Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Regepkeun Disiplin Sangkan Jadi Bijaksana

Regepkeun Disiplin Sangkan Jadi Bijaksana

”Lenyepkeun sakur anu ku kami diwurukkeun. Hikmah teh ulah dimomorekeun.”​—SIL. 8:32, 33.

KAWIH: 56, 89

1. Kumaha carana meunangkeun hikmat jeung naon mangpaatna?

HIKMAT téh asalna ti Yéhuwa. Mantenna masihkeunana ka saha waé kalawan limpah. Yakobus 1:5 nyebutkeun, ”Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah . . . da Allah mah sipat murah jeung welas asih.” Urang bisa meunangkeun hikmat ku cara ngalenyepan piwuruk atawa disiplin ti Allah. Ku kituna, urang disalindungan ti lalampahan nu salah sarta dibantu tetep raket jeung Yéhuwa. (Sil. 2:10-12) Urang ogé boga harepan nu éndah pikeun hirup langgeng.​—Yud. 21.

2. Kumaha urang bisa ngahargaan disiplin ti Allah?

2 Lantaran urang teu sampurna jeung cara digedékeunana béda-béda, sakapeung teu gampang pikeun narima disiplin atawa nganggap éta téh mangpaat. Tapi, waktu ngarasakeun sorangan mangpaat tina disiplin Allah, urang jadi paham yén Mantenna bener-bener nyaah ka urang. Siloka 3:11, 12 nyebutkeun, ”Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih.” Tuluy ayatna nyebutkeun, ”Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih.” Urang yakin yén Yéhuwa masihan nu panghadéna keur urang. (Baca Ibrani 12:5-11.) Lantaran Yéhuwa bener-bener wanoh ka urang, disiplin-Na tara kaleuleuwihi sarta cocog jeung kabutuhan urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat hal ngeunaan disiplin: (1) disiplin diri, (2) disiplin ti kolot ka budakna, (3) disiplin nu ditarima ku urang ti sidang, jeung (4) kanyeri nu leuwih peurih ti sagala disiplin.

KU NAON NGADISIPLIN DIRI TÉH BIJAKSANA?

3. Kumaha carana saurang budak bisa miboga disiplin diri? Ibaratkeun.

3 Ngadisiplin diri téh kaasup ngadalikeun lalampahan jeung pipikiran urang. Ieu téh lain bawaan lahir, tapi kudu dilatih. Ibaratna, waktu saurang budak diajar naék sapédah, biasana kolotna nyekelan sapédahna sangkan tetep saimbang. Lalaunan, éta budak bisa ngajalankeun sapédahna sanajan luak-léok bari sakali-sakali dicekelan ku kolotna. Tapi, sanggeus budakna bisa tetep saimbang, manéhna dileupas ku kolotna. Kitu ogé kolot nu sabar ngalatih budakna ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran” ti Yéhuwa, bisa ngabantu budakna miboga disiplin diri jeung hikmat.​—Epe. 6:4.

4, 5. (a) Ku naon disiplin diri penting pikeun jadi ”manusa anyar”? (b) Naon sababna urang ulah leutik haté waktu nyieun kasalahan?

4 Jalma nu wanoh ka Yéhuwa sanggeus déwasa nyanghareupan kaayaan nu sarua. Manéhna mémang geus bisa ngadisiplin diri. Tapi, sacara rohani manéhna masih kudu nyieun kamajuan. Manéhna bisa boga karohanian nu leuwih kuat lamun ngupayakeun jadi ”manusa anyar” jeung nyonto sipat-sipat Kristus. (Epe. 4:23, 24) Disiplin diri ngabantu urang pikeun ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah”.​—Tit. 2:12.

5 Tapi, urang kabéh miboga dosa. (Pan. 7:20) Jadi, lamun urang nyieun kasalahan, éta lain hartina urang kurang atawa teu boga disiplin diri. Siloka 24:16 nyebutkeun, ”Jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.” Naon nu bisa ngabantu urang pikeun ”menyat deui”? Tangtu lain ku kakuatan sorangan, tapi ku roh suci Allah. (Baca Jabur 46:2.) Buah padamelan roh téh kaasup kadali diri nu méh sarua jeung disiplin diri.

