusan nu Bijaksana!

Andelkeun Yéhuwa—Jieun Putusan nu Bijaksana!

”Nyuhunkeunana kudu jeung percaya, ulah mangmang.”​—YAK. 1:6.

KAWIH: 81, 70

1. Putusan salah naon nu dijieun ku Kain, jeung naon balukarna?

AYA putusan penting nu kudu dijieun ku Kain. Manéhna bisa milih pikeun ngadalikeun amarahna nu mawa hasil nu alus, atawa manéhna bisa milih pikeun ngumbar amarah nu mawa hasil nu goréng. Alkitab méré nyaho lamun Kain nyieun putusan nu salah. Balukarna, Kain maéhan Habél, adina, jeung ngaruksak sosobatanna jeung Allah.​—Kaj. 4:3-16.

2. Ku naon nyieun putusan nu alus téh penting?

2 Kitu ogé urang ayeuna kudu nyieun loba pilihan jeung putusan dina kahirupan. Aya putusan nu penting pisan, nu séjénna teu pati penting. Tapi, tetep wé putusan urang bisa mangaruhan kahirupan urang. Lamun putusanana alus, urang bakal hirup tengtrem jeung moal loba teuing masalah. Tapi, lamun putusanana salah, hirup urang bakal pinuh ku masalah jeung kakuciwaan.​—Sil. 14:8.

3. (a) Naon nu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana? (b) Pananya naon nu bakal dijawab?

3 Naon nu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana? Urang kudu percaya lamun Allah bisa mantuan urang jeung masihan hikmat pikeun nyieun putusan nu alus. Urang ogé kudu percaya kana naséhat Firman-Na. (Baca Yakobus 1:5-8.) Lamun urang beuki percaya ka Yéhuwa jeung Firman-Na, urang beuki yakin lamun Mantenna terang nu pangalusna keur urang. Hasilna, urang bakal néangan bingbingan Firman-Na saacan nyieun putusan. Tapi, kumaha kasanggupan pikeun nyieun putusan nu alus bisa dilatih? Sarta, naha putusan nu geus dijieun ku urang bisa dirobah?

URANG SADAYA KUDU NYIEUN PUTUSAN

4. Putusan naon nu kudu dijieun ku Adam, jeung naon balukarna?

4 Ti mimiti diciptakeun, manusa kudu nyieun putusan-putusan penting. Contona manusa nu mimiti, Adam, kudu mutuskeun saha nu rék didéngékeun ku manéhna, naha Yéhuwa Nu Nyiptakeun manéhna, atawa Hawa, pamajikanana. Adam leuwih milih ngadéngékeun Hawa nu nyababkeun manéhna nyieun putusan nu salah. Balukarna, Yéhuwa ngusir Adam ti Taman Éden, terus manéhna maot. Ayeuna, urang sangsara lantaran putusan Adam nu salah.

Yéhuwa masihan urang Firman-Na nu ngajarkeun carana nyieun putusan nu bijaksana

5. Kumaha sakuduna pandangan urang ngeunaan nyieun putusan?

5 Aya sababaraha nu nganggap hirup téh leuwih gampang lamun teu kudu nyieun putusan. Bisa waé Sadérék gé ngarasa kitu. Tapi, urang kudu inget lamun Yéhuwa nyiptakeun urang lain siga robot nu teu bisa mikir atawa nyieun putusan. Mantenna masihan urang Firman-Na nu ngajarkeun carana nyieun putusan nu bijaksana. Jadi, Yéhuwa hoyong sangkan urang bisa nyieun putusan. Ieu téh tanggung jawab nu penting. Pikirkeun sababaraha conto ieu.

6, 7. Putusan naon nu kudu dijieun ku bangsa Israil? Ku naon éta téh hésé keur maranéhna? (Tingali gambar dina awal artikel.)

