Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Daék Diajar tina Kajadian-Kajadian nu Baheula?

Naha Sadérék Daék Diajar tina Kajadian-Kajadian nu Baheula?

”Eta kajadian-kajadian . . . mepelingan ka urang anu hirup dina jaman ahir.”​—1 KOR. 10:11.

KAWIH: 11, 61

1, 2. Naon sababna urang perlu ngabahas pangalaman opat raja Yuda?

LAMUN di hiji jalan Sadérék ningali aya nu tisolédat, Sadérék tangtu bakal ati-ati jalan di dinya. Kitu ogé lamun urang diajar tina kasalahan batur, urang bakal nyingkahan kasalahan nu sarua. Urang bisa diajar tina kasalahan jalma-jalma nu aya dina Alkitab.

2 Opat raja Yuda nu dibahas dina artikel saacanna ngawula ka Yéhuwa ku sagemblengna haté. Tapi, maranéhna ogé pernah nyieun kasalahan nu gedé. Pangalaman maranéhna ditulis dina Alkitab supaya urang bisa ngalenyepan jeung nyokot hikmahna. Urang bisa diajar naon tina pangalaman maranéhna, jeung kumaha carana supaya urang teu nyieun kasalahan nu sarua?​—Baca Rum 15:4.

NGANDELKEUN HIKMAT MANUSA BAKAL MAWA CILAKA

3-5. (a) Sanajan Asa ngawula ka Mantenna ku sagemblengna haté, kasalahan naon nu dilakukeun ku manéhna? (b) Bisa jadi, naon sababna Asa ngandelkeun manusa waktu perang jeung Baasa?

3 Mimitina, hayu urang perhatikeun conto Asa. Manéhna ngandel ka Yéhuwa basa rék diserang ku sajuta urang Sudan. Tapi, waktu perang jeung Baasa, raja Israil, manéhna teu ngandel ka Yéhuwa. Asa hayang ngahalangan Baasa ngawangun Ramah, nyaéta kota penting di Israil deukeut wates karajaan Yuda. (2 Bab. 16:1-3) Ceuk pamikir manéhna, alus lamun nyogok raja Siria pikeun mantuan manéhna. Waktu urang Siria nyerang kota-kota Israil, ”seug [Baasa] nunda padamelanana nohagaan Ramah”. (2 Bab. 16:5) Katingalina, Asa geus nyieun putusan nu bener.

4 Tapi, kumaha parasaan Yéhuwa? Yéhuwa teu resep ka Asa lantaran manéhna teu ngandel ka Mantenna. Jadi, Mantenna ngutus Hanani pikeun negor Asa. (Baca 2 Babad 16:7-9.) Ceuk Hanani, ”Ti ngawitan wangkid ieu Gusti moal kendat-kendat perang.” Asa bisa ngarebut kota Ramah, tapi pikeun saterusna, manéhna kudu terus perang.

5 Dina artikel saacanna, urang nyaho yén Asa kamanah ku Yéhuwa. Sanajan teu sampurna, Yéhuwa terang lamun Asa ngawula ka Mantenna ku sagemblengna haté. (1 Rja. 15:14) Tapi, waktu Asa nyieun putusan nu salah, manéhna kudu nanggung balukarna. Ku naon manéhna ngandel ka diri sorangan jeung batur, lain ka Yéhuwa? Bisa jadi Asa mikir manéhna bakal unggul lamun maké siasat perang nu hadé. Atawa, bisa ogé manéhna nuturkeun saran nu goréng ti batur.

