Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Mimitina Miskin, Tungtungna Beunghar

Mimitina Miskin, Tungtungna Beunghar

Abdi lahir di imah kai nu ngan boga hiji rohangan di kota leutik Liberty, Indiana, AS. Kolot abdi geus boga hiji budak lalaki jeung dua budak awéwé basa abdi lahir. Ka dieunakeun, pun biang ngalahirkeun dua adi lalaki jeung hiji adi awéwé.

Imah tempat abdi dilahirkeun

TEU loba parobahan salila abdi sakola. Babaturan sakola ti mimiti asup nepi ka lulus ngan éta-éta kénéh. Abdi apal ngaran kalolobaan jalma di kota ieu, maranéhna ogé apaleun ka abdi.

Abdi boga genep adi lanceuk, sarta ti ngongora abdi diajar ngurus kebon

Kota Liberty téh dikurilingan ku pakebonan, biasana dipelakan jagong. Waktu abdi lahir, pun bapa téh buruh tani. Abdi gé diajar nyupiran traktor sarta ngurus kebon basa keur rumaja.

Pun bapa geus kolot basa abdi lahir. Umur bapa 56 taun, ibu 35 taun. Tapi, pun bapa kuat jeung séhat. Anjeunna getol digawé sarta ngajarkeun éta ogé ka barudakna. Anjeunna tara boga loba duit, tapi nyadiakeun imah, papakéan, jeung cukup dahar keur abdi sadaya. Anjeunna gé boga waktu keur kulawargana. Pun bapa ngantunkeun umur 93 taun, pun biang ngantunkeun umur 86 taun. Duanana teu ngawula Yéhuwa. Tapi, adi lalaki abdi jadi kokolot nu satia ti taun 1972.

KAHIRUPAN RUMAJA ABDI

Pun biang téh getol ibadah. Unggal Minggu, anjeunna sok ngajak barudakna ka Garéja Baptis. Waktu umur 12 taun, abdi kakara ngadéngé pangajaran Tritunggal. Jadi abdi nanyakeun ka pun biang, ”Kumaha bisa Yésus jadi Putra sakaligus jadi Bapa?” Abdi inget jawaban anjeunna, ”Jang, éta rasiah Gusti. Urang moal bisa ngarti.” Mémang bener, abdi teu ngarti. Sanajan kitu, abdi dibaptis umur 14 taun dina susukan di daérah abdi. Abdi diteuleumkeun tilu kali, hiji keur Bapa, hiji keur Putra, jeung hiji deui keur roh suci!

1952—Umur 17 taun, saméméh jadi tentara

Basa di SMA, hiji batur abdi téh tukang tinju, manéhna ngajak abdi miluan. Jadi, abdi milu latihan, jeung jadi anggota organisasi tinju Golden Gloves. Abdi teu pati jago, jadi teu lila abdi eureun. Ka dieunakeun, abdi miluan dines militer Amerika jeung dikirim ka Jerman. Di ditu, para komandan ngirim abdi ka sakola militér sabab ceuk maranéhna, abdi bisa jadi pamingpin nu hadé. Maranéhna hayang abdi boga kariér di militér. Tapi, abdi embung. Jadi taun 1956, sanggeus dua taun ngajalankeun tugas, abdi kaluar ti militér. Tapi teu lila, abdi ngagabung jeung pasukan séjén.

1954-1956—Dua taun abdi jadi tentara AS

HIRUP ANU ANYAR

Saacan diajar bebeneran, abdi boga pandangan nu salah ngeunaan lalaki sajati. Abdi kapangaruhan ku film jeung jalma-jalma di sakurilingeun. Abdi mikir, lalaki nu osok nyaritakeun Alkitab téh teu gagah. Tapi, abdi diajar sababaraha hal nu ngarobah kahirupan. Hiji poé, waktu abdi keur nyupiran mobil beureum nu alus, dua awéwé ngora ngagupayan supaya abdi nyampeurkeun. Maranéhna téh adi ti lanceuk ipar. Duanana Saksi Yéhuwa. Abdi pernah narima majalah Watchtower jeung Awake!, tapi abdi teu pati ngarti eusi majalah The Watchtower. Harita, maranéhna rék ngondang abdi ka Palajaran Buku Sidang, pasamoan leutik pikeun diajar jeung diskusi Alkitab di imah maranéhna. Abdi ngomong yén rék mikir-mikir heula. Bari imut, maranéhna ngomong, ”Jangji nya?” Ceuk abdi, ”Enya lah.”

