Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Alesanana Urang Kudu Terus ”Baruahan Leubeut”

Alesanana Urang Kudu Terus ”Baruahan Leubeut”

”Kamulyaan Ama Kami bakal tembong lamun maraneh nu jadi dahan-dahan baruahan leubeut, sarta ku lantaran kitu maraneh jadi murid-murid Kami.”​—YOH. 15:8.

KAWIH: 53, 60

1, 2. (a) Naon nu dibahas Yésus jeung rasul-rasulna dina peuting saacan anjeunna maot? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Ku naon penting pikeun terus inget alesanana urang ngawawar? (c) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

DINA peuting saacanna Yésus maot, anjeunna ngobrol lila jeung para rasulna. Yésus ngayakinkeun yén anjeunna nyaah pisan ka maranéhna. Anjeunna ogé nyaritakeun misil ngeunaan tangkal anggur, nu geus dibahas dina artikel saacanna. Yésus mikahayang murid-muridna terus ”baruahan leubeut”, nyaéta sabar tawekal ngawawarkeun warta Karajaan.​—Yoh. 15:8.

2 Yésus teu saukur méré nyaho naon nu kudu dilakukeun, tapi ogé ngajelaskeun naon sababna maranéhna kudu ngalakukeun hal éta. Urang kudu inget alesanana urang terus ngawawar. Mikirkeun hal ieu bakal ngabantu urang pikeun sabar tawekal dina ’nguarkeun [warta Karajaan] ka sakuliah dunya’. (Mat. 24:13, 14) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat alesan urang terus ngawawar numutkeun Alkitab. Urang ogé bakal ngabahas opat kurnia ti Yéhuwa nu bisa ngabantu urang terus buahan.

URANG NGAMULYAKEUN YÉHUWA

3. (a) Numutkeun Yohanes 15:8, naon alesan nu pangpentingna urang ngawawar? (b) Buah anggur dina misil Yésus ngibaratkeun naon, sarta ku naon ibarat ieu téh cocog?

3 Alesan pangpentingna urang ngawawar téh lantaran hayang ngamulyakeun Yéhuwa jeung nyucikeun nami-Na. (Baca Yohanes 15:1, 8.) Waktu nyaritakeun misil ngeunaan tangkal anggur, Yésus ngibaratkeun Yéhuwa sabagé tukang kebon nu melak anggur. Yésus ngibaratkeun dirina sabagé tangkal anggur, murid-muridna sabagé dahan. (Yoh. 15:5) Jadi dina misil ieu, buah anggur ngibaratkeun buah nu dihasilkeun ku murid-murid Yésus, atawa kagiatan pangwawaran maranéhna. Yésus ngomong ka rasul-rasulna, ”Kamulyaan Ama Kami bakal tembong lamun maraneh nu jadi dahan-dahan baruahan leubeut.” Tangkal anggur nu ngahasilkeun buah nu hadé mawa kahormatan ka tukang kebonna. Sarupa kitu, ku cara satékah polah ngawawarkeun warta Karajaan, urang mawa kahormatan, atawa kamulyaan, ka Yéhuwa.​—Mat. 25:20-23.

Ku cara satékah polah ngawawar, urang mawa kahormatan ka Yéhuwa

4. (a) Kumaha urang bisa nyucikeun nami Allah? (b) Kumaha parasaan Sadérék ngeunaan kahormatan pikeun nyucikeun nami Allah?

4 Nami Allah geus suci. Urang teu bisa nyieun nami Allah leuwih suci deui. Jadi, kumaha urang bisa nyucikeun nami Allah waktu ngawawar? Perhatikeun naon nu disebutkeun ku Nabi Yésaya, ”Kami teh PANGERAN Nu Maha Kawasa, nu [kudu dianggap, Terjemahan Dunia Baru] suci.” (Yes. 8:13) Urang nyucikeun nami Allah, Yéhuwa, waktu urang nganggap nami éta nu pangagungna di antara ngaran-ngaran séjén sarta waktu urang ngabantu jalma-jalma paham yén nami Allah téh suci. (Mat. 6:9) Contona, waktu urang ngajarkeun bebeneran ngeunaan sipat-sipat hadé Yéhuwa sarta tujuan Mantenna sangkan manusa hirup langgeng di Pirdaus, urang ngabantu jalma-jalma paham yén tuduhan Sétan ka Yéhuwa téh bohong. (Kaj. 3:1-5) Urang ogé nyucikeun nami Yéhuwa waktu ngabantu jalma-jalma paham yén Yéhuwa ”layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa”. (Wahyu 4:11) Rune, nu geus naratas 16 taun, ngomong, ”Abdi nganuhunkeun pisan bisa jadi saksi ti Yéhuwa Nu Nyiptakeun jagat raya. Abdi jadi hayang terus ngawawar.”

