Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Mantuan Barudak ti Kulawarga ”nu Ngumbara”

Mantuan Barudak ti Kulawarga ”nu Ngumbara”

”Pikeun simkuring mah, taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener.”​—3 YOH. 4, SUNDA FORMAL.

KAWIH: 88, 41

1, 2. (a) Masalah naon nu kaalaman ku barudak nu jadi imigran? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina ieu artikel?

CEUK Joshua nu miluan kolotna jadi imigran, ”Ti leuleutik, boh di imah boh di sidang, kuring ngobrol maké basa kolot kuring. Tapi sanggeus sakola, kuring leuwih resep maké basa lokal. Ka dieunakeun, kuring ngan bisa maké éta basa. Kuring jadi teu ngarti naon nu dibahas di pasamoan, sarta asa teu cocog jeung budayana kolot kuring.” Pangalaman Joshua téh geus jamak kaalaman.

2 Kiwari, aya leuwih ti 240.000.000 jalma nu cicing di nagri nu lain lemah caina. Lamun Sadérék pindah ti nagri séjén sabagé imigran, kumaha Sadérék bisa mantuan barudak sangkan mikaasih Yéhuwa jeung hirup dina ”jalan anu bener”? (3 Yoh. 4, Sunda Formal) Kumaha sadérék nu séjén bisa mantuan maranéhna?

KOLOT, BÉRÉ TULADAN

3, 4. (a) Kolot bisa méré tuladan naon keur barudakna? (b) Kolot teu meunang ngarepkeun naon ti barudakna?

3 Kolot, tuladan Sadérék téh penting pisan sangkan barudak nyobat jeung Yéhuwa sarta bisa hirup langgeng. Lamun barudak ningali Sadérék ’ngupayakeun heula tunduk kana parentah jeung pangersa Allah’, maranéhna diajar pikeun ngandel ka Yéhuwa dina kahirupan sapopoé. (Mat. 6:33, 34) Utamakeun dines ka Yéhuwa ti batan néangan leuwih loba harta banda. Hirup basajan jeung sabisa-bisa ulah ngahutang. Upayakeun pikeun ”beunghar di sawarga” nyaéta kamanah ku Yéhuwa, ti batan néangan harta banda jeung ”pamuji ti pada jalma”.​—Baca Markus 10:21, 22; Yoh. 12:43.

4 Ulah sibuk teuing nepi ka teu boga waktu keur barudak. Maranéhna kudu nyaho yén Sadérék reueus lamun maranéhna miheulakeun Yéhuwa ti batan néangan duit atawa pamuji, boh keur Sadérék boh keur maranéhna. Singkahan cara pikir nu salah yén barudak kudu nyadiakeun kahirupan nu genah keur kolotna. Sing inget, ”lain anak anu kudu maraban kolot, tapi kolot anu kudu maraban anak”.​—2 Kor. 12:14.

KOLOT, RÉNGSÉKEUN MASALAH BASA

5. Ku naon kolot kudu sering ngajar barudakna ngeunaan Yéhuwa?

5 Geus dinubuatkeun lamun loba ”urang asing bakal datang” ti sagala bangsa jeung basa ka organisasi Yéhuwa. (Jak. 8:23) Tapi, bakal hésé pikeun ngajarkeun bebeneran ka barudak lamun maranéhna teu bener-bener ngarti ka basa Sadérék. Barudak Sadérék téh palajar Alkitab nu pangpentingna. Ngan ku cara ”terang” ka Yéhuwa, maranéhna bisa hirup langgeng. (Yoh. 17:3) ”Ucapkeun” sing sering pangajaran Yéhuwa ka barudak Sadérék sangkan maranéhna ngarti.​—Baca Pamindo 6:6, 7.

Barudak Sadérék téh palajar Alkitab nu pangpentingna

6. Naon mangpaatna lamun barudak diajar basa Sadérék? (Tingali gambar dina awal artikel.)

6 Barudak Sadérék tangtu bakal diajar basa lokal di sakola jeung ti babaturanna. Tapi, maranéhna bakal diajar basa Sadérék lamun Sadérék sering ngobrol jeung maranéhna. Lamun maranéhna bisa nyarita maké basa Sadérék, maranéhna leuwih gampang pikeun ngobrol jeung ngungkabkeun parasaanana ka Sadérék. Tapi, aya mangpaat séjénna. Lamun barudak Sadérék bisa maké leuwih ti hiji basa, éta bakal ningkatkeun kamampuh pikirna jeung mantuan maranéhna pikeun paham kana pandangan batur. Ieu ogé bisa mawa mangpaat keur dines. Carolina nu kolotna jadi imigran nyarita, ”Ngagabung ka sidang basa séjén téh asik pisan. Meni resep bisa mantuan sidang nu leuwih ngabutuhkeun.”