Dina sagala kaayaan, urang kudu ngandel ka Yéhuwa, lain ka pamikiran sorangan

6. Urang bisa diajar naon tina kasalahan Asa? Béré contona.

6 Urang bisa diajar naon tina kasalahan Asa? Dina sagala kaayaan, urang kudu ngandel ka Yéhuwa, lain ka pamikiran sorangan. Urang kudu nyuhunkeun bantuan Mantenna, teu sual masalahna gedé atawa leutik. Pék lenyepan hal ieu: Naha sakapeung urang ngandelkeun diri sorangan, ngaréngsékeun masalah ku cara nu pangalusna ceuk pamikiran urang? Atawa, naha urang osok mariksa heula prinsip Alkitab tuluy ngalarapkeunana? Misalna, kulawarga ngahalang-halang Sadérék datang ka pasamoan atawa kongrés. Naha Sadérék nyuhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun nyanghareupanana? Atawa misalna, sanggeus lila teu gawé, Sadérék ahirna panggih jeung jalma nu rék méré pagawéan. Naha Sadérék bakal ngajelaskeun lamun Sadérék kudu masamoan unggal minggu sanajan bisa waé Sadérék kaleungitan éta kasempetan? Teu sual masalahna, urang kudu inget kana naséhat nu nulis jabur, ”Pasrahkeun hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan.”​—Jab. 37:5.

NAON BALUKARNA LAMUN SALAH MILIH BABATURAN?

7, 8. Naon kasalahan Yosapat, jeung naon balukarna? (Tingali gambar dina awal artikel.)

7 Ayeuna, hayu urang perhatikeun conto putrana Asa, Yosapat. Manéhna boga sipat-sipat nu dipikaresep ku Yéhuwa. Waktu ngandel ka Yéhuwa, manéhna ngalakukeun loba hal hadé. Tapi, manéhna ogé pernah nyieun putusan nu salah. Contona, manéhna bébésanan jeung Raja Ahab nu jahat. Ka dieunakeun, manéhna milu jeung Ahab merangan urang Siria sanajan geus dicaram ku Nabi Mika. Dina perang éta, Yosapat ampir dipaéhan. (2 Bab. 18:1-32) Basa balik deui ka Yérusalém, Nabi Yéhu nanya ka manéhna, ”Naha sae Gusti ngabantu ka nu jarahat, sabilulungan sareng anu mikageuleuh ka PANGERAN?”​—Baca 2 Babad 19:1-3.

8 Naha Yosapat nyokot hikmah tina pangalaman éta jeung ti pangéling Nabi Yéhu? Hanjakalna, henteu. Sanajan masih nyaah ka Yéhuwa jeung hayang nyenangkeun Mantenna, Yosapat nyieun sosobatan deui jeung jalma nu teu nyembah ka Yéhuwa, nyaéta jeung putrana Ahab, Raja Ahasia. Yosapat jeung Ahasia nyieun kapal babarengan. Tapi, acan gé balayar, kapal-kapalna kaburu barejad.​—2 Bab. 20:35-37.

9. Naon balukarna lamun urang salah milih babaturan?

9 Urang bisa diajar naon tina pangalaman Yosapat? Yosapat ngalampahkeun nu bener jeung ”sateka-teka ngajalankeun ibadah ka PANGERAN”. (2 Bab. 22:9) Tapi, manéhna campur gaul jeung jalma nu teu nyembah ka Yéhuwa. Ieu téh matak picilakaeun, malahan manéhna méh paéh. Inget kana naséhat Alkitab ieu, ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.” (Sil. 13:20) Urang mémang hayang nyaritakeun Yéhuwa ka batur. Tapi, lamun urang sosobatan jeung jalma nu teu nyembah ka Yéhuwa, matak picilakaeun.

Naha Sadérék percaya lamun Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh Sadérék kana cinta jeung sosobatan?

10. (a) Urang bisa nyokot hikmah naon tina pangalaman Yosapat lamun urang hayang nikah? (b) Naon nu kudu diinget ku urang?

10 Urang gé bisa nyokot hikmah tina pangalaman Yosapat, contona lamun urang hayang nikah. Bisa waé urang mulai bogoh ka jalma nu teu nyaah ka Yéhuwa jeung ngarasa moal manggihan nu cocog di antara umat Allah. Atawa, aya dulur nu sok ngajurung urang gancang nikah saméméh beuki kolot. Mémang, urang diciptakeun ku Yéhuwa boga parasaan hayang mikanyaah jeung dipikanyaah. Tapi, lamun can manggihan jodo nu cocog, urang kudu kumaha? Salah sahiji carana, urang kudu ngalenyepan pangalaman Yosapat. Biasana, manéhna ménta bingbingan Yéhuwa. (2 Bab. 18:4-6) Tapi, sanggeus sosobatan jeung Ahab, nu teu nyaah ka Yéhuwa, Yosapat teu ngagugu pangéling Yéhuwa. Kuduna mah Yosapat inget yén ”PANGERAN teh teu weleh neuteup-neuteup ngawaskeun ka saalam dunya, seja maparin pitulung ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna”. (2 Bab. 16:9) Urang ogé kudu inget yén Yéhuwa hoyong mantuan urang. Mantenna téh mikanyaah urang jeung paham kana kaayaan urang. Naha Sadérék percaya lamun Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh Sadérék kana cinta jeung sosobatan? Sing percaya, dina waktuna éta bakal dicumponan ku Allah!