6 Basa bangsa Israil cicing di Tanah Perjangjian, maranéhna kudu milih rék nyembah ka Yéhuwa atawa ka aallahan séjén. (Baca Yosua 24:15.) Éta katingalina siga putusan nu gampang, tapi bisa nangtukeun hirup maotna maranéhna. Salila dipingpin ku hakim-hakim, bangsa Israil terus nyieun putusan nu salah. Maranéhna teu nyembah ka Yéhuwa, tapi nyembah ka allah-allah palsu. (Hak. 2:3, 11-23) Ka dieunakeun waktu jaman Nabi Élias, umat Allah kudu nyieun putusan rék ngawula ka Yéhuwa atawa ka déwa Baal. (1 Rja. 18:21) Ieu katingalina putusan nu gampang lantaran ngawula ka Yéhuwa téh pasti nu pangalusna. Jalma nu bijaksana mah moal ngawulaan aallahan nu teu nyawaan. Tapi, bangsa éta teu bisa nyieun putusan. Alkitab nyebutkeun lamun bangsa Israil ”midua hate”. Kalawan bijaksana, Élias nganjurkeun bangsa éta pikeun milih nyembah ka Allah nu bener, Yéhuwa.

7 Ku naon bangsa Israil hésé nyieun putusan nu bijaksana? Kahiji, maranéhna teu iman ka Yéhuwa jeung teu daék ngaregepkeun Mantenna. Maranéhna teu ngandelkeun Yéhuwa jeung teu daék diajar ka Mantenna sarta hikmat-Na. Lamun daék diajar mah maranéhna pasti nyaho carana nyieun putusan nu bijaksana. (Jab. 25:12) Kadua, bangsa Israil kapangaruhan ku bangsa-bangsa séjén. Bangsa-bangsa éta mangaruhan cara pikir bangsa Israil, malahan mangnyieunkeun putusan keur maranéhna. Hasilna, bangsa Israil leuwih nurut ka bangsa asing jeung nyembah ka aallahan maranéhna. Bangsa Israil geus dipépélingan ku Yéhuwa ngeunaan hal éta sababaraha taun saacanna.​—Bud. 23:2.

NAHA BATUR BISA MANGNYIEUNKEUN PUTUSAN KEUR URANG?

8. Ti conto bangsa Israil, naon hikmahna keur urang?

8 Ti conto bangsa Israil, urang nyaho lamun rék nyieun putusan nu bijaksana, urang kudu ngandelkeun Firman Allah. Galata 6:5 mépélingan urang lamun masing-masing kudu tanggung jawab kana putusanana sorangan, jadi ulah dipangnyieunkeun putusan ku batur. Sabalikna, urang kudu paham naon nu dianggap bener ku Allah, tuluy milih hal éta.

Lamun urang daék dipangaruhan ku batur, éta hartina urang mutuskeun rék nuturkeun maranéhna

9. Ku naon bahaya lamun urang dipangnyieunkeun putusan ku batur?

9 Kumaha urang bisa dipangnyieunkeun putusan ku batur? Ku cara daék dipangaruhan pikeun nyieun putusan nu salah. (Sil. 1:10, 15) Ieu téh bahaya. Urang boga tanggung jawab pikeun nuturkeun haté sanubari urang nu geus dilatih Alkitab. Lamun urang daék dipangaruhan ku batur, éta hartina urang mutuskeun rék nuturkeun maranéhna. Putusan ieu bisa mawa cilaka.

10. Rasul Paulus méré pangéling naon ka sidang Galata?

10 Rasul Paulus ngélingan sidang Galata sangkan maranéhna teu dipangnyieunkeun putusan ku batur. (Baca Galata 4:17.) Aya sababaraha sadérék di Galata nu rék mangnyieunkeun putusan keur dulur saimanna. Ku naon? Maranéhna hayang sangkan dulur saimanna nurut ka maranéhna ti batan nurut ka para rasul. Maranéhna teu rendah haté jeung teu ngajénan hak batur pikeun nyieun putusan sorangan.