Abdi hanjakal geus jangji, tapi teu hayang jalir. Jadi, peuting éta abdi datang. Abdi kataji ningali barudak di ditu. Abdi tajub maranéhna apal kana Alkitab! Sanajan ti leuleutik indit ka garéja unggal minggu, abdi teu nyaho nanaon ngeunaan Alkitab. Abdi jadi hayang diajar leuwih loba, ku kituna abdi daék diajar Alkitab. Salah sahiji nu diajarkeun mimiti ka abdi téh nyaéta nami Allah nu Mahakawasa, Yéhuwa. Mangtaun-taun saacanna, abdi nanyakeun ngeunaan Saksi Yéhuwa ka pun biang, anjeunna ngan saukur ngomong, ”Oh, maranéhna téh ibadah ka aki-aki nu ngaranna Yéhuwa.” Tapi, ayeuna pikiran abdi asa kabuka!

Abdi gancang nyieun kamajuan sabab apal abdi geus manggihan bebeneran. Dina Maret 1957, salapan bulan sanggeus abdi datang ka pasamoan, abdi dibaptis. Sikep abdi barobah. Abdi bungah sabab geus diajar tina Alkitab kawas kumaha lalaki sajati téh. Yésus lalaki nu sampurna. Anjeunna kuat jeung boga kawasa, leuwih ti lalaki mana waé. Tapi, anjeunna tara gelut. Sabalikna, anjeunna réla ”dikaniaya” sakumaha nu geus dinubuatkeun. (Yes. 53:2, 7) Abdi diajar yén murid Yésus anu sajati kudu lemah lembut ka sasaha.​—2 Tim. 2:24.

Abdi jadi panaratas taun hareupna, nyaéta taun 1958. Tapi teu lila, abdi kudu eureun heula. Ku naon? Lantaran abdi rék kawin jeung Gloria, salah sahiji ti dua awéwé nu ngondang abdi ka Palajaran Buku Sidang! Abdi teu pernah kaduhung. Basa éta, Gloria téh siga permata, ayeuna gé masih tetep kitu. Keur abdi, manéhna leuwih unggul ti permata nu pangalusna. Abdi bagja jadi salakina! Ieu carita manéhna ngeunaan dirina:

”Abdi boga 16 adi lanceuk. Pun biang téh Saksi Yéhuwa nu satia, tapi ngantunkeun basa abdi umur 14 taun. Sanggeus éta, kakara pun bapa diajar Alkitab. Lantaran teu aya nu ngurus barudak, pun bapa ménta idin ka kapala sakola sangkan abdi jeung lanceuk abdi nu téréh lulus SMA bisa selang-seling asup sakolana. Ku kituna, salah saurang bisa tetep aya di imah pikeun ngurus adi-adi jeung nyiapkeun dahareun keur sakulawarga waktu bapa balik gawé. Kapala sakola satuju. Ieu terus lumangsung nepi ka lanceuk abdi lulus. Dua kulawarga Saksi ngajarkeun Alkitab ka abdi sadaya, jeung aya 11 budak nu ahirna jadi Saksi. Sanajan éraan, abdi resep ngawawar. Sam terus mantuan abdi.”

Abdi kawin jeung Gloria bulan Pébruari 1959. Mani resep pisan naratas babarengan. Dina bulan Julina, abdi duaan ngalamar pikeun digawé di Bétel. Abdi duaan hayang pisan ngawula di kantor pusat. Sadérék Simon Kraker, nu harita ngawula di Bétel, ngawawancara abdi. Manéhna ngajelaskeun yén di Bétel teu aya lowongan keur salaki pamajikan. Tetep wé abdi duaan hayang ngawula di Bétel, tapi éta kakara kawujud puluhan taun sanggeusna.

Abdi duaan nulis surat ka kantor pusat ménta dikirim ka daérah nu leuwih butuh pawarta. Piliheunana ngan hiji: Pine Bluff, Arkansas. Harita ngan aya dua sidang di dinya. Nu hiji pikeun pawarta kulit bodas, nu hijina deui pikeun pawarta kulit hideung. Abdi dikirim ka sidang kulit hideung nu pawartana ngan aya 14.

