Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Budak Ngora—Sing Pengkuh Ngalawan Iblis

Budak Ngora—Sing Pengkuh Ngalawan Iblis

”Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.”​—EPE. 6:11.

KAWIH: 79, 140

1, 2. (a) Naon sababna budak ngora Saksi bakal meunang ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Naon nu bakal dibahas ayeuna?

URANG KRISTEN disaruakeun jeung prajurit ku Rasul Paulus. Mémang urang keur perang, musuhna gé aya! Perangna lain ngalawan jalma, tapi ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat. Geus rébuan taun maranéhna merangan manusa, jadi geus jago pisan. Katingalina, moal mungkin urang bisa meunang, komo deui lamun urang ngora kénéh. Naha bisa budak ngora meunang ngalawan musuh ieu? Tangtu, maranéhna bakal meunang! Ku naon? Sabab maranéhna narima kakuatan ti Yéhuwa. Salian ti éta, saperti prajurit nu geus kalatih, maranéhna maké sakabéh ”pakarang-pakarang ti Allah” sangkan siap tempur.​—Baca Epesus 6:10-12.

2 Waktu Paulus ngibaratkeun hal ieu, bisa jadi manéhna keur ngabayangkeun pakarang perang nu dipaké ku prajurit Rum. (Ras. 28:16) Hayu urang bahas ibarat ieu. Urang gé bakal ngabahas naon nu dicaritakeun sababaraha budak ngora ngeunaan tangtangan jeung mangpaatna maké kabéh pakarang perang urang.

Naha hidep maké sakabéh pakarang perang ti Allah?

SABUK BEBENERAN

3, 4. Kumaha bebeneran Alkitab disaruakeun jeung sabuk nu dipaké ku prajurit Rum?

3 Baca Epesus 6:14 tina catetan handap. * Sabuk nu dipaké ku prajurit Rum aya pelat-pelat logamna pikeun nyalindungan cangkéng sarta sangkan baju keréna teu obah. Dina sababaraha sabuk, aya cantélan nu kuat keur nyantélkeun pedang jeung péso belati. Waktu sabukna dipageuhan dina cangkéng, saurang prajurit geus siap perang.

Bebeneran ti Firman Allah nyalindungan urang ti pangajaran palsu

4 Saperti sabuk, bebeneran Firman Allah bisa nyalindungan urang ti pangajaran palsu. (Yoh. 8:31, 32, Sunda Formal; 1 Yoh. 4:1) Lamun urang beuki nyaah ka bebeneran Firman Allah, urang leuwih gampang ngalarapkeun papakon Allah, nu diibaratkeun maké ’baju kere’. (Jab. 111:7, 8; 1 Yoh. 5:3) Kitu deui, lamun urang leuwih paham kana bebeneran, urang jadi leuwih siap ngabéla bebeneran ieu ti musuh urang.​—1 Pet. 3:15.

5. Ku naon urang kudu terus ngomong bener?

5 Lantaran bebeneran ti Firman Allah téh penting keur urang, urang daék taat kana paréntah Alkitab jeung salawasna jujur. Kabohongan téh salah sahiji senjata ampuh Sétan. Kabohongan bisa ngaruksak diri sorangan jeung batur. (Yoh. 8:44) Sanajan teu sampurna, urang kudu sabisa-bisa jujur. (Epe. 4:25) Bisa jadi ieu téh teu gampang. Ceuk Abigail, nu umurna 18 taun, ”Sakapeung, asa rugi mun ngomong jujur téh, komo lamun ngabohong bisa ngaleupaskeun urang tina masalah.” Jadi, ku naon manéhna terus ngupayakeun ngomong jujur? Ceuk manéhna, ”Lamun abdi jujur, haté sanubari jadi bersih. Abdi dipercaya ku kolot jeung babaturan.” Ceuk Victoria, 23 taun, ”Waktu ngomong jujur jeung ngabéla kapercayaan urang, bisa jadi urang ditindes. Sanajan kitu, urang pasti meunang mangpaat: Urang jadi leuwih wani, leuwih raket jeung Yéhuwa, sarta diajénan ku jalma-jalma nu mikanyaah urang.” Naha hidep bisa ningali pentingna terus maké sabuk bebeneran?

