Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Jadi Tunarungu Teu Ngahalangan Kuring Ngajarkeun Bebeneran

Jadi Tunarungu Teu Ngahalangan Kuring Ngajarkeun Bebeneran

Dina taun 1941, kuring dibaptis basa keur umur 12 taun. Tapi dina 1946, kuring kakara bener-bener paham kana bebeneran Alkitab. Ku naon? Kieu caritana.

KIRA-KIRA taun 1910, kolot kuring pindah ti Tbilisi, Georgia, ka Kanada. Aranjeunna matuh di pahumaan deukeut Pelly, Saskatchewan, di kuloneun Kanada. Kuring lahir taun 1928, nu bungsu ti genep adi lanceuk. Pun bapa maot genep bulan saacan kuring dilahirkeun, pun biang ogé maot basa kuring orok kénéh. Teu lila ti harita, Lucy, tétéh nu pangkolotna maot basa umur 17 taun. Jadi, Nick, pun mamang, nu ngarawat kuring sadulur-dulur.

Hiji poé basa kuring masih kénéh balita, kulawarga ningali kuring keur ngabetotan buntut kuda piaraan. Maranéhna sieun kuring disépak ku éta kuda, jadi maranéhna gogorowokan ngeureunkeun kuring. Tapi, kuring keur nukangan maranéhna, sarta teu ngadéngé sora maranéhna. Untungna, kuring teu nanaon. Kakara harita kulawarga kuring apaleun yén kuring téh tunarungu.

Sobat ti kulawarga kuring méré saran sangkan kuring sakola jeung barudak tunarungu séjénna. Ku kituna, pun mamang ngirim kuring ka sakola tunarungu di Saskatoon, Saskatchewan. Kuring sieun sabab kuring masih kénéh lima taun, jeung sakola ieu jauh pisan ti kulawarga. Kuring ngan bisa balik ka imah basa keur liburan jeung basa usum halodo. Ahirna, kuring bisa basa isarat, jeung resep bisa ulin jeung barudak séjénna.

DIAJAR BEBENERAN ALKITAB

Dina 1939, Marion, lanceuk kuring, nikah jeung Bill Danylchuck. Maranéhna ngurus kuring jeung lanceuk kuring, Frances. Dina kulawarga kuring, maranéhna nu mimiti diajar jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Waktu liburan usum halodo, maranéhna sabisa-bisana nyaritakeun eusi Alkitab ka kuring. Teu gampang rék komunikasi téh lantaran maranéhna teu bisaeun basa isarat. Tapi, kaciri ku maranéhna yén kuring nyaah kana bebeneran ngeunaan Yéhuwa. Kuring paham lamun nu dilakukeun ku maranéhna téh luyu jeung Alkitab, jadi kuring nyarengan maranéhna ngawawar. Teu lila, kuring hayang dibaptis. Dina 5 Séptémber 1941, Bill ngabaptis kuring dina bak waja nu dieusian cai sumur. Éta cai meni nyecep tiisna!

Jeung sababaraha tunarungu di kongrés di Cleveland, Ohio, 1946

Dina usum halodo taun 1946, kuring balik ka imah sarta hadir di kongrés di Cleveland, Ohio, AS. Dina poé nu kahiji, tétéh nuliskeun eusi acara kongrés sangkan kuring bisa paham. Tapi dina poé kadua, kuring kataji basa ningali aya nu narjamahkeun pikeun kelompok tunarungu dina éta kongrés. Kuring bungah pisan lantaran bisa bener-bener paham kana bebeneran Alkitab nu ditepikeun dina éta kongrés!

NGAJARKEUN BEBENERAN

Basa éta, Perang Dunya II kakara réngsé, jeung jalma-jalma hayang némbongkeun lamun maranéhna téh satia ka nagrina. Tapi sanggeus kongrés, kuring balik ka sakola jeung boga tékad pikeun tetep satia ka Yéhuwa. Jadi, kuring teu hormat bandéra, teu ngawihkeun lagu kabangsaan, jeung teu miluan hari raya nasional. Teu siga batur sakola, kuring teu ka garéja deui. Pagawé sakola teu resepeun, jadi maranéhna osok ngaganggu kuring jeung nyieun carita bohong keur ngarobah cara pikir kuring. Batur sakola arengeuheun, ku kituna kuring boga kasempetan keur ngawawar ka maranéhna. Sababaraha batur sakola, kaasup Larry Androsoff, Norman Dittrick, jeung Emil Schneider, ahirna narima bebeneran jeung ngawula ka Yéhuwa nepi ka ayeuna.

Saban indit ka kota-kota séjén, kuring sok ngawawar husus ka tunarungu. Di Montreal, kuring ngadatangan tempat kumpulna tunarungu. Di ditu, kuring méré kasaksian ka Eddie Tager, budak ngora nu harita téh anggota géng tunarungu. Nepi ka maotna taun kamari, manéhna aya di sidang basa isarat di Laval, Quebec. Kuring gé panggih jeung Juan Ardanez. Siga urang Béréa di jaman baheula, manéhna resep nalungtik pikeun mastikeun naon nu diajarkeun téh dumasar kana Alkitab. (Ras. 17:10, 11) Manéhna jadi Saksi Yéhuwa jeung ngawula sabagé kokolot di Ottawa, Ontario, nepi ka maotna.