TANGTANGAN LANTARAN RASISME

Sadérék bisa jadi héran ku naon Saksi Yéhuwa misah-misahkeun sidang pikeun nu kulit bodas jeung nu kulit hideung. Ku sabab harita euweuh piliheun. Lamun ngariung babarengan, misalna di tempat ibadah, éta téh ngalanggar hukum jeung bisa ngabalukarkeun panganiayaan. Di loba tempat, sadérék-sadérék sieun Balé Karajaanana bakal diancurkeun lamun nu béda warna kulit masamoan bareng. Ieu pernah kajadian. Lamun Saksi kulit hideung ngawawar ka imah-imah jalma kulit bodas, maranéhna bisa ditéwak malahan digebugan. Jadi, sangkan bisa terus ngawawar, urang kudu taat hukum jeung miharep kaayaan bakal leuwih alus.

Palayanan urang teu salawasna gampang. Waktu ngawawar di daérah kulit hideung, sakapeung nu boga imahna téh kulawarga kulit bodas. Mun geus kitu, urang kudu gancang mutuskeun, naha rék nepikeun warta Alkitab atawa rék ménta maap jeung gancang nyingkah. Saperti kitu kaayaanana harita.

Tangtu, sabagé panaratas, abdi duaan butuh duit. Kalolobaan pagawéan abdi téh bayaranana saeutik pisan. Gloria bebersih di sababaraha imah. Di hiji imah, abdi diidinan pikeun ngabantu manéhna supaya leuwih gancang réngsé. Nu boga imahna méré dahar beurang jang saurangeun, tuluy didahar ku abdi duaan di dinya. Saminggu sakali, Gloria ngalicin baju keur hiji kulawarga. Abdi ngurus taman, mersihan kaca, jeung ngagawékeun pagawéan imah séjénna. Di hiji imah kulawarga kulit bodas, abdi duaan mersihan kaca. Gloria mersihan bagian jero, abdi bagian luar. Ieu téh bérésna sapoé jeput, jadi nu boga imah méré dahar. Gloria dahar di jero imah, tapi kudu misah ti nu boga imah. Abdi dahar di garasi, tapi éta teu masalah. Kadaharanana ngeunah. Nu boga imahna bageur, ngan sok kapangaruhan ku tatangga-tatanggana. Abdi ogé inget basa keur ngeusian bénsin di pom bénsin, Gloria hayang ka jamban. Abdi nanya ka pagawéna nu kulit bodas di mana jambanna. Bari ambek, manéhna ngomong, ”Jambanna dikonci.”

KAHADÉAN NU MOAL DIPOPOHOKEUN

Tapi, abdi ogé ngalaman mangsa-mangsa nu éndah bareng jeung dulur saiman. Dinesna ogé pikaresepeun! Pas mimiti datang di Pine Bluff, abdi duaan matuh di imah saurang palayan sidang. Pamajikanana can jadi Saksi, jadi Gloria ngajarkeun Alkitab ka manéhna. Pasangan éta boga budak awéwé nu geus kawin, abdi ngajar maranéhna. Indung jeung budakna ahirna ngawula Yéhuwa tuluy dibaptis.

Abdi boga loba sobat di sidang kulit bodas. Maranéhna osok ngondang abdi duaan dahar, tapi indit ka imahna kudu nungguan poék supaya teu katempo ku batur. Ku Klux Klan (KKK), organisasi nu ngajurung rasisme jeung katelengesan, harita téh keur aktif-aktifna. Abdi inget dina hiji poé Halloween, abdi ningali aya lalaki keur diuk di téras imahna maké jubah bodas nu aya tutup sirahna, éta téh nu biasa dipaké ku anggota KKK. Sanajan aya nu kawas kieu, dulur-dulur teu eureun némbongkeun kahadéan. Pas usum halodo, abdi duaan butuh duit pikeun datang ka kongrés. Sangkan abdi bisa indit, saurang sadérék kulit bodas daék meuli mobil Ford 1950 abdi. Sabulan ti harita, waktu balik ngawawar, abdi duaan leuleus pisan lantaran ngawawarna bari leumpang papanasan. Poé éta gé abdi duaan mandu loba palajaran Alkitab. Pas nepi ka imah, abdi duaan reuwas. Mobil abdi aya deui di hareupeun imah! Dina kaca hareup mobil aya catetan, ”Mangga paké deui mobilna, ieu hadiah ti abdi. Dulur anjeun.”

