Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pék Conto Kaadilan jeung Welas Asih Yéhuwa

Pék Conto Kaadilan jeung Welas Asih Yéhuwa

”Maraneh kudu adil, kudu karunyaan, kudu hade hate ka pada batur.”​—JAK. 7:9.

KAWIH: 125, 88

1, 2. (a) Kumaha parasaan Yésus ka Hukum Allah? (b) Kumaha guru agama jeung urang Parisi salah nerapkeun Hukum Allah?

YÉSUS cinta ka Hukum Musa lantaran sumberna ti Yéhuwa, Pribadi nu pangpentingna dina kahirupan Yésus. Jabur 40:9 nganubuatkeun ngeunaan parasaan Yésus ka Hukum Allah, ”Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah, piwulang Gusti ngancik dina sanubari.” Yésus ngabuktikeun dina ucap jeung lampahna yén Hukum Allah téh sampurna, mawa mangpaat, jeung sagala eusina pasti kalaksana.​—Mat. 5:17-19.

2 Tangtu Yésus sedih ningali guru agama jeung urang Parisi salah nerapkeun Hukum Allah nepi ka batur hésé ngajalankeunana. Anjeunna ngomong, ”Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar.” Éta hartina maranéhna hayang ngajalankeun unggal rincian tina Hukum. Jadi, naon nu salah? Yésus ngajelaskeun, ”Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea.” (Mat. 23:23) Urang Parisi teu paham tujuan tina Hukum jeung ngarasa leuwih hadé ti batur. Tapi, Yésus paham kana alesan dijieunna Hukum sarta sipat-sipat Yéhuwa nu katémbong dina unggal paréntah.

3. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

3 Salaku urang Kristen, urang teu diwajibkeun ngajalankeun Hukum Musa. (Rum 7:6) Jadi, ku naon Yéhuwa ngidinan Hukum éta aya dina Alkitab? Mantenna hoyong urang paham sarta ngalarapkeun ”anu enya-enya penting”, nyaéta prinsip-prinsip nu aya dina Hukum. Contona, prinsip naon waé nu aya dina aturan kota suaka? Dina artikel saacanna, urang diajar naon nu kudu dilampahkeun ku jalma nu teu ngahaja maéhan. Dina ieu artikel, urang bakal diajar sipat-sipat Yéhuwa tina aturan ngeunaan kota suaka sarta kumaha urang bisa nyonto Mantenna. Urang bakal ngabahas tilu pananya: Kumaha sipat welas asih Yéhuwa katémbong? Kumaha cara pandang Allah ngeunaan kahirupan? Sarta kumaha urang bisa diajar ngeunaan kaadilan-Na nu sampurna? Dina unggal bahasan, pikirkeun carana Sadérék bisa nyonto sipat-sipat Yéhuwa.​—Baca Epesus 5:1.

LOKASI KOTA SUAKA NÉMBONGKEUN WELAS ASIH ALLAH

4, 5. (a) Kumaha sangkan kota suaka babari dijugjug, sarta naon alesanana? (b) Tina hal ieu, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

4 Yéhuwa netepkeun sangkan genep kota suaka babari dijugjugna. Mantenna maréntahkeun urang Israil pikeun milih tilu kota di wétaneun Yordan jeung tilu deui di kuloneun Yordan. Ku naon? Sangkan gancang jeung babari dijugjug ku urang Israil nu teu ngahaja maéhan. (Bil. 35:11-14) Jalan ka dituna ogé dijaga tetep alus. (Pam. 19:2, 3) Numutkeun hiji karya tulis Yahudi, aya tanda-tanda di jalan sangkan jalma nu teu ngahaja maéhan babari manggihan éta kota. Ku sabab aya kota-kota suaka di Israil, manéhna teu kudu nyalindung ka nagri séjén, nu bisa ngalantarankeun manéhna nyembah allah palsu.

5 Sanajan Yéhuwa geus maréntahkeun sangkan jalma nu maéhan dihukum pati, Mantenna netepkeun aturan sangkan nu teu ngahaja ngalakukeunana bisa dipikawelas jeung disalindungan. Saurang ahli Alkitab ngomong yén jalan ka éta kota dijieun sangkan gampang dijugjug sarta aturanana gé gampang dipikaharti. Yéhuwa lain hakim telenges nu resep ngahukum hamba-hamba-Na. Sabalikna, Mantenna ”jembar ku piwelas”.​—Epe. 2:4.

