Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Mantuan ”nu Ngumbara” pikeun Nyembah ”PANGERAN Bari jeung Suka”

Mantuan ”nu Ngumbara” pikeun Nyembah ”PANGERAN Bari jeung Suka”

”PANGERAN rumaksa ka nu ngumbara.”​—JAB. 146:9.

KAWIH: 84, 73

1, 2. (a) Kasusahan naon waé nu dialaman ku sababaraha sadérék urang? (b) Pananya-pananya naon nu bakal dibahas?

SAURANG sadérék nu ngaranna Lije nyarita, ”Basa perang sipil di Burundi dimimitian, kuring sakulawarga keur kongrés. Kuring ningali jalma-jalma lalumpatan jeung tétémbakan. Kolot kuring jeung 11 padudulur kuring nyalametkeun diri bari mawa barang saayana. Sababaraha dulur kuring bisa nepi ka pangungsian di Malawi, nu jauhna 1.600 kilométer. Tapi, nu séjénna deui pabalencar.”

2 Di sakuliah dunya, aya leuwih ti 65 juta pangungsi nu kapaksa kudu ninggalkeun imahna lantaran perang atawa dikaniaya. Can pernah aya pangungsi saloba ieu. * (Tingali catetan handap.) Rébuan di antarana téh Saksi-Saksi Yéhuwa. Loba nu kaleungitan jalma nu dipikanyaah jeung harta bandana. Kasusahan naon deui nu dialaman ku maranéhna? Kumaha urang bisa mantuan sadérék-sadérék urang sangkan terus ngawula ka Yéhuwa jeung tetep suka bungah sanajan ngalaman kasusah? (Jab. 100:2) Sarta, naon cara pangalusna pikeun ngawawar ka para pangungsi nu can wanoh ka Yéhuwa?

KAHIRUPAN PANGUNGSI

3. Ku naon Yésus jeung sababaraha muridna kudu ngungsi?

3 Yésus jeung kolotna kudu ngungsi ka Mesir sanggeus diélingan ku malaikat yén Raja Hérodés rék maéhan Yésus. Maranéhna cicing di ditu nepi ka Hérodés maot. (Mat. 2:13, 14, 19-21) Mangtaun-taun ti harita, murid-murid Yésus ”paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria” lantaran dikaniaya. (Ras. 8:1) Yésus apal lamun bakal aya murid-muridna nu kudu ninggalkeun imahna. Anjeunna nyarios, ”Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen.” (Mat. 10:23) Tapi teu sual alesanana, kudu ninggalkeun imah téh teu gampang.

4, 5. Bahaya naon nu disanghareupan ku para pangungsi (a) basa keur di jalan? (b) basa keur di pangungsian?

4 Basa ninggalkeun imahna atawa cicing di pangungsian, para pangungsi nyanghareupan loba bahaya. Gad, adina Lije, ngomong, ”Mangminggu-minggu kuring kudu leumpang ngaliwatan ratusan mayit. Basa éta téh kuring kakara 12 taun. Suku kuring bareuh, jadi kuring ménta ditinggalkeun wé. Tapi pun bapa ngagéndong kuring, embung kuring katéwak ku pasukan nu barontak. Kuring kabéh hirup ti poé ka poé, ngadoa jeung ngandelkeun Yéhuwa, sakapeung mah ngan bisa dahar mangga nu kapanggih di jalan.”​—Pil. 4:12, 13.

5 Kalolobaan kulawargana Lije cicing mangtaun-taun di pangungsian PBB. Tapi, di ditu gé bahaya. Lije, nu ayeuna jadi pangawas wilayah, ngajelaskeun, ”Loba nu jadi pangangguran. Maranéhna osok ngagosip, marabok, judi, nyolong, jeung rucah.” Supaya teu kapangaruhan, para Saksi kudu getol dina kagiatan sidang. (Ibr. 6:11, 12; 10:24, 25) Maranéhna bijaksana dina ngagunakeun waktu sangkan bisa tetep pengkuh. Loba ogé nu jadi panaratas. Sangkan teu aral, maranéhna terus inget yén hirup di pangungsian téh moal salilana, siga bangsa Israil nu henteu terus ngumbara di gurun keusik.​—2 Kor. 4:18.

TÉMBONGKEUN KANYAAH KA PARA PANGUNGSI

6, 7. (a) Lantaran ”nyaah ka Allah”, urang kageuing pikeun ngalakukeun naon? (b) Béré contona.

