Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Baptisan—Ku Naon Kudu Dilakukeun?

Baptisan—Ku Naon Kudu Dilakukeun?

”Baptisan, nu ayeuna nyalametkeun maranéh.”​—1 PET. 3:21, Terjemahan Dunia Baru (NWT).

KAWIH: 52, 41

1, 2. (a) Kumaha parasaan sababaraha kolot waktu budakna hayang dibaptis? (b) Ku naon nu rék dibaptis ditanya naha manéhna geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

KOLOTNA Maria ningali budakna ngadeg bareng jeung calon baptis séjénna. Aya dua pananya ti nu hutbah. Éta dijawab kalawan jelas jeung tarik ku Maria. Sanggeusna, Maria dibaptis.

2 Kolotna Maria tangtu reueus waktu ningali budakna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa tuluy dibaptis. Tapi saacanna mah, indungna Maria rada hariwang, ’Naha budak urang ngora teuing pikeun dibaptis? Naha manéhna geus bener-bener paham pentingna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa? Naha leuwih alus lamun engké deui dibaptisna?’ Loba kolot boga kahariwangan nu sarua waktu budakna hayangeun dibaptis. (Pan. 5:5) Mémang, putusan pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh putusan nu pangpentingna dina kahirupan.​—Tingali kotak ” Naha Sadérék Geus Ngabaktikeun Diri ka Yéhuwa?

3, 4. (a) Kumaha Pétrus ngajarkeun pentingna dibaptis? (b) Ku naon baptisan bisa disaruakeun jeung upaya Nuh dina ngawangun bahtera?

3 Basa ngabahas baptisan, Rasul Pétrus nyebutkeun ngeunaan upaya Nuh dina ngawangun bahtera. Ceuk Pétrus, ”Allah sabar ngadagoan diwangunna bahtera, nu nyalametkeun saeutik jalma ngaliwatan caah, nyaéta dalapan jiwa. Hal ieu ngalambangkeun baptisan, nu ayeuna nyalametkeun maranéh ku dihirupkeunana Yésus Kristus. Baptisan téh lain keur meresihan kokotor awak, tapi keur nyuhunkeun haté sanubari nu bersih ti Allah.” (1 Petrus 3:20, 21, NWT) Bahtera téh bukti nu jelas ka batur yén Nuh geus sapinuh haté ngalampahkeun kahoyong Allah. Nuh kabukti satia ngalampahkeunana. Lantaran imanna, Yéhuwa nyalametkeun Nuh jeung kulawargana tina Caah Gedé. Naon nu rék diajarkeun Pétrus ka urang?

4 Waktu ningali bahtera, jalma-jalma nyaho Nuh iman ka Allah. Kitu ogé, waktu ningali aya nu dibaptis, jalma-jalma nyaho yén manéhna geus ngabaktikeun diri ka Allah lantaran boga iman kana tebusan Kristus. Saperti Nuh, jalma nu rék dibaptis gé taat ka Allah sarta ngalampahkeun tugas ti Mantenna. Sakumaha Yéhuwa nyalametkeun Nuh tina Caah Gedé, Mantenna gé bakal nyalametkeun umat-Na nu geus dibaptis tur satia waktu dunya jahat ieu dibinasakeun. (Mar. 13:10; Wahyu 7:9, 10) Jelas, ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh penting pisan. Justru, jalma nu ngaengké-engké dibaptis bisa kaleungitan kasempetan pikeun hirup salawasna.

5. Naon waé nu bakal dibahas dina ieu artikel?

5 Sanggeus urang nyaho pentingna baptisan, urang kudu mikirkeun tilu pananya ieu: Naon nu diajarkeun Alkitab ngeunaan baptisan? Naon waé nu kudu dilakukeun saurang jalma saacan bisa dibaptis? Waktu ngajar budak atawa palajar Alkitab, ku naon urang kudu terus inget yén baptisan téh penting?

NU DIAJARKEUN ALKITAB NGEUNAAN BAPTISAN

6, 7. (a) Naon harti baptisan Yohanes? (b) Baptisan saha nu béda ti baptisan séjénna, sarta naon sababna?

6 Dina Alkitab, jalma nu mimiti ngabaptis téh Yohanes Jurubaptis. (Mat. 3:1-6) Ku naon loba jalma hayang dibaptis ku manéhna? Pikeun némbongkeun yén maranéhna geus tobat tina dosa, atawa ngakukeun jeung bener-bener kaduhung lantaran geus ngalanggar Hukum Musa. Tapi, baptisan pangpentingna nu dilakukeun ku Yohanes boga harti nu béda pisan. Yohanes boga hak istiméwa pikeun ngabaptis Yésus, Putra Allah nu sampurna. (Mat. 3:13-17) Lantaran Yésus teu boga dosa, anjeunna teu kudu tobat. (1 Pet. 2:22) Jadi, ku naon Yésus dibaptis? Pikeun némbongkeun yén anjeunna geus siap ngagunakeun hirupna demi ngalakukeun kahoyong Allah.​—Ibr. 10:7.