Ulah bobogohan jeung nu teu nyembah ka Yéhuwa (Tingali paragrap 10)

ULAH JADI SOMBONG

11, 12. (a) Naon nu dilakukeun ku Hiskia nu nyingkapkeun eusi haténa? (b) Ku naon Yéhuwa ngahampura Hiskia?

11 Urang bisa nyokot hikmah naon ti Hiskia? Yéhuwa nyingkapkeun eusi haté Hiskia. (Baca 2 Babad 32:31.) Basa Hiskia gering, Allah masihan tanda sabagé bukti yén manéhna bakal cageur. Tandana téh nyaéta kalangkang tangga nu mundur sapuluh gurat. Ka dieunakeun, sababaraha pamingpin Babul hayang nyaho ngeunaan éta tanda. Maranéhna ngirim sababaraha utusan ka Hiskia pikeun nanyakeun hal éta. (2 Rja. 20:8-13; 2 Bab. 32:24) Ku Yéhuwa, Hiskia teu dipasihan pituduh. Ceuk Alkitab, manéhna ”diingkeun midamel sakersana”. Sihoréng téh Hiskia némbongkeun sakabéh hartana ka urang Babul. Ieu nyingkapkeun naon eusi haté Hiskia.

12 Hanjakalna, Hiskia jadi sombong. Manéhna ”ngaraos henteu perlu kudu muji sukur nganuhunkeun kana kasaean PANGERAN”. Alkitab teu méré nyaho naon sababna manéhna bisa kitu. Bisa jadi lantaran manéhna pernah unggul ti urang Asur atawa lantaran Yéhuwa geus nyageurkeun manéhna. Bisa ogé lantaran manéhna geus beunghar jeung kasohor. Sanajan Hiskia ngawula ka Yéhuwa ku sagemblengna haté, dina hiji waktu manéhna jadi sombong jeung teu kamanah ku Yéhuwa. Tapi ka dieunakeun, Hiskia ”ngararendahkeun maneh” jeung dihampura ku Allah Yéhuwa.​—2 Bab. 32:25-27; Jab. 138:6.

Tindakan urang basa dipuji nyingkapkeun eusi haté urang

13, 14. (a) Kaayaan naon nu bisa nyingkapkeun eusi haté urang? (b) Urang kudu kumaha lamun dipuji?

13 Urang diajar naon tina kasalahan Hiskia? Hiskia jadi sombong teu lila sanggeus Yéhuwa nulungan manéhna ngéléhkeun urang Asur jeung nyageurkeun manéhna. Jadi, lamun urang dipuji atawa ngalaman hal-hal nu hadé, urang bakal kumaha? Tindakan urang nyingkapkeun eusi haté urang. Contona, hiji sadérék nu geus soson-soson nyiapkeun jeung nepikeun hutbah narima loba pujian. Naon nu bakal dilakukeun ku manéhna?

14 Urang kudu inget kana naséhat Yésus, ”Ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, ’Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban.’” (Luk. 17:10) Basa Hiskia jadi sombong, manéhna henteu nganuhunkeun kana pitulung Yéhuwa. Jadi, lamun urang dipuji lantaran hutbah urang, kumaha urang bisa tetep rendah haté? Urang bisa ngalenyepan kasaéan Yéhuwa ka urang. Urang ogé bisa nyaritakeun ngeunaan Mantenna nu geus nulungan urang ku jalan Alkitab jeung roh suci-Na sangkan urang bisa nepikeun hutbah.