6 Lantaran ”nyaah ka Allah”, urang kageuing pikeun nyaah ka dulur saiman, utamana ka nu keur kasusahan. (Baca 1 Yohanes 3:17, 18) Contona, basa urang Kristen abad kahiji di Yudéa keur kalaparan, dulur-dulur saimanna barempug ngirimkeun bantuan. (Ras. 11:28, 29) Rasul Paulus jeung Pétrus ogé ngajurung urang Kristen sangkan resep kasémahan. (Rum 12:13; 1 Pet. 4:9) Urang Kristen dijurung sangkan bageur ka dulur-dulur nu datang ti jauhna, jadi maranéhna kudu leuwih bageur deui ka dulur-dulur nu keur kaancam nyawana atawa dikaniaya lantaran imanna! * (Tingali catetan handap.)—Baca Siloka 3:27.

7 Sababaraha taun katukang, rébuan Saksi Yéhuwa kudu ninggalkeun imahna lantaran perang jeung panganiayaan di wétaneun Ukraina. Hanjakalna, sababaraha dulur urang maot. Tapi, kalolobaanna mah ditampung di imah dulur-dulur saiman nu aya di daérah séjén di Ukraina jeung di Rusia. Lantaran teu ”kaasup ka dunya”, sadérék-sadérék di dua nagri éta tetep nétral jeung sumanget ”nguarkeun Injil Kasalametan”.​—Yoh. 15:19; Ras. 8:4.

BANTU PANGUNGSI BOGA IMAN NU KUAT

8, 9. (a) Naon waé nu disanghareupan ku para pangungsi di nagri anyar? (b) Ku naon urang kudu sabar mantuan maranéhna?

8 Sababaraha pangungsi kudu hirup di daérah séjén. Malahan, loba nu kudu pindah ka nagri deungeun. Sanajan pamaréntah méré dahareun, pakéan, jeung imah, hirup maranéhna teu gampang. Contona, dahareun di tempat anyar téh béda pisan. Sababaraha pangungsi aya nu kakara ngalaman usum salju, jadi teu nyahoeun cara papakéan nu cocog. Nu séjénna kakara pisan diajar carana maké alat-alat nu canggih.

9 Aya pamaréntah nu boga program bantuan keur para pangungsi di nagri anyar. Tapi sanggeus sababaraha bulan, maranéhna kudu geus bisa ngurus diri sorangan. Ieu bisa jadi teu gampang. Bayangkeun, maranéhna kudu diajar hal-hal ieu sakaligus: basa anyar, kabiasaan anyar, aturan anyar ngeunaan mayar tagihan jeung pajeg, aturan sakola, jeung carana ngadisiplin budak! Naha Sadérék bisa tetep sabar jeung bageur ka dulur-dulur saiman nu nyanghareupan hal-hal éta?​—Pil. 2:3, 4.

10. Kumaha urang bisa nguatkeun iman para pangungsi basa maranéhna nepi ka nagri urang? (Tingali gambar dina awal artikel.)

10 Sakapeung, para pajabat osok ngahalang-halang lamun dulur-dulur urang hayang ngontak sidang nu pangdeukeutna, malahan mah ngancam moal mantuan deui maranéhna. Aya ogé nu dipaksa narima pagawéan nu nyababkeun maranéhna teu bisa masamoan bari diancam bakal diusir ti éta nagri. Lantaran sieun jeung putus asa, aya nu ahirna narima pagawéan éta. Jadi, penting pisan pikeun langsung manggihan dulur-dulur urang teu lila sanggeus maranéhna nepi. Maranéhna kudu ngarasakeun mun urang téh merhatikeun maranéhna. Perhatian jeung bantuan sarupa kitu bisa nguatkeun iman maranéhna.​—Sil. 12:25; 17:17.

BÉRÉ BANTUAN NU BISA LANGSUNG KAPAKÉ

11. (a) Mimitina, naon nu dibutuhkeun ku para pangungsi? (b) Kumaha cara maranéhna nganuhunkeun kana bantuan dulur-dulur?

11 Mimitina, urang bisa méré dahareun, pakéan, jeung kabutuhan dasar séjénna. * (Tingali catetan handap.) Hadiah leutik gé, misalna dasi, gedé mangpaatna. Tangtu, para pangungsi moal nungtut hayang dibéré waé, tapi bakal némbongkeun lamun maranéhna téh nganuhunkeun kana bantuan dulur-dulur. Hasilna, dulur-dulur nu méré bantuan bakal suka bungah. Penting ogé sangkan para pangungsi engkéna bisa mandiri. Hal ieu bisa ngajaga martabat maranéhna sarta mertahankeun hubungan nu alus jeung dulur-dulur séjén. (2 Tes. 3:7-10) Sanajan kitu, maranéhna tetep butuh bantuan urang.

