Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kolot, Bantu Budak Sadérék Sangkan Siap Dibaptis

Kolot, Bantu Budak Sadérék Sangkan Siap Dibaptis

”Mangga ayeuna urang baptis, bade ngantosan naon deui?”​—RAS. 22:16.

KAWIH: 51, 135

1. Naon nu kudu dipastikeun ku kolot saacan budakna dibaptis?

”GEUS mangbulan-bulan abdi ngabéjaan Ema jeung Bapa lamun abdi hayang dibaptis. Maranéhna ogé sering ngobrolkeun ieu jeung abdi pikeun mastikeun yén abdi geus paham kana sériusna putusan ieu. Ahirna tanggal 31 Désémber 1934 jadi poé nu istiméwa keur abdi.” Éta nu dirasakeun ku Blossom Brandt waktu manéhna mutuskeun rék dibaptis. Kiwari, kolot ogé tangtu hayang mantuan budakna pikeun nyieun putusan nu bijaksana. Lamun saurang budak ngaengké-engké dibaptis tanpa alesan nu kuat, hubungan manéhna jeung Yéhuwa bisa ruksak. (Yak. 4:17) Jadi saacan budakna dibaptis, kolot nu bijaksana bakal mastikeun yén budakna geus siap jadi murid Kristus.

2. (a) Masalah naon nu diperhatikeun ku sababaraha pangawas wilayah? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Sababaraha pangawas wilayah ningali loba budak ngora, ti rumaja nepi ka nu umurna 20 taunan, can dibaptis kénéh sanajan kolotna Saksi. Padahal maranéhna geus rutin masamoan, ngawawar, jeung ngarasa dirina sabagé Saksi Yéhuwa. Ku sabab sababaraha alesan, maranéhna can ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Dina sababaraha kaayaan, kolot nganggap budakna can siap dibaptis. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas opat kahariwangan nu nyababkeun kolot teu ngajurung budakna pikeun dibaptis.

NAHA UMURNA GEUS CUKUP?

3. Naon nu dihariwangkeun ku kolotna Blossom?

3 Kolotna Blossom, nu tadi disebutkeun di awal artikel, hariwang naha budakna geus cukup umur pikeun ngarti naon hartina dibaptis jeung sakumaha sériusna hal éta. Kumaha kolot bisa nyaho yén budakna geus siap pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa?

4. Kumaha paréntah Yésus di Mateus 28:19, 20 bisa ngabantu kolot?

4 Baca Mateus 28:19, 20. Alkitab teu nyebutkeun watesan umur saurang jalma bisa dibaptis. Tapi, alus lamun kolot mikirkeun naon hartina ngajadikeun murid. Dina basa Yunanina, frasa ”jaradikeun murid” dina Mateus 28:19 ngamaksudkeun paréntah pikeun ngajar saurang jalma dibarengan ku tujuan sangkan manéhna jadi murid. Murid téh hartina saurang jalma nu diajar jeung paham kana pangajaran Yésus sarta hayang taat ka anjeunna. Jadi, kolot kudu ngajar budakna ti barang lahir bari boga tujuan ngabantu budakna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung jadi murid Kristus. Tangtu orok mah can siap pikeun dibaptis. Tapi dina Alkitab, aya budak ngora nu bisa ngarti jeung nyaah kana bebeneran Alkitab.

5, 6. (a) Tina kisah Alkitab, naon nu bisa disimpulkeun ngeunaan iraha Timoteus dibaptis? (b) Kumaha cara kolot nu bijaksana ngabantu budakna?

5 Ti ngongora, Timoteus geus jadi murid jeung ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Rasul Paulus nyebutkeun yén Timoteus diajar bebeneran Firman Allah ”ti bubudak”. Bapana Timoteus teu ngawula Yéhuwa, tapi indungna jeung ninina ngabantu Timoteus pikeun nyaah ka Firman Allah. Hasilna, Timoteus boga iman nu kuat. (2 Tim. 1:5; 3:14, 15) Bisa jadi umurna manéhna kira-kira 20 taun basa nyumponan sarat pikeun narima tugas husus di sidang.​—Ras. 16:1-3.