DAÉK DIBINGBING KU YÉHUWA BASA RÉK NYIEUN PUTUSAN

15, 16. Naon nu dilakukeun ku Yosia nu ngalantarankeun manéhna paéh?

15 Ayeuna, urang bisa diajar naon ti Yosia? Sanajan Yosia raja nu hadé, manéhna nyieun kasalahan nu ngalantarankeun manéhna paéh. (Baca 2 Babad 35:20-22.) Kumaha caritana? Yosia ngajak perang Néko, raja Mesir, sanajan Raja Néko geus ngomong yén manéhna teu hayang merangan Yosia. Alkitab nyebutkeun lamun kekecapan Néko téh ”timbalan Allah”. Tapi, Yosia keukeuh rék perang, terus ahirna paéh. Jadi, ku naon manéhna keukeuh ngalawan Néko? Alkitab teu nyebutkeun alesanana.

16 Yosia kuduna mastikeun heula naha omongan Néko téh bener ti Yéhuwa atawa henteu. Kumaha carana? Manéhna bisa waé nanyakeun ka Yérmia, salah sahiji nabi nu satia. (2 Bab. 35:23, 25) Yosia ogé kuduna mah ningali kanyataanana. Harita, di Karkémis téh Néko rék merangan bangsa séjén, lain Yérusalém. Néko ogé teu ngahina Yéhuwa jeung umat-Na. Hal-hal ieu teu dipikirkeun heula ku Yosia basa rék nyieun putusan. Naon hikmahna keur urang? Waktu urang nyanghareupan masalah jeung rék nyieun putusan, urang kudu mikirkeun heula naon kahoyong Yéhuwa.

17. Kumaha urang bisa nyieun putusan nu bijaksana teu siga Yosia?

17 Waktu rék nyieun putusan, urang kudu mikirkeun heula naon prinsip Alkitabna jeung kumaha ngalarapkeunana. Dina sababaraha kaayaan, bisa jadi urang kudu risét leuwih jero atawa ménta saran ti kokolot. Maranéhna bisa ngingetkeun urang kana prinsip Alkitab séjénna. Pék bayangkeun: Aya sadérék istri nu salakina lain Saksi Yéhuwa. Dina hiji poé, sadérék ieu geus ngarencanakeun rék dines. (Ras. 4:20) Tapi, salakina ménta supaya manéhna teu indit dines. Salakina ngomong lamun maranéhna geus lila teu duduaan jeung rék ngajak pamajikanana indit bareng. Jadi, sadérék ieu ngalenyepan ayat-ayat nu bisa ngabantu manéhna nyieun putusan nu bijaksana. Manéhna paham lamun kudu taat ka Allah jeung kana paréntah Yésus pikeun ngajadikeun murid. (Mat. 28:19, 20; Ras. 5:29) Tapi, manéhna gé inget lamun pamajikan kudu tunduk ka salakina sarta kudu asup akal. (Epe. 5:15, 22-24) Naha salakina téh ngalarang manéhna ngawawar atawa ngan hayang duduaan dina poé éta wungkul? Salaku umat Yéhuwa, urang hayang nyieun putusan nu asup akal jeung nyukakeun Mantenna.

SING SAGEMBLENGNA HATÉ JEUNG SUKA BUNGAH

18. Urang bisa diajar naon tina conto-conto opat raja Yuda éta?

18 Sakapeung, urang gé bisa nyieun kasalahan siga opat raja Yuda éta. Urang bisa (1) ngandelkeun pamikiran sorangan, (2) salah milih babaturan, (3) jadi sombong, atawa (4) langsung nyieun putusan, henteu mikirkeun heula kahoyong Yéhuwa. Sanajan kitu, urang tetep bisa nyukakeun Yéhuwa. Saperti ka opat raja éta, Mantenna gé ningali hal-hal hadé ti diri urang. Yéhuwa terang yén urang bener-bener nyaah jeung hayang ngawula ka Mantenna ku sagemblengna haté. Conto-conto ieu téh jadi pangéling sangkan urang teu ngalakukeun kasalahan nu gedé. Hayu urang ngalenyepan kisah-kisah Alkitab ieu jeung nganuhunkeun ka Yéhuwa nu geus nyadiakeunana keur urang!