11. Kumaha urang bisa ngabantu batur nu rék nyieun putusan?

11 Urang bisa diajar tina tuladan Rasul Paulus. Manéhna nyaho lamun dulur saimanna boga hak pikeun nyieun putusan sorangan, jeung manéhna ngajénan hak éta. (Baca 2 Korinta 1:24.) Ayeuna, para kokolot sidang bisa nyonto tuladan Paulus waktu méré naséhat ngeunaan putusan pribadi. Maranéhna bisa ngabagikeun katerangan nu dumasar kana Alkitab. Tapi, putusanana tetep kudu dijieun ku unggal urang Kristen lantaran manéhna nu bakal nanggung balukarna. Jadi, urang bisa ngabantu batur paham kana naséhat Alkitab ngeunaan masalah maranéhna. Tapi, maranéhna ogé boga hak jeung tanggung jawab pikeun nyieun putusan sorangan. Lamun putusanana bijaksana, maranéhna bakal meunang mangpaat. Jelas, urang teu boga wewenang mangnyieunkeun putusan keur batur.

Kokolot nu welas asih ngabantu batur pikeun nyieun putusan sorangan (Tingali paragrap 11)

ULAH NGANDELKEUN PARASAAN BASA NYIEUN PUTUSAN

12, 13. Ku naon bahaya lamun urang nyieun putusan waktu keur ambek jeung leutik haté?

12 Kiwari, loba jalma nurutkeun kahayang haté basa nyieun putusan. Tapi, ieu téh bahaya. Alkitab ngélingan urang sangkan teu ngandelkeun haté atawa parasaan urang waktu nyieun putusan. (Sil. 28:26) Haté teu bisa diandelkeun lantaran ”pinuh ku tipu daya”. (Yer. 17:9) Loba conto dina Alkitab nunjukkeun lamun jalma ngandelkeun haté sorangan, hasilna bakal goréng. (1 Rja. 11:9, 10; Yer. 3:17; 13:10) Bakal kumaha lamun urang nurutkeun kahayang haté basa nyieun putusan?

13 Yéhuwa maréntahkeun urang sangkan mikanyaah Allah ku sagemblengna haté jeung mikanyaah batur kawas ka diri sorangan. (Mat. 22:37-39) Jadi, sanajan haté téh penting, urang tetep kudu waspada. Ayat-ayat di paragrap saacanna nunjukkeun lamun parasaan ngadalikeun pikiran jeung tindakan, éta téh bahaya. Misalna, jalma nu keur ambek moal bisa nyieun putusan nu alus. (Sil. 14:17; 29:22) Jalma nu keur leutik haté ogé hésé nyieun putusan nu bijaksana. (Bil. 32:6-12; Sil. 24:10) Pikiran urang kudu dibingbing ku hukum Allah. (Rum 7:25) Jadi, lamun urang rék nyieun putusan nu penting, ulah ngandelkeun parasaan.

LAMUN PUTUSAN KUDU DIROBAH

14. Ti mana urang nyaho lamun putusan urang meunang dirobah?

14 Urang perlu nyieun putusan nu bijaksana. Tapi, jalma nu bijaksana sadar lamun sakapeung manéhna perlu mikirkeun deui jeung ngarobah putusanana. Yéhuwa jadi conto nu alus keur urang. Perhatikeun naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa ka urang Niniwé di jaman Yunus, ”Allah ningali lampah maranehna. Ningalieun yen maranehna geus miceun tabeatna anu jahat. Ku sabab kitu pangersa-Na dirobah, henteu tulus ngahukum maranehna.” (Yun. 3:10) Basa Yéhuwa ningali urang Niniwé tobat jeung eureun tina lalampahanna nu jahat, Mantenna ngarobah putusana-Na. Ieu nunjukkeun yén Mantenna téh asup akal, rendah haté, jeung welas asih. Teu kawas manusa, Yéhuwa moal gagabah dina nyieun putusan sanajan keur ambek.

