Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kanyaah Sadérék Ulah Nepi ka Leungit

Kanyaah Sadérék Ulah Nepi ka Leungit

”Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.”​—MAT. 24:12.

KAWIH: 60, 135

1, 2. (a) Mimitina, nubuat Yésus di Mateus 24:12 kalaksana ka saha? (b) Kumaha buku Rasul némbongkeun lamun kanyaah urang Kristen di abad kahiji tetep kuat? (Tingali gambar dina awal artikel.)

BASA di bumi, Yésus ngajelaskeun galagatna ”ahir jaman”. Salah sahijina ”jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna”. (Mat. 24:3, 12) Ayat ieu mimitina kalaksana ka urang Yahudi di abad kahiji nu ngaku umat Allah, tapi kanyaahna ka Allah mulai leungit.

2 Sabalikna, kalolobaan urang Kristen di jaman éta boga sikep nu béda. Maranéhna sumanget dina ”ngawawarkeun Injil Kasalametan hal Yesus” jeung dina némbongkeun kanyaah ka Allah, ka dulur saiman, malahan mah ka jalma-jalma nu can diajar bebeneran. Maranéhna ngajaga sangkan kanyaahna ka Allah tetep kuat. (Ras. 2:44-47; 5:42) Hanjakalna, aya sababaraha urang Kristen di abad kahiji anu kaleungitan kanyaahna. Ti mana urang nyaho?

3. Naon nu nyababkeun sababaraha urang Kristen leungit kanyaahna?

3 Yésus ngomong ka urang Kristen di Épésus, ”Maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.” (Wahyu 2:4) Bisa jadi maranéhna kapangaruhan ku jalma-jalma di sakurilingeunana nu ngutamakeun kasenangan. (Epe. 2:2, 3) Épésus téh kota nu makmur, jalma-jalmana ngutamakeun hirup genah jeung harta banda. Loba jalma di Épésus hirupna rucah jeung teu ngajénan hukum Allah. Ti batan nyaah ka Allah jeung batur, maranéhna leuwih nyaah ka diri sorangan.

4. (a) Kiwari, kumaha kanyaah beuki leungit? (b) Tilu hal naon nu kudu dijaga tetep kuat?

4 Nubuat Yésus ieu ogé kalaksana kiwari. Beuki ka dieu, loba jalma beuki teu nyaah ka Allah. Ti batan ngandel ka Allah pikeun ngaréngsékeun masalah di dunya, jutaan jalma kalah ka ngandel ka organisasi manusa. Ku kituna, kanyaah maranéhna beuki leungit. Saperti nu geus kajadian di sidang Épésus baheula, kanyaah hamba-hamba Yéhuwa gé bisa leungit. Hayu urang bahas tilu hal nu kudu dijaga tetep kuat: (1) kanyaah ka Yéhuwa, (2) kanyaah ka bebeneran Alkitab, jeung (3) kanyaah ka dulur saiman.

KANYAAH KA YÉHUWA

5. Ku naon urang kudu nyaah ka Allah?

5 Saha nu sakuduna paling dipikanyaah ku urang? Ceuk Yésus, ”’Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.’ Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna.” (Mat. 22:37, 38) Lamun nyaah ka Allah, urang bakal taat kana paréntah-Na, satia, jeung ngamusuh kagoréngan. (Baca Jabur 97:10.) Tapi, Sétan jeung dunyana terus nyieun upaya pikeun ngaruksak kanyaah urang ka Allah.

6. Naon balukarna lamun jalma teu boga kanyaah ka Allah?

6 Dunya ieu boga pandangan nu salah ngeunaan kanyaah. Ti batan nyaah ka Allah, loba jalma ”ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:2) Maranéhna ngan merhatikeun hal-hal ”anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema”. (1 Yoh. 2:16) Rasul Paulus ngélingan urang naon balukarna lamun urang mentingkeun diri sorangan, éta bakal ”nungtun kana maot”. Ku naon? Lantaran jalma-jalma nu ngalampahkeun hal-hal éta jadi musuh Allah. (Rum 8:6, 7) Jalma-jalma nu hirupna ngan ngarah kabeungharan atawa lacur bakal kuciwa.​—1 Kor. 6:18; 1 Tim. 6:9, 10.

7. Cara pikir naon nu bisa ngaruksak urang Kristen kiwari?

7 Loba nu atéis, agnostik, jeung nu nganut paham évolusi mangaruhan batur sangkan teu nyaah ka Allah, malahan mah teu percaya Allah téh aya. Maranéhna mikir yén ngan jalma bodo jeung nu teu nyakola nu percaya ka Nu Nyipta. Loba jalma leuwih ngajénan para ilmuwan ti batan ka Nu Nyipta. (Rum 1:25) Urang Kristen gé bisa waé kapangaruhan ku maranéhna. Sosobatan urang jeung Yéhuwa bisa ruksak, sarta kanyaah urang bisa nepi ka leungit.​—Ibr. 3:12.