URANG MIKANYAAH YÉHUWA JEUNG PUTRA-NA

5. (a) Numutkeun Yohanes 15:9, 10, naon alesan urang ngawawar? (b) Kumaha Yésus nandeskeun pentingna sabar tawekal?

5 Baca Yohanes 15:9, 10. Alesan kadua urang ngawawar téh lantaran urang mikanyaah Yéhuwa jeung Yésus. (Mar. 12:30; Yoh. 14:15) Yésus nitah murid-muridna sangkan ’tetep aya dina kanyaah anjeunna’. Naon sababna? Ku sabab anjeunna nyaho yén murid-muridna kudu sabar tawekal pikeun hirup sabagé urang Kristen sajati. Dina Yohanes 15:4-10, Yésus nepi ka sababaraha kali ngagunakeun kecap ”tetep” sangkan murid-muridna ngarti yén maranéhna kudu sabar tawekal.

6. Kumaha carana némbongkeun yén urang hayang tetep aya dina kanyaah Kristus?

6 Kumaha carana némbongkeun yén urang hayang tetep aya dina kanyaah Kristus sarta kamanah ku anjeunna? Ku cara taat ka anjeunna. Yésus teu saukur nitah, anjeunna gé némbongkeun kataatan. Ceuk anjeunna, ”Kami tetep dipikaasih ku Rama lantaran nurut kana timbalana-Na.” Yésus jadi tuladan keur urang.​—Yoh. 13:15.

7. Naon patalina kataatan jeung kanyaah?

7 Yésus ngajéntrékeun patalina kataatan jeung kanyaah, ”Sing saha anu narima jeung ngalampahkeun parentah-parentah Kami, eta tandaning nyaah ka Kami.” (Yoh. 14:21) Paréntah Yésus asalna ti Bapana, jadi waktu urang taat kana paréntah Yésus pikeun ngawawar, urang gé némbongkeun kanyaah ka Yéhuwa. (Mat. 17:5; Yoh. 8:28) Ku kituna, urang bakal dipikanyaah ku Yéhuwa jeung Yésus.

URANG MÉPÉLINGAN JALMA-JALMA

8, 9. (a) Naon alesan séjénna urang ngawawar? (b) Kumaha kekecapan Yéhuwa nu dicatet di Yeheskel 3:18, 19 jeung 18:23 ngabantu urang pikeun terus ngawawar?

8 Alesan katilu urang ngawawar téh lantaran urang hayang mépélingan jalma-jalma ngeunaan poé Yéhuwa. Dina Alkitab, Nuh disebut sabagé jalma nu ”sok ngelingan”. (Baca 2 Petrus 2:5.) Saacan Caah Gedé, warta nu diwawarkeun ku Nuh tangtu kaasup pépéling ngeunaan kabinasaan nu bakal datang. Ieu téh lantaran Yésus ngomong, ”Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal. Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.” (Mat. 24:38, 39) Loba jalma teu ngabandungan, tapi Nuh tetep satia dina nepikeun pépéling ti Yéhuwa.

9 Kiwari, urang ngawawarkeun warta Karajaan sangkan jalma-jalma boga kasempetan pikeun diajar kahoyong Allah keur manusa dina mangsa kahareup. Saperti Yéhuwa, urang hayang jalma-jalma ngabandungan warta ieu ”sangkan bisa hirup”. (Yeh. 18:23) Waktu ngawawar ti imah ka imah jeung di tempat umum, urang mépélingan saloba-lobana jalma yén Karajaan Allah bakal datang pikeun ngabinasakeun dunya nu jahat.​—Yeh. 3:18, 19; Dan. 2:44; Wahyu 14:6, 7.

URANG MIKANYAAH JALMA-JALMA

10. (a) Numutkeun Mateus 22:39, naon alesan urang ngawawar? (b) Kumaha Paulus jeung Silas mantuan kapala panjara di Pilipi?

10 Alesan kaopat urang terus ngawawar téh lantaran urang mikanyaah jalma-jalma. (Mat. 22:39) Kanyaah bisa ngabantu urang terus ngawawar ku sabab urang apal yén jalma-jalma bisa waé ngarobah sikepna waktu kaayaanana ogé barobah. Contona, Paulus jeung Silas dijebloskeun ka panjara ku jalma-jalma nu nentang maranéhna di kota Pilipi. Tapi kira-kira tengah peuting, aya lini nu nyababkeun panto-panto panjara mararuka. Kapala panjara nyangka yén para tahanan geus kalalabur, jadi manéhna rék maéhan manéh. Tapi, Paulus ngagorowok, ”Ulah waka maehan maneh!” Kapala panjara nanya, ”Kedah kumaha abdi teh supaya salamet?” Paulus jeung Silas méré nyaho, ”Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu anjeun salamet.”​—Ras. 16:25-34.