Sabuk bebeneran (Tingali paragrap 3-5)

BAJU KERÉ MANGRUPA LAKU LAMPAH NU BENER

6, 7. Naon sababna papakon Yéhuwa bisa disaruakeun jeung baju keré?

6 Baju keré prajurit Rum biasana dijieun tina pelat-pelat beusi nu dipelengkungkeun ngepas jeung dada. Pelat-pelat éta disambungkeun ku tali kulit nu aya géspérna tina logam. Taktakna ogé ditutupan ku pelat-pelat beusi nu disambungkeun ku tali kulit. Ku sabab maké baju keré, prajurit teu bébas gerakna. Manéhna ogé kudu sering mariksa sangkan sambungan pelat-pelatna teu lalogor. Tapi, baju keré nyalindungan jantung jeung organ séjénna ti pedang atawa panah!

Urang moal bisa nyalindungan haté ku kanyaho sorangan

7 Papakon nu bener ti Yéhuwa bisa disaruakeun jeung baju keré lantaran nyalindungan ”haté” atawa batin urang. (Sil. 4:23, NW) Saurang prajurit moal ngaganti pelat beusi baju keréna ku bahan logam séjén nu teu pati kuat. Kitu ogé, urang moal ngaganti papakon Yéhuwa ngeunaan nu bener ku pamikiran urang sorangan. Urang moal bisa nyalindungan haté urang ku kanyaho sorangan. (Sil. 3:5, 6) Éta sababna, urang kudu terus mariksa yén ’baju kere’ masih kénéh nyalindungan haté urang.

8. Ku naon urang kudu taat ka papakon Yéhuwa?

8 Naha sakapeung hidep ngarasa teu bébas jeung teu bisa ngalakukeun nu dipikaresep lantaran diwatesan ku papakon Yéhuwa? Ceuk Daniel, 21 taun, ”Guru jeung babaturan sakelas sok ngaléléwé sabab abdi nuturkeun papakon Alkitab. Abdi pernah ngarasa sedih pisan jeung teu percaya diri.” Tapi, ayeuna kumaha? Ceuk manéhna, ”Ayeuna abdi paham mangpaatna nuturkeun papakon Yéhuwa. Aya babaturan nu maké narkoba, aya ogé nu dikaluarkeun ti sakola. Abdi sedih ningali babaturan téh hirupna jadi ruksak. Yéhuwa bener-bener nyalindungan urang.” Madison, 15 taun, ngomong, ”Teu gampang pikeun nuturkeun papakon Yéhuwa jeung teu pipilueun kana naon nu dipikaresep ku batur sapantaran.” Tuluy, naon nu dilakukeun ku manéhna? ”Abdi inget yén abdi téh nyandang nami Yéhuwa, yén gogoda téh cara Sétan nyerang abdi. Waktu abdi bisa nolak gogoda, rasana mani bungah.”

Baju keré mangrupa laku lampah nu bener (Tingali paragrap 6-8)

SAPATU MANGRUPA KADAÉK NGAMASHURKEUN INJIL

9-11. (a) Naon sapatu kiasan nu dipaké ku urang Kristen? (b) Naon nu ngabantu urang sangkan leuwih yakin waktu ngawawar?

9 Baca Epesus 6:15. Prajurit Rum moal indit perang lamun teu maké sapatu. Sol sapatuna téh dijieun tina kulit tilu lapis, jadi kuat pisan tapi ogé ngeunaheun dipakéna. Ku kituna, éta prajurit moal asa-asa leumpangna jeung moal tiseureuleu.

10 Sapatu prajurit Rum dipaké keur perang, ari sapatu kiasan urang mah dipaké keur ngawawarkeun warta ”hal pitengtremeun”. (Yes. 52:7; Rum 10:15) Sanajan kitu, urang kudu gedé kawani. Ceuk Bo, 20 taun, ”Baheula abdi sieun méré kasaksian ka batur sakelas. Abdi sok éra. Tapi mun diinget-inget deui, naha bet kudu éra, ayeuna mah abdi bungah bisa méré kasaksian ka babaturan.”

