Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Abdi Bakal Nuturkeun Jalan Bebeneran ti Ama”

”Abdi Bakal Nuturkeun Jalan Bebeneran ti Ama”

”Nun Yéhuwa, wurukan abdi ngeunaan jalan Ama. Abdi bakal nuturkeun jalan bebeneran ti Ama.”​—JAB. 86:11, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH: 31, 72

1-3. (a) Kumaha parasaan urang kana bebeneran Alkitab? Caritakeun misilna. (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

KIWARI, geus umum lamun jalma meuli barang di toko tuluy dipulangkeun deui. Komo lamun balanja online, éta leuwih sering deui. Bisa jadi lantaran barang nu dibeuli téh teu sarua jeung nu dibayangkeun atawa barangna ruksak. Jadi, biasana maranéhna ménta barangna ditukeur atawa duitna dibalikkeun.

2 Tapi, kana bebeneran Alkitab mah urang moal kitu. Sakalina ’dibeuli’, urang moal ’ngajual’ bebeneran, hartina sakalina urang diajar bebeneran, urang embung ninggalkeunana. (Baca Siloka 23:23; 1 Tim. 2:4) Saperti nu geus dibahas dina artikel saacanna, urang geus ngagunakeun loba waktu pikeun diajar bebeneran. Bisa jadi urang ogé geus ngorbankeun kariér padahal bisa beunghar. Salian ti éta, hubungan urang jeung batur bisa jadi geus teu siga baheula deui, urang geus ngarobah cara pikir jeung lalampahan, atawa geus teu pipilueun kana kabiasaan jeung tradisi nu teu nyenangkeun Yéhuwa. Tapi urang yakin, berkahna leuwih gedé ti batan pangorbananana.

3 Yésus nyaritakeun misil ngeunaan sudagar nu néangan mutiara nu alus. Waktu manéhna manggihan mutiara nu kacida alusna, manéhna gancang ngajual sagala nu dipibogana supaya éta kabeuli. Mutiara ngibaratkeun bebeneran ngeunaan Karajaan Allah. Jadi, Yésus némbongkeun sakumaha penting bebeneran keur jalma-jalma nu néanganana. (Mat. 13:45, 46) Basa mimiti diajar bebeneran, nyaéta ngeunaan Karajaan Allah atawa bebeneran séjén tina Alkitab, urang réla ngorbankeun sagala hal demi meunangkeun éta. Lamun urang terus ngahargaan bebeneran, urang moal ninggalkeunana. Hanjakalna, sababaraha hamba Allah teu ngahargaan deui malahan ninggalkeun bebeneran. Urang embung siga kitu! Urang kudu nuturkeun naséhat Alkitab pikeun ”lumampah dina jalan anu bener”. (Baca 3 Yohanes 2-4.) Éta hartina urang ngutamakeun jeung ngalarapkeun bebeneran. Tapi, ku naon jeung kumaha saurang jalma ’ngajual’ atawa ninggalkeun bebeneran? Kumaha sangkan urang teu siga kitu? Jeung, kumaha sangkan tékad urang leuwih kuat pikeun ”lumampah dina jalan anu bener”?

KU NAON JEUNG KUMAHA SAURANG JALMA ’NGAJUAL’ BEBENERAN?

4. Di jaman Yésus, ku naon aya jalma nu teu nuturkeun deui bebeneran?

4 Di jaman Yésus, sababaraha jalma nu tadina narima bebeneran teu nuturkeun deui bebeneran. Misalna, sanggeus Yésus nyieun mujijat sarta méré dahar loba jalma, maranéhna nuturkeun nepi ka peuntaseun Talaga Galiléa. Tapi, tuluy Yésus ngomongkeun hal nu pikareuwaseun, ”Lamun maraneh henteu ngadahar daging Putra Manusa jeung henteu nginum getih-Na, diri maraneh moal aya hirupna.” Lainna nanyakeun naon maksud Yésus, maranéhna ngadon ngomong, ”Beurat teuing eta pangajaran teh! Saha nu bisa narima?” Tungtungna, ”loba panganut Yesus anu naringgalkeun ka Anjeunna, embungeun marilu deui”.​—Yoh. 6:53-66.

