Anjeun Bisa Hirup Salalanggengna di Planét Bumi
HAREPAN NU LUAR BIASA ÉNDAH! Nu Nyipta geus jangji urang bakal hirup salalanggengna di dunya ieu. Tapi loba jalma teu percaya kana hal éta. Aya nu ngomong, ’Kabéh jalma ahirna bakal maot, da geus sakuduna jiga kitu.’ Nu séjénna percaya manusa bisa hirup langgeng, tapi lain di dunya ieu. Ceuk maranéhna, ’Sanggeus maot, manusa bisa hirup salalanggengna di sorga.’ Ceuk Anjeun kumaha?
Hayu urang tingali jawaban Kitab Suci pikeun tilu pananya ieu: Tina carana manusa diciptakeun, sabaraha lila sakuduna manusa bisa hirup? Naon tujuan Gusti nyiptakeun planét bumi jeung umat manusa? Ku naon ayeuna manusa bisa maot?
MANUSA TÉH CIPTAAN NU ISTIMEWA
Ti antara kabéh ciptaan Allah nu aya di dunya ieu, manusa téh istiméwa. Ku naon? Sabab ceuk Kitab Suci, ngan manusa anu diciptakeun ”sarupa” sarta ”aya saruana” jeung Allah. (Kajadian 1:26, 27) Naon maksudna? Maksudna, manusa dibéré sipat-sipat anu dipiboga ku Allah. Misalna nyaahan jeung adil.
Salian ti éta, manusa gé dibéré kamampuh pikeun mikir, nyieun putusan, sarta kasanggupan pikeun ngabédakeun nu bener jeung nu salah. Manusa gé dibéré kahayang pikeun kenal sarta nyobat jeung Allah. Éta sababna urang ngarasa tajub waktu ningali éndahna alam jeung jagat raya nu luar biasa. Urang ogé bisa resep kana karya seni, musik, jeung puisi. Tapi nu pangpentingna, umat manusa boga kamampuh pikeun ibadah ka Nu Nyiptakeunana. Hal-hal éta nu ngalantarankeun manusa téh béda pisan jeung mahluk-mahluk séjénna di dunya.
Pék pikirkeun: Mun manusa diciptakeun keur hirup sababaraha taun hungkul, keur naon Gusti méré urang sipat-sipat nu alus jeung kamampuh nu bisa terus ditingkatkeun? Sabenerna Gusti méré urang kurnia éta supaya urang bisa hirup lila jeung bagja di bumi.
TUJUAN ALLAH NU SABENERNA
Sababaraha jalma percaya manusa téh henteu diciptakeun pikeun hirup langgeng di dunya ieu. Ceuk maranéhna, dunya ieu téh ngan tempat pikeun nguji manusa. Mun dianggap layak ku Allah, manusa bisa hirup langgeng di sorga bareng jeung Anjeunna. Tapi mun pamikiran jiga kitu téh bener, éta hartina Allah nu kudu tanggung jawab keur sakabéh kajahatan nu aya di dunya ieu, pan? Pamindo 32:4. a
Éta téh teu sajalan jeung sipat Anjeunna. Ceuk Kitab Suci, ”PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara. Allah maraneh satuhu sarta saestu lempeng bener sagala damelna.”—Kitab Suci ngajelaskeun naon sabenerna tujuan Gusti nyiptakeun ieu bumi. ”Langit keur PANGERAN nyalira, tapi bumi mah ku Mantenna disérénkeun ka manusa.” (Jabur 115:16) Gusti nyiptakeun planét bumi pikeun jadi imah nu éndah nu bisa dicicingan salawasna ku manusa. Anjeunna gé nyadiakeun sagala rupa nu urang butuhkeun supaya urang bisa hirup langgeng tur bagja.—Kajadian 2:8, 9.
”Langit keur PANGERAN nyalira. Tapi, bumi mah ku Mantenna disérénkeun ka manusa.”—Jabur 115:16
Kitab Suci méré nyaho naon maksud tujuan Gusti keur manusa. Anjeunna méré tugas ka pasangan manusa nu mimiti pikeun ”minuhan ieu bumi sarta ngawasaan . . . sato nu hirup di darat”. (Kajadian 1:28) Tangtu ngarobah bumi jadi Pirdaus téh tugas nu luar biasa. Jadi Adam, Hawa jeung turunanana, diciptakeun pikeun hirup salalanggengna di bumi lain di sorga.
KU NAON URANG MAOT?
Jadi, ku naon urang maot? Kitab Suci nyebutkeun, ”Aya hiji malaikat Allah nu ngabarontak, nu disebut Sétan si Iblis, nu ngacowkeun pangaturan Allah di taman Éden.” Kumaha carana?
Sétan ngagoda manusa nu mimiti, Adam jeung Hawa, pikeun ngabarontak ka Allah. Sétan hayang nyieun Adam jeung Hawa mikir yén Allah téh jahat. Ku kituna, Sétan ngomong ka Adam jeung Hawa yén hak pikeun nangtukeun hal nu bener jeung nu salah téh, hak maranéhna, lain hak Allah. Ahirna maranéhna ngabarontak ka Allah. Naon balukarna? Maranéhna paéh saperti nu geus diingetkeun ku Allah. Maranéhna kaleungitan kasempetan pikeun hirup abadi di pirdaus di bumi.—Kajadian 2:17; 3:1-6; 5:5.
Ku lantaran Adam jeung Hawa ngabarontak, kabéh manusa nepi ka urang ayeuna ngalaman balukarna. Ceuk Firman Allah, ”Dosa asup ka dunya, ku lantaran saurang jalma [Adam]. Éta dosa mawa maot, ku kituna maot téh nyebar ka sakabéh manusa sabab kabéhanana geus nyieun dosa.” (Roma 5:12) Urang bisa maot lantaran ngawarisan dosa sarta maot ti kolot urang nu mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, lain lantaran geus ditakdirkeun ku Gusti.
ANJEUN BISA HIRUP LANGGENG DI DUNYA
Sanajan Adam jeung Hawa ngabarontak, maksud tujuan Allah keur umat manusa jeung dunya mah tetep laksana. Ku lantaran sipat Allah nu nyaahan jeung adil, Allah kageuing pikeun masihan jalan kaluar supaya urang bisa bébas tina dosa jeung maot. Rasul Paulus ngajelaskeun, ”Upahna dosa téh maot, tapi kurnia Allah mah hirup langgeng ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang.” (Roma 6:23) Allah nu nyaahan masrahkeun putra hiji-hijina, Isa Al-Masih, supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng. (Yahya 3:16) Ku lantaran masrahkeun dirina sabagé tebusan, Isa nebus kahirupan nu dileungitkeun ku Adam. b
Moal lila deui, jangji Gusti pikeun ngarobah bumi jadi pirdaus bakal ngawujud. Anjeun gé bisa hirup di pirdaus éta, lamun nuturkeun paréntah Isa ieu, ”Heug arasup ka gerbang nu sempit, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan sarta loba nu arasup ka dinya. Tapi, gerbang nu sempit jeung jalan nu heurin mah brasna kana kahirupan, ngan saeutik nu manggihanana.” (Matius 7:13,14) Kahirupan anjeun ka hareupna, gumantung kana pilihan anjeun ayeuna. Jadi anjeun rék kumaha?
a Kutipan ayat tina Kitab Pamindo jeung Jabur dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.
b Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan tebusan, tingali bab 27 tina buku Hirup Bagja Salilana! nu dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Buku ieu bisa di-download gratis dina situs www.pr418.com.