11 Loba budak ngora Saksi ngarasa leuwih yakin méré kasaksian lamun geus disiapkeun saacanna. Naon nu kudu disiapkeun? Julia, 16 taun, ngomong, ”Abdi osok mawa publikasi ka sakola. Abdi ogé ngadéngékeun heula pandangan jeung kapercayaan batur. Tuluy, abdi bisa mikirkeun naon nu cocog. Mun geus siap, kakara abdi nyaritakeun naon nu bisa ngabantu maranéhna.” Ceuk Makenzie, 23 taun, ”Mun urang bageur jeung daék ngadéngékeun, urang bisa nyaho naon nu keur dialaman ku babaturan. Abdi ogé kudu maca heula sakabéh publikasi ngeunaan budak ngora. Ku kituna, abdi bisa nunjukkeun bahan nu bisa ngabantu maranéhna tina Alkitab atawa jw.org.” Persiapan nu hadé saméméh ngawawar téh saperti maké ”sapatu” nu pas jeung ngeunaheun.

Sapatu mangrupa kadaék ngamashurkeun Injil (Tingali paragrap 9-11)

TAMÉNG KAPERCAYAAN

12, 13. Naon waé ”panah-panah seuneu” Sétan téh?

12 Baca Epesus 6:16. Prajurit Rum ogé mawa taméng pasagi panjang nu gedé. Taméng ieu bisa nutupan taktak nepikeun ka tuur sarta nyalindungan awak ti serangan pedang, tumbak, jeung panah.

13 Naon ”panah-panah seuneu” Sétan téh? Bisa jadi ieu mangrupa kabohongan-kabohongan ngeunaan Yéhuwa, misalna Yéhuwa teu nyaah jeung teu paduli ka hidep. Ceuk Ida, 19 taun, ”Sakapeung, abdi teu ngarasa deukeut jeung Yéhuwa, sarta ngarasa Mantenna embung jadi Sobat abdi.” Naon nu dilakukeun manéhna waktu ngarasa kitu? ”Datang ka pasamoan nguatkeun iman abdi. Baheula abdi mah ngan saukur diuk, tara méré koméntar da rarasaan mah batur gé moal ngadéngékeun. Tapi ayeuna, abdi nyiapkeun bahan pasamoan jeung méré koméntar dua atawa tilu kali. Mémang teu gampang, tapi abdi ngarasa bungah unggal ngalakukeunana. Dulur-dulur saiman gé nguatkeun abdi. Unggal balik masamoan, abdi ngarasa Yéhuwa nyaah ka abdi.”

14. Urang diajar naon ti pangalaman Ida?

14 Taméng prajurit ukuranana moal robah. Tapi tina pangalaman Ida, urang diajar yén iman mah bisa ngagedéan atawa ngaleutikan, ogé bisa jadi beuki kuat atawa beuki lemah. Éta mah pilihan. (Mat. 14:31; 2 Tes. 1:3) Urang bisa disalindungan ku taméng kapercayaan lamun iman urang beuki gedé jeung kuat!

Taméng kapercayaan (Tingali paragrap 12-14)

BALAKUTAK KASALAMETAN

15, 16. Ku naon harepan disaruakeun jeung balakutak?

15 Baca Epesus 6:17. Balakutak atawa hélem prajurit Rum bisa nyalindungan sirah, beuheung, jeung beungeut. Biasana dina hélem téh aya cecekelanana supaya bisa digiwing.

16 Saperti balakutak nu nyalindungan uteuk prajurit, harepan kasalametan ogé nyalindungan pikiran urang. (1 Tes. 5:8; Sil. 3:21) Harepan ngabantu urang terus mikirkeun jangji Allah sarta teu jadi leutik haté waktu aya masalah. (Jab. 27:1, 14; Ras. 24:15) Tapi supaya bisa nyalindungan urang, harepan téh kudu nyata. Urang kudu maké ”balakutak” dina sirah, tong digigiwing!

17, 18. (a) Kumaha carana Sétan nipu urang sangkan ngaleupaskeun balakutak? (b) Kumaha carana sangkan urang teu katipu ku Sétan?