8. (a) Kaayaan naon waé nu bisa ngalantarankeun umat Yéhuwa leutik haté? (b) Kumaha Jabur 136 bisa ngalilipur urang?

8 Lantaran urang masih hirup di dunya Sétan nu jahat, sakapeung urang osok ngarasa leutik haté. (1 Yoh. 5:19) Tapi, lamun urang teterusan leutik haté, iman urang bisa lemah jeung kanyaah urang ka Allah bisa leungit. Contona, bisa waé urang ngalaman kasusah lantaran ngolotan, gering, atawa aya masalah ékonomi. Atawa bisa waé urang sedih lantaran teu sanggup ngalakukeun hal-hal nu dipiharep. Urang bisa ogé kuciwa lantaran aya hal-hal nu teu kacumponan dina kahirupan. Teu sual masalahna, ulah ngarasa Yéhuwa geus ninggalkeun urang. Sing inget kana ayat nu bisa ngalilipur urang di Jabur 136:23, ”Mantenna henteu lali waktu urang kasoran, asih-Na langgeng.” Urang bisa yakin yén Yéhuwa ngadangukeun jeung ngajawab ”paneda” urang pikeun nyuhunkeun pitulung.​—Jab. 116:1; 136:24-26.

9. Kumaha Paulus bisa ngajaga kanyaahna ka Yéhuwa tetep kuat?

9 Rasul Paulus resep ngalenyepan carana Yéhuwa ngadukung manéhna, ku kituna manéhna bisa tetep kuat. Ceuk Paulus, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?” (Ibr. 13:6) Lantaran yakin lamun Yéhuwa bakal nulungan, manéhna bisa nyanghareupan kasusah. Éta kasusah moal ngaleungitkeun iman manéhna ka Yéhuwa. Sanajan keur di bui, manéhna nguatkeun dulur saiman ku cara nulis surat ka sidang-sidang. (Epe. 4:1; Pil. 1:7; Pilm. 1) Teu sual masalahna, kanyaah Paulus ka Yéhuwa tetep kuat. Manéhna ngandel ka ’Rama anu maparin kategeran hate ka manusa dina kasusahan anu kumaha bae oge’. (2 Kor. 1:3, 4) Kumaha urang bisa nyonto Paulus?

Témbongkeun kanyaah ka Yéhuwa (Tingali paragrap 10)

10. Kumaha urang bisa ngajaga kanyaah ka Yéhuwa tetep kuat?

10 Paulus ngajelaskeun hiji cara sangkan kanyaah ka Allah tetep kuat. Ceuk manéhna, ”Kudu neneda saban waktu.” Manéhna ogé ngomong, ”Sing rajin neneda.” (1 Tes. 5:17; Rum 12:12) Ku naon ngadoa bisa ngaraketkeun urang ka Allah? Waktu ngadoa, urang komunikasi jeung Yéhuwa. Ku kituna, urang bisa nyobat jeung Mantenna. (Jab. 86:3) Waktu urang ngungkabkeun pikiran jeung eusi haté ka Bapa, urang beuki raket ka Mantenna. (Jab. 65:3) Urang gé bakal beuki nyaah ka Yéhuwa basa ningali doa-doa urang dijawab ku Mantenna. Urang yakin yén ”Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat”. (Jab. 145:18) Lamun yakin kana kanyaah jeung dukungan Yéhuwa, urang bisa nyanghareupan masalah naon waé boh ayeuna boh engké.

KANYAAH KA BEBENERAN ALKITAB

11, 12. Kumaha urang bisa mekarkeun kanyaah urang ka bebeneran Alkitab?

11 Salaku urang Kristen, urang nyaah kana bebeneran. Bebeneran téh ayana dina Firman Allah. Yésus ngomong ka Bapana, ”Pangandika Ama kaestuan teh.” (Yoh. 17:17) Sangkan nyaah kana bebeneran Alkitab, urang kudu nyaho eusi Alkitab. (Kol. 1:10) Tapi salian ti éta, pék pikirkeun naon nu ditulis dina Jabur 119. (Baca Jabur 119:97-100.) Sapoé jeput, urang kudu ngalenyepan eusi Alkitab. Kanyaah urang kana bebeneran bakal beuki kuat lamun urang ngalenyepan mangpaatna ngalampahkeun bebeneran Alkitab dina kahirupan.

12 Nu nulis jabur gé ngomong, ”Dawuhan Gusti amis karaosna, langkung amis batan madu.” (Jab. 119:103) Publikasi nu dumasar kana Alkitab ti organisasi Allah téh ibarat dahareun nu ngeunah. Lamun aya dahareun karesep urang, urang bakal ngalimed daharna. Waktu keur diajar Alkitab, urang gé bakal ngalakukeun nu sarua. Lamun urang geus ngarasakeun nikmatna, urang bakal inget kana ’ucapan anu matak genah’ tina Alkitab jeung ngagunakeunana pikeun ngabantu batur.​—Pan. 12:10.

