Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ku Naon Gusti Teu Ngajawab Kabéh Doa?

Ku Naon Gusti Teu Ngajawab Kabéh Doa?

Salaku Bapa urang, Gusti Yéhuwa hayang sarta resep ngadéngékeun doa-doa urang nu kaluar tina haté. Tapi, aya hal-hal nu nyababkeun Yéhuwa teu ngajawab doa-doa urang. Doa siga kumaha nu teu dijawab? Naon nu kudu diperhatikeun waktu rék ngadoa? Di handap ieu, aya sababaraha pituduh ti Kitab Suci.

”Teu kudu panjang loba ucap nu teu perlu.”​—Mateus 6:7.

Yéhuwa teu hayang urang ngapalkeun doa atawa maca doa tina buku doa. Sabalikna, Yéhuwa hayang urang nyaritakeun eusi haté urang. Bayangkeun lamun unggal poé babaturan Sadérék ngomong maké kekecapan nu sarua persis. Pasti karasana anéh. Biasana, sobat mah ngomongna teu asa-asa jeung sok nyaritakeun eusi haténa. Waktu nyaritakeun eusi haté maké kekecapan sorangan, hartina urang nganggap Yéhuwa salaku Bapa jeung Sobat urang.

”Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana.”​—Yakobus 4:3.

Lamun urang ménta hal-hal nu teu dipikaresep ku Gusti, na Gusti bakal ngajawab doa urang? Contona, maenya Gusti Yéhuwa bakal ngaberkahan jalma nu hayang meunang judi? Gusti téh teu resep kana sipat sarakah. (Yesaya 65:11; Lukas 12:15) Jadi, teu asup akal lamun urang miharep Yéhuwa ngajawab doa-doa siga kitu! Supaya doa urang dijawab, urang kudu mastikeun, na paménta urang bakal dipikaresep ku Gusti. Urang bisa nyaho hal-hal nu dipikaresep ku Gusti tina Kitab Suci.

”Nu teu tunduk kana hukum Allah, panedana oge ku Allah kacida dipikacuana.”​—Siloka 28:9.

Di jaman nabi-nabi, Allah teu ngajawab doa jalma-jalma nu teu nuturkeun paréntah-Na. (Yesaya 1:15, 16) Nepi ka ayeuna gé, Allah teu barobah. Lamun hayang doa urang dijawab ku Allah, urang kudu ngajalankeun paréntah-Na. Tapi, kumaha lamun baréto urang pernah nyieun kasalahan? Na doa urang moal didéngékeun? Tangtu henteu! Allah bakal ngahampura kasalahan urang lamun urang tobat jeung ngalakukeun nu nyenangkeun Allah.​—Rasul 3:19.