7 Sanggeus Yésus mulai ngawawar, murid-muridna mulai ngabaptis jalma-jalma. (Yoh. 3:22; 4:1, 2) Jalma-jalma éta dibaptis lantaran geus tobat tina dosa ngalanggar Hukum Musa. Tapi sanggeus Yésus maot jeung dihirupkeun deui, jalma-jalma nu hayang jadi muridna kudu dibaptis pikeun alesan nu lian.

8. (a) Sanggeus dihirupkeun deui, Yésus méré paréntah naon? (b) Ku naon urang Kristen kudu dibaptis?

8 Dina taun 33 M teu lila sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ngomong ka leuwih ti 500 lalaki, awéwé, jeung barudak. Bisa jadi basa éta Yésus ngomong, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci. Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.” (Mat. 28:19, 20; 1 Kor. 15:6) Yésus maréntahkeun maranéhna pikeun ngajadikeun murid. Saha waé nu hayang jadi muridna, atawa nu daék diajar ka anjeunna, kudu dibaptis. (Mat. 11:29, 30) Supaya bisa ngawula ku cara nu kamanah ku Allah, saurang jalma kudu ngakukeun yén Allah ngagunakeun Yésus pikeun ngawujudkeun kahoyong-Na. Sanggeus kitu, éta jalma bisa dibaptis jeung baptisanana kamanah ku Allah. Aya loba bukti dina Alkitab yén murid-murid Yésus di abad kahiji nyaho sakumaha pentingna dibaptis téh. Maranéhna teu mikir pikeun ngaengké-engké dibaptis.​—Ras. 2:41; 9:18; 16:14, 15, 32, 33.

ULAH NGAENGKÉ-ENGKÉ PIKEUN DIBAPTIS

9, 10. Ngeunaan baptisan, urang diajar naon ti lalaki Étiopia jeung Saulus?

9 Baca Rasul 8:35, 36. Saurang lalaki Étiopia nu geus nganut agama Yahudi kakara bérés ibadah ti bait Yérusalém. Malaikat Yéhuwa ngutus Pilipus pikeun ngawawar ka manéhna, tuluy Pilipus ngajarkeun bebeneran ”hal Yesus Kristus”. Kumaha réaksi lalaki Étiopia éta? Manéhna paham pentingna iman ka Yésus. Manéhna gé hayang ngalampahkeun paréntah Yéhuwa pikeun urang Kristen. Jadi, manéhna langsung dibaptis.

10 Conto séjénna nyaéta saurang lalaki Yahudi nu ngaranna Saulus. Sakabéh bangsa Yahudi geus dibaktikeun ka Allah, tapi maranéhna ditolak ku Allah lantaran teu taat. Sanajan kitu, Saulus masih kénéh percaya yén ibadah urang Yahudi nu pangbenerna, jadi manéhna nganiaya urang Kristen. Tapi hiji poé, Yésus, nu geus dihirupkeun deui, ngomong ka Saulus ti sawarga. Kumaha réaksi manéhna? Manéhna daék narima bantuan ti salah saurang murid Yésus, nyaéta Ananias. Ceuk Alkitab, ”Saulus ngadeg tuluy dibaptis.” (Ras. 9:17, 18; Gal. 1:14) Ka dieunakeun, Saulus dikenal sabagé Rasul Paulus. Perhatikeun yén sanggeus paham Yéhuwa ngagunakeun Yésus pikeun ngawujudkeun kahoyong-Na, Paulus langsung dibaptis.​—Baca Rasul 22:12-16.

Palajar Alkitab nu ngahargaan bebeneran boga tékad pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis

11. (a) Naon sababna loba palajar Alkitab hayang dibaptis? (b) Kumaha parasaan urang waktu ningali aya nu dibaptis?

11 Kiwari, éta ogé kaalaman ku loba palajar Alkitab, boh nu kolot boh nu ngora. Lantaran nyaah jeung percaya ka Alkitab, maranéhna boga tékad pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Hutbah nu disiapkeun pikeun para calon baptis téh bagian penting dina unggal kongrés. Saksi-Saksi Yéhuwa bungah waktu palajar Alkitab narima bebeneran jeung mutuskeun pikeun dibaptis. Éta ogé nu dirasakeun kolot waktu budakna dibaptis. Dina taun dines 2017, aya leuwih ti 284.000 jalma nu dibaptis pikeun ngabuktikeun yén maranéhna geus ngabakti ka Yéhuwa. (Ras. 13:48) Jadi jelas, maranéhna ngarti yén urang Kristen kudu dibaptis. Tapi, naon nu kudu dilakukeun hiji jalma sangkan bisa dibaptis?