13. Ku naon Yérmia bisa nyaah kana dawuhan-dawuhan Allah jeung naon hasilna?

13 Nabi Yérmia nu nyaah kana dawuhan-dawuhan Allah ngomong, ”Gusti maparin timbalan ka abdi, tiap kecap ku abdi diregepkeun. Nun PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa, diri abdi kagungan Gusti, kitu anu mawi hate abdi dieusi ku dawuhan-dawuhan Gusti teh ngaraos bingah sareng bagja.” (Yer. 15:16) Yérmia jadi nyaah kana dawuhan-dawuhan Allah lantaran ngalenyepan hal éta. Manéhna ngahargaan tugasna jadi wakil Yéhuwa jeung ngawartakeun firman-Na. Lamun urang nyaah kana bebeneran Alkitab, urang bakal ngajénan tugas istiméwa salaku Saksi Yéhuwa jeung ngawartakeun Karajaan Allah dina ahir jaman.

Témbongkeun kanyaah ka bebeneran Alkitab (Tingali paragrap 14)

14. Naon deui nu bisa nguatkeun kanyaah urang kana bebeneran Alkitab?

14 Naon deui nu bisa nguatkeun kanyaah urang kana bebeneran Alkitab? Urang kudu getol masamoan sangkan diajar ku Yéhuwa. Salah sahiji cara utamana nyaéta dina palajaran Warta Hadé unggal minggu. Lamun urang hayang narima mangpaat tina pasamoan ieu, alusna mah urang nyiapkeun heula palajaranana. Contona, urang bisa mariksa unggal ayat nu disebutkeun. Kiwari, urang bisa maca atawa ngunduh Warta Hadé digital lantaran éta aya dina loba basa di situs Internét jw.org jeung dina aplikasi JW Library. Dina sababaraha format digital, urang bisa langsung muka ayat nu disebutkeun. Sanajan kitu, lamun urang hayang beuki nyaah kana bebeneran, urang kudu taliti maca ayatna jeung ngalenyepan ayat éta.​—Baca Jabur 1:2.

KANYAAH KA DULUR SAIMAN

15, 16. (a) Numutkeun Yohanes 13:34, 35, Yésus méré paréntah naon ka urang? (b) Kumaha kanyaah ka Allah sarta Alkitab aya patalina jeung kanyaah ka dulur saiman?

15 Dina peuting saacanna pupus, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Ayeuna maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur. Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”​—Yoh. 13:34, 35.

16 Kanyaah ka dulur saiman aya patalina jeung kanyaah ka Yéhuwa. Mun urang teu nyaah ka Allah, urang moal bisa nyaah ka dulur saiman. Kitu ogé lamun urang teu nyaah ka dulur saiman, urang moal bisa nyaah ka Allah. Rasul Yohanes nulis, ”Lamun ka dulur anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.” (1 Yoh. 4:20) Tangtu, kanyaah urang ka Yéhuwa tur ka dulur saiman gé aya patalina jeung kanyaah ka Alkitab. Naon sababna? Sabab lamun urang nyaah ka Alkitab, urang bakal taat kana paréntah Alkitab pikeun nyaah ka Allah jeung dulur saiman.​—1 Pet. 1:22; 1 Yoh. 4:21.

Témbongkeun kanyaah ka dulur saiman (Tingali paragrap 17)

17. Kumaha carana némbongkeun kanyaah di sidang?

17 Baca 1 Tesalonika 4:9, 10. Kumaha carana némbongkeun kanyaah ka dulur saiman di sidang? Bisa waé aya sadérék-sadérék nu geus kolot nu butuh bantuan keur datang ka pasamoan. Sadérék nu geus randa bisa jadi butuh bantuan keur ngoméan parabot di imahna. (Yak. 1:27) Sadérék nu keur leutik haté, strés, atawa keur aya masalah, butuh diperhatikeun, digedékeun haténa, jeung dililipur. (Sil. 12:25; Kol. 4:11) Urang némbongkeun kanyaah ka ”batur sakapercayaan” dina ucap jeung lampah.​—Gal. 6:10.

18. Naon nu bisa ngabantu urang dina ngaréngsékeun masalah jeung dulur saiman?

18 Alkitab nyebutkeun lamun dina ”ahir jaman”, loba jalma bakal sararakah jeung ngan inget ka diri sorangan baé. (2 Tim. 3:1, 2) Sabagé urang Kristen, urang kudu bajoang pikeun mekarkeun kanyaah ka Yéhuwa, Firman-Na, jeung dulur saiman. Lantaran urang teu sampurna, bisa waé aya salah paham di sidang. Tapi ku lantaran nyaah, urang hayang geura ngaréngsékeun masalahna ku cara nu hadé. (Epe. 4:32; Kol. 3:14) Ulah nepi ka kaleungitan kanyaah! Sabalikna, urang kudu terus nguatkeun kanyaah urang ka Yéhuwa, ka Firman-Na, jeung ka dulur saiman.