Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bungahna Hirup Basajan

Bungahna Hirup Basajan

DANIEL JEUNG MIRIAM nikah bulan Séptémber 2000 jeung boga kahirupan nu genah di Barcelona, Spanyol. Ceuk Daniel, ”Kuring duaan boga pagawéan nu alus. Kuring jadi bisa dahar di réstoran nu mahal, pelesir ka luar nagri, jeung boga pakéan nu alus. Kuring ogé rutin ngawawar.” Tapi, aya parobahan.

Di kongrés taun 2006, Daniel ngadéngé pananya ieu dina hiji hutbah, ”Naha urang geus satékah polah dina mantuan jalma-jalma nu ’digusur rek dipaehan’ sangkan maranéhna bisa hirup langgeng?” (Sil. 24:11) Hutbah éta ngajelaskeun yén urang boga tanggung jawab pikeun ngawawarkeun warta Alkitab lantaran ieu téh hirup maotna jalma-jalma. (Ras. 20:26, 27) Daniel inget, ”Kuring ngarasa Yéhuwa keur ngomong langsung ka kuring.” Hutbah éta ogé nyebutkeun yén urang bakal leuwih bagja lamun leuwih getol ngawula Yéhuwa. Daniel satuju kana hutbah éta lantaran manéhna ningali Miriam suka bungah pisan sanggeus jadi panaratas.

Daniel kageuing ku éta hutbah nepi ka mutuskeun rék nyieun parobahan dina kahirupanana. Manéhna ngurangan jam gawé, terus mulai naratas. Manéhna jeung Miriam ngabayangkeun bungahna lamun bisa ngawula di tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta.

MIMITINA SUSAH, AHIRNA BUNGAH

Dina Mei 2007, Daniel jeung Miriam kaluar ti pagawéanana jeung pindah ka Panama, nagri nu geus pernah dianjangan saacanna ku maranéhna. Daérah dines maranéhna téh nyaéta sababaraha pulo di Kapuloan Bocas del Toro di Laut Karibia. Pribumina téh nyaéta urang Ngabe. Daniel jeung Miriam boga rencana rék cicing dalapan bulan di Panama maké duit tabungan maranéhna.

Di pulo-pulo éta, maranéhna iinditan maké parahu jeung sapédah. Maranéhna inget kénéh basa mimiti nanjak ka bukit nu jauhna 30 kilométer maké sapédah dina hawa nu panas ngahéab. Daniel méh kapaéhan lantaran kacida capéna. Tapi, kulawarga-kulawarga Ngabe téh soméah pisan, komo deui sanggeus maranéhna bisa ngagunakeun sababaraha kecap basa lokal. Teu lila, maranéhna boga 23 palajar Alkitab.

Kumaha sanggeus tabungan maranéhna béak? Daniel nyarita, ”Bari ceurik, kuring kapikiran kudu balik deui ka Spanyol. Kuring sedih pisan lantaran kudu ninggalkeun palajar Alkitab.” Tapi sabulan sanggeusna, aya warta nu ngabungahkeun. Ceuk Miriam, ”Kuring duaan diondang pikeun jadi panaratas istimewa. Bungah pisan bisa terus ngawula di dieu!”

HAL NU PALING NGABUNGAHKEUN

Ku lantaran parobahan di organisasi, dina taun 2015 Daniel jeung Miriam kudu eureun tina panaratas istiméwa. Jadi, ayeuna kudu kumaha? Maranéhna yakin kana jangji di Jabur 37:5, ”Pasrahkeun hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan.” Maranéhna meunang pagawéan nu bisa ngadukung dines panaratas biasa. Ayeuna, maranéhna ngawula di hiji sidang nu aya di Veraguas, Panama.

Ceuk Daniel, ”Sateuacan ninggalkeun Spanyol, kuring teu yakin bisa hirup basajan. Ari pék téh bisa, jeung sagala hal nu penting bisa kacumponan.” Naon nu paling ngabungahkeun maranéhna? Ceuk maranéhna, ”Teu aya nu leuwih ngabungahkeun salian ti ngajar jalma-jalma nu rendah haté ngeunaan Yéhuwa!”