Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tolak Cara Pikir Dunya

Tolak Cara Pikir Dunya

”Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun.”​—KOL. 2:8.

KAWIH: 38, 31

1. Naon eusi surat Rasul Paulus ka urang Kristen di Kolosa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

RASUL PAULUS nulis surat keur urang Kristen di Kolosa basa manéhna dipanjara di Rum kira-kira taun 60-61 M. Paulus ngajelaskeun naon sababna maranéhna kudu ”ngarti enya-enya kana pangersa [Allah]”. (Kol. 1:9) Ceuk Paulus, ”Ku hal eta aranjeun ulah beunang kaolo ku batur, sanajan jelemana siga kacida hadena oge. Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa jeung ti roh-roh di jagat raya, lain ti Kristus.” (Kol. 2:4, 8) Tuluy Paulus ngajéntrékeun naon sababna sababaraha pandangan nu umum téh salah jeung ku naon éta dipikaresep ku loba jalma. Misalna, aya nu resepeun lantaran manéhna jadi katingali pinter atawa leuwih hadé ti batur. Jadi, Paulus nulis surat pikeun ngélingan dulur-dulurna sangkan nyingkahan cara pikir dunya jeung nolak lalampahan nu salah.​—Kol. 2:16, 17, 23.

2. Ku naon urang bakal ngabahas conto-conto cara pikir dunya?

2 Jalma-jalma nu boga cara pikir dunya ngabaékeun prinsip-prinsip Yéhuwa Lamun teu ati-ati, cara pikir maranéhna bisa ngalaaskeun kayakinan urang kana hikmat Allah. Urang bisa kapangaruhan cara pikir dunya nu aya dina TV, Internét, tempat gawé, atawa sakola. Kumaha cara nyingkahan pangaruh goréng ieu? Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas lima conto cara pikir dunya jeung kumaha cara nolakna.

NAHA URANG PERLU PERCAYA KA ALLAH?

3. Pandangan naon nu dipikaresep ku loba jalma? Naon sababna?

3 ”Teu percaya ka Allah gé, abdi bisa jadi jalma bageur.” Kiwari, pandangan ieu jamak di loba nagri. Jalma-jalma nu boga pandangan ieu bisa jadi teu bener-bener mikirkeun ayana Allah. Maranéhna ngan resep bisa bébas ngalampahkeun naon waé nu dipikahayangna. (Baca Jabur 10:4.) Nu séjénna ngarasa yén maranéhna katingali pinter lamun ngomong, ”Abdi tetep bisa boga prinsip-prinsip nu hadé sanajan teu percaya ka Allah.”

4. Urang bisa ngajelaskeun naon ka jalma nu teu percaya ayana Nu Nyipta?

4 Naha kapercayaan yén teu ayana Nu Nyipta téh asup akal? Sababaraha jalma kalah ka jadi bingung waktu néangan jawabanana dina élmu alam. Tapi sabenerna, jawabanana téh gampang. Naha hiji imah bisa ujug-ujug muncul? Tangtu henteu! Kudu aya nu ngawangunna. Mahluk hirup leuwih ruwed ti batan imah mana waé. Malahan, hiji sél saderhana gé bisa ngagandakeun dirina. Imah mah teu bisa. Ieu hartina, sél-sél téh bisa nyimpen informasi jeung ngawariskeunana ka sél nu anyar sangkan bisa ngagandakeun diri ogé. Saha nu nyiptakeun sél-sél nu boga kamampuh siga kitu? Alkitab ngajawab, ”Imah tangtu aya anu nyieunna, ari saniskara sajagat raya dipidamelna ku Allah.”​—Ibr. 3:4.

5. Kumaha lamun aya nu ngomong yén manéhna bisa nangtukeun mana nu alus sanajan teu percaya ka Allah?

5 Kumaha lamun aya nu ngomong yén manéhna bisa nangtukeun mana nu alus sanajan teu percaya ka Allah? Alkitab ogé ngakukeun yén jalma-jalma nu teu percaya ka Allah bisa waé boga prinsip-prinsip nu hadé. (Rum 2:14, 15) Contona, manéhna bisa hormat jeung nyaah ka kolotna. Tapi lamun teu nuturkeun papakon Yéhuwa, manéhna bisa nyieun putusan nu goréng pisan. (Yes. 33:22, 23) Loba jalma pinter di dunya yakin yén urang butuh bantuan Allah pikeun ngaréngsékeun masalah nu beurat di dunya ieu. (Baca Yermia 10:23.) Jadi, ulah disangka yén urang bisa nangtukeun mana nu alus lamun teu percaya ka Allah jeung henteu nuturkeun papakon-Na.​—Jab. 146:3.

NAHA URANG PERLU AGAMA?

6. Naon pandangan loba jalma ngeunaan agama?

6 ”Urang bagja sanajan teu boga agama.” Loba nu mikir yén agama téh geus tinggaleun jaman sarta euweuh gunana. Loba agama gé ngajarkeun naraka, maksa jalma méré sumbangan, atawa ngadukung pulitik. Geus teu anéh lamun beuki loba waé jalma nu ngomong yén leuwih bagja mun teu boga agama! Maranéhna bisa waé ngomong kieu, ”Abdi percaya ka Allah, tapi teu miluan agama nanaon.”

7. Kumaha agama sajati bisa ngabagjakeun Sadérék?

7 Naha urang bisa bener-bener bagja sanajan teu boga agama? Urang tangtu bagja lamun teu miluan agama palsu. Tapi, teu aya nu bisa bener-bener bagja lamun teu nyobat jeung Yéhuwa, ”Allah nu bagja”. (1 Tim. 1:11, Terjemahan Dunia Baru) Sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa téh demi kapentingan jalma-jalma. Urang ogé salaku hamba Allah bisa bagja lamun mantuan batur. (Ras. 20:35) Misalna, pék pikirkeun kumaha ibadah sajati bisa ngabagjakeun kulawarga. Urang diajar pikeun ngajénan jeung satia ka batur hirup, ngajar kasopanan ka budak, sarta silih asih. Ibadah sajati ngabantu umat Allah pikeun sabilulungan di sidang nu tengtrem jeung némbongkeun asih ka dulur saiman.​—Baca Yesaya 65:13, 14.

8. Numutkeun Lukas 11:28, naon nu bisa bener-bener mawa kabagjaan?

8 Jadi, naha saurang jalma bisa bener-bener bagja tanpa ngawula Allah? Hal-hal naon nu ngabagjakeun jalma-jalma? Aya nu resep kana kariér, olahraga, atawa hobi. Aya ogé nu jadi bungah lantaran merhatikeun kulawarga jeung sobat. Sanajan hal-hal ieu mémang nyenangkeun, aya deui hal séjén nu bisa mawa kabagjaan nu langgeng. Béda jeung sasatoan, urang diciptakeun sangkan wanoh jeung nyembah ka Allah. Éta nu bakal mawa kabagjaan. (Baca Lukas 11:28.) Contona, urang ngarasa bagja jeung dikuatkeun waktu ibadah bareng jeung dulur-dulur saiman. (Jab. 133:1) Urang ogé bungah lantaran jadi bagian tina duduluran sadunya, hirup bersih, jeung boga harepan nu éndah pikeun mangsa kahareup.

NAHA URANG PERLU PAPAKON MORAL?

9. (a) Naon pandangan nu umum ngeunaan séks? (b) Ku naon Firman Allah ngalarang hubungan séks jeung nu lain batur hirup?

9 ”Naon salahna hubungan séks jeung nu lain batur hirup?” Aya nu ngomong, ”Urang kudu nganikmatan hirup. Nu kieu mah ulah dilarang-larang.” Tapi, Firman Allah ngalarang hirup cabul. * (Tingali catetan handap.) (Baca 1 Tesalonika 4:3-8.) Lantaran nyiptakeun urang, Yéhuwa gaduh hak pikeun masihan hukum ka urang. Mantenna nyarios yén hubungan séks téh ngan meunang dilakukeun ku saurang lalaki jeung saurang awéwé nu geus nikah. Mantenna masihan hukum lantaran nyaah ka urang jeung apal yén hirup urang bakal leuwih hadé lamun nuturkeun hukum éta. Kulawarga nu taat ka hukum Allah bakal silih asih, silih hormat, jeung ngarasa aman. Tapi, nu ngahaja teu taat bakal dihukum ku Allah.​—Ibr. 13:4.

10. Kumaha urang Kristen bisa nyingkahan hal-hal nu cabul?

10 Alkitab ngajarkeun carana nyingkahan hal-hal nu cabul. Urang kudu ngadalikeun panon urang. Ceuk Yésus, ”Lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed. Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun!” (Mat. 5:28, 29) Jadi, urang kudu nyingkahan pornografi jeung musik nu cabul. Paulus nulis, ”Aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur.” (Kol. 3:5) Urang ogé kudu ngadalikeun pikiran jeung obrolan urang.​—Epe. 5:3-5.

NAHA URANG KUDU NGUDAG KARIÉR?

11. Ku naon urang bisa jadi hayang miboga kariér nu alus?

11 ”Kariér nu alus bisa ngabagjakeun anjeun.” Jalma-jalma mapatahan urang pikeun ngagunakeun waktu jeung tanaga keur ngudag kariér, utamana nu bisa nyieun urang kasohor, boga kawasa, jeung beunghar. Lantaran loba nu mikir yén kariér nu alus téh konci kabagjaan, bisa jadi urang gé mikir kitu.

12. Naha kariér nu alus bisa ngabagjakeun Sadérék?

12 Naha enya urang bakal bagja lamun boga kariér alus? Henteu. Pék pikirkeun, Sétan hayang boga kawasa jeung kasohor. Tapi sanggeus éta kacumponan, manéhna tetep wé teu bagja jeung ambek-ambekan. (Mat. 4:8, 9; Wahyu 12:12) Sabalikna, urang bagja pisan waktu mantuan batur diajar ngeunaan Allah jeung jangji-jangji éndah dina mangsa kahareup. Moal aya kariér di dunya ieu nu bisa méré kabagjaan sarupa kitu. Salian ti éta, pikeun ngudag kariér nu alus, jalma-jalma kudu paunggul-unggul, pasirik-sirik, jeung teu aya karunya. Tapi, tungtungna maranéhna teu ngarasa puas. Ceuk Alkitab, maranéhna ibarat ”ngajaring angin”.​—Pan. 4:4.

13. (a) Kumaha sakuduna pandangan urang kana pagawéan? (b) Naon nu bener-bener ngabagjakeun Paulus?

13 Tangtu, urang kudu néangan napkah. Teu salah lamun urang milih pagawéan nu dipikaresep ku urang. Tapi, éta ulah jadi hal nu pangpentingna. Ceuk Yésus, ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.” (Mat. 6:24) Ngawula Yéhuwa jeung ngajarkeun Alkitab ka batur bakal mawa kabungah nu taya bandingna. Rasul Paulus ngalaman hal ieu. Basa keur ngora, manéhna ngudag kariér. Tapi, manéhna kakara ngarasa bener-bener bagja waktu ningali kumaha warta ti Allah ngarobah kahirupan jalma-jalma nu diwawaran. (Baca 1 Tesalonika 2:13, 19, 20.) Moal aya kariér nu leuwih ngabagjakeun ti batan ngawula Yéhuwa!

Urang bagja lamun ngabantu batur wanoh ka Allah (Tingali paragrap 12, 13)

NAHA URANG BISA NGARÉNGSÉKEUN MASALAH DUNYA IEU?

14. Ku naon jalma-jalma resep kana pamikiran yén manusa bisa ngaréngsékeun masalahna sorangan?

14 ”Manusa bisa ngaréngsékeun masalahna sorangan.” Loba nu resep kana pandangan ieu. Ku naon? Lantaran lamun bener, urang teu perlu dibingbing ku Allah jeung bisa hirup sakahayang urang. Sadérék bisa jadi pernah ngadéngé yén perang, kajahatan, panyakit, jeung kamiskinan geus ngurangan. Hiji laporan nyebutkeun, ”Umat manusa jadi leuwih hadé téh lantaran manusa geus tékad rék nyieun dunya jadi leuwih alus.” Naha enya? Naha ahirna manusa nyaho carana ngaréngsékeun masalah di dunya? Hayu urang tingali kanyataanana.

15. Naon buktina yén masalah di dunya ieu beuki parna?

15 Naha manusa geus mungkas masalah perang? Dina Perang Dunya I jeung II, leuwih ti 60 juta jalma tiwas. Dina taun 2015 waé, 12,4 juta jalma kapaksa ninggalkeun imah lantaran perang atawa ditindes. Éta hartina jumlah sakabéh jalma nu kudu ninggalkeun imahna aya 65 juta jalma. Kumaha jeung kajahatan? Sanajan sababaraha kajahatan geus ngurangan di sababaraha tempat, kajahatan séjén beuki ngalobaan, saperti kajahatan di Internét, kakerasan di rumah tangga, térorisme, jeung korupsi. Kumaha jeung panyakit? Mémang, sababaraha panyakit geus aya ubarna. Tapi, hiji laporan dina taun 2013 nyebutkeun yén unggal taun, salapan juta jalma di handap 60 taun maot lantaran panyakit jantung, stroke, kangker, panyakit pernapasan, jeung diabétés. Kumaha jeung kamiskinan? Bank Dunya ngalaporkeun yén di Afrika wungkul, jumlah jalma nu kacida miskinna ningkat ti 280 juta dina taun 1990 jadi 330 juta dina taun 2012.

16. (a) Ku naon manusa teu bisa mungkas masalah-masalah di dunya? (b) Numutkeun nubuat di Yesaya jeung Jabur, naon nu bakal dilampahkeun ku Karajaan Allah?

16 Urang teu kudu héran kana kanyataan ieu. Kiwari, organisasi ékonomi jeung pulitik dikawasaan ku jalma-jalma nu mentingkeun diri. Maranéhna teu bisa mungkas perang, kajahatan, panyakit, jeung kamiskinan. Ngan Karajaan Allah nu bisa. Bayangkeun naon nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun manusa. Karajaana-Na bakal ngaleungitkeun sagala hal nu ngalantarankeun perang, saperti sipat mentingkeun diri, korupsi, patriotisme, agama palsu, jeung Sétan. (Jab. 46:9, 10) Karajaan Allah bakal mungkas kajahatan. Malahan ayeuna, jutaan jalma keur diajar sangkan silih asih jeung silih percaya. Pamaréntahan séjén moal bisa kitu. (Yes. 11:9) Yéhuwa bakal ngamusnakeun panyakit, sakabéh jalma bakal séhat sampurna. (Yes. 35:5, 6) Mantenna ogé bakal mungkas kamiskinan, kabéh jalma bisa hirup bagja sarta nyobat jeung Mantenna. Duit sakumaha lobana gé moal bisa meuli kahirupan siga kitu.​—Jab. 72:12, 13.

”SING BISA MERE JAWABAN ANU LAYAK KA NU NYUAL”

17. Kumaha Sadérék bisa nolak cara pikir dunya?

17 Jadi, lamun Sadérék ngadéngé pandangan umum nu papalingpang jeung iman Sadérék, pariksa topik éta dina Alkitab. Bahas jeung sadérék-sadérék nu kuat rohanina. Pikirkeun ku naon batur resep kana pandangan éta, ku naon éta téh salah, jeung kumaha cara nolakna. Urang bisa ngajaga diri ti cara pikir dunya ku cara ngalampahkeun naséhat Paulus, ”Nyanghareupan jelema-jelema anu teu sakapercayaan, tiap kasempetan gunakeun sing bijaksana. . . . Sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.”​—Kol. 4:5, 6..

^ par. 9 Jalma nu maca Yohanes 7:53–8:11 dina sababaraha tarjamahan Alkitab boga kasimpulan nu salah yén ngan jalma nu teu boga dosa nu bisa ngahakiman batur nu jinah. Tapi saenyana, ayat-ayat ieu teu aya dina naskah asli nu kailham. Éta sababna, Terjemahan Dunia Baru teu ngamuat bagian ieu. Tapi, hukum Allah pikeun Israil nyebutkeun, ”Upamana, aya lalaki di hiji kota kanyahoan manjingan pamajikan batur. Tangkep duanana, paehan.”​—Pam. 22:22.