Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ulah Kaleungitan Pahala!

Ulah Kaleungitan Pahala!

”Ulah aya saurang ogé nu ngaleungitkeun pahala manéh.”​—KOL. 2:18, Terjemahan Dunia Baru.

KAWIH: 122, 139

1, 2. (a) Naon pahala nu dipiharep ku umat Allah? (b) Kumaha urang bisa terus neuteup pahala? (Tingali gambar dina awal artikel.)

URANG KRISTEN nu kaistrén ngarepkeun pahala nu istiméwa. Rasul Paulus nyebutkeun yén maranéhna bakal ”hirup di sawarga”. (Pil. 3:14) Maranéhna bakal maréntah jeung Yésus Kristus di Karajaan Sawarga sarta ngabantu manusa jadi sampurna. (Wahyu 20:6) Bener-bener harepan nu istiméwa! Domba-domba lian ngarepkeun pahala nu béda, nyaéta hirup langgeng di bumi Pirdaus. Ieu harepan mawa kabagjaan sajati ka maranéhna!​—2 Pet. 3:13.

2 Paulus hayang ngabantu urang Kristen nu kaistrén sangkan terus satia jeung meunangkeun pahala éta. Ceuk Paulus, ”Tujukeun pikiran kana perkara-perkara anu aya di [sawarga].” (Kol. 3:2) Maranéhna kudu museurkeun pikiran kana harepan nu istiméwa éta. (Kol. 1:4, 5) Ku cara ngalenyepan berkah-berkah ti Yéhuwa, umat Allah bisa terus neuteup pahala, teu sual bakal hirup di sawarga atawa di bumi.​—1 Kor. 9:24.

3. Paulus ngingetan urang Kristen kana hal naon?

3 Paulus ogé ngingetan urang Kristen kana bahaya-bahaya nu bisa ngaleungitkeun pahala maranéhna. Contona, manéhna nulis surat ka sidang di Kolosa ngeunaan urang Kristen palsu nu ngajalankeun Hukum Musa lainna iman ka Kristus supaya kamanah ku Allah. (Kol. 2:16-18) Paulus ogé nyebutkeun bahaya-bahaya nu masih aya ayeuna nu bisa ngalantarankeun urang teu meunangkeun pahala. Manéhna nyebutkeun carana ngalawan napsu cabul sarta naon nu kudu dilampahkeun lamun aya masalah jeung dulur saiman atawa kulawarga. Naséhatna bisa ngabantu urang ayeuna. Hayu tingali sababaraha pangéling nu aya dina suratna ka sidang Kolosa.

PAÉHKEUN NAPSU NU CABUL

4. Ku naon napsu nu cabul bisa ngaleungitkeun pahala urang?

4 Sanggeus Paulus ngingetan dulur-dulur Kristen kana pahala istiméwana, manéhna nulis, ”Ku sabab kitu aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah.” (Kol. 3:5) Napsu nu cabul bisa kuat pisan jeung bisa megatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa sarta harepan urang. Saurang sadérék nu pernah nyerah kana napsu nu cabul sarta balik deui ka sidang ngomong yén napsu éta téh sakitu kuatna nepi ka manéhna ”nyieun dosa sabab teu bisa ngadalikeunana”.

5. Kumaha urang bisa nyalindungan diri ti bahaya moral?

5 Urang kudu waspada dina sagala kaayaan nu bisa ngajurung urang teu satia ka papakon moral Yéhuwa. Contona, tangtu bijaksana lamun pasangan nu keur bobogohan netepkeun watesan ti mimiti ngeunaan cecekelan, ciciuman, jeung duduaan. (Sil. 22:3) Bahaya séjénna nyaéta waktu aya tugas iinditan bareng jeung lawan jenis. (Sil. 2:10-12, 16) Kumaha Sadérék bisa nyalindungan diri? Caritakeun yén Sadérék téh Saksi Yéhuwa. Sing sopan sarta inget yén ngagoda batur bisa nyababkeun cilaka. Urang ogé kudu ati-ati waktu keur sedih atawa ngarasa sepi. Urang jadi hayang aya nu merhatikeun. Parasaan ieu bisa nyababkeun urang strés nepi ka daék narima perhatian ti saha baé. Ieu téh bahaya. Lamun Sadérék pernah ngarasakeunana, ulah ngalampahkeun hal-hal nu bisa ngalantarankeun Sadérék kaleungitan pahala. Geura ménta bantuan ka Yéhuwa jeung dulur-dulur di sidang.​—Baca Jabur 34:19; Siloka 13:20.