Kumaha urang bisa ngabantu dulur saiman nu jadi pangungsi? (Tingali paragrap 11-13)

12, 13. (a) Bantuan naon nu langsung kapaké ku para pangungsi? (b) Caritakeun hiji pangalaman.

12 Teu kudu boga loba duit pikeun mantuan para pangungsi. Nu paling dibutuhkeun ku maranéhna téh waktu jeung perhatian urang. Contona, Sadérék bisa nunjukkeun carana maké angkutan umum atawa nunjukkeun tempat meuli dahareun nu séhat tur murah. Sadérék gé bisa nunjukkeun tempat meuli pakakas keur barang gawé atawa carana diajar kaahlian anyar sangkan bisa meunang duit. Nu pangpentingna, Sadérék bisa mantuan maranéhna sangkan betah di sidang nu anyar. Lamun bisa, tawarkeun pikeun mapagkeun maranéhna ka pasamoan. Sadérék ogé bisa ngajelaskeun carana ngawawar di daérah Sadérék, sarta maturan maranéhna dines.

13 Basa aya opat pangungsi nu ngora kénéh nepi ka hiji sidang, maranéhna dibéré bantuan ku sababaraha kokolot. Aya nu diajar nyupir, ngetik, jeung carana ngalamar gawé. Maranéhna gé diajar carana nyieun jadwal sangkan bisa miheulakeun dines ka Yéhuwa. (Gal. 6:10) Teu lila, opatanana jadi panaratas. Ku bantuan kokolot jeung upaya maranéhna pikeun ngudag cita-cita rohani, maranéhna jadi urang Kristen nu leuwih kuat jeung henteu jadi bagian dunya Sétan.

14. (a) Gogoda naon nu kudu disanghareupan ku para pangungsi? (b) Caritakeun hiji pangalaman.

14 Kawas urang Kristen séjénna, para pangungsi kudu nolak gogoda pikeun ngutamakeun harta banda ti batan sosobatan jeung Yéhuwa. * (Tingali catetan handap.) Lije jeung dulur-dulurna inget pentingna iman sakumaha nu geus diajarkeun ku bapana basa keur ngungsi. Maranéhna nyarita, ”Hiji-hiji, bapa téh miceunan barang nu teu penting, padahal babawaanana gé geus saeutik. Ahirna, bari némbongkeun kantong nu geus kosong, bapa imut jeung ngomong, ’Tah, ngan ieu nu urang butuhkeun!’”—Baca 1 Timoteus 6:8.

NYUMPONAN PANGABUTUH UTAMA PARA PANGUNGSI

15, 16. (a) Kumaha carana urang bisa nguatkeun iman dulur-dulur urang? (b) Kumaha carana urang méré dukungan émosi?

15 Para pangungsi teu ngan saukur butuh dahareun jeung pakéan, tapi ogé butuh panglilipur tina Alkitab jeung dukungan émosi. (Mat. 4:4) Para kokolot bisa méré bacaan dina basa maranéhna atawa ngontak sadérék-sadérék nu sarua basana. Ieu téh penting pisan lantaran para pangungsi geus ninggalkeun sagala nu geus dipikawanoh, jadi maranéhna sono ka kulawarga, lingkungan, jeung sidangna. Maranéhna perlu ngarasakeun lamun Yéhuwa jeung dulur-dulur saimanna nyaah ka maranéhna. Lamun henteu, maranéhna bakal néangan bantuan ti jalma-jalma nu salembur tapi teu nyembah ka Yéhuwa. (1 Kor. 15:33) Ku cara mantuan maranéhna sangkan betah di sidang, urang sabilulungan jeung Yéhuwa dina nyalindungan ”nu ngumbara”.​—Jab. 146:9.

16 Yésus jeung kulawargana moal bisa balik ka lemburna salila raja nu jahat masih kénéh ngawasa. Para pangungsi kiwari ogé aya nu teu bisa balik deui ka lemburna. Tapi, aya ogé nu embung balik. Lije ngajelaskeun yén loba kolot nu ningali anggota kulawargana diperkosa atawa dipaéhan di lemburna, arembungeun mawa barudakna balik deui ka ditu. Jadi, pikeun mantuan maranéhna, urang kudu ”sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean, silih elehan”. (1 Pet. 3:8.) Panganiayaan bisa nyababkeun para pangungsi embung campur gaul jeung batur. Maranéhna ngarasa éra lamun kudu nyaritakeun masalahna, komo lamun barudakna keur aya di dinya. Pék lenyepan, ’Lamun kuring ngalaman nu sarupa kitu, kuring hayang batur siga kumaha ka kuring?’​—Mat. 7:12.