5, 6. (a) Ku naon aya nu ngahaja ninggalkeun bebeneran? (b) Kumaha saurang jalma bisa lalaunan ngajauh ti bebeneran?

5 Hanjakalna, kiwari aya sababaraha jalma nu ninggalkeun bebeneran. Naon sababna? Bisa jadi aya nu teu satuju kana pamahaman nu anyar ngeunaan hiji ayat atawa teu satuju kana omongan atawa lalampahan sadérék nu kasohor. Nu séjén kasinggung waktu dibéré naséhat tina Alkitab atawa pagétréng jeung batur di sidang. Aya ogé nu nuturkeun pangajaran palsu ti jalma murtad atawa ti jalma nu mitnah urang. Ieu téh sababaraha alesan ku naon aya jalma nu ngahaja ninggalkeun Yéhuwa jeung sidang. (Ibr. 3:12-14) Alusna mah maranéhna percaya ka Yésus, saperti Pétrus. Basa jalma-jalma naringgalkeun Yésus lantaran teu satuju kana ucapanana, Yésus nanyakeun naha para rasul rék ninggalkeun ogé. Pétrus ngajawab, ”Ka saha abdi-abdi kedah indit upami ngantunkeun? Gusti nu kagungan pangandika nu maparin hirup langgeng.”​—Yoh. 6:67-69.

6 Nu séjénna lalaunan ngajauh ti bebeneran, bisa jadi maranéhna teu engeuheun kana hal éta. Jalma nu siga kitu téh ibarat parahu nu palid ngajauh ti sisi walungan. Alkitab ngélingan urang sangkan ”henteu palid”. (Ibr. 2:1) Biasana mah jalma nu lalaunan ngajauh ti bebeneran teu boga niat pikeun ngalakukeunana. Tapi, manéhna ngantep sosobatanana jeung Yéhuwa jadi lemah, nu tungtungna jadi pegat. Kumaha sangkan urang teu siga kitu?

KUMAHA SANGKAN URANG TEU ’NGAJUAL’ BEBENERAN?

7. Kumaha carana sangkan urang teu ngajual bebeneran?

Urang teu bisa milih bebeneran mana nu rék ditarima jeung mana nu ditampik

7 Sangkan terus nuturkeun jalan bebeneran, urang kudu narima jeung taat kana sagala nu dicarioskeun ku Yéhuwa, ngutamakeun bebeneran dina kahirupan, jeung ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab. Dina doana, Raja Daud jangji ka Yéhuwa, ”Abdi bakal nuturkeun jalan bebeneran ti Ama.” (Jab. 86:11, NW) Daud boga tékad pikeun nuturkeun jalan bebeneran, urang gé kudu kitu. Lamun henteu, bisa jadi urang kalah ka kaduhung geus nyieun pangorbanan, malahan hayang balik deui siga baheula. Urang teu bisa milih bebeneran mana nu rék ditarima jeung mana nu ditampik. Urang kudu nuturkeun ”sagala hal anu saestu”. (Yoh. 16:13) Artikel saacanna geus ngabahas lima hal nu bisa jadi dikorbankeun ku urang pikeun diajar jeung ngalarapkeun bebeneran. Ayeuna, hayu urang bahas carana supaya urang teu balik deui kana hal-hal nu geus ditinggalkeun.​—Mat. 6:19.

8. Dina ngagunakeun waktu, kumaha saurang Kristen bisa lalaunan ngajauh ti bebeneran? Béré contona.

8 Waktu. Sangkan henteu lalaunan ngajauh ti bebeneran, urang kudu bijaksana dina ngagunakeun waktu. Lamun teu ati-ati, urang bisa méakkeun waktu pikeun rékréasi, hobi, maén Internét, atawa lalajo TV. Sanajan éta kabéh can tangtu salah, waktu nu tadina dipaké keur diajar Alkitab jeung dines bisa kapaké keur hal-hal éta. Ieu kaalaman ku Éma. * (Tingali catetan handap.) Ti leuleutik, manéhna resep kuda. Unggal aya waktu, manéhna osok numpak kuda. Tapi, manéhna rumasa salah lantaran geus méakkeun waktu pikeun hobina. Jadi, manéhna ngarobah naon nu rék diutamakeun. Éma diajar tina pangalaman Cory Wells, saurang sadérék istri nu resep numpak kuda pikeun miluan rodéo. * (Tingali catetan handap.) Ayeuna, Éma ngagunakeun loba waktuna pikeun ngawula Yéhuwa. Manéhna gé boga leuwih loba waktu keur kulawarga jeung babaturan nu sarua ngawula Yéhuwa. Manéhna ngarasa leuwih raket ka Allah jeung bungah lantaran bijaksana dina ngagunakeun waktuna.

