Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Enya Hidep Nyaah ka Kami Leuwih ti nu Sejen?”

”Enya Hidep Nyaah ka Kami Leuwih ti nu Sejen?”

”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?”​—YOH. 21:15.

KAWIH: 128, 45

1, 2. Sanggeus sapeupeuting ngala lauk, Pétrus meunang palajaran naon?

TUJUH murid Yésus geus sapeupeuting ngala lauk di Talaga Galiléa, tapi teu beubeunangan. Wanci meleték panonpoé, Yésus nu geus dihirupkeun deui merhatikeun maranéhna di basisir. ”Saur Yesus, ’Semprangkeun heurapna ka katuhueun parahu, tangtu aya nu beunang!’ Seug heurapna disemprangkeun, barang ditarik meh teu kaangkat pinuh ku lauk.”​—Yoh. 21:1-6.

2 Yésus nyadiakeun roti jeung lauk keur maranéhna. Tuluy Yésus mariksa ka Simon Pétrus, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” Yésus apal Pétrus resep ngala lauk. Bisa jadi nu Yésus tanyakeun téh naha Pétrus leuwih nyaah ka Yésus jeung pangajaranana ti batan ka usaha ngala laukna. Pétrus ngajawab, ”Sumuhun Gusti . . . Gusti uninga yen abdi teh nyaah ka Gusti.” (Yoh. 21:15) Pétrus meunang palajaran yén kanyaah ka Yésus téh leuwih penting ti nu séjén. Ti harita, manéhna némbongkeun kanyaahna ka Yésus ku cara getol ngawawar, jeung ngajalankeun tugas penting di sidang Kristen.

3. Urang Kristen kudu ati-ati kana hal naon?

3 Urang bisa diajar naon tina kekecapan Yésus ka Pétrus? Urang kudu ati-ati sangkan kanyaah urang ka Kristus ulah nepi ka leungit. Yésus apal lamun hirup di dunya ayeuna téh loba masalah nu ngalantarankeun urang strés jeung hariwang. Dina misil Yésus ngeunaan binih nu ditebar, anjeunna nyebutkeun lamun aya sababaraha jalma nu awalna sumanget narima ”amanat hal Karajaan Sawarga”. Tapi ka dieunakeun, sumangetna leungit lantaran ”kaelehkeun” ku ”kasalempangan hirup” jeung ”napsu hayang beunghar”. (Mat. 13:19-22; Mar. 4:19) Mun teu ati-ati, kasalempangan hirup bisa ngaganggu dines urang ka Allah. Jadi, Yésus ngélingan murid-muridna, ”Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah.”​—Luk. 21:34.

4. Kumaha carana mastikeun kanyaah urang ka Kristus tetep kuat? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Saperti Pétrus, urang bisa némbongkeun kanyaah ka Kristus ku cara ngutamakeun pangwawaran. Kumaha carana mastikeun lamun urang terus ngalakukeun hal éta? Urang bisa ngalenyepan: ’Naon nu paling dipikaresep ku kuring? Naha kuring bungah téh lamun keur ngalalayanan Yéhuwa atawa keur ngalakukeun kagiatan séjén?’ Pikeun ngajawabna, hayu urang perhatikeun tilu hal nu bisa ngaleungitkeun kanyaah urang ka Kristus nyaéta pagawéan, rékréasi, jeung harta banda.

PANDANGAN NU BENER NGEUNAAN PAGAWÉAN

5. Naon tanggung jawab kapala kulawarga?

5 Ngala lauk téh lain saukur hobi keur Pétrus, tapi keur nganapkahan kulawargana. Kiwari, Yéhuwa gé masihan tanggung jawab ka kapala kulawarga pikeun nganapkahan kulawargana. (1 Tim. 5:8) Manéhna kudu getol digawé. Tapi dina ahir jaman, pagawéan bisa ngalantarankeun loba kahariwangan.

6. Ku naon pagawéan bisa ngalantarankeun strés?

6 Ayeuna, beuki loba jalma nu néangan pagawéan padahal lowonganna ngan saeutik. Ku kituna, jalma-jalma paheula-heula pikeun meunang pagawéan. Aya nu nepi ka kudu lembur sanajan bayaranna leutik. Pangusaha hayang meunang leuwih loba hasil tapi ku pagawé nu leuwih saeutik. Jadi, loba pagawé nu strés jeung kacapéan nepi ka gering. Maranéhna sieun kaleungitan pagawéan lamun teu nyumponan kahayang dununganana.