6. Naon nu kudu diinget waktu urang milih hiburan?

6 Maéhkeun napsu nu cabul téh kaasup nolak hiburan nu rucah. Loba hiburan nu aya kiwari ngingetkeun urang kana kaayaan di Sadumu jeung Gomora. (Yud. 7) Industri hiburan nyieun hal-hal nu rucah katingalina jamak jeung teu ngabahayakeun. Jadi, urang kudu terus waspada, ulah langsung narima kabéh hiburan ti dunya ieu. Sabalikna, urang kudu milih hiburan nu moal ngahalangan urang meunangkeun pahala kahirupan.​—Sil. 4:23.

MEKARKEUN KANYAAH JEUNG KAHADÉAN HATÉ

7. Masalah naon nu bisa muncul di sidang Kristen?

7 Urang bungah jadi anggota sidang Kristen. Urang diajar Firman Allah di pasamoan sarta silih rojong. Hal-hal ieu ngabantu urang terus neuteup pahala. Tapi sakapeung, salah paham bisa ngalantarankeun masalah di antara dulur saiman. Lamun teu diréngsékeun, urang bisa nyimpen kakeuheul.​—Baca 1 Petrus 3:8, 9.

8, 9. (a) Sipat-sipat naon nu diperlukeun sangkan urang meunang pahala? (b) Urang kudu kumaha lamun dulur saiman nganyenyeri urang?

8 Ulah nepi kakeuheul ngahalangan urang meunangkeun pahala. Paulus ngajelaskeun naon nu kudu dilampahkeun ku urang Kristen, ”Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar. Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun. Seug ieu sipat-sipat teh tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.”​—Kol. 3:12-14.

9 Kanyaah jeung kahadéan haté bisa ngabantu urang jadi hampuraan. Lamun dinyenyeri ku omongan jeung lalampahan batur, pék inget-inget deui iraha omongan atawa lalampahan urang nganyenyeri batur, tapi urang dihampura. Urang nganuhunkeun pisan kana kanyaah jeung kahadéan haté maranéhna! (Baca Pandita 7:21, 22.) Urang ogé nganuhunkeun ka Kristus nu geus ngahijikeun umat Allah sadunya. (Kol. 3:15) Urang kabéh nyembah Allah nu sarua, ngawawarkeun warta nu sarua, jeung nyanghareupan loba masalah nu sarua. Lamun urang hadé haté, mikanyaah, jeung ngahampura batur, sidang tangtu bakal ngahiji. Ku kituna, urang bisa terus neuteup pahala.

10, 11. (a) Ku naon sipat sirikan téh bahaya? (b) Kumaha carana sangkan sipat sirikan teu ngahalangan urang meunangkeun pahala?

10 Sipat sirikan ogé bisa ngahalangan urang meunangkeun pahala. Aya conto-conto Alkitab nu némbongkeun bahayana sirikan. Misalna, lantaran sirik ka Habil, Kain maéhan Habil. Korah, Datan, jeung Abiram sirik ka Musa tuluy barontak. Raja Saul nu sirik ka Daud ahirna hayang maéhan Daud. Firman Allah ieu kabukti, ”Di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.”​—Yak. 3:16.

11 Urang moal babari sirikan lamun mekarkeun kanyaah jeung kahadéan haté. Ceuk Firman Allah, ’Kanyaah teh sabar jeung alus budi, teu sirikan.’ (1 Kor. 13:4) Sangkan sipat sirik teu aya dina haté, urang kudu ningali sagala hal luyu jeung cara pandang Yéhuwa. Urang kudu nganggap dulur saiman sabagé babagian awak, nyaéta sidang Kristen. Alkitab nyebutkeun, ”Upama nu hiji didama-dama, nu sejenna oge milu ngarasa genah.” (1 Kor. 12:16-18, 26) Lamun aya nu meunang berkah, tangtu urang bakal milu bungah, lainna sirik. Pék inget tuladan Yonatan, putrana Raja Saul. Yonatan teu sirik waktu Daud dipilih jadi raja, lain manéhna. Yonatan justru nguatkeun jeung ngarojong Daud. (1 Sam. 23:16-18) Naha urang bisa némbongkeun kahadéan haté jeung kanyaah saperti Yonatan?

SAKULAWARGA MEUNANGKEUN PAHALA

12. Naséhat Alkitab naon nu bisa ngabantu kulawarga urang meunangkeun pahala?

12 Lamun unggal anggota kulawarga ngalarapkeun prinsip Alkitab, tangtu kulawarga bakal rukun, bagja, sarta meunangkeun pahala. Paulus méré naséhat bijaksana ieu keur kulawarga, ”Para wanita anu rumah tangga sing ngesto ka salaki. Eta kawajiban umat Kristus. Salaki-salaki sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar. Barudak umat Kristus, maraneh salawasna kudu nurut ka kolot. Budak nu nurut ka kolot bakal diasih ku Allah. Kolot-kolot ulah nganyenyeri hate anak, bisi anak reuntas hatena.” (Kol. 3:18-21) Kumaha naséhat ieu bisa mantuan kulawarga Sadérék?

