Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ngawih Sing Gumbira!

Ngawih Sing Gumbira!

”Muji ka Allah teh hade.”​—JAB. 147:1.

KAWIH: 10, 2 *

1. Naon mangpaatna ngawih?

SAURANG pangarang lagu nu kasohor ngomong, ”Kekecapan bisa ngahudang pikir. Musik bisa ngahudang rasa. Tapi waktu anjeun ngawih, kekecapanana bisa nanceb dina haté.” Kawih-kawih urang ngungkabkeun pujian jeung kanyaah urang ka Bapa Yéhuwa. Urang jadi ngarasa leuwih raket ka Mantenna. Éta sababna ngawih jadi bagian penting dina ibadah sajati, teu sual urang ngawih sorangan atawa babarengan.

2, 3. (a) Kumaha parasaan sababaraha jalma lamun kudu ngawih ku sora nu tarik di sidang? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Tapi, kumaha parasaan Sadérék waktu ngawih ku sora nu tarik di sidang? Naha Sadérék éra? Di sababaraha kabudayaan, priya-priya osok ngarasa kararagok lamun kudu ngawih di hareupeun batur. Sikep ieu bisa mawa pangaruh nu kurang alus ka sidang, komo deui lamun para kokolot asa-asa ngawihna atawa maranéhna sibuk ku kagiatan séjén salila ngawih.​—Jab. 30:13.

3 Ngawih téh bagian tina ibadah urang ka Yéhuwa. Ku kituna, urang tangtu moal indit kaluar waktu keur ngawih atawa telat datangna. Urang kudu mariksa diri sorangan, ’Naha abdi resep ngawih di pasamoan? Abdi kudu kumaha lamun asa-asa ngawih di hareupeun batur? Kumaha carana abdi bisa ngawih ku sapinuh haté?’

NGAWIH TÉH BAGIAN PENTING DINA IBADAH SAJATI

4, 5. Kumaha jurukawih diorganisasi di bait jaman baheula?

4 Ti jaman baheula, hamba-hamba Yéhuwa geus ngagunakeun musik pikeun muji Mantenna. Basa urang Israil satia ka Yéhuwa, ngawih téh bagian penting dina ibadah maranéhna. Contona, waktu Daud nyiapkeun bait, manéhna ngaorganisasi 4.000 urang Léwi pikeun ngawihkeun pujian ka Yéhuwa. Ti antara maranéhna, aya 288 jalma nu ”geus arahli . . . ngalagu oge kabeh geus palinter”.​—1 Bab. 23:5; 25:7.

5 Musik jeung kawih ogé jadi bagian penting basa bait diresmikeun. Alkitab nyaritakeun yén jurukawih ”breng nyaranyi ditarimbang ku sora tarompet, kecrek jeung tatabeuhan sejen, layeut awor kacida rasmina, maruji sukur ka PANGERAN”. Tuluy, ”eta gedong ujug-ujug pinuh ku mega anu ngempray, dibarengan ku gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN”. Kajadian ieu tangtu nguatkeun iman bangsa Israil!​—2 Bab. 5:11-14; 7:6.

6. Basa Néhémia jadi gupernur Yérusalém, kumaha manéhna ngaorganisasi jurukawih?

6 Basa Néhémia mingpin urang Israil pikeun ngawangun deui témbok Yérusalém, manéhna ogé ngaorganisasi urang Léwi pikeun ngawih jeung narabeuh tatabeuhan. Acara ngaresmikeun témbok éta jadi leuwih pikabungaheun ku ayana kawih jeung musik. Néhémia nugaskeun dua kelompok jurukawih. Dua kelompok éta ngurilingan témbok, nu hiji ka kénca, nu hiji deui ka katuhu, nepi ka ahirna amprok di deukeut bait. Sora maranéhna mani ngaguruh kadéngé nepi ka nu jauh. (Neh. 12:27, 28, 31, 38, 40, 43) Yéhuwa tangtu bungah ngadangukeun hamba-hamba-Na ngawih muji Mantenna kalawan sumanget.

7. Kumaha Yésus némbongkeun yén ngawih téh bagian penting dina ibadah keur urang Kristen?

7 Di jaman Yésus, musik ogé jadi bagian penting dina ibadah sajati. Perhatikeun naon nu kajadian dina poé nu pangpentingna di sapanjang sajarah. Sanggeus Yésus ngayakeun Jamuan Wengi jeung murid-muridna, maranéhna ngawihkeun lagu pupujian.​—Baca Mateus 26:30.