Urang Kristen leuwih satia ka Yéhuwa ti batan ka saha waé

7, 8. (a) Ka saha urang kudu satia? (b) Sadérék di Thailand meunang palajaran alus naon ngeunaan pagawéanana?

7 Salaku urang Kristen, urang hayang leuwih satia ka Yéhuwa ti batan ka saha waé, kaasup ka dunungan. (Luk. 10:27) Pagawéan mémang cara keur nyumponan kabutuhan hirup jeung keur ngadukung dines urang. Tapi lamun teu ati-ati, tanggung jawab pagawéan bisa ngaganggu ibadah urang. Hayu urang tingali pangalaman ti sadérék di Thailand. Manéhna nyarita, ”Kuring resep ka pagawéan kuring ngoméan komputer, tapi éta méakeun waktu. Balukarna, kuring jadi teu boga waktu keur hal-hal rohani. Ahirna kuring sadar lamun hayang ngutamakeun Karajaan Allah, kuring kudu ganti pagawéan.” Naon nu dilakukeun ku manéhna?

8 Manéhna ngajelaskeun, ”Sanggeus sataun nyieun rencana, kuring mutuskeun pikeun jadi padagang és krim di kaki lima. Mimitina mah hasilna ngan saeutik, kuring jadi leutik haté. Lamun panggih jeung babaturan gawé nu baheula, kuring sok diseungseurikeun lantaran leuwih milih jualan és ti batan gawé dihareupeun komputer dina rohangan AC. Kuring ngadoa ka Yéhuwa, ménta bantuan sangkan bisa nyanghareupan kaayaan ieu jeung boga leuwih loba waktu keur hal-hal rohani. Teu lila, kaayaan jadi leuwih alus. Kuring jadi leuwih apal kana kahayang nu meuli jeung jadi leuwih jago deui nyieun és krimna. Jadi, és krim kuring laris unggal poéna. Malahan, kaayaan ékonomi kuring leuwih alus ti batan di pagawéan saacanna. Kuring jadi leuwih bagja lantaran teu ngarasa strés jeung hariwang siga baheula. Nu utamana, kuring ayeuna ngarasa leuwih raket ka Yéhuwa.”​—Baca Mateus 5:3, 6.

Naha kuring ngarasa leuwih resep digawé ti batan dines ka Yéhuwa?

9. Kumaha urang bisa boga pandangan nu bener ngeunaan pagawéan?

9 Yéhuwa ngahargaan jeung ngaberkahan lamun urang getol digawé. (Sil. 12:14) Tapi, urang kudu mastikeun sangkan pagawéan urang ulah leuwih penting ti batan dines ka Yéhuwa. Yésus ngomong ngeunaan pangabutuh urang, ”Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.” (Mat. 6:33) Kumaha urang bisa nyaho lamun urang boga pandangan nu bener ngeunaan pagawéan? Pék pikirkeun, ’Naha kuring ngarasa resep jeung bungah waktu digawé, tapi waktu dines ka Yéhuwa kalah ka ngarasa biasa waé, malahan mah bosen?’ Ngalenyepan pananya ieu bisa ngabantu urang nyaho naon nu sabenerna dipikanyaah ku urang.

10. Yésus méré palajaran penting naon?

10 Yésus ngajarkeun naon nu kudu diutamakeun dina kahirupan. Hiji poé, anjeunna nganjang ka imah Maria jeung Marta. Marta langsung nyiapkeun kadaharan keur Yésus, tapi Maria mah diuk ngadéngékeun pangajaran Yésus. Ku sabab Maria teu mantuan, Marta kukulutus ka Yésus. Ceuk Yésus ka Marta, ”Maria geus milih anu bener, sarta eta moal aya anu nyokot deui.” (Luk. 10:38-42) Yésus méré palajaran penting. Sangkan bisa némbongkeun kanyaah ka Kristus jeung teu kasimpangkeun ku kabutuhan hirup, urang kudu ”milih anu bener”. Hartina, sosobatan urang jeung Yéhuwa kudu jadi nu pangpentingna dina kahirupan.