6. Naha urang Parisi nyonto welas asih Yéhuwa? Jelaskeun.

6 Urang Parisi teu daék welas asih ka batur. Contona, numutkeun hiji karya tulis Yahudi, urang Parisi teu daék ngahampura batur nu geus nyieun kasalahan nu sarua leuwih ti tilu kali. Pikeun negor maranéhna, Yésus méré babandingan ngeunaan urang Parisi nu ngadoa di gigireun tukang mulung pajeg. Ceuk urang Parisi, ”Nun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes, anu sararakah, anu teu jalujur, anu sok jarinah . . . tukang mulung pajeg.” Naon kasimpulanana? Urang Parisi osok ”ngahandapkeun” batur, jeung teu ngarasa perlu némbongkeun welas asih.​—Luk. 18:9-14.

Naha Sadérék babari dideukeutan ku dulur nu ménta dihampura? Sing rendah haté jeung gampang diajak ngomong (Tingali paragrap 4-8)

7, 8. (a) Kumaha Sadérék bisa nyonto welas asih Yéhuwa? (b) Naon mangpaatna lamun urang rendah haté?

7 Pék conto Yéhuwa, lain urang Parisi. Sing welas asih jeung karunyaan. (Baca Kolosa 3:13.) Naha Sadérék babari dideukeutan ku dulur nu ménta dihampura? (Luk. 17:3, 4) Pék pikirkeun, ’Naha abdi babari jeung gancang ngahampura batur sanajan geus sababaraha kali abdi dinyenyeri? Naha abdi hayang pisan rukun jeung jalma nu nganyenyeri abdi?’

8 Sangkan bisa ngahampura, urang kudu rendah haté. Urang Parisi ngarasa leuwih hadé ti batur, ku kituna maranéhna teu daék ngahampura. Tapi Alkitab nyebutkeun yén ”batur kudu dianggap leuwih hade” ti batan urang jeung layak dihampura. (Pil. 2:3) Pék pikirkeun, ’Naha abdi nyonto Yéhuwa sarta némbongkeun karendahan haté?’ Lamun urang rendah haté, batur moal asa-asa ménta pangampura ka urang, urang gé jadi leuwih gampang ngahampura maranéhna. Sing jembar ku welas asih, ulah gancang kasinggung.​—Pan. 7:8, 9.

AJÉNAN KAHIRUPAN SADAYA JALMA

9. Kumaha carana Yéhuwa ngabantu urang Israil sangkan ngarti yén kahirupan téh suci?

9 Salah sahiji alesan utama ayana kota suaka nyaéta sangkan urang Israil henteu jadi dosa lantaran maéhan jalma nu teu salah. (Pam. 19:10) Yéhuwa cinta kana kahirupan, Mantenna ijid ka jalma nu maéhan. (Sil. 6:16-19) Sabagé Allah nu suci jeung adil, Mantenna moal ngantep lamun aya jalma nu dipaéhan sanajan teu dihaja. Mémang jalma nu teu ngahaja maéhan bisa dipikawelas, tapi manéhna kudu nyieun upaya. Mimitina, manéhna kudu ngajelaskeun kaayaanana ka para kokolot. Lamun kokolot mutuskeun yén éta mémang teu dihaja, jalma éta kudu terus cicing di kota suaka nepi ka imam agung maot. Bisa jadi manéhna kudu cicing di dinya saumur hirupna. Sagala upaya ieu nandeskeun ka bangsa Israil yén kahirupan téh suci. Pikeun ngajénan Pribadi nu masihan kahirupan, maranéhna kudu upaya satékah polah sangkan teu ngabahayakeun kahirupan batur.

10. Ceuk Yésus, kumaha guru agama jeung urang Parisi teu ngajénan kahirupan?

10 Teu siga Yéhuwa, guru agama jeung urang Parisi teu ngajénan kahirupan batur. Yésus ngomong ka maranéhna, ”Konci paragi muka panto kanyaho dikekewek, ari heug aranjeun sorangan embung asup, batur nu rek arasup dihalang-halang!” (Luk. 11:52) Naon maksud Yésus? Guru agama jeung urang Parisi sakuduna mah ngajarkeun Firman Allah sarta mantuan jalma-jalma sangkan bisa hirup langgeng. Sabalikna, maranéhna ngahalang-halang batur jadi murid ”Yesus anu nuyun manusa supaya manusa hirup”. (Ras. 3:15) Ku kituna, batur malah dijurung sina binasa. Maranéhna téh adigung, mentingkeun diri, jeung teu paduli kana kahirupan batur. Maranéhna kejem jeung teu welas asih!

11. (a) Naon buktina Rasul Paulus boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa ngeunaan kahirupan? (b) Sipat naon nu bisa ngabantu urang nyonto sumanget Paulus dina ngawawar?

11 Kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa, lainna guru agama jeung urang Parisi? Ku cara ngajénan jeung ngahargaan kahirupan. Rasul Paulus ngalampahkeun hal éta ku cara ngawawarkeun warta Karajaan ka saloba-lobana jalma. Éta sababna manéhna bisa ngomong, ”Geus henteu jadi tanggungan sim kuring deui.” (Baca Rasul 20:26, 27.) Tapi, naha manéhna ngawawar téh lantaran kawajiban atawa sangkan teu rumasa salah? Henteu. Paulus nyaah ka jalma-jalma sarta ngahargaan kahirupan maranéhna. Jadi, manéhna hayang sangkan batur bisa meunang hirup langgeng. (1 Kor. 9:19-23) Urang kudu boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa. Mantenna hoyong sangkan kabéh tarobat. (2 Pet. 3:9) Pikeun nyonto Yéhuwa, urang kudu nyaah jeung welas asih ka jalma-jalma. Ku kituna, urang bakal sumanget ngawawar sarta bungah ngalakukeunana.

12. Ku naon kasalametan téh penting pikeun umat Allah?

12 Urang nyonto cara pandang Yéhuwa lamun boga pandangan nu bener kana kasalametan. Urang bakal ati-ati waktu keur nyetir atawa digawé, kaasup waktu keur ngawangun, ngarawat, jeung indit ka tempat ibadah. Kahirupan, kasalametan, jeung kaséhatan leuwih penting ti batan waktu jeung duit. Tangtu urang hayang nyonto Allah nu salawasna ngalampahkeun nu bener. Kokolot hususna kudu mikirkeun kasalametan maranéhna sorangan jeung nu lianna. (Sil. 22:3) Regepkeun lamun aya kokolot nu ngingetan urang kana aturan kasalametan. (Gal. 6:1) Lamun boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa, urang moal nepi ka ngaleungitkeun kahirupan.

NGAHAKIMAN KU CARA NU ADIL

13, 14. Kumaha kokolot di Israil baheula bisa nyonto kaadilan Yéhuwa?

13 Yéhuwa maréntahkeun para kokolot Israil pikeun nyonto kaadilana-Na. Mimitina, kokolot kudu mastikeun sagala bukti. Tuluy saacan némbongkeun welas asih, maranéhna kudu bener-bener mastikeun niat jalma nu maéhan, sikepna, jeung lalampahan manéhna baheula. Kokolot kudu mastikeun naha jalma éta ngéwa jeung ngahaja maéhan korbanna. (Baca Bilangan 35:20-24.) Lamun aya saksi, sahenteuna kudu aya dua urang nu ngabuktikeun perkarana saacan hiji jalma dihukum.​—Bil. 35:30.

14 Sanggeus bener-bener mariksa kajadianana, kokolot kudu mikirkeun jalmana, lain ngan saukur kasalahanana. Kokolot butuh pamahaman sangkan bisa mariksa hal-hal nu teu katingali sarta nyaho ku naon manéhna bisa ngalampahkeun hal éta. Utamana, maranéhna butuh roh suci Yéhuwa sangkan bisa nyonto pamahaman, welas asih, jeung kaadilan Mantenna.​—Bud. 34:6, 7.

15. Kumaha pandangan Yésus ka jalma dosa béda jeung urang Parisi?

15 Basa ngahakiman, urang Parisi henteu welas asih. Maranéhna leuwih mikirkeun kasalahan nu dilampahkeun ti batan mikirkeun jalmana. Waktu urang Parisi ningali Yésus dahar di imah Mateus, maranéhna nanya ka murid-murid Yésus, ”Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema kitu?” Yésus ngajawab, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun. Mangga lenyepan pihartieunana ayat Kitab Suci anu kieu: ’Anu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.’ Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema nu diaranggap hina.” (Mat. 9:9-13) Naha Yésus nganggap énténg kasalahan maranéhna? Henteu. Anjeunna hayang jalma-jalma tarobat. Ieu téh bagian penting tina warta nu diuarkeun ku anjeunna. (Mat. 4:17) Anjeunna sadar yén sababaraha ”tukang mulung pajeg . . . jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng” daraék tobat. Maranéhna datang ka imah Mateus téh lain ngan saukur rék dahar, tapi hayang nuturkeun Yésus. (Mar. 2:15) Hanjakalna, urang Parisi teu boga cara pandang nu sarua. Maranéhna percaya yén cumah ngabantu jalma dosa mah, moal bisa barobah. Maranéhna béda pisan jeung Yéhuwa nu adil jeung welas asih!

16. Naon nu kudu dipastikeun ku panitia pangadilan?

16 Kiwari, kokolot sidang kudu nyonto Yéhuwa nu ”cinta . . . kaadilan”. (Jab. 33:5) Mimitina, maranéhna kudu ”dongdon, talengteng sing gemet” dina mariksa naha dosa mémang geus dilampahkeun. Lamun kabukti, maranéhna bakal nuturkeun pituduh Alkitab dina nyieun putusan. (Pam. 13:12-14) Dina panitia pangadilan, kokolot kudu ati-ati pisan dina mastikeun jalma nu dosa éta geus tobat atawa henteu. Tangtu ieu téh teu gampang lantaran ngalibetkeun kaayaan haté jeung cara pandang jalma éta kana dosana. (Wahyu 3:3) Jalma nu dosa kudu tobat sangkan dipikawelas. *—Tingali catetan handap.

17, 18. Kumaha carana kokolot bisa mastikeun yén hiji jalma bener-bener tobat? (Tingali gambar dina awal artikel.)

17 Lantaran bisa ningali eusi haté, Yéhuwa jeung Yésus terang kana naon nu dipikirkeun jeung dirasakeun ku hiji jalma. Tapi, kokolot teu bisa ningali eusi haté. Jadi salaku kokolot, kumaha carana Sadérék mastikeun yén hiji jalma bener-bener tobat? Kahiji, suhunkeun hikmat jeung kabijaksanaan. (1 Rja. 3:9) Kadua, gunakeun Firman Allah jeung publikasi ti gandék nu satia pikeun ngabédakeun kasedih ti dunya jeung kasedih nu luyu jeung kahoyong Allah, nyaéta tobat enya-enya. (2 Kor. 7:10, 11) Tingali kumaha Alkitab ngajelaskeun jalma nu tobat jeung nu henteu, sarta perhatikeun kumaha parasaan, pamikiran, jeung kalakuan maranéhna.

18 Katilu, pikirkeun jalmana, teu ngan saukur kasalahanana. Ku naon manéhna jadi siga kitu? Ku naon manéhna nyieun putusan éta? Kumaha kaayaan manéhna jeung naon tangtanganana? Alkitab nganubuatkeun yén Yésus, sabagé kapala sidang Kristen, ”mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna. Adil asih ka nu miskin, bumela ka nu sangsara”. (Yes. 11:3, 4) Kokolot, Yésus ngalantik Sadérék pikeun ngajaga sidangna. Tangtu anjeunna bakal mantuan Sadérék pikeun ngahakiman ku cara nu adil jeung welas asih. (Mat. 18:18-20) Urang nganuhunkeun pisan lantaran aya kokolot-kokolot nu ngajaga urang! Maranéhna ogé bakal ngabantu urang sangkan adil jeung welas asih ka dulur saiman.

19. Palajaran naon nu bakal dilarapkeun ku Sadérék tina kota suaka?

19 Hukum Musa téh eusina ”kanyaho jeung perkara-perkara anu bener”. Ieu ngajar urang ngeunaan Yéhuwa jeung prinsip-prinsip-Na. (Rum 2:20) Tina kota suaka nu diatur dina Hukum, para kokolot diajar ”kudu adil” waktu ngahakiman. Urang gé diajar pikeun ’karunyaan jeung hade hate’. (Jak. 7:9) Sanajan urang teu diwajibkeun ngajalankeun Hukum Musa, Yéhuwa teu barobah. Kaadilan jeung welas asih téh penting pikeun Mantenna. Urang reueus bisa nyembah ka Allah nu saperti kitu. Hayu urang nyonto sipat-sipat-Na nu éndah jeung narima panyalindungan ti Mantenna!

^ par. 16 Tingali ”Pertanyaan Pembaca” di Menara Pengawal 15 Séptémber 2006, kaca 30.