Urang ngawawar lantaran mikanyaah Yéhuwa, Yésus, jeung jalma-jalma (Tingali paragrap 5, 10)

11, 12. (a) Tina kisah kapala panjara, urang meunang palajaran naon ngeunaan pangwawaran? (b) Ku naon urang hayang terus ngawawar?

11 Tina kisah kapala panjara ieu, urang meunang palajaran naon ngeunaan pangwawaran? Perhatikeun yén kapala panjara ngarobah sikepna jeung ménta bantuan téh sanggeus aya lini. Kitu ogé, sababaraha jalma nu tadina teu daék narima warta Alkitab ngarobah sikepna tuluy néangan bantuan sanggeus ngalaman kasusah. Contona, sababaraha jalma ngadadak susah lantaran dipecat tina pagawéanana atawa pepegatan. Nu séjénna ngarasa sedih pisan waktu nyaho yén manéhna boga panyakit nu parna atawa waktu dikantunkeun ku jalma nu dipikanyaah. Waktu nyanghareupan masalah siga kieu, jalma-jalma bisa waé jadi mikirkeun arti kahirupan, nu teu kapikirkeun saacanna. Malahan, bisa jadi maranéhna mikir, ’Kedah kumaha abdi téh supaya salamet?’ Maranéhna jadi daék ngadéngékeun warta pangharepan sarta bisa jadi ieu téh nu mimiti keur maranéhna.

12 Jadi, lamun terus satia ngawawar, urang siap ngabantu jalma-jalma waktu maranéhna butuh panglilipur. (Yes. 61:1) Charlotte, nu geus naratas 38 taun, ngomong, ”Jalma-jalma ayeuna keur bararingung. Maranéhna kudu dibéré kasempetan pikeun ngadéngékeun warta hadé.” Ejvor, nu geus naratas 34 taun, ngomong, ”Dibandingkeun saacanna, kiwari leuwih loba jalma nu déprési. Abdi hayang pisan ngabantu maranéhna. Ieu ngageuing abdi pikeun ngawawar.” Jelas, mikanyaah jalma téh alesan nu kuat pikeun terus ngawawar!

KURNIA NU NGABANTU URANG SABAR TAWEKAL

13, 14. (a) Kurnia naon nu disebutkeun dina Yohanes 15:11? (b) Kumaha urang bisa bungah saperti Yésus? (c) Kumaha kabungah bisa ngabantu urang dina palayanan?

13 Dina peuting saacanna maot, Yésus nyebutkeun kurnia-kurnia nu bisa ngabantu para rasul tetep buahan. Kurnia naon waé éta téh, jeung kumaha kurnia-kurnia ieu ngabantu urang kiwari?

14 Kabungah. Naha ngawawar téh ngabeungbeurat urang? Henteu sama sakali. Sanggeus nyaritakeun misil ngeunaan tangkal anggur, Yésus ngomong yén waktu urang ngawawar, urang ngarasa bungah. (Baca Yohanes 15:11.) Ku naon bisa kitu? Inget yén dina misil Yésus, anjeunna ngibaratkeun dirina sabagé tangkal anggur, murid-muridna sabagé dahan. Dahan meunang cai jeung nutrisi lamun tetep napel kana tangkal anggur. Kitu ogé, lamun urang tetep ngahiji jeung Yésus sarta nuturkeun tuladan anjeunna, urang bisa tetep bungah saperti anjeunna lantaran geus ngalampahkeun kahoyong Allah. (Yoh. 4:34; 17:13; 1 Pet. 2:21) Hanne, nu geus naratas leuwih ti 40 taun, ngomong, ”Sanggeusna ngawawar, abdi ngarasa bungah. Hal ieu ngajurung abdi pikeun terus ngawula Yéhuwa.” Kabungah bisa nguatkeun urang pikeun terus ngawawar sanajan loba jalma teu daék ngadéngékeun.​—Mat. 5:10-12.

15. (a) Kurnia naon nu disebutkeun dina Yohanes 14:27? (b) Kumaha katengtreman bisa ngabantu urang terus buahan?