Ngawawar di jalan, awal 1950-an

Dina 1950, kuring pindah ka Vancouver. Kuring resep ngawawar ka tunarungu, tapi basa keur ngawawar di jalan, kuring panggih jeung saurang awéwé nu bisa ngadéngé, ngaranna Chris Spicer. Kuring moal mopohokeun pangalaman éta. Manéhna rék langganan majalah sarta hayang kuring panggih jeung salakina, Gary. Kuring nganjang ka imahna, jeung bisa ngobrol panjang liwat tulisan. Meunang sababaraha taun kuring teu panggih jeung maranéhna. Tapi, kuring reuwas basa maranéhna manggihan kuring dina hiji kongrés di Toronto, Ontario. Poé éta, Gary rék dibaptis. Pangalaman éta ngingetkeun kuring pentingna terus ngawawar, lantaran urang moal nyaho saha nu bakal jadi Saksi engkéna.

Ka dieunakeun, kuring pindah deui ka Saskatoon. Di dinya kuring panggih jeung hiji awéwé nu ménta kuring ngajarkeun Alkitab ka anak kembarna nu tunarungu, Jean jeung Joan Rothenberger. Maranéhna diajar di sakola tunarungu nu sarua jeung kuring baheula. Teu lila, dua budak ieu nyaritakeun bebeneran ka babaturan sakolana. Ahirna, lima di antarana jaradi Saksi. Salah sahijina nyaéta Eunice Colin. Kuring mimiti panggih jeung manéhna dina taun panungtung kuring sakola. Harita manéhna méré permén jeung hayang jadi babaturan kuring. Ahirna, manéhna jadi batur pangpentingna dina hirup kuring, nyaéta pamajikan kuring!

Jeung Eunice taun 1960 jeung 1989

Waktu Eunice kapanggih diajar Alkitab, indungna ménta sangkan kapala sakola mangaruhan Eunice pikeun eureun diajar Alkitab. Sanajan éta kapala sakola geus nyoba mangaruhan, malahan nepi ka nyokot bacaan pikeun diajar Alkitab, Eunice tékad tetep satia ka Yéhuwa. Basa manéhna rék dibaptis, kolotna nyarékan, ”Lamun rék jadi Saksi Yéhuwa, nyingkah siah ti imah!” Jadi, basa umur 17 taun, Eunice indit ti imah sarta cicing jeung hiji kulawarga Saksi. Manéhna neruskeun diajar tuluy dibaptis. Waktu kuring duaan nikah taun 1960, kolotna Eunice teu daékeun datang. Tapi, dina lumangsungna waktu, aranjeunna beuki ngajénan kuring lantaran kapercayaan jeung carana kuring ngagedékeun budak.

KANYAAH YÉHUWA KA KURING

Anak kuring, Nicholas, jeung pamajikanana, Deborah, ngawula di Bétel London

Salaku kolot nu tunarungu, teu gampang pikeun ngagedékeun tujuh budak nu bisa ngadéngé. Tapi, kuring duaan mastikeun maranéhna bisa basa isarat sangkan bisa komunikasi jeung ngajarkeun bebeneran ka maranéhna. Sadérék-sadérék di sidang gé méré bantuan. Contona, aya sadérék nu ngabéjaan liwat catetan yén salah sahiji budak kuring ngomong kasar di Balé Karajaan. Kuring duaan langsung ngaréngsékeun éta masalah. Opat budak kuring, James, Jerry, Nicholas, jeung Steven, jadi kokolot sidang sarta saratia ngawula Yéhuwa bareng jeung kulawargana. Salian ti éta, Nicholas jeung pamajikanana, Deborah, ngawula di kantor cabang Inggris di departemén panarjamahan basa isarat. Steven jeung pamajikanana, Shannan, jadi panarjamah basa isarat di kantor cabang Amerika Serikat.

Anak kuring James, Jerry, Steven jeung pamajikan maranéhna ngadukung pangwawaran dina basa isarat ku loba cara

Anu matak sedih, sabulan saacan ulang taun perkawinan nu ka-40, Eunice maot lantaran kangker. Sanajan beurat, manéhna bisa kuat lantaran iman kana pihudangeunana nu maot. Éta poé nu paling diarep-arep ku kuring.

Faye jeung James, Jerry jeung Evelyn, Shannan jeung Steven

Dina Pébruari 2012, kuring labuh nepi ka potong tulang bobokong. Lantaran butuh bantuan, kuring pindah ka imah anak kuring. Ayeuna, kuring ngagabung di Sidang Basa Isarat Calgary salaku kokolot sidang. Kakara ayeuna kuring ngagabung jeung sidang basa isarat! Jadi, kumaha carana kuring bisa ngajaga sosobatan jeung Yéhuwa tetep kuat di sidang basa Inggris? Ku bantuan Yéhuwa. Mantenna nedunan jangji-Na pikeun ngajaga nu yatim. (Jab. 10:14) Kuring nganuhunkeun pisan ka sadaya nu geus mantuan ku cara nyieun catetan, diajar basa isarat, jeung narjamahkeun sabisana keur kuring.

Milu sakola panaratas basa isarat waktu umur 79 taun

Aya ogé mangsana kuring teu bisa ngarti omongan batur atawa batur nu teu ngarti carana mantuan tunarungu. Mun geus kitu, kuring ngarasa aral jeung rék nyerah waé. Tapi, kuring inget kana kekecapan Pétrus ka Yésus, ”Ka saha abdi-abdi kedah indit upami ngantunkeun? Gusti nu kagungan pangandika nu maparin hirup langgeng.” (Yoh. 6:66-68) Siga loba sadérék tunarungu séjénna nu geus lila jadi Saksi, kuring diajar sabar. Kuring diajar lamun ngandel ka Yéhuwa jeung organisasi-Na, kuring bisa meunang loba mangpaat. Ayeuna, aya loba publikasi dina basa kuring sorangan. Kuring ogé bungah bisa datang ka pasamoan jeung kongrés dina Basa Isarat Amerika. Hirup kuring bener-bener bagja jeung diberkahan lantaran ngawula ka Yéhuwa, Allah nu maha agung.