6 Unggal budak téh teu sarua. Déwasana ogé dina umur nu béda-béda. Aya nu ngora kénéh tapi geus paham kana bebeneran, bisa nyieun putusan nu bijaksana, jeung geus hayang dibaptis. Nu séjénna ngarasa leuwih siap dibaptis lamun rada leuwih kolot umurna. Indung bapa nu bijaksana moal maksa budakna pikeun dibaptis. Justru maranéhna bakal ngabantu unggal budakna nyieun kamajuan luyu jeung kasanggupan budakna. Kolot bungah waktu budakna ngalarapkeun Siloka 27:11. (Baca.) Tapi, kudu diinget yén tujuan maranéhna nyaéta ngabantu budakna jadi murid. Kolot gé kudu ngalenyepan, ’Naha budak urang geus boga cukup pamahaman pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis?’

NAHA BUDAK URANG GEUS BENER-BENER PAHAM?

7. Naha saurang jalma kudu nyaho kabéh rincian pangajaran Alkitab saacan dibaptis? Jelaskeun.

Unggal murid Kristus kudu terus diajar sanajan geus dibaptis

7 Waktu keur ngajar budakna, kolot ngabantu budakna paham kana bebeneran. Pangaweruh ieu bisa ngageuing budakna pikeun ngabaktikeun diri ka Allah. Tapi, éta lain hartina budak kudu nyaho kabéh rincian pangajaran Alkitab saacan ngabaktikeun diri tur dibaptis. Unggal murid Kristus kudu terus diajar sanajan geus dibaptis. (Baca Kolosa 1:9, 10.) Jadi, kudu sakumaha loba pangaweruh saurang jalma sangkan bisa dibaptis?

8, 9. Naon nu kaalaman ku kapala panjara di Pilipi, sarta naon palajaranana keur urang?

8 Pangalaman hiji kulawarga di jaman baheula bisa ngabantu kolot kiwari. (Ras. 16:25-33) Dina perjalanan misionarisna nu kadua taun 50 M, Paulus indit ka kota Pilipi. Di ditu, Paulus jeung Silas dituduh ku tuduhan palsu, ditahan, tuluy dijebloskeun ka panjara. Kira-kira tengah peuting, aya lini gedé nepi ka panto-panto panjara molongo. Kapala panjara rék bunuh diri lantaran disangkana kabéh tahanan geus kalabur, tapi dihalangan ku Paulus. Terus, Paulus jeung Silas ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yésus ka kapala panjara tur kulawargana. Maranéhna percaya jeung nyaho sakumaha pentingna taat ka Yésus. Jadi, maranéhna langsung dibaptis. Urang diajar naon tina pangalaman ieu?

9 Bisa jadi kapala panjara éta téh pangsiunan tentara Rum. Éta sababna manéhna teu ngarti nanaon ngeunaan Firman Allah. Jadi, manéhna kudu diajar bebeneran dasar Alkitab, ngarti naon nu dipiharep Yéhuwa ti umat-Na, sarta daék taat kana pangajaran Yésus. Pamahaman nu ditarima dina waktu nu singget ngageuing haténa pikeun dibaptis. Mémang sanggeusna dibaptis, manéhna tetep kudu diajar. Jadi, Sadérék kudu kumaha lamun budak Sadérék hayang dibaptis lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung hayang taat ka Mantenna? Sadérék bisa ngajurung manéhna pikeun ngabéjaan kokolot. Ku kituna, kokolot bisa mastikeun naha manéhna nyumponan sarat pikeun dibaptis. * (Tingali catetan handap.) Sarua jeung urang Kristen séjénna, manéhna bakal terus diajar ngeunaan Yéhuwa saumur hirupna, malahan salalawasna.​—Rum 11:33, 34.