7. Sadérék kudu kumaha lamun aya masalah basa dina kulawarga Sadérék?

7 Tapi, waktu barudak diajar budaya jeung basa lokal, aya nu teu resepeun malahan jadi teu bisaeun ngobrol maké basa kolotna. Lamun éta kaayaanana, naha Sadérék bisa nyieun upaya pikeun diajar basa lokal? Sadérék bisa leuwih gampang ngagedékeun budak jadi urang Kristen lamun Sadérék paham kana obrolan, hiburan, jeung tugas sakolana, sarta lamun bisa ngobrol langsung jeung guruna. Diajar basa séjén téh mémang butuh waktu, upaya, jeung karendahan haté. Tapi, éta moal cumah. Contona, lamun budak Sadérék tunarungu, Sadérék tangtu hayang diajar basa isarat sangkan bisa ngobrol jeung manéhna. Kaayaanana méh sarua jeung budak nu ngan bisa ngobrol maké basa nu béda jeung Sadérék. *—Tingali catetan handap.

8. Kumaha Sadérék bisa mantuan barudak lamun teu pati bisa basa lokal?

8 Bisa jadi teu gampang pikeun kolot sangkan bisa pasih dina basa barudakna. Jadi, kolot ogé bakal hésé mantuan barudakna pikeun ngarti kana ”Kitab Suci”. (2 Tim. 3:15) Lamun éta nu kaalaman, Sadérék bisa tetep mantuan maranéhna wanoh jeung nyaah ka Yéhuwa. Saurang kokolot nu ngaranna Shan nyarita, ”Indung kuring nu geus ngaranda teu pati ngarti kana basa kuring, sarta kuring jeung dulur-dulur kuring teu pati bisa basa anjeunna. Tapi, basa ningali anjeunna upaya sabisa-bisa pikeun diajar, ngadoa, jeung mandu ibadah kulawarga unggal minggu, kuring ngarti lamun wanoh ka Yéhuwa téh penting pisan.”

9. Kumaha carana kolot bisa ngajar barudakna nu maké dua basa?

9 Sababaraha budak bisa jadi kudu diajar ngeunaan Yéhuwa dina dua basa. Naon sababna? Lantaran basa nu dipaké di sakola jeung di imah téh béda. Ku kituna, kolot kudu ngagunakeun bacaan, rekaman audio, jeung vidéo dina dua basa éta. Tangtuna, kolot nu jadi imigran kudu bajoang pikeun mantuan barudakna ngaraket ka Yéhuwa.

SADÉRÉK KUDU NGAGABUNG JEUNG SIDANG BASA NAON?

10. (a) Saha nu kudu mutuskeun sidang basa naon nu paling cocog? (b) Naon nu kudu dilakukeun kapala kulawarga saacan nyieun putusan?

10 Lamun hiji kulawarga imigran cicingna jauh ti Saksi nu maké basa nu sarua, maranéhna kudu ngagabung jeung sidang basa lokal. (Jab. 146:9) Tapi, lamun di dinya aya sidang nu ngagunakeun basa maranéhna, kapala kulawarga bisa mutuskeun sidang basa naon nu paling cocog keur kulawargana. Saacan nyieun putusan, manéhna bakal bener-bener mikirkeun jeung ngadoakeun hal éta. Manéhna ogé bakal badami jeung pamajikan sarta barudakna. (1 Kor. 11:3) Naon nu kudu dipikirkeun ku manéhna? Prinsip Alkitab naon waé nu bisa mantuan manéhna dina nyieun putusan?

Kapala kulawarga bisa mutuskeun sidang basa naon nu paling cocog keur kulawargana

11, 12. (a) Naon pangaruh basa kana mangpaat nu ditarima barudak di pasamoan? (b) Ku naon aya barudak nu embungeun diajar basa kolotna?