8. Kumaha urang Kristen di abad kahiji jadi tuladan dina ngawih muji Allah?

8 Urang Kristen di abad kahiji jadi tuladan dina ngawih muji Allah. Teu siga urang Israil nu ibadah di bait, urang Kristen mah ibadah di imah-imah. Sanajan imah-imah éta teu sarua alusna siga bait Yérusalém, maranéhna tetep ngawih kalawan sumanget. Rasul Paulus ngabéjaan dulur-dulurna, ”Kudu silih ajar jeung silih tuduhan kalawan bijaksana sabisa-bisa. Nyanyikeun jabur-jabur, lagu-lagu pupujian jeung lagu-lagu rohani, sanggakeun ka Allah dibarengan ku rasa tumarima ka Mantenna sajeroning hate.” (Kol. 3:16) Urang ogé kudu ngawihkeun ”lagu-lagu rohani” pinuh ku rasa sukur. Éta téh kaasup dahareun rohani nu disadiakeun ku ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun urang.​—Mat. 24:45.

KUMAHA CARANA SANGKAN TEU ASA-ASA NGAWIH?

9. (a) Naon sababna aya nu asa-asa ngawih di pasamoan atawa kongrés? (b) Kumaha sakuduna urang ngawih muji Yéhuwa, jeung saha nu kudu jadi tuladan? (Tingali gambar dina awal artikel.)

9 Ku naon urang sok asa-asa waktu ngawih? Bisa jadi kulawarga atawa jalma-jalma di lingkungan Sadérék teu biasa ngawih. Atawa, Sadérék osok ngabandingkeun sora Sadérék jeung artis nu nyanyi di radio atawa TV, terus rumasa sora Sadérék téh teu alus. Jadi, Sadérék ngarasa éra jeung leutik haté. Tapi, urang kabéh boga tanggung jawab pikeun ngawih muji Yéhuwa. Jadi, angkat buku kawih Sadérék, tanggah, jeung ngawih kalawan sumanget! (Esra 3:11; baca Jabur 147:1.) Ayeuna di loba Balé Karajaan, kawih urang bisa dipintonkeun dina layar. Ieu ngabantu urang pikeun ngawih ku sora nu tarik. Ngawih ogé ayeuna jadi bagian dina Sakola Palayanan Karajaan pikeun kokolot sidang. Ieu nandeskeun sakumaha pentingna kokolot jadi tuladan dina ngawih di pasamoan.

10. Naon nu kudu diinget lamun urang sieun ngawih ku sora nu tarik?

10 Loba nu sieun ngawih ku sora nu tarik lantaran sieun tarik teuing atawa teu ngeunaheun kadéngéna. Tapi, pék pikirkeun hal ieu, waktu ngomong, urang ”sarerea oge remen nyieun kasalahan”. (Yak. 3:2) Urang moal jadi eureun ngomong pan? Jadi, urang ogé sakuduna teu eureun ngawih sanajan sora urang teu pati alus.

11, 12. Kumaha carana ningkatkeun kamampuh ngawih urang?

11 Bisa jadi urang sieun ngawih lantaran teu nyaho carana. Tapi, aya sababaraha cara gampang pikeun ningkatkeun kamampuh ngawih urang. *—Tingali catetan handap.

12 Sadérék bisa ngawih ku sora nu kuat jeung tarik lamun latihan cara napas nu bener. Siga listrik méré énergi ka bohlam lampu, kitu ogé napas bisa méré kakuatan ka sora urang waktu ngomong atawa ngawih. Sora urang waktu ngawih kudu sarua kuatna jeung waktu urang ngomong, malahan kudu leuwih tarik deui. (Tingali saran-saran di Memperoleh Manfaat dari Pendidikan Sekolah Pelayanan Teokratis, subjejer ”Mengatur Persediaan Udara Saudara dengan Baik” di kaca 181 nepi ka 184.) Sababaraha kali Alkitab nyaritakeun yén hamba-hamba Yéhuwa ngawihkeun pujian ku ’surak bungah’.​—Jab. 33:1-3.

13. Jelaskeun carana urang bisa ngawih kalawan yakin.

13 Waktu ibadah kulawarga atawa palajaran pribadi, cobaan hal ieu: Pilih hiji kawih nu paling dipikaresep ku Sadérék. Kalawan yakin, baca rumpakana ku sora nu kuat jeung tarik. Terus, ku sora nu sarua tarikna, ucapkeun deui unggal frasa dina sakali tarikan napas. Tuluy, kawihkeun frasa éta ku kakuatan sora nu sarua. (Yes. 24:14) Sora Sadérék waktu keur ngawih bakal leuwih kuat. Ieu téh alus. Ulah éra ku sora Sadérék sorangan.

14. (a) Naon nu kudu dilampahkeun ku urang sangkan bisa ngawih leuwih kuat? (Tingali kotak ” Carana Ningkatkeun Kamampuh Ngawih”.) (b) Saran-saran mana nu ngabantu Sadérék dina ngawih?