PENDIDIKAN NAON NU PANGHADÉNA KEUR BUDAK URANG?

10, 11. (a) Naon nu dipikirkeun ku sababaraha kolot? (b) Naon nu bisa bener-bener nyalindungan budak?

10 Sababaraha kolot mikir yén budakna bakal leuwih siap dibaptis sanggeus sakola luhur jeung meunang pagawéan nu alus. Mémang, niatna mah alus, tapi kolot ogé kudu mikirkeun, ’Naha éta bisa nyieun budak urang bener-bener suksés? Naha ieu luyu jeung pangajaran Alkitab? Yéhuwa hoyong urang ngagunakeun kahirupan siga kumaha?’​—Baca Pandita 12:1.

11 Urang kudu inget yén dunya ieu jeung eusina papalingpang jeung kahoyong sarta cara pikir Yéhuwa. (Yak. 4:7, 8; 1 Yoh. 2:15-17; 5:19) Sosobatan nu raket jeung Yéhuwa téh panyalindungan nu panghadéna ti pangaruh Sétan, dunya ieu, sarta cara pikir dunya nu goréng. Lamun kolot miheulakeun sakola luhur jeung pagawéan nu alus, budak bakal mikir yén dunya ieu leuwih penting ti batan sosobatan jeung Yéhuwa. Ieu téh bahaya. Sabagé kolot nu nyaah ka budak, naha Sadérék réla dunya ieu ngajarkeun carana hirup bagja ka budak Sadérék? Hiji-hijina cara pikeun suksés jeung bener-bener bagja téh nyaéta miheulakeun Yéhuwa dina kahirupan.​—Baca Jabur 1:2, 3.

KUMAHA LAMUN BUDAK URANG NYIEUN DOSA?

12. Ku naon sababaraha kolot teu hayang budakna gancang-gancang dibaptis?

12 Saurang indung nyaritakeun alesan manéhna teu hayang anak awéwéna dibaptis. Ceuk manéhna, ”Abdi isin ngomongna, lantaran alesan utamana téh sieun budak abdi dipecat.” Siga sadérék éta, loba kolot Kristen ngarasa leuwih alus lamun budakna teu gancang-gancang dibaptis nepi ka cukup umur supaya teu nyieun lalampahan nu gagabah. (Kaj. 8:21; Sil. 22:15) Bisa jadi manéhna mikir yén ieu bisa nyalindungan budakna sangkan teu dipecat. Tapi, naha cara pikir ieu téh bener?​—Yak. 1:22.

13. Naha jalma nu can dibaptis teu kudu tanggung jawab ka Yéhuwa? Jelaskeun.

13 Tangtu, kolot teu hayang budakna dibaptis lamun budakna can siap ngabaktikeun hirupna ka Yéhuwa. Tapi, salah lamun kolot mikir yén budakna teu kudu tanggung jawab ka Yéhuwa lamun can dibaptis. Saurang budak kudu tanggung jawab ka Yéhuwa sanggeus manéhna paham papakon Mantenna ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Baca Yakobus 4:17.) Kolot nu bijaksana moal ngaleutikkeun haté budakna nu hayang dibaptis. Sanajan budakna leutik kénéh, kolot bakal ngajar budakna pikeun nyaah kana papakon Yéhuwa, bari méré tuladan. (Luk. 6:40) Kanyaah budak Sadérék ka Yéhuwa bakal nyalindungan manéhna ti dosa gedé lantaran manéhna hayang ngalampahkeun nu bener di payuneun Yéhuwa.​—Yes. 35:8.