Aya kahadéan séjén nu terus kainget-inget. Dina 1962, abdi diondang ka Sakola Palayanan Karajaan di South Lansing, New York. Ieu téh sakola pikeun para pangawas sidang, wilayah, jeung distrik nu lilana sabulan. Harita, abdi keur teu boga pagawéan jeung teu boga duit. Tapi, abdi geus diwawancara pikeun digawé di pausahaan telepon di Pine Bluff. Lamun abdi katarima, abdi bakal jadi jalma kulit hideung mimiti nu digawé di dinya. Ahirna, abdi ditarima. Abdi kudu kumaha? Abdi teu boga duit pikeun indit ka New York. Jadi, kapikir ku abdi rék ditarima waé pagawéan éta jeung ngabatalkeun ondangan sakola. Abdi keur siap-siap nulis surat ka Bétel basa aya kajadian nu teu bisa dipopohokeun.

Hiji sadérék istri di sidang, nu salakina teu saiman, datang isuk-isuk jeung méré amplop. Pas ditempo, eusina pinuh ku duit. Sadérék éta jeung barudakna nu laleutik kénéh hudang isuk sababaraha minggu pikeun ngala jukut di kebon kapas. Buruhna dibikeun ka abdi supaya bisa indit ka New York. Ceuk manéhna, ”Sok atuh indit jeung diajar saloba-lobana, terus balik deui ka dieu pikeun ngajar urang!” Tuluy, abdi nanya ka pausahaan telepon naha abdi bisa digawé lima minggu deui ti jadwal nu sakuduna. Jawabanana tegas, ”Teu bisa!” Tapi, teu masalah. Abdi teu kaduhung teu narima pagawéan éta!

Ieu carita Gloria ngeunaan palayanan di Pine Bluff: ”Abdi resep pisan ngawula di dieu! Abdi boga 15 nepi ka 20 palajar Alkitab. Jadi, isuk-isuk abdi ngawawar ti imah ka imah, dituluykeun mandu palajaran Alkitab, sakapeung nepi ka jam 11 peuting. Dinesna mani pikaresepeun! Abdi geus betah cicing di dieu. Jujur, abdi teu pati hayang meunang tugas anyar nyarengan Sam jadi pangawas wilayah. Tapi, Yéhuwa gaduh tugas séjén pikeun abdi duaan.”

NGAWULA SABAGÉ PANGAWAS WILAYAH

Waktu jadi panaratas di Pine Bluff, abdi ngalamar pikeun jadi panaratas istiméwa. Éta diarep-arep pisan ku abdi. Ku naon? Ku sabab pangawas distrik di daérah abdi hayang abdi ngabantu hiji sidang di Texas, sarta manéhna hayang abdi jadi panaratas istiméwa di ditu. Abdi satuju. Jadi abdi terus ngadagoan jawabanana, tapi kotak surat téh kosong deui, kosong deui. Ahirna aya surat, surat tugas jadi pangawas wilayah! Harita téh bulan Januari 1965. Abdi dilantik babarengan jeung Sadérék Leon Weaver, nu ayeuna jadi koordinator Panitia Cabang Amerika Serikat.

Abdi geumpeur jadi pangawas wilayah téh. Kira-kira sataun saacanna, James A. Thompson, Jr., pangawas distrik, mariksa kamampuh abdi. Manéhna ngajelaskeun naon nu bisa ditingkatkeun ku abdi, bari nyebutkeun katarampilan nu dibutuhkeun pikeun jadi pangawas wilayah nu hadé. Waktu jadi pangawas wilayah, naséhatna mangpaat pisan keur abdi. Sanggeus abdi dilantik, Sadérék Thompson nu jadi pangawas distrikna. Abdi loba diajar ti sadérék anu satia ieu.