15 Kakertaan atawa katengtreman. (Baca Yohanes 14:27.) Dina peuting éta kénéh, Yésus ngomong ka para rasulna, ”Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami.” Kumaha katengtreman ti Yésus bisa ngabantu urang terus ngawawar? Lamun terus ngawawar, urang ngarasa tengtrem ku sabab apal urang keur nyukakeun manah Yéhuwa jeung Yésus. (Jab. 149:4; Rum 5:3, 4; Kol. 3:15) Ulf, nu geus naratas 45 taun, ngomong, ”Ngawawar téh capé, tapi abdi ngarasa sugema jeung boga tujuan nu pasti.” Puji sukur ka Yéhuwa sabab urang meunang katengtreman nu langgeng!

16. (a) Kurnia naon nu disebutkeun dina Yohanes 15:15? (b) Kumaha para rasul bisa tetep jadi sobat Yésus?

16 Sosobatan jeung Yésus. Sanggeus Yésus ngomong ka para rasulna yén anjeunna hayang maranéhna bungah, anjeunna ngajelaskeun pentingna némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. (Yoh. 15:11-13) Tuluy ceuk anjeunna, ”Maraneh ku Kami disebut sobat.” Nyobat jeung Yésus téh kurnia nu istiméwa! Tapi kumaha sangkan para rasul tetep jadi sobatna? Yésus ngajelaskeun, ”Maraneh lalumaku hirup leubeut ku buah.” (Baca Yohanes 15:14-16.) Ieu hartina maranéhna kudu terus ngawawar. Kira-kira dua taun saacanna, Yésus ngomong ka para rasulna, ”Embarkeun yen ’Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!’” (Mat. 10:7) Éta sababna, dina peuting saacanna maot, Yésus ngajurung murid-muridna pikeun terus ngawawar. (Mat. 24:13; Mar. 3:14) Mémang ngajalankeun paréntah ieu téh teu gampang, tapi maranéhna pasti bisa. Ku kituna, maranéhna tetep jadi sobat Yésus. Kumaha carana? Ku bantuan kurnia nu saterusna.

17, 18. (a) Kurnia naon nu disebutkeun dina Yohanes 15:7? (b) Kumaha kurnia ieu ngabantu para rasul? (c) Kurnia naon waé nu ngabantu urang kiwari?

17 Jawaban doa-doa urang. Ceuk Yésus, ”Nyuhunkeun naon bae oge tangtu dikabulkeun.” (Yoh. 15:7, 16) Para rasul tangtu ditegerkeun ku jangji Yésus ieu. * (Tingali catetan handap.) Maranéhna teu engeuh yén Yésus bakal maot poé éta kénéh. Sanajan Yésus maot, lain hartina maranéhna moal ditulungan. Yéhuwa siap ngajawab doa-doa maranéhna jeung ngabantu dina pangwawaran. Éta kabukti. Sanggeus Yésus maot, para rasul sasambat ka Yéhuwa nyuhunkeun kawani. Doa maranéhna diijabah.​—Ras. 4:29, 31.

Urang yakin yén Yéhuwa ngajawab doa urang waktu nyuhunkeun pitulung (Tingali paragrap 18)

18 Kitu ogé kiwari. Lamun urang terus ngawawar, urang bisa tetep jadi sobat Yésus. Urang gé yakin yén Yéhuwa siap ngajawab doa-doa urang waktu nyanghareupan tangtangan dina pangwawaran. (Pil. 4:13) Urang bungah pisan lantaran Yéhuwa ngajawab doa urang sarta urang bisa nyobat jeung Yésus. Kurnia-kurnia ieu nguatkeun urang pikeun terus buahan.​—Yak. 1:17.

19. (a) Naon waé alesan urang terus ngawawar? (b) Naon nu ngabantu urang ngaréngsékeun tugas ti Allah?

19 Dina ieu artikel, urang geus diajar opat alesan pikeun terus ngawawar: ngamulyakeun Yéhuwa jeung nyucikeun nami-Na, némbongkeun kanyaah ka Yéhuwa jeung Yésus, mépélingan jalma-jalma, jeung némbongkeun kanyaah ka jalma-jalma. Urang gé geus diajar ngeunaan opat kurnia: kabungah, katengtreman, sosobatan jeung Yésus, sarta jawaban doa. Kurnia-kurnia ieu nguatkeun urang pikeun ngaréngsékeun tugas ti Allah. Yéhuwa bungah pisan waktu ningali urang satékah polah ”baruahan leubeut”!

^ par. 17 Waktu ngobrol jeung para rasulna, Yésus sababaraha kali ngingetan yén Yéhuwa bakal ngajawab doa maranéhna.​—Yoh. 14:13; 15:7, 16; 16:23.