13. Kumaha carana ngageuing salaki nu teu saiman pikeun ngawula Yéhuwa?

13 Lamun salaki Sadérék can ngawula ka Yéhuwa, Sadérék kudu kumaha lamun ningali manéhna teu ngalampahkeun nu sakuduna? Sadérék bisa waé jadi ambek jeung paadu omong, tapi naha éta bakal ngaréngsékeun masalahna? Sanajan manéhna nu éléh, naha manéhna bakal kageuing pikeun ngawula Yéhuwa? Sigana henteu. Tapi, lamun Sadérék ngajénan salaki salaku kapala kulawarga, hasilna kulawarga jadi leuwih rukun, Yéhuwa ogé dimulyakeun. Malahan tuladan Sadérék bisa ngageuing salaki pikeun ngawula Yéhuwa, sarta ahirna Sadérék jeung salaki bisa meunangkeun pahala.​—Baca 1 Petrus 3:1, 2.

14. Salaki Kristen kudu kumaha lamun teu diajénan ku pamajikan nu teu saiman?

14 Lamun pamajikan Sadérék can ngawula ka Yéhuwa, Sadérék kudu kumaha lamun teu diajénan ku manéhna? Lamun Sadérék ngagorowok pikeun nunjukkeun saha nu jadi bos, naha manéhna bakal ngajénan Sadérék? Tangtu moal! Allah miharep Sadérék jadi salaki nu nyaahan saperti Yésus. (Epe. 5:23) Salaku kapala sidang, Yésus sabar jeung nyaahan. (Luk. 9:46-48) Lamun Sadérék nyonto Yésus, dina waktuna pamajikan ogé kageuing pikeun ngawula Yéhuwa.

15. Kumaha salaki Kristen némbongkeun kanyaah ka pamajikanana?

15 Yéhuwa nyarios ka para salaki, ”Sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.” (Kol. 3:19) Salaki nu nyaahan bakal ngajénan pamajikanana ku cara ngadéngékeun omonganana jeung ngayakinkeun yén éta téh penting keur dirina. (1 Pet. 3:7) Sanajan teu bisa ngalaksanakeun kabéh saran pamajikanana, salaki bakal nyieun putusan nu leuwih hadé lamun ngadéngékeun saranna. (Sil. 15:22) Salaki nu nyaahan bakal upaya sangkan diajénan lainna maksa diajénan ku pamajikanana. Lamun salaki mikanyaah pamajikan jeung barudakna, kulawarga bakal bagja ngawula Yéhuwa sarta meunangkeun pahala kahirupan.

Kumaha sangkan masalah kulawarga henteu ngahalangan urang pikeun meunangkeun pahala?(Tingali paragrap 13-15)

BUDAK NGORA, ULAH KALEUNGITAN PAHALA!

16, 17. Salaku budak ngora, kumaha carana sangkan hidep henteu keuheul ka kolot?

16 Bisa jadi hidep téh rumaja nu ngarasa teu nyambung jeung kolot sarta loba teuing dilarang. Sakitu keuheulna nepi ka hidep hamham rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. Tapi lamun hidep ninggalkeun Yéhuwa, hidep bakal ningali yén di dunya ieu, moal aya nu mikanyaah hidep kawas kolot Saksi jeung sobat-sobat di sidang.

17 Pék pikirkeun, mun kolot tara negor hidep, kumaha hidep bisa yakin yén maranéhna téh nyaah? (Ibr. 12:8) Maranéhna mémang teu sampurna, jadi cara ngadisiplinna bisa waé ngajéngkélkeun hidep. Tapi, ulah éta nu diperhatikeun. Pikirkeun alesan maranéhna ngalakukeun hal éta. Tetep tenang, ulah émosi. Ceuk Firman Allah, ”Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah. Jelema bijaksana mah ayem.” (Sil. 17:27) Hidep kudu boga cita-cita jadi jalma déwasa nu daék narima naséhat jeung nyokot hikmahna teu sual kumaha carana éta ditepikeun. (Sil. 1:8) Ulah poho yén boga kolot nu nyaah ka Yéhuwa téh kurnia nu pohara. Maranéhna hayang hidep hirup langgeng.

18. Ku naon Sadérék boga tékad pikeun terus neuteup pahala?

18 Teu sual urang boga harepan di sawarga atawa di bumi pirdaus, urang masing-masing bisa ngarepkeun mangsa kahareup nu éndah. Harepan urang téh pasti sabab dumasar kana jangji ti Nu Nyipta jagat raya. Ngeunaan Pirdaus, Allah nyarios, ”Sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN.” (Yes. 11:9) Engké kabéh jalma di bumi bakal diajar ku Yéhuwa. Éta pahala nu layak diupayakeun. Jadi, sing terus inget kana jangji-jangji Yéhuwa, sarta ulah kaleungitan pahala Sadérék!