Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Yéhuwa Mikanyaah Jalma nu ”Baruahan Bari jeung Sabar Tawekal”

Yéhuwa Mikanyaah Jalma nu ”Baruahan Bari jeung Sabar Tawekal”

”Binih anu bener ninggangna kana taneuh lendo, . . . tahan hirup nepi ka bisa baruahan [”baruahan bari jeung sabar tawekal”, ”Terjemahan Dunia Baru” (NW)].”​—LUK. 8:15.

KAWIH: 68, 72

1, 2. (a) Naon pangaruhna waktu urang ningali dulur-dulur nu terus ngawawar di daérah sidangna sanajan loba nu teu daék ngadéngékeun? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Yésus ngomong naon ngeunaan ngawawar ”di lemburna” sorangan? (Tingali catetan handap.)

SERGIO JEUNG OLINDA téh pasangan panaratas ti Amerika Serikat. Umur maranéhna leuwih ti 80 taun. Ka dieunakeun, maranéhna hésé leumpang lantaran nyeri suku. Sanajan kitu, geus mangtaun-taun unggal jam tujuh isuk, maranéhna leumpang ka tempat nu ramé di kotana. Maranéhna cicing di deukeut halteu beus pikeun nawarkeun publikasi ka jalma-jalma nu ngaliwat. Loba jalma teu paduli, tapi Sergio jeung Olinda tetep matuh di dinya, jeung imut lamun aya nu nempo ka maranéhna. Sanggeus beurang, maranéhna balik ka imah. Isukna, nya kitu deui. Maranéhna ngawawar genep kali saminggu sapanjang taun.

2 Saperti Sergio jeung Olinda, aya loba dulur urang nu satia nu geus mangtaun-taun ngawawar di daérah sidangna sanajan loba jalma teu daék ngadéngékeun. Meureun Sadérék ogé ngawawar di daérah nu siga kitu. Sadérék layak dipuji ku sabab sabar tawekal jeung terus ngawawar sanajan teu gampang. * (Tingali catetan handap.) Sadérék geus méré conto ka loba dulur, kaasup ka nu geus pangalaman mangtaun-taun. Perhatikeun naon nu diomongkeun ku sababaraha pangawas wilayah: ”Waktu abdi dines bareng jeung dulur saiman nu satia, abdi ngarasa leuwih sumanget ningali conto maranéhna.” ”Kasatiaan maranéhna ngajurung abdi pikeun tawekal sarta wani dina palayanan abdi.” ”Conto maranéhna ngagedékeun haté abdi.”

3. Tilu pananya naon nu bakal dibahas dina ieu artikel, sarta naon sababna?

3 Artikel ieu bakal ngabahas tilu pananya: Naon sababna urang sakapeung ngarasa leutik haté? Naon nu dimaksud buahan téh? Naon nu bisa ngabantu urang sangkan tetep buahan bari jeung sabar tawekal? Jawaban tina pananya-pananya ieu bakal ngabantu urang terus ngajalankeun tugas ngawawar ti Yésus.

KU NAON URANG BISA LEUTIK HATÉ?

4. (a) Ku sabab ditampik ku loba urang Yahudi, kumaha parasaan Paulus? (b) Naon sababna?

4 Naha Sadérék pernah ngarasa leutik haté ku sabab jalma-jalma di daérah Sadérék teu daék ngadéngékeun warta Karajaan? Mun kitu, Sadérék pasti paham naon nu dirasakeun ku Rasul Paulus. Manéhna geus ngawawar kira-kira 30 taun, jeung ngabantu loba jalma jadi Kristen. (Ras. 14:21; 2 Kor. 3:2, 3) Tapi, teu loba urang Yahudi, nu sabangsa jeung manéhna, nu bisa dibantu jadi Kristen. Kalolobaanana mah nampik pangwawaran Paulus, malahan nganiaya manéhna. (Ras. 14:19; 17:1, 4, 5, 13) Kumaha parasaan Paulus? Ceuk manéhna, ”Sim kuring teh sedih kabina-bina, hate mani asa digerihan.” (Rum 9:1-3) Ku naon manéhna ngarasa kitu? Ku sabab manéhna mikasuka pangwawaran jeung mikanyaah jalma-jalma. Paulus bener-bener nyaah ka urang Yahudi jeung ngarasa sedih waktu maranéhna nampik welas asih Allah.

5. (a) Naon alesan urang terus ngawawar? (b) Ku naon wajar lamun urang sakapeung leutik haté?