11 Kolot kudu mikirkeun naon nu bener-bener dibutuhkeun ku barudakna. Sangkan barudak bisa paham kana bebeneran Alkitab, sababaraha jam pangajaran Alkitab unggal minggu dina pasamoan téh teu cukup. Tapi, pikirkeun hal ieu: Lamun hadir di pasamoan nu diayakeun maké basa nu paling dipikaharti ku barudak, maranéhna bisa meunang mangpaat, malahan leuwih loba ti panyangka kolotna. Béda deui lamun maranéhna teu ngarti kana basana, maranéhna moal meunang nanaon. (Baca 1 Korinta 14:9, 11.) Basa kolotna can tangtu jadi basa nu mangaruhan pikiran jeung parasaan maranéhna. Sanajan aya barudak nu bisa méré koméntar, pintonan, jeung hutbah dina basa kolotna, éta can tangtu némbongkeun pikiran jeung parasaan maranéhna nu sabenerna.

12 Lain basa wungkul nu bisa ngageuing haté barudak téh. Éta nu kaalaman ku Joshua nu dicaritakeun di awal. Esther, lanceukna, nyarita, ”Barudak loba dipangaruhan ku basa, budaya, jeung agama kolotna.” Lamun barudak ngarasa teu bisa ngahiji jeung budaya kolotna, bisa jadi maranéhna gé embungeun diajar basa jeung agama kolotna. Naon nu bisa dilakukeun ku kolotna?

13, 14. (a) Ku naon sapasang salaki pamajikan imigran pindah ka sidang basa lokal? (b) Kumaha kolot bisa tetep kuat sacara rohani?

13 Nu jadi kolot kudu miheulakeun pangabutuh barudakna ti batan kahayangna sorangan. (1 Kor. 10:24) Samuel, bapana Joshua jeung Esther, ngomong, ”Kuring jeung pamajikan merhatikeun dina basa naon bebeneran bisa asup kana haté barudak, sarta ngadoa nyuhunkeun hikmat. Jawabanana teu gampang dilampahkeun ku kuring duaan. Waktu ningali lamun barudak teu narima loba mangpaat di pasamoan nu maké basa kuring, kuring mutuskeun pindah ka sidang basa lokal. Di dinya, kuring sakulawarga rutin masamoan jeung dines. Kuring ogé ngajak dulur saiman di sidang dahar jeung pelesir babarengan. Hal-hal ieu bisa ngaraketkeun barudak urang ka dulur saiman sarta ka Yéhuwa, lain ngan saukur jadi Allah maranéhna tapi ogé jadi Bapa tur Sobat maranéhna. Keur kuring mah hal ieu téh leuwih penting ti batan maranéhna pasih maké basa kuring.”

14 Samuel nambahkeun, ”Sangkan bisa tetep kuat sacara rohani, kuring jeung pamajikan masamoan deui dina basa kuring. Kuring jadi sibuk jeung capé. Tapi, kuring nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran geus ngaberkahan upaya tur pangorbanan kuring. Barudak kuring tiluanana ngawula Yéhuwa dina dines sapinuh waktu.”

NU BISA DILAKUKEUN KU BARUDAK

15. Ku naon Kristina ngarasa bisa leuwih hadé ngawula Yéhuwa di sidang basa lokal?

15 Waktu beuki gedé, barudak bisa jadi sadar yén maranéhna bisa leuwih hadé ngawula Yéhuwa di sidang nu basana paling dipikaharti. Lamun kitu, kolotna ulah ngarasa ditolak ku barudakna. Ceuk Kristina, ”Saeutik mah kuring bisa basa kolot kuring, tapi basa nu dipaké di pasamoan téh hésé pisan. Pas umur 12, kuring hadir di kongrés nu basana sarua jeung nu di sakola. Kakara harita kuring paham lamun ieu téh bebeneran! Kamajuan séjénna karasa waktu kuring ngadoa maké éta basa. Kuring bisa ngungkabkeun eusi haté ka Yéhuwa!” (Ras. 2:11, 41) Waktu umur 18, Kristina ngabahas hal ieu jeung kolotna sarta mutuskeun pindah ka sidang basa lokal. Ceuk manéhna, ”Kuring leuwih kageuing pikeun nyieun tindakan lamun diajar ngeunaan Yéhuwa dina basa ieu.” Teu lila, Kristina jadi panaratas biasa nu bagja.