6. Kumaha carana sangkan urang leuwih getol diajar Firman Allah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

6 Ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan ngabantu urang pikeun mekarkeun disiplin diri. Tapi, kumaha lamun Sadérék hésé pikeun diajar Alkitab atawa teu resep diajar? Ulah leutik haté. Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék ”aus” kana Firman-Na. (1 Pet. 2:2) Suhunkeun ka Yéhuwa sangkan Sadérék bisa ngadisiplin diri pikeun diajar Alkitab. Mimitina, Sadérék bisa diajar sababaraha menit wungkul. Lila-lila, diajar téh jadi leuwih gampang jeung leuwih pikaresepeun. Sadérék bakal resep bisa ngagunakeun waktu pikeun nyorangan jeung ngalenyepan pipikiran Yéhuwa nu luhur.​—1 Tim. 4:15.

7. Kumaha disiplin diri ngabantu urang ngahontal cita-cita rohani?

7 Disiplin diri bisa ngabantu urang ngahontal cita-cita rohani. Contona, saurang kapala kulawarga ngarasa kaleungitan sumanget dines, jadi manéhna netepkeun cita-cita pikeun jadi panaratas biasa. Kumaha disiplin diri bisa ngabantu manéhna? Manéhna maca dina majalah urang ngeunaan naratas sarta ngadoakeunana. Ieu nguatkeun sosobatanana jeung Yéhuwa. Lamun keur bisa, manéhna jadi panaratas ékstra. Sanajan aya halangan, manéhna tetep nyekel cita-citana. Sanggeus sababaraha waktu, manéhna jadi panaratas biasa.

GEDÉKEUN BUDAK KU DISIPLIN TI YÉHUWA

Ti saprak lahir, budak teu bisa ngabédakeun nu bener jeung nu salah, jadi kudu dilatih (Tingali paragrap 8)

8-10. Kolot kudu kumaha sangkan budakna ngawula Yéhuwa? Béré contona.

8 Yéhuwa masihan tanggung jawab ka kolot pikeun ngagedékeun budak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan”. (Epe. 6:4) Kiwari, ieu téh teu gampang. (2 Tim. 3:1-5) Ti saprak lahir, budak teu bisa ngabédakeun nu bener jeung nu salah, sarta haté sanubarina can kalatih. Jadi, manéhna butuh disiplin. (Rum 2:14, 15) Saurang ahli Alkitab ngajelaskeun yén kecap Yunani pikeun ”disiplin” bisa ogé ngamaksudkeun ”tumuwuhna budak”, atawa prosés ngagedékeun budak sangkan jadi jalma déwasa nu boga rasa tanggung jawab.

9 Lamun kolot ngadisiplin ku kanyaah, budak bisa ngarasa aman. Manéhna paham yén kabébasan téh aya watesna sarta lalampahan manéhna aya balukarna. Jadi, kolot kudu ngandelkeun hikmat Yéhuwa dina ngagedékeun budak. Cara-cara ngagedékeun budak téh béda-béda gumantung kana daérahna, sarta ieu gé terus barobah. Tapi, kolot nu ngaregepkeun pituduh Yéhuwa teu kudu bingung naon nu kudu dilakukeun atawa ngandelkeun pangalaman sorangan atawa saran ti batur.

10 Urang bisa diajar tina conto Nuh. Basa dititah ku Yéhuwa pikeun ngawangun bahtera, Nuh teu nyaho kumaha carana. Manéhna kudu ngandelkeun Yéhuwa jeung ngajalankeun sagala ”timbalan Allah” nepi ka rincianana. (Kaj. 6:22) Naon hasilna? Bahtera éta bisa nyalametkeun Nuh jeung kulawargana! Nuh ogé kolot nu hadé lantaran manéhna ngandelkeun hikmat Allah pikeun ngadidik budak. Manéhna ngajar sarta jadi tuladan pikeun barudakna, padahal éta téh teu gampang sabab di jaman éta jalma-jalmana jarahat.​—Kaj. 6:5.