Basa Yéhuwa ningali urang Niniwé geus tobat jeung eureun tina lalampahanna nu jahat, Mantenna ngarobah putusana-Na

15. Ku naon sakapeung urang perlu ngarobah putusan?

15 Alus lamun urang mikirkeun deui putusan nu geus dijieun, misalna waktu kaayaan barobah. Inget, Yéhuwa gé pernah ngarobah putusana-Na. (1 Rja. 21:20, 21, 27-29; 2 Rja. 20:1-5) Urang ogé bisa ngarobah putusan urang waktu narima katerangan nu anyar. Perhatikeun conto Raja Daud. Manéhna pernah nyieun putusan dumasar kana katerangan nu salah ngeunaan Mépibosét, incuna Saul. Ka dieunakeun, basa narima katerangan nu bener, Daud ngarobah putusanana. (2 Sam. 19:24-29) Sakapeung, urang ogé kudu kitu.

16. (a) Saran alus naon nu bisa ngabantu urang dina nyieun putusan? (b) Ku naon urang perlu mikirkeun deui putusan nu saacanna, jeung kumaha carana?

16 Alkitab nyebutkeun lamun urang teu meunang gurunggusuh dina nyieun putusan penting. (Sil. 21:5) Urang kudu mikirkeun enya-enya kaayaanana sangkan bisa nyieun putusan nu bijaksana. (1 Tes. 5:21) Kapala kulawarga kudu nalungtik Alkitab jeung publikasi saacan nyieun putusan. Alus ogé lamun manéhna ngadéngékeun pandangan anggota kulawargana. Inget, Allah pernah ngajurung Ibrahim sangkan ngadéngékeun pamajikanana. (Kaj. 21:9-12) Para kokolot ogé kudu nyadiakeun waktu pikeun nalungtik Alkitab jeung publikasi. Maranéhna teu géngsi lamun perlu ngarobah putusan nu saacanna lantaran aya katerangan nu anyar. Para kokolot nu asup akal jeung rendah haté teu asa-asa ngarobah cara mikir jeung putusanana lamun perlu. Urang sadaya gé kudu nyonto tuladan maranéhna. Ku kituna, sidang bisa tengtrem jeung tetep ngahiji.​—Ras. 6:1-4.

LAMPAHKEUN PUTUSAN NU GEUS DIJIEUN

17. Naon nu bisa ngabantu urang hasil dina nyieun putusan?

17 Aya sababaraha putusan nu leuwih sérius ti batan nu séjén. Putusan nu penting pisan misalna, rék nikah atawa henteu sarta rék nikah jeung saha. Putusan penting séjénna nyaéta iraha rék asup dines sapinuh waktu. Saacan nyieun putusan penting ieu, urang kudu mikirkeun enya-enya kaayaanana jeung ngadoa ka Yéhuwa. Ieu mémang butuh waktu, tapi lamun hayang nyieun putusan nu bijaksana, urang kudu percaya ka Yéhuwa sarta taat kana pituduh jeung bingbingana-Na. (Sil. 1:5) Yéhuwa masihan naséhat nu pangalusna dina Firman-Na, jadi urang kudu nalungtik jeung ngadoa nyuhunkeun bingbingana-Na. Mantenna bakal masihan urang sipat-sipat hadé sangkan putusan urang luyu jeung kahoyong-Na. Saméméh nyieun putusan penting, urang perlu mariksa diri: ’Naha putusan kuring némbongkeun kanyaah ka Yéhuwa? Naha putusan ieu bisa mawa katengtreman jeung kabungah ka kulawarga? Naha kaciri lamun kuring téh sabar jeung hadé haté?’

18. Ku naon Yéhuwa miharep urang nyieun putusan sorangan?

18 Yéhuwa teu maksa urang pikeun mikanyaah jeung ngawulaan Mantenna. Allah tos masihan kabébasan milih ka urang. Mantenna ngajénan tanggung jawab jeung hak urang pikeun milih rék ngawula ka Mantenna atawa henteu. (Yos. 24:15; Pan. 5:4) Tapi, Mantenna miharep urang ngalampahkeun putusan nu geus dijieun dumasar kana Firman-Na. Lamun urang ngandelkeun pituduh Yéhuwa jeung ngalampahkeun prinsip-prinsip Alkitab, urang bisa nyieun putusan nu bijaksana jeung mantep dina lalampahan urang.​—Yak. 1:5-8.