17 Sétan bisa nipu urang sangkan ngaleupaskeun balakutak. Kumaha carana? Pikirkeun gogoda Sétan ka Yésus. Sétan apal yén Yésus téh bakal jadi pangawasa manusa. Tapi saacanna, Yésus kudu sangsara tuluy maot. Geus kitu, Yésus kudu ngadagoan heula nepi ka dijadikeun Raja ku Yéhuwa. Jadi, Sétan ngagoda Yésus supaya teu kudu lila ngadagoan. Anjeunna bisa langsung jadi pangawasa dunya asal daék nyembah Sétan sakali waé. (Luk. 4:5-7) Sétan ogé apal yén Yéhuwa jangji bakal masihan hal-hal nu éndah di dunya anyar. Tapi, urang kudu ngadagoan jangji éta bari kudu nyanghareupan loba masalah. Jadi, Sétan nawarkeun kasenangan-kasenangan dunya ayeuna ogé. Manéhna hayang urang miheulakeun kasenangan pribadi ti batan Karajaan Allah.​—Mat. 6:31-33.

18 Loba barudak ngora teu katipu ku gogoda Sétan. Contona, Kiana nu umurna 20 taun, ngomong, ”Abdi apal yén ngan Karajaan Allah nu bisa ngaréngsékeun kabéh masalah urang.” Naon pangaruhna harepan ieu kana pamikiran jeung kahirupanana? Éta ngabantu manéhna inget yén sagala hal di dunya ieu téh ngan saheulaanan. Jadi, ti batan ngungudag kariér di dunya ieu, Kiana ngagunakeun waktu jeung tanagana pikeun ngawula Yéhuwa.

Balakutak kasalametan (Tingali paragrap 15-18)

PEDANG FIRMAN ALLAH

19, 20. Kumaha urang bisa tarampil ngagunakeun Firman Allah?

19 Pedang nu dipaké ku prajurit Rum téh panjangna kira-kira satengah méter. Prajurit bisa jago ngagunakeun pedang ku sabab latihan unggal poé.

20 Rasul Paulus nyebutkeun yén Firman Allah téh ibarat pedang. Ieu téh pamasihan Yéhuwa. Tapi, urang kudu latihan sangkan tarampil ngagunakeunana pikeun ngabéla kapercayaan urang atawa ngarobah cara pikir urang. (2 Kor. 10:4, 5; 2 Tim. 2:15) Kumaha carana? Sebastian, 21 taun, nyarita, ”Unggal maca hiji pasal Alkitab, abdi milih hiji ayat nu tuluy dicatet. Ieu jadi kumpulan ayat karesep abdi.” Manéhna jadi leuwih paham kana cara pikir Yéhuwa. Ceuk Daniel ogé, ”Waktu maca Alkitab, abdi osok mikirkeun ayat mana nu cocog pikeun dines. Abdi ngarasa jalma-jalma jadi leuwih gampang narima lamun ningali urangna resep kana Alkitab sarta iklas mantuan maranéhna.”

Pedang Firman Allah (Tingali paragrap 19-20)

21. Ku naon urang teu kudu sieun ka Sétan jeung roh-roh jahat?

21 Tina conto-conto barudak ngora dina artikel ieu, urang diajar yén urang téh teu kudu sieun ka Sétan jeung roh-roh jahat. Mémang maranéhna téh karuat, tapi Yéhuwa mah jauh leuwih kuat. Maranéhna ogé moal aya salilana. Dina Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus, maranéhna bakal dipanjarakeun jeung teu bisa nyilakakeun manusa. Sanggeus éta, maranéhna bakal dibinasakeun. (Wahyu 20:1-3, 7-10) Urang apal ka musuh urang, jiret-jiretna, jeung tujuanana. Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa pengkuh ngalawan manéhna!

^ par. 3 Epesus 6:14, Terjemahan Dunia Baru (NW): ”Jadi, ngadeg sing pengkuh, disabuk ku bebeneran nu mageuhan cangkéng, dibaju-keré ku laku lampah nu bener.”