11. Naon hasilna lamun kolot sabisa-bisa ngajar budakna?

11 Salaku kolot, kumaha Sadérék bisa ngajalankeun sagala ”timbalan Allah”? Regepkeun pangajaran Yéhuwa dina ngagedékeun budak. Mangpaatkeun naséhat ti Firman-Na jeung organisasi-Na. Engkéna, budak Sadérék bisa jadi nganuhunkeun kana upaya Sadérék! Saurang sadérék nulis, ”Abdi nganuhunkeun pisan ka kolot abdi. Maranéhna sabisa-bisa ngageuing haté abdi.” Manéhna nyarita yén kolotna mantuan manéhna ngaraket ka Yéhuwa. Mémang, sanajan kolot geus sabisa-bisa ngajar budakna, aya waé budak nu ninggalkeun Yéhuwa. Tapi, kolot nu geus upaya satékah polah bisa boga haté sanubari nu bersih jeung miharep budakna bakal balik deui ka Yéhuwa.

12, 13. (a) Lamun budakna dipecat, kumaha kolot ngabuktikeun kataatanana ka Allah? (b) Kumaha hiji kulawarga meunang mangpaat tina kataatan kolotna?

12 Pikeun sababaraha kolot, salah sahiji cocoba panghéséna pikeun taat ka Yéhuwa téh waktu budakna dipecat. Hiji sadérék istri nu budak awéwéna dipecat jeung kaluar ti imah nyarita, ”Abdi néangan bahan ti publikasi nu bisa ngadukung kahayang abdi pikeun panggih jeung budak tur incu abdi.” Tapi, manéhna dibantu ku salakina pikeun paham yén budakna téh lain tanggung jawab maranéhna deui jeung maranéhna kudu tetep satia ka Yéhuwa.

13 Sababaraha taun sanggeusna, budakna ditarima deui ka sidang. Indungna nyarita, ”Ayeuna, ampir unggal poé manéhna nelepon atawa SMS! Manéhna ngajénan pisan ka abdi jeung pun lanceuk lantaran nyaho abdi duaan taat ka Allah. Ayeuna, kulawarga abdi jadi raket pisan.” Lamun budak Sadérék dipecat, naha Sadérék bakal ”temen ngandel ka PANGERAN”? Naha Sadérék moal ”ngandelkeun kanyaho sorangan”? (Sil. 3:5, 6) Inget yén disiplin Yéhuwa téh bukti hikmat jeung kanyaah-Na nu pohara ka urang. Inget ogé yén Putra-Na dikorbankeun keur kabéh manusa, kaasup keur budak Sadérék. Allah hoyong sakabéh jalma hirup langgeng. (Baca 2 Petrus 3:9.) Para kolot, sing percaya yén disiplin jeung bingbingan Yéhuwa téh bener. Sing tetep taat sanajan Sadérék ngarasa peurih haté. Regepkeun disiplin Allah, ulah dilawan.

DI SIDANG

14. Naon mangpaatna pituduh Yéhuwa liwat ”gandek satia”?

14 Yéhuwa jangji bakal ngurus, nyalindungan, jeung ngajar sidang Kristen. Éta ditedunan ku sababaraha cara. Misalna, Mantenna ngalantik Putra-Na pikeun ngurus sidang, tuluy Yésus nugaskeun ”gandek satia” pikeun nyadiakeun dahareun rohani nu ngabantu urang tetep satia. (Luk. 12:42) Éta ”gandek” méré pituduh atawa disiplin nu penting. Sadérék bisa jadi inget kana hutbah atawa artikel dina majalah urang nu ngabantu Sadérék ngarobah pipikiran jeung lalampahan. Sing bungah lantaran geus nyieun parobahan. Éta hartina Sadérék réla didisiplin ku Yéhuwa.​—Sil. 2:1-5.

15, 16. (a) Kumaha urang bisa narima mangpaat ti para kokolot? (b) Kumaha urang bisa mantuan kokolot sangkan leuwih bungah ngajalankeun tugasna?

15 Kristus ogé nyadiakeun kokolot pikeun ngurus sidang. Alkitab nyebut sadérék-sadérék ieu sabagé ’kurnia’. (Epe. 4:8, 11-13) Kumaha urang bisa narima mangpaat ti maranéhna? Urang bisa nyonto iman jeung tuladan hadé maranéhna, sarta nuturkeun naséhat nu ditepikeun tina Alkitab. (Baca Ibrani 13:7, 17.) Para kokolot téh nyaah sarta hayang urang leuwih raket deui ka Allah. Lamun maranéhna ningali urang teu masamoan atawa kurang sumanget, maranéhna bakal geuwat mantuan. Maranéhna bakal ngadéngékeun urang tuluy méré panglilipur jeung naséhat tina Alkitab. Naha Sadérék nganggap bantuan ti maranéhna sabagé bukti kanyaah Yéhuwa?

16 Inget yén méré naséhat téh teu gampang pikeun kokolot. Pék pikirkeun kumaha parasaan Nabi Natan basa kudu negor Raja Daud nu nyumputkeun dosa gedéna. (2 Sam. 12:1-14) Kumaha parasaan Paulus waktu manéhna kudu negor Pétrus, salah sahiji ti 12 rasul, nu teu adil ka urang Kristen nu lain Yahudi? Tangtu Paulus butuh kawani. (Gal. 2:11-14) Jadi, kumaha sangkan kokolot leuwih gampang méré naséhat ka urang? Sing rendah haté, hargaan upayana, jeung babari dideukeutan. Anggap éta téh bukti kanyaah Allah. Sadérék bakal meunang mangpaat, kokolot ogé bakal bungah ngajalankeun tugasna.

17. Kumaha hiji sadérék istri dibantuan ku para kokolot?

17 Hiji sadérék istri nyarita yén pangalaman hirupna baheula ngalantarankeun manéhna hésé mikanyaah Yéhuwa tur manéhna jadi déprési. Ceuk manéhna, ”Abdi sadar kudu nyaritakeun ieu ka kokolot. Waktu abdi nyarita, maranéhna henteu nyarékan atawa ngiritik abdi, malah abdi dililipur jeung dikuatkeun. Unggal bérés masamoan, pasti aya salah sahiji kokolot nu nanyakeun kaayaan abdi. Lantaran nu dialaman ku abdi baheula, abdi ngarasa teu layak dipikanyaah ku Allah. Mangkali-kali, Yéhuwa ngagunakeun sidang jeung para kokolot pikeun nunjukkeun asih-Na ka abdi. Dina doa, abdi jangji moal ninggalkeun Yéhuwa.”

KANYERI NU LEUWIH PEURIH TI SAGALA DISIPLIN

18, 19. Naon nu leuwih peurih ti sagala disiplin? Béré contona.

18 Mémang peurih waktu narima disiplin, tapi jauh leuwih peurih deui lamun urang nampik disiplin Allah. (Ibr. 12:11) Conto goréng Kain jeung Raja Sidkia ngabuktikeun hal éta. Waktu Allah ningali Kain ngéwa jeung hayang maéhan adina, Mantenna geuwat ngélingan Kain, ”Ku naon murukusunu, kucem beungeut? Coba lamun tas migawe anu bener mah tangtu beungeut teh marahmay. Tapi ku sabab tas migawe anu goreng, tuh di lawang panto, dosa eukeur ngadodoho, arek kumawasa ka maneh. Ku maneh kudu dielehkeun.” (Kaj. 4:6, 7) Hanjakalna, Kain nampik disiplin Yéhuwa. Manéhna maéhan adina jeung sangsara saumur hirupna. (Kaj. 4:11, 12) Coba mun manéhna ngaregepkeun Yéhuwa, tangtu moal sangsara siga kitu.

19 Sidkia téh raja nu lemah jeung jahat. Basa manéhna keur maréntah, rahayat Yérusalém susah kaayaanana. Nabi Yérmia mangkali-kali mépélingan Sidkia sangkan barobah. Tapi manéhna nampik disiplin Yéhuwa, balukarna kacida parahna. (Yer. 52:8-11) Yéhuwa teu hoyong urang ngalaman kanyeri nu sabenerna bisa disingkahan!​—Baca Yesaya 48:17, 18.

20. Naon nu bakal kaalaman ku jalma nu narima sarta jalma nu nampik disiplin Allah?

20 Kiwari, loba jalma nyapirakeun jeung ngabaékeun disiplin Allah. Tapi sakeudeung deui, kabéh nu nampik disiplin Allah bakal narima balukarna. (Sil. 1:24-31) Jadi, pék regepkeun disiplin sangkan jadi bijaksana. Siloka 4:13 nyebutkeun, ”Ulah poho ka nu ku Bapa geus dipapatahkeun. Sabab atikan teh nya eta sakumna hirup hidep. Jadi kudu dijaga.”