BANTUAN TI NU SÉJÉN

14. Kumaha kokolot bisa ngarojong upaya ti indung bapa?

14 Kokolot sidang bisa ngarojong upaya indung bapa ku cara ngobrolkeun hal-hal alus ngeunaan cita-cita rohani ka barudak. Hiji sadérék istri inget kénéh basa manéhna umur genep taun, manéhna diajak ngobrol ku Sadérék Russell. Manéhna nyarita, ”Salila 15 menit, abdi jeung manéhna ngabahas cita-cita rohani.” Naon hasilna? Sadérék istri éta jadi panaratas, jeung terus naratas salila 70 taun leuwih! Jadi jelas, obrolan nu alus tur ngagedékeun haté bisa mangaruhan hirup saurang jalma. (Sil. 25:11) Kokolot ogé bisa ngajak barudak jeung kolotna mantuan kagiatan di Balé Karajaan. Kokolot bisa méré tugas nu cocog jeung umur sarta kabisa éta budak.

15. Kumaha carana anggota sidang bisa mantuan budak ngora?

15 Kumaha carana anggota sidang bisa mantuan? Maranéhna bisa némbongkeun perhatian ka budak ngora ku cara nu pantes. Contona, perhatikeun upaya budak ngora pikeun ngaraket ka Yéhuwa. Naha aya nu méré koméntar alus di pasamoan, atawa nu geus nepikeun tugas di pasamoan tengah minggu? Naha manéhna ngawawar ka babaturan di sakola, atawa nampik gogoda ti babaturanana? Lamun enya, geura puji upayana! Urang kudu ngupayakeun pikeun ngobrol jeung budak ngora saacan jeung sanggeus pasamoan. Ku kituna, maranéhna ogé ngarasa jadi bagian ti ”umat Gusti”.​—Jab. 35:18.

BANTU BARUDAK PIKEUN DIBAPTIS

16, 17. (a) Ku naon baptisan penting keur barudak? (b) Naon nu bisa nyieun kolot Kristen sugema jeung bagja? (Tingali gambar dina awal artikel.)

16 Salah sahiji hak istiméwa pikeun indung bapa téh nyaéta ngajar barudak pikeun mikanyaah Yéhuwa. (Jab. 127:3; Epe. 6:4) Ti barang lahir, barudak di Israil geus dibaktikeun ka Yéhuwa. Tapi, ayeuna mah teu kitu. Sanajan kolotna mikanyaah Yéhuwa, lain hartina budakna ogé kitu. Ti saprak budakna lahir, kolot kudu boga tujuan pikeun ngabantu manéhna jadi murid nu ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis. Tapi, naon nu leuwih penting? Maranéhna bisa disalametkeun tina mangsa cilaka lamun ngabaktikeun diri, dibaptis, jeung terus satia ngawula Yéhuwa.​—Mat. 24:13.

Kolot kudu boga tujuan pikeun ngabantu barudak supaya jadi murid (Tingali paragrap 16, 17)

17 Waktu Blossom Brandt hayang dibaptis, indung bapana mastikeun yén manéhna geus siap. Sanggeus yakin, kolotna ngarojong putusan manéhna. Blossom nyaritakeun naon nu dilakukeun ku bapana peuting saacan manéhna dibaptis, ”Bapa ngumpulkeun anggota kulawarga, tuluy abdi sakulawarga sideku jeung ngadoa. Bapa ngungkabkeun yén manéhna bungah pisan sabab anakna nu dipikanyaah mutuskeun pikeun ngabaktikeun hirupna ka Yéhuwa.” Leuwih ti 60 taun sanggeusna, Blossom nyarita, ”Éta peuting bakal terus diinget ku abdi saumur hirup!” Salaku indung bapa, Sadérék gé bisa ngarasa sugema jeung bagja waktu ningali budak ngabaktikeun diri jeung dibaptis jadi hamba Yéhuwa.

^ par. 9 Kolot bisa ngabahas jeung budakna katerangan alus di Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis, Jilid 2, kaca 304-310. Tingali ogé ”Kotak Pertanyaan” di Pelayanan Kerajaan Kita, April 2011, kaca 2.