12. Naon nu kudu dilakukeun palajar Alkitab sangkan bisa dibaptis?

12 Saacan dibaptis, palajar Alkitab kudu diajar bebeneran ngeunaan Allah, kahoyong-Na pikeun manusa jeung bumi, sarta naon nu geus dilakukeun Mantenna pikeun nyalametkeun manusa. (1 Tim. 2:3-6) Tuluy, maranéhna kudu ngawangun iman sangkan bisa satia ngalampahkeun hukum Allah jeung eureun ngalampahkeun hal nu dipikaijid ku Mantenna. (Ras. 3:19) Ieu téh penting, sabab Yéhuwa moal narima pangbaktian jalma nu tetep ngalampahkeun hal nu dipikaijid ku Mantenna. (1 Kor. 6:9, 10) Tapi, aya deui nu séjénna. Maranéhna gé kudu masamoan sarta rutin ngawarta jeung ngajarkeun bebeneran. Ieu sarat pikeun jadi murid Kristus. (Ras. 1:8) Saurang palajar Alkitab kudu ngalakukeun hal-hal ieu, tuluy manéhna bisa ngabaktikeun diri ka Yéhuwa dina doa pribadi jeung dibaptis.

CITA-CITA PIKEUN PALAJAR ALKITAB

Naha Sadérék ngabantu palajar Alkitab pikeun paham yén baptisan téh penting pisan? (Tingali paragrap 13)

13. Naon hasilna lamun nu ngajarkeun Alkitab terus inget yén murid Yésus kudu dibaptis?

13 Waktu ngabantu budak atawa palajar Alkitab pikeun ngalakukeun hal-hal penting tadi, urang kudu terus inget yén nu hayang jadi murid Yésus kudu dibaptis. Hasilna, dina waktu nu cocog, urang moal asa-asa pikeun méré nyaho maranéhna sakumaha penting ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Urang hayang maranéhna terus nyieun kamajuan jeung dibaptis!

14. Naon sababna urang teu meunang maksa palajar Alkitab pikeun dibaptis?

14 Tangtu barudak atawa palajar Alkitab teu meunang dipaksa pikeun dibaptis. Yéhuwa gé tara maksa jalma pikeun jadi umat-Na. (1 Yoh. 4:8) Waktu keur ngajar, urang kudu nandeskeun pentingna ngajalin sosobatan jeung Yéhuwa. Tuluy, sanggeus maranéhna bener-bener ngahargaan bebeneran ngeunaan Allah sarta réla ngalampahkeun kabéh tanggung jawab urang Kristen sajati, maranéhna bakal kageuing pikeun dibaptis.​—2 Kor. 5:14, 15.

15, 16. (a) Naha aya watesan umur pikeun dibaptis? Jelaskeun. (b) Ku naon palajar Alkitab kudu dibaptis sabagé Saksi Yéhuwa sanajan geus dibaptis di agama séjén?

15 Teu aya watesan umur pikeun dibaptis. Kaayaan unggal jalma béda-béda, aya palajar Alkitab nu leuwih gancang maju ti batan nu séjénna. Loba nu dibaptis basa keur ngora kénéh, sarta tetep satia ka Yéhuwa nepi ka kolotna. Nu séjénna geus kolot basa mimiti diajar Alkitab tur dibaptis. Malahan, aya ogé nu umurna leuwih ti 100 taun!

16 Saurang ibu nu geus dibaptis di sababaraha agama, ka dieunakeun diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa. Éta sababna manéhna mastikeun ka guru Alkitabna naha manéhna kudu dibaptis deui. Pikeun ngajawabna, guruna nunjukkeun sababaraha ayat Alkitab. Sanggeus paham jawaban Alkitab, manéhna dibaptis sanajan umurna téréh 80 taun. Urang diajar naon tina pangalaman ieu? Lamun urang paham kana bebeneran ngeunaan kahoyong Yéhuwa, kakara baptisan urang kamanah ku Mantenna. Jadi, sanajan urang geus dibaptis di agama séjén, urang tetep kudu dibaptis sabagé saurang Saksi Yéhuwa.​—Baca Rasul 19:3-5.

17. Naon nu kudu dipikirkeun waktu saurang jalma dibaptis?

17 Poé baptisan téh poé nu ngabagjakeun pisan. Ieu ogé waktuna pikeun bener-bener mikirkeun naon waé nu kudu dilakukeun sanggeus ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Pikeun jadi urang Kristen sajati téh butuh upaya. Hirup maranéhna ”lain pikeun dirina sorangan deui, tapi pikeun Kristus, anu geus pupus jeung geus dihirupkeun deui”.​—2 Kor. 5:15; Mat. 16:24.

18. Pananya-pananya naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

18 Dina artikel ieu, urang diajar yén putusan pikeun jadi urang Kristen sajati téh sérius pisan. Éta sababna indungna Maria mikirkeun pananya-pananya nu disebutkeun dina awal artikel. Lamun boga budak, bisa jadi Sadérék mikir, ’Naha budak urang bener-bener geus siap pikeun dibaptis? Naha manéhna boga pamahaman nu cukup pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa? Naha leuwih alus lamun manéhna sakola luhur atawa digawé heula? Kumaha lamun manéhna ngalakukeun dosa gedé sanggeus dibaptis?’ Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas pananya-pananya ieu sarta carana kolot bisa boga pandangan nu bener ngeunaan baptisan.