9. Kumaha urang bisa jadi mentingkeun harta banda?

9 Harta banda. Sangkan terus nuturkeun jalan bebeneran, urang ulah nepi ka mentingkeun harta banda. Basa diajar bebeneran, urang sadar yén ngawula Yéhuwa leuwih penting ti batan harta banda. Urang gé bungah ngorbankeun hal éta pikeun bebeneran. Tapi terus, urang ningali batur maké duitna pikeun meulian alat éléktronik nu panganyarna atawa hal-hal séjénna. Urang jadi kabita. Urang gé teu ngarasa puas sarta mulai mentingkeun harta banda ti batan ngawula Yéhuwa. Ieu ngingetkeun urang ka Démas. ”Manehna kagembang ku dunya ieu” nepi ka ninggalkeun Rasul Paulus jeung tugasna. (2 Tim. 4:10) Bisa jadi Démas leuwih nyaah ka harta banda ti batan dinesna ka Allah. Atawa manéhna geus teu hayang deui nyieun pangorbanan pikeun ngawula bareng jeung Paulus. Naon palajaranana? Bisa waé baheula urang nyaah ka harta banda. Lamun teu ati-ati, kanyaah éta bisa tumuwuh deui malahan sakitu kuatna nepi ka urang teu nyaah deui ka bebeneran.

10. Urang kudu nampik pangaruh ti saha?

10 Hubungan jeung batur. Sangkan terus nuturkeun jalan bebeneran, urang ulah nepi ka kapangaruhan ku jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa. Basa diajar bebeneran, hubungan urang jeung babaturan tur kulawarga nu lain Saksi jadi barobah. Mémang aya nu ngahargaan kapercayaan urang, tapi aya ogé nu nentang. (1 Pet. 4:4) Tangtu, urang ngupayakeun pikeun akur jeung bageur ka maranéhna. Tapi, urang embung ngabaékeun papakon Yéhuwa demi nyenangkeun maranéhna. Sakumaha nu disebutkeun dina 1 Korinta 15:33, sobat urang sakuduna jalma nu nyaah ka Yéhuwa.

11. Kumaha urang bisa nampik pikiran jeung lalampahan nu salah?

11 Pikiran jeung lalampahan nu salah. Sangkan aya dina jalan bebeneran, urang kudu suci, atawa bersih, di pandangan Yéhuwa. (Yes. 35:8; baca 1 Petrus 1:14-16.) Basa diajar bebeneran, urang nyieun parobahan supaya bisa nuturkeun papakon Alkitab. Sababaraha nyieun parobahan nu gedé pisan. Tapi, urang kudu tetep ati-ati ulah nepi ka kahirupan urang nu bersih diganti ku kahirupan nu cabul. Kumaha urang bisa nolak gogoda pikeun ngalampahkeun hal cabul? Lenyepan naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa sangkan urang jadi suci. Mantenna masihkeun kahirupan Putra-Na nu dipikanyaah, Yésus Kristus! (1 Pet. 1:18, 19) Supaya tetep bersih di pandangan Yéhuwa, urang kudu terus inget sakumaha luhurna harga korban tebusan Yésus.

12, 13. (a) Ku naon urang kudu boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa ngeunaan hari raya? (b) Naon nu bakal dibahas saterusna?