5 Saperti Paulus, urang ngawawar ku sabab nyaah jeung hayang ngabantu jalma-jalma. (Mat. 22:39; 1 Kor. 11:1) Urang ngarasakeun sorangan yén ngawula Yéhuwa téh jalan hirup nu panghadéna. Ku kituna, urang hayang ngabantu maranéhna sangkan hirupna leuwih hadé! Éta alesan urang terus ngajurung maranéhna diajar bebeneran ngeunaan Yéhuwa jeung kahoyong-Na. Ieu téh saperti urang méré hadiah nu alus ka maranéhna terus ngomong, ’Mangga ieu ditampi.’ Jadi mun paméré urang ditampik, wajar lamun ’hate urang mani asa digerihan’ saperti Paulus. Urang sedih lain ku sabab kurang iman, tapi ku sabab urang nyaah ka jalma-jalma. Jadi sanajan urang sakapeung leutik haté, urang terus ngawawar. Urang satuju jeung Elena nu naratas leuwih ti 25 taun. Manéhna ngomong, ”Ngawawar téh pagawéan nu teu gampang. Tapi, ieu pagawéan nu panghadéna.”

NAON HARTINA BUAHAN TÉH?

6. Pananya naon nu bakal dibahas ayeuna?

6 Teu sual kumaha daérah pangwawaran urang, ku naon urang yakin yén palayanan urang tetep kamanah ku Yéhuwa? Pikeun ngajawab pananya penting ieu, hayu urang bahas dua misil Yésus nu nyebutkeun pentingna buahan. (Mat. 13:23) Misil nu kahiji ngeunaan tangkal anggur.

7. (a) Dina misil Yésus, saha nu diibaratkeun jadi ”tukang kebonna”, ”tangkal anggur”, jeung ”dahan-dahanna”? (b) Pananya naon nu kudu dijawab?

7 Baca Yohanes 15:1-5, 8Dina misil ieu, Yésus ngibaratkeun Yéhuwa sabagé ”tukang kebonna”, anjeunna sabagé ”tangkal anggur”, sarta murid-muridna sabagé ”dahan-dahanna”. * (Tingali catetan handap.) Tuluy Yésus ngomong ka rasul-rasulna, ”Kamulyaan Ama Kami bakal tembong lamun maraneh nu jadi dahan-dahan baruahan leubeut, sarta ku lantaran kitu maraneh jadi murid-murid Kami.” Jadi, naon hartina buahan? Dina misil ieu, Yésus teu ngajéntrékeun naon hartina buah, tapi anjeunna méré katerangan nu bisa ngabantu urang manggihan jawabanana.

8. (a) Dina misil Yésus, naon sababna ”buahan” téh lain hartina ngajadikeun murid anyar? (b) Yéhuwa masihan paréntah nu kawas kumaha?

8 Yésus ngomong, ”Unggal dahan Kami anu teu daekeun buahan ku Mantenna ditilas.” Ieu hartina, urang bisa jadi hamba Yéhuwa lamun urang buahan. (Mat. 13:23; 21:43) Jadi dina misil ieu, buahan téh lain hartina ngajadikeun murid anyar. (Mat. 28:19) Aya Saksi-Saksi nu satia nu teu pernah ngajadikeun murid lantaran euweuh nu minat. Naha éta hartina maranéhna téh siga dahan nu teu buahan? Henteu! Urang teu bisa maksa jalma jadi murid Yésus. Yéhuwa téh Allah nu nyaahan. Mantenna moal masihan paréntah nu teu bisa dijalankeun ku urang. Paréntah-Na pasti bisa dilampahkeun.​—Pam. 30:11-14.

9. (a) Kumaha urang bisa buahan? (b) Misil naon nu bakal dibahas saterusna?

9 Mun kitu, naon hartina buahan téh? Ieu pasti nu bisa dijalankeun ku urang kabéh. Tugas naon nu dipasihan Yéhuwa ka urang? Nguarkeun warta hadé Karajaan Allah. * (Tingali catetan handap.) (Mat. 24:14) Ieu jadi jelas dina misil Yésus ngeunaan jalma nu nebarkeun binih. Hayu urang bahas.

10. (a) Naon hartina binih jeung taneuh dina misil Yésus? (b) Naon nu dihasilkeun ku pelak gandum?

10 Baca Lukas 8:5-8, 11-15. Dina misil ngeunaan jalma nu nebarkeun binih, Yésus ngajelaskeun yén binih téh nyaéta ”pangandika Allah”, atawa warta Karajaan Allah. Taneuh nyaéta haté saurang jalma. Binih nu ragrag kana taneuh léndo bakal akaran, sirungan, jeung tumuwuh jadi hiji pepelakan. Tuluy, pepelakan éta ”baruahan jadi saratus kalieun”. Lamun pepelakan éta téh gandum, naha buahna téh pelak gandum deui? Lain, tapi binih-binih nu engkéna bakal tumuwuh jadi pelak gandum. Dina misil ieu, hiji binih bisa ngahasilkeun 100 binih. Naon palajaranana keur palayanan urang?

Kumaha urang bisa ”baruahan bari jeung sabar tawekal”? (Tingali paragrap 11)

11. (a) Urang meunang palajaran naon tina misil Yésus ieu? (b) Kumaha carana urang ngahasilkeun binih anyar?

11 Waktu kolot urang atawa Saksi séjén mimiti ngajarkeun Karajaan Allah, maranéhna téh ibarat keur melak hiji binih dina taneuh léndo. Maranéhna bungah waktu ningali urang narima bebeneran. Binih ieu terus tumuwuh nepikeun ka siap buahan. Saperti pelak gandum nu ngahasilkeun binih, lainna pelak gandum deui, urang ngahasilkeun binih anyar, lainna murid anyar. * (Tingali catetan handap.) Kumaha carana? Unggal nyaritakeun Karajaan Allah ka batur, urang keur ngagandakeun jeung nebarkeun binih nu geus dipelak dina haté urang. (Luk. 6:45; 8:1) Jadi, salila urang terus ngawawarkeun warta Karajaan Allah, éta hartina urang ”baruahan bari jeung sabar tawekal”.

12. (a) Naon palajaran tina misil Yésus ngeunaan tangkal anggur jeung jalma nu nebarkeun binih? (b) Kumaha parasaan Sadérék waktu nyaho kana hal éta?

12 Naon palajaran tina misil Yésus ngeunaan tangkal anggur jeung jalma nu nebarkeun binih? Urang diajar yén ”baruahan” téh teu gumantung kana didéngé henteuna warta urang. Éta gumantung kana kasatiaan urang dina ngawawar. Paulus pernah nyebutkeun hal nu sarua waktu ngomong, ”Masing-masing meunang buruhan anu saimbang jeung pagaweanana.” (1 Kor. 3:8, SF) Yéhuwa masihan ganjaran lantaran pagawéan urang, lain lantaran hasilna. Matilda nu geus naratas salila 20 taun ngomong, ”Abdi bungah pisan waktu nyaho yén Yéhuwa ngaberkahan upaya urang.”

KUMAHA URANG BISA BARUAHAN BARI JEUNG SABAR TAWEKAL?

13, 14. Numutkeun Rum 10:1, 2, naon sababna Paulus teu eureun ngawawar?

13 Naon nu bisa ngabantu urang ”baruahan bari jeung sabar tawekal”? Hayu urang tingali leuwih jelas conto Paulus. Urang apal yén Paulus ngarasa leutik haté ku sabab urang Yahudi nampik warta Karajaan. Sanajan kitu, Paulus teu eureun ngawawar ka maranéhna. Manéhna ngajelaskeun parasaanana, ”Pohara gedena kahayang sim kuring supaya bangsa sim kuring disalametkeun. Jeung sim kuring teh bener-bener neneda ka Allah, sangkan hal eta kajadian. Sim kuring wani nyebutkeun, maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah. Hanjakal ibadahna henteu nurutkeun pituduh anu bener.” (Rum 10:1, 2) Jadi, ku naon Paulus terus ngawawar?

14 Kahiji, ”pohara gedena kahayang” Paulus pikeun ngawawar ka urang Yahudi. Manéhna hayang pisan urang Yahudi disalametkeun. (Rum 11:13, 14) Kadua, manéhna ”bener-bener neneda ka Allah”. Paulus sasambat ka Yéhuwa sangkan aya urang Yahudi nu narima warta Karajaan. Katilu, ceuk Paulus, ”Maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah.” Paulus ningali kahadéan maranéhna jeung nganggap maranéhna bisa jadi hamba Yéhuwa. Manéhna nyaho yén urang Yahudi nu getol ibadah bisa jadi murid Kristus nu getol ogé, saperti manéhna.

15. Kumaha urang bisa nyonto Paulus? Béré contona.

15 Kumaha urang bisa nyonto Paulus? Kahiji, urang kudu bener-bener hayang néangan jalma nu daék diajar. Kadua, urang bisa sasambat ka Yéhuwa sangkan jalma-jalma daék ngadéngékeun. (Ras. 16:14) Ieu nu dilakukeun ku Silvana, nu geus naratas ampir 30 taun. Ceuk manéhna, ”Saacan ngawawar ka hiji imah di daérah abdi, abdi ngadoa ka Yéhuwa sangkan boga sikep nu positif.” Urang gé bisa ngadoa sangkan malaikat ngabantu urang manggihan jalma-jalma nu daék ngadéngékeun. (Mat. 10:11-13; Wahyu 14:6) Robert, nu geus naratas leuwih ti 30 taun, ngomong, ”Kacida resepna digawé sabilulungan jeung malaikat nu apal kaayaan nu boga imah.” Katilu, urang ngupayakeun ningali kahadéan ti unggal jalma jeung nganggap manéhna bisa jadi hamba Yéhuwa. Carl, kokolot nu dibaptis leuwih ti 50 taun, ngomong, ”Abdi merhatikeun hal-hal leutik nu nyirikeun yén hiji jalma boga minat, saperti imutna, kasoméahanana, atawa pananyana.” Lamun urang ogé ngalakukeun ieu, urang bisa ”baruahan bari jeung sabar tawekal” sakumaha Paulus.

ULAH EUREUN!

16, 17. (a) Urang diajar naon ti Pandita 11:6? (b) Naon pangaruh pangwawaran urang ka jalma-jalma nu merhatikeun urang?

16 Urang kudu inget yén pangwawaran urang mawa pangaruh ka jalma-jalma sanajan katingalina euweuh nu ngadéngékeun. (Baca Pandita 11:6.) Urang téh diperhatikeun ku batur. Maranéhna merhatikeun yén urang téh sopan, soméah, jeung rapih papakéanana. Maranéhna bisa jadi kataji, jeung bisa waé jalma nu boga pamikiran goréng ngeunaan urang ahirna sadar yén manéhna téh salah. Sergio jeung Olinda ngalaman hal ieu.

17 Ceuk Sergio, ”Lantaran gering, abdi duaan teu datang ka tempat biasa. Waktu datang deui, nu ngaraliwat nanyakeun, ’Ka mana waé? Mani sono.’” Bari imut, Olinda nambahkeun, ”Sababaraha supir beus ngagupayan ka abdi duaan, aya ogé nu ngagorowok, ’Hadé euy!’ Malahan aya nu ménta majalah urang.” Sergio jeung Olinda reuwas tur bungah waktu aya saurang lalaki nu nyampeurkeun rak kasaksian sarta méré kembang jeung nganuhunkeun kana upaya maranéhna.

18. Ku naon Sadérék boga tékad pikeun ”baruahan bari jeung sabar tawekal”?

18 Lamun urang teu eureun, tapi terus ngawawarkeun warta Karajaan Allah, urang milu ’nguarkeunana ka sakuliah dunya’. (Mat. 24:14) Nu pangpentingna, Sadérék bisa ngarasa bagja ku sabab nyaho yén Sadérék geus nyukakeun manah Yéhuwa. Mantenna mikanyaah saha waé nu ”baruahan bari jeung sabar tawekal”!

^ par. 2 Yésus gé ngomong yén ngawawar ”di lemburna” sorangan téh teu gampang. Ieu dicatet dina opat Injil.​—Mat. 13:57; Mar. 6:4; Luk. 4:24; Yoh. 4:44.

^ par. 7 Dahan dina misil Yésus ngamaksudkeun urang Kristen nu boga harepan hirup di sawarga, tapi sakabéh hamba Allah bisa meunang palajaran tina misil ieu.

^ par. 9 Istilah ”buahan” bisa boga harti ngahasilkeun ’buah padamelan roh’. Tapi, nu dibahas dina artikel ieu jeung nu saterusna téh nyaéta ngahasilkeun ”lisan biwir [”buah biwir”, NW, catetan handap.]” atawa nguarkeun warta Karajaan Allah.​—Gal. 5:22, 23, Sunda Formal (SF); Ibr. 13:15.

^ par. 11 Dina kasempetan séjén, Yésus ngagunakeun kagiatan melak jeung ngala pikeun ngibaratkeun kagiatan ngajadikeun murid.​—Mat. 9:37; Yoh. 4:35-38.