PANDANGAN NU BENER NGEUNAAN RÉKRÉASI JEUNG HIBURAN

11. Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan ngaso?

11 Dina kahirupan nu sibuk ieu, wajar lamun urang hayang boga waktu keur ngaso. Ceuk Alkitab, ”Anu matak jelema mah panghadena teh geus bae nyatu nginum, beubeunangan usaha teh pake senang-senang.” (Pan. 2:24) Yésus apal murid-muridna gé perlu ngaso. Contona, sanggeus capé ngawawar, Yésus ngomong ka maranéhna, ”Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh, jeung supaya maraneh bisa ngaso heula sakeudeung.”​—Mar. 6:31, 32.

12. Ku naon urang kudu ati-ati kana rékréasi jeung hiburan? Béré contona.

12 Rékréasi jeung hiburan bisa ngabantu urang seger deui. Tapi, urang kudu ati-ati sangkan éta teu jadi hal nu pangpentingna dina kahirupan. Di abad kahiji, loba nu boga cara pikir, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.” (1 Kor. 15:32) Ieu téh cara pikir nu umum ayeuna. Contona, saurang budak ngora di Eropa Barat mulai datang ka pasamoan. Ku sabab manéhna beuki teuing kana hiburan, manéhna teu masamoan deui. Ka dieunakeun, manéhna kakara sadar lamun beuki teuing kana hiburan téh ngabalukarkeun loba masalah. Manéhna diajar Alkitab deui, terus jadi pawarta. Sanggeus dibaptis, manéhna nyarita, ”Hanjakal pisan kuring geus miceunan loba waktu keur hiburan, padahal ngawula ka Yéhuwa téh mawa leuwih loba kabagjaan.”

13. (a) Caritakeun ibarat nu némbongkeun lamun loba teuing rékréasi jeung hiburan téh teu alus. (b) Naon nu bisa ngabantu urang sangkan boga pandangan nu bener kana rékréasi jeung hiburan?

13 Sakuduna mah rékréasi téh mantuan urang sangkan seger deui. Jadi, sakumaha loba waktu nu urang paké keur rékréasi? Pikirkeun ibarat ieu: Loba nu resep kana bolu jeung permén. Tapi lamun dahar éta terus, urang bisa gering. Lamun hayang séhat, dahareun urang kudu loba gizi. Sarupa halna jeung waktu nu urang paké keur rékréasi jeung hiburan, éta bisa mangaruhan sosobatan urang jeung Yéhuwa. Kumaha urang bisa nyaho lamun urang boga pandangan nu bener ngeunaan rékréasi? Salah sahijina nyaéta urang bisa nyatet sabaraha jam saminggu nu dipaké keur kagiatan rohani, misalna masamoan, ngawawar, jeung diajar Alkitab. Terus catet ogé jumlah jam nu dipaké keur rékréasi, saperti olahraga, lalajo, atawa maén game. Waktu dibandingkeun, naon kasimpulanana? Naha aya nu kudu dirobah?​—Baca Epesus 5:15, 16.

14. Naon nu bisa ngabantu urang pikeun milih rékréasi jeung hiburan nu alus?

14 Yéhuwa masihan kabébasan ka urang pikeun milih rékréasi, sarta kapala kulawarga ogé bisa milih rékréasi keur kulawargana. Dina Alkitab, Yéhuwa masihan prinsip nu némbongkeun cara pikir-Na. Prinsip-prinsip ieu bisa mantuan urang pikeun nangtukeun pilihan nu alus. * (Tingali catetan handap.) Rékréasi nu alus téh ”rahmat ti Allah”. (Pan. 3:12, 13) Mémang, hiburan nu dipikaresep ku unggal jalma téh béda-béda. (Gal. 6:4, 5) Tapi, teu sual hiburanna, urang kudu ati-ati. Ceuk Yésus, ”Di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.” (Mat. 6:21) Lamun urang nyaah ka Yésus, Raja urang, éta bakal katémbong dina cara pikir, omongan, jeung lalampahan yén Karajaan Allah téh nu pangpentingna dina kahirupan urang.​—Pil. 1:9, 10.