12 Kabiasaan jeung tradisi nu teu nyenangkeun Allah. Bisa jadi urang diolo ku anggota kulawarga, batur gawé, jeung batur sakola pikeun miluan perayaan jeung maranéhna. Kumaha carana supaya teu kaolo pikeun miluan kabiasaan jeung hari raya nu teu nyenangkeun Yéhuwa? Urang kudu terus inget alesanana Yéhuwa mikaijid perayaan éta. Urang bisa ngarisét tina publikasi jeung terus inget kana asal-usulna sababaraha hari raya. Lamun ngalenyepan alesan tina Alkitab ku naon urang teu milu ngarayakeun, urang bakal yakin yén urang aya dina jalan nu ”kamanah ku Pangeran”. (Epe. 5:10) Lamun urang percaya ka Yéhuwa jeung Firman-Na, urang moal sieun ku jalma.​—Sil. 29:25.

13 Urang hayang nuturkeun jalan bebeneran salilana. Kumaha supaya urang boga tékad nu kuat pikeun terus nuturkeun jalan bebeneran? Aya tilu cara.

KUATKEUN TÉKAD SADÉRÉK PIKEUN NUTURKEUN JALAN BEBENERAN

14. (a) Kumaha terus nalungtik Alkitab bisa nguatkeun tékad urang pikeun henteu ninggalkeun bebeneran? (b) Ku naon urang butuh pangarti, hikmat, jeung disiplin?

14 Kahiji, talungtik Alkitab tuluy lenyepan. Jieun jadwal nu rutin. Beuki loba diajar, Sadérék bakal beuki nyaah kana bebeneran. Tékad Sadérék pikeun teu ninggalkeun bebeneran gé beuki kuat. Ceuk Siloka 23:23, urang kudu ’meuli bebeneran’ jeung meuli ”hikmat, didikan, tur pangarti”. Jadi, pangaweruh wungkul téh teu cukup. Pangaruh bebeneran Alkitab kudu katémbong dina kahirupan urang. Pangarti ngabantu urang ngahubungkeun pangaweruh nu anyar jeung pangaweruh nu geus dipiboga saacanna. Hikmat ngajurung urang pikeun nyieun tindakan. Sakapeung, bebeneran ngadisiplin urang ku cara nunjukkeun naon nu kudu dirobah ku urang. Urang kudu gancang ngalarapkeun disiplin. Ceuk Alkitab, éta leuwih unggul ti batan pérak.​—Sil. 8:10.

15. Kumaha bebeneran ngalindungan urang siga sabuk?

15 Kadua, kuatkeun tékad pikeun ngalarapkeun bebeneran dina kahirupan. Alkitab ngabandingkeun bebeneran jeung sabuk saurang prajurit. (Epe. 6:14) Dina jaman Alkitab, sabuk téh bisa ngalindungan prajurit waktu keur perang, tapi dipakéna kudu pageuh. Lamun logor, éta moal bisa ngalindungan. Kumaha sabuk bebeneran bisa ngalindungan urang? Lamun bebeneran Alkitab napel pageuh siga sabuk, éta bisa ngalindungan urang tina cara pikir nu salah jeung ngabantu urang nyieun putusan nu hadé. Waktu nyanghareupan masalah gedé atawa digoda pikeun ngalampahkeun nu salah, bebeneran Alkitab bakal nguatkeun tékad urang pikeun ngalampahkeun nu bener. Prajurit tangtu maké sabukna waktu keur perang, jadi urang gé moal pernah ninggalkeun bebeneran. Urang hayang ngalarapkeun bebeneran Alkitab dina sagala kagiatan urang. Prajurit gé mawa pedang nu dicantélkeun dina sabukna. Hayu urang bahas naon hartina.

16. Kumaha ngajarkeun bebeneran bisa ngabantu urang pikeun terus nuturkeun jalan bebeneran?

16 Katilu, sing sering ngajarkeun bebeneran ka batur. Alkitab téh ibarat pedang. Prajurit nu geus jago bakal nyekel pageuh pedangna. Kitu ogé, urang kudu nyekel pageuh Firman Allah. (Epe. 6:17) Urang kabéh bisa jadi guru nu leuwih hadé sarta ’bener dina ngajarkeun amanat kayaktian Allah’. (2 Tim. 2:15) Waktu ngagunakeun Alkitab pikeun ngajar batur, urang jadi beuki paham jeung leuwih nyaah kana bebeneran. Tékad urang pikeun nuturkeun bebeneran gé jadi leuwih kuat.

Bebeