Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tulisan Kanaan kuno dina kendi nu umurna 3.000 taun ngamuat ngaran jalma dina Alkitab

Kendi Kuno nu Ngamuat Ngaran dina Alkitab

Kendi Kuno nu Ngamuat Ngaran dina Alkitab

Dina taun 2012, para arkéolog manggihan potongan-potongan kendi nu umurna 3.000 taun. Maranéhna aratoheun. Ku naon? Lain lantaran potongan-potongan éta, tapi lantaran tulisan nu aya di dinya.

Basa potongan-potongan éta dihijikeun, maranéhna bisa maca tulisan Kanaan kuno dina kendi éta. Tulisanna, ”Eshba’al Ben Beda” nu hartina ”Eshba’al putra Beda”. Kakara ayeuna para arkéolog manggihan ngaran ieu dina barang kuno.

Aya deui jalma nu ngaranna Ésbaal dina Alkitab. Manéhna téh putra Raja Saul. (1 Bab. 8:33; 9:39) Propésor Yosef Garfinkel, salah saurang nu manggihan éta kendi, ngomong kieu, ”Nu hébatna, ngaran Ésbaal dina Alkitab jeung nu aya dina bukti arkéologi, ngan aya dina jaman Raja Daud.” Ieu téh conto séjénna lamun bukti arkéologi luyu jeung Alkitab!

Dina Alkitab, Ésbaal putra Saul disebut ogé Isbosét. (2 Sam. 2:10) Ku naon ngaran ”baal” diganti jadi ”bosét”? Para panaliti ngajelaskeun lamun nu nulis buku Dua Samuel bisa jadi teu daék ngagunakeun ngaran Ésbaal lantaran ngingetkeun bangsa Israil ka déwa topan urang Kanaan nyaéta Baal. Sanajan kitu, dina Alkitab, urang masih bisa manggihan ngaran Ésbaal dina buku Hiji Babad.