14 Sangkan sora Sadérék kuat waktu ngawih, buka baham Sadérék leuwih gedé ti batan waktu Sadérék ngomong. Tapi, kumaha lamun Sadérék ngarasa sora Sadérék téh lalaunan atawa cempréng? Sadérék bisa manggihan saran-saran nu alus di kotak ”Mengatasi Problem-Problem Spesifik,” nu aya di Memperoleh Manfaat dari Pendidikan Sekolah Pelayanan Teokratis, kaca 184.

 

NGAWIH KU SAPINUH HATÉ

15. (a) Naon nu diumumkeun di rapat taunan 2016? (b) Naon alesanana buku kawih urang dirévisi?

15 Sadérék-sadérék nu hadir di rapat taunan 2016 bungah pisan basa Sadérék Stephen Lett, nu jadi anggota Badan Pingpinan, ngumumkeun ayana buku kawih anyar nu jejerna Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa. Sadérék Lett ngajelaskeun yén salah sahiji alesan urang butuh buku kawih anyar téh lantaran Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru geus dirévisi. Pikeun sababaraha basa, ungkara nu teu aya deui dina Terjemahan Dunia Baru dileungitkeun tina rumpakana. Kawih-kawih anyar ngeunaan pangwawaran jeung tebusan ditambahkeun. Salian ti éta, lantaran ngawih téh bagian penting dina ibadah urang, Badan Pingpinan hayang nyieun buku kawih nu alus kualitasna. Jadi, sampulna dijieun sarupa jeung sampul Alkitab Terjemahan Dunia Baru.

16, 17. Sababaraha parobahan naon nu aya dina buku kawih nu anyar?

16 Sangkan buku kawih ieu leuwih gampang dipaké, kawih-kawihna dikelompokkeun nurutkeun topik. Contona, 12 kawih nu mimiti eusina ngeunaan Yéhuwa, 8 kawih saterusna ngeunaan Yésus jeung tebusan. Daptar lengkepna aya di bagian hareup buku. Ieu bakal mangpaat pisan pikeun kokolot nu rék milih kawih keur hutbah umum.

17 Sangkan kabéh bisa ngawih ku sapinuh haté, sababaraha rumpaka dirévisi sangkan hartina leuwih jelas. Kekecapan nu geus kuno atawa kalimah nu hésé dipikaharti geus teu aya deui, jadi leuwih gampang dikawihkeunana. Sababaraha lagu ogé dirévisi sangkan eusina leuwih jelas patalina jeung pasamoan sarta pangwawaran.

Pék latihan ngawih dina ibadah kulawarga (Tingali paragrap 18)

18. Ku naon urang kudu latihan ngawih tina buku kawih nu anyar? (Tingali catetan handap.)

18 Loba kawih dina Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa mangrupa doa. Kawih-kawih ieu bisa ngungkabkeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. Kawih séjénna bisa ngajurung urang pikeun ”nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah”. (Ibr. 10:24) Urang tangtu hayang apal kana wirahma, ketukan, jeung kekecapanana. Lamun Sadérék latihan ngawih di imah, Sadérék bisa ngawih kalawan yakin jeung sapinuh haté. *—Tingali catetan handap.

19. Kumaha kabéh nu aya di sidang bisa ibadah ka Yéhuwa?

19 Inget yén ngawih téh bagian penting dina ibadah urang. Éta cara nu alus pikeun némbongkeun kanyaah jeung rasa sukur urang ka Yéhuwa kana sagala berkah-Na. (Baca Yesaya 12:5.) Lamun Sadérék ngawih kalawan sumanget, nu lian gé kababawa. Kabéh nu aya di sidang, nu kolot, nu ngora, atawa nu anyaran diajar, bisa milu ibadah ka Yéhuwa ku cara ieu. Jadi, tong asa-asa ngawih ku sapinuh haté. Tuturkeun pituduh nu nulis jabur, ”Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN.” Hayu urang ngawih sing gumbira!​—Jab. 96:1.

^ par. 3 Ti saprak artikel ieu, urang bakal ngagunakeun buku Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa.

^ par. 11 Saran-saran séjén pikeun ningkatkeun kamampuh ngawih urang bisa ditingali di vidéo Persiapkan Diri untuk Menyanyi Lagu-Lagu Baru di JW Broadcasting. (Tingali di bagian vidéo DARI STUDIO KAMI > KHOTBAH.)

^ par. 18 Acara isuk jeung acara siang di kongrés dimimitian ku musik salila sapuluh menit. Ieu bakal ngajurung urang pikeun sumanget ngawih jeung siap ngadéngékeun hutbah-hutbah. Jadi, urang sakuduna geus diuk jeung ngadéngékeun musik éta.