NGAWAWAR KA PANGUNGSI NU LAIN SAKSI

17. Naon pangaruhna kagiatan pangwawaran urang ka para pangungsi?

17 Loba pangungsi asalna ti nagri nu ngalarang kagiatan Saksi. Tapi ayeuna, rébuan pangungsi éta bisa ngadéngé ”amanat hal Karajaan Sawarga” ti para Saksi nu sumanget ngawawar. (Mat. 13:19, 23) Loba jalma nu ngarasa ”beurat ku momotan” hirup narima panglilipur jeung bongbolongan tina pasamoan. Maranéhna ngomong, ”Sayaktosna, Allah aya di aranjeun!”​—Mat. 11:28-30; 1 Kor. 14:25.

18, 19. Kumaha urang bisa bijaksana dina ngawawar ka pangungsi?

18 Sing bijaksana jeung surti lamun ngawawar ka para pangungsi. (Mat. 10:16; Sil. 22:3) Déngékeun sing sabar lamun maranéhna keur nyarita, tapi ulah nepi ka ngabahas sual pulitik. Urang kudu nuturkeun pituduh ti kantor cabang jeung ti pamaréntah supaya teu ngabahayakeun diri sorangan jeung batur. Lantaran para pangungsi boga agama jeung budaya nu béda, urang kudu paham jeung ngajénan parasaan sarta pamikiran maranéhna. Contona, jalma-jalma ti sababaraha nagri boga pandangan nu béda ngeunaan cara papakéan awéwé. Jadi, lamun urang ngawawar ka maranéhna, urang moal bakal maké pakéan nu bisa nyieun maranéhna kasinggung.

19 Urang hayang mantuan jalma-jalma nu keur kasusahan, kaasup ka batur nu teu nyembah ka Yéhuwa. Ku kituna, urang nyonto tuladan urang Samaria dina misil Yésus. (Luk. 10:33-37) Cara panghadéna pikeun mantuan jalma-jalma nyaéta ngawawarkeun warta hadé. Saurang kokolot nu geus pernah mantuan loba pangungsi nyebutkeun yén alus lamun urang ti mimiti gé geus ngaku yén urang téh Saksi Yéhuwa. Urang kudu méré nyaho tujuan utama urang ka maranéhna nyaéta ngabagikeun harepan nu éndah tina Alkitab, lain méré bantuan matéri.

HASIL NU NGABAGJAKEUN

20, 21. (a) Naon hasilna lamun urang némbongkeun asih sajati? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Némbongkeun asih sajati ka ”nu ngumbara” bisa mawa hasil nu alus. Hiji sadérék istri nyaritakeun lamun kulawargana kudu ngungsi lantaran aya panganiayaan di Eritrea. Opat budakna kudu ngajugjug gurun keusik salila dalapan poé. Ahirna, maranéhna nepi ka Sudan. Sadérék éta nyarita, ”Sadérék-sadérék nganggap maranéhna siga kulawargana, méré dahareun, baju, imah, jeung ongkos. Saha deui nu daék narima urang deungeun di imah maranéhna lantaran nyembah ka Allah nu sarua? Ngan Saksi-Saksi Yéhuwa!”—Baca Yohanes 13:35.

21 Kumaha jeung barudak nu ngungsi bareng jeung kolotna? Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas carana urang bisa ngabantu kulawarga-kulawarga sangkan bagja ngawula ka Yéhuwa.

^ par. 2 Dina ieu artikel, kecap ”pangungsi” ngamaksudkeun jalma-jalma nu kapaksa kudu ninggalkeun imahna lantaran perang, musibat alam, atawa dikaniaya. Maranéhna kudu matuh di daérah séjén atawa di nagri deungeun. Badan PBB nu ngurus pangungsi, UNHCR, nyebutkeun yén 1 ti 113 jalma di dunya kapaksa kudu ninggalkeun imahna.

^ par. 6 Tingali artikel ”Berbaik Hatilah kepada Pendatang” dina Menara Pengawal Oktober 2016, kaca 8-12.

^ par. 11 Langsung sanggeus para pangungsi nepi, para kokolot kudu nuturkeun pituduh nu aya di buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yehuwa, kaca 87 paragrap 2. Pikeun ngontak sidang asal para pangungsi, kokolot bisa ngontak kantor cabang lokal ngagunakeun jw.org. Ku cara nu bijaksana, para kokolot bisa nanya ngeunaan sidang jeung palayanan saurang pangungsi sangkan nyaho karohanianana.

^ par. 14 Tingali artikel ”Tak Seorang Pun Dapat Melayani Dua Majikan” jeung ”Tabahlah—Yehuwa Penolong Saudara!” dina Menara Pengawal 15 April 2014, kaca 17-26.