BAJOANG NGALAWAN PANGARUH MATÉRIALISME

15, 16. (a) Kumaha matérialisme bisa ngajiret urang? (b) Yésus méré naséhat naon ngeunaan harta banda?

15 Kiwari, loba jalma ngarasa kudu boga baju nu pangalusna, handphone tur komputer nu panganyarna, jeung sajabana. Maranéhna kapangaruhan ku matérialisme nyaéta cara hirup nu mentingkeun duit jeung harta banda ti batan nu séjén. Salaku urang Kristen, naon nu pangpentingna keur Sadérék? Pék lenyepan: ’Naha kuring ngagunakeun leuwih loba waktu keur mikiran mobil atawa baju pangalusna ti batan nyiapkeun bahan pasamoan? Naha kuring diririweuh ku kagiatan sapopoé nepi ka euweuh waktu keur ngadoa jeung maca Alkitab?’ Mun teu ati-ati, urang bisa leuwih nyaah ka harta banda ti batan ka Kristus. Urang kudu ngalenyepan kekecapan Yésus, ”Ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae.” (Luk. 12:15) Ku naon Yésus ngomong kitu?

Mustahil urang bisa méré nu panghadéna ka Yéhuwa bari terus sibuk ngudag harta banda

16 Yésus ngajelaskeun, ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan.” Anjeunna ogé nandeskeun, ”Moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.” Mustahil urang bisa méré nu panghadéna ka Yéhuwa bari terus sibuk ngudag harta banda. Yésus ngajelaskeun yén urang ”nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana” sarta ”satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel”. (Mat. 6:24) Urang teu sampurna, jadi urang kudu terus bajoang ngalawan ”kahayang jasmani”, kaasup matérialisme.​—Epe. 2:3.

17. (a) Ku naon loba jalma ngarasa hésé boga pandangan nu bener ngeunaan harta banda? (b) Naon nu bisa ngabantu urang pikeun ngalawan matérialisme?

17 Loba jalma ngarasa hésé boga pandangan nu bener ngeunaan harta banda lantaran teterusan mikirkeun karesep jeung kahayang sorangan. (Baca 1 Korinta 2:14.) Lantaran pikiranana geus kasimpangkeun, maranéhna jadi hésé ngabédakeun mana nu hadé mana nu goréng. (Ibr. 5:11-14) Kahayang pikeun ngumpulkeun harta banda beuki lila beuki kuat. Sanajan geus loba nu dipiboga, kahayangna euweuh béakna. (Pan. 5:10) Tapi, aya cara pikeun ngalawan matérialisme nyaéta urang kudu rutin maca Firman Allah. (1 Pet. 2:2) Yésus ngalenyepan hikmat Yéhuwa nu ngabantu anjeunna ngalawan gogoda ti Sétan. (Mat. 4:8-10) Kiwari ogé, mun urang hayang ngalawan matérialisme, urang kudu ngalarapkeun hikmat Yéhuwa dina kahirupan. Ieu némbongkeun lamun urang leuwih nyaah ka Yésus ti batan ka harta banda.

Naon nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék? (Tingali paragrap 18)

18. Naon tékad Sadérék?

18 Waktu Yésus nanya ka Pétrus, ”Enya hidep nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” anjeunna keur ngajar Pétrus lamun ngawula ka Yéhuwa kudu jadi nu pangutamana. Unikna, ngaran Pétrus téh hartina ”Batu”. Sipat-sipat hadé Pétrus bisa disaruakeun jeung pengkuhna batu. (Ras. 4:5-20) Kitu ogé ayeuna, urang hayang boga kanyaah nu pengkuh ka Kristus. Jadi, urang perlu mastikeun pagawéan, rékréasi, jeung harta banda aya di tempat nu sakuduna dina kahirupan. Ku kituna, urang bisa siga Pétrus nu ngomong, ”Gusti uninga yen abdi teh nyaah ka Gusti.”

^ par. 14 Tingali artikel ”Apakah Rekreasi Saudara Bermanfaat?” dina Menara Pengawal 15 Oktober 2011, kaca 9-12, paragrap 6-15.