16. Ku naon Nadia bungah lantaran ngagabung jeung sidang basa kolotna?

16 Barudak, naha hidep hayang ngagabung jeung sidang basa lokal? Lamun enya, pék pikirkeun alesanana. Naha éta bakal ngaraketkeun hidep ka Yéhuwa? (Yak. 4:8) Atawa lantaran hidep hayang bébas ti kolot, atawa hayang gampangna waé? Nadia, nu ayeuna ngawula di Bétel ngomong, ”Waktu keur rumaja, kuring jeung adi lanceuk hayang pindah ka sidang basa lokal.” Tapi, kolotna paham lamun éta moal nguatkeun hubungan barudakna jeung Yéhuwa. ”Kuring nganuhunkeun ka kolot nu geus satékah polah ngajarkeun basa maranéhna sarta mutuskeun sangkan kuring tetep di sidang maranéhna. Kuring jadi boga loba pangalaman jeung kasempetan pikeun mantuan batur wanoh ka Yéhuwa.”

CARANA SADÉRÉK NU SÉJÉN BISA MANTUAN

17. (a) Ka saha Yéhuwa masihan tanggung jawab ngagedékeun budak? (b) Kumaha kolot bisa meunang bantuan pikeun ngajarkeun bebeneran ka barudakna?

17 Yéhuwa masihan tanggung jawab ka kolot pikeun ngajarkeun bebeneran ka barudakna. Ieu teu dipasihkeun ka aki nini atawa ka nu séjén. (Baca Siloka 1:8; 31:10, 27, 28.) Tapi, kolot nu teu bisa basa lokal, bisa jadi perlu bantuan sangkan bisa ngageuing haté barudakna. Lamun kolot ménta bantuan ka nu séjén, lain hartina maranéhna rék nyingkahan tanggung jawab. Justru éta téh bagian tina ngadidik budak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan”. (Epe. 6:4) Contona, kolot bisa ménta saran ka kokolot sidang ngeunaan carana mandu ibadah kulawarga jeung ménta bantuan pikeun néangan sobat keur barudakna.

Boh kolot boh budakna narima mangpaat tina campur gaul jeung dulur saiman (Tingali paragrap 18, 19)

18, 19. (a) Kumaha dulur saiman bisa mantuan barudak ngora? (b) Naon nu kudu tetep dilakukeun ku kolot?

18 Pikeun mantuan barudakna, sakali-kali kolot bisa ngajak kulawarga séjén miluan ibadah kulawarga maranéhna. Barudak ngora bisa diajar ti urang Kristen séjénna waktu keur ngawawar atawa keur ngalakukeun kagiatan séjén. (Sil. 27:17) Shan, nu disebutkeun saacanna, ngomong, ”Kuring inget pisan ka sadérék-sadérék nu ngabingbing kuring. Kuring diajar loba hal waktu maranéhna mantuan kuring nyiapkeun tugas hutbah keur pasamoan. Kuring ogé resep lamun aya acara campur gaul jeung maranéhna.”

19 Tangtuna, sadérék-sadérék nu mantuan barudak éta kudu ngajurung barudak pikeun ngajénan kolotna, ku cara henteu ngagogoréng kolotna jeung teu ngaléngkahan tanggung jawab kolotna. Sadérék-sadérék éta ogé bisa nyingkahan tingkah laku nu bisa disalahartikeun jadi tingkah laku nu teu pantes ku jalma-jalma di jero atawa di luar sidang. (1 Pet. 2:12) Sanajan kolot ménta bantuan ti nu séjén, ngajarkeun bebeneran ka barudakna tetep tanggung jawab kolot. Maranéhna kudu ngawaskeun bantuan nu dibikeun ku dulur saiman.

20. Kumaha kolot bisa mantuan barudakna sangkan jadi hamba Yéhuwa nu satia?

20 Kolot kudu ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa sarta nyieun upaya satékah polah. (Baca 2 Babad 15:7.) Utamakeun sosobatan barudak Sadérék ka Yéhuwa ti batan kapentingan Sadérék sorangan. Pastikeun lamun Firman Allah nanceb kana jero haté barudak. Kudu tetep yakin yén barudak bisa jadi hamba Yéhuwa. Waktu barudak nuturkeun Firman Allah jeung tuladan Sadérék, Sadérék bakal boga parasaan nu sarua jeung Rasul Yohanes ngeunaan barudak rohanina, ”Pikeun simkuring mah, taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener.”​—3 Yoh. 4, Sunda Formal.

^ par. 7 Tingali artikel ”Anda Pasti Bisa Belajar Bahasa Lain!” dina Sedarlah! Maret 2007, kaca 10-12.