Abdi nganuhunkeun bantuan ti sadérék-sadérék nu pangalaman

Harita, palatihan keur pangawas wilayah téh ngan saeutik. Salila saminggu, abdi merhatikeun hiji pangawas wilayah nganjangan hiji sidang. Saminggu saterusna, giliran abdi nu diperhatikeun. Tuluy manéhna méré saran jeung bingbingan. Tapi, sanggeusna abdi kudu bisa sorangan. Abdi inget ngomong ka Gloria, ”Kuduna mah manéhna ulah indit heula nya.” Tapi, ahirna abdi sadar. Lamun urang réla dibingbing, pasti aya waé sadérék-sadérék nu pangalaman nu bisa mantuan urang. Abdi nganuhunkeun bantuan ti sadérék-sadérék saperti J. R. Brown, nu harita jadi pangawas wilayah, sarta Fred Rusk ti kulawarga Bétel.

Basa éta, rasisme keur aya di mana-mana. Hiji waktu, KKK pawéy di kota Tennessee nu dianjangan ku abdi. Abdi inget basa ngawawar, abdi istirahat heula di hiji réstoran. Waktu abdi ka jamban, aya lalaki nu barangasan jeung tatoan nuturkeun abdi. Tatona nunjukkeun rasisme. Tapi, hiji sadérék kulit bodas nu awakna leuwih badag, ngadeukeutan. Manéhna nanya, ”Aya masalah, Sadérék Herd?” Lalaki éta ngaberetek indit, teu jadi ka jamban. Sanggeus mangtaun-taun, abdi ngarti yén nu nyababkeun rasisme téh lain warna kulit, tapi dosa. Abdi sadar yén dulur mah tetep dulur teu sual warna kulitna. Lamun perlu, manéhna siap ngorbankeun nyawa.

TUNGTUNGNA JADI BEUNGHAR

Abdi jadi pangawas wilayah 12 taun jeung jadi pangawas distrik 21 taun. Dina taun-taun ieu, abdi ngarasa beunghar sacara rohani jeung diberkahan ku loba pangalaman nu ngagedékeun haté. Tapi, aya deui berkah nu bakal katarima. Dina bulan Agustus 1997, impian abdi duaan ahirna jadi kanyataan. Abdi duaan diondang pikeun ngawula di Bétel Amerika Serikat, 38 taun ti saprak abdi ngalamar. Bulan hareupna, abdi duaan mimiti ngawula di Bétel. Tadina abdi mikir yén para pangawas di Bétel ngan nugaskeun abdi sakeudeung, tapi kanyataanana teu kitu.

Gloria téh siga permata waktu abdi kawin jeung manéhna, ayeuna gé masih tetep kitu

Tugas mimiti abdi di Departemén Dines. Abdi loba diajar di dinya. Sadérék-sadérék narima loba pananya nu hésé jeung sénsitif ti badan kokolot jeung pangawas wilayah di sakuliah nagri. Abdi nganuhunkeun ka sadérék-sadérék nu geus sabar ngalatih jeung mantuan abdi. Lamun abdi ditugaskeun deui di dinya, abdi masih kénéh kudu loba diajar ti maranéhna.

Abdi jeung Gloria resep hirup di Bétel. Abdi duaan geus biasa hudang isuk, kabiasaan ieu ngabantu abdi di Bétel. Sanggeus kira-kira sataun, abdi ditugaskeun jadi asistén Panitia Dines Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa. Tuluy dina taun 1999, abdi dilantik sabagé salah saurang anggota Badan Pingpinan. Dina tugas ieu gé abdi loba diajar. Tapi, palajaran nu pangpentingna nyaéta kapala sidang Kristen téh Yésus Kristus, lainna manusa.

Ti saprak 1999, abdi ngawula jadi anggota Badan Pingpinan

Lamun abdi nginget deui kahirupan abdi, abdi ngarasa siga Nabi Amos. Yéhuwa merhatikeun pangangon nu rendah haté nu gawéna téh ngurus pelak kondang, kadaharan jalma malarat. Sanajan kitu, Allah ngalantik Amos jadi nabi sarta masihan loba berkah. (Amos 7:14, 15) Kitu ogé, Yéhuwa merhatikeun abdi, budakna buruh tani nu miskin ti Liberty, Indiana. Yéhuwa masihan abdi kacida lobana berkah nu teu bisa disebutkeun hiji-hiji di dieu! (Sil. 10:22) Kahirupan abdi téh mimitina miskin sacara matéri, tapi tungtungna abdi ngarasa leuwih beunghar ti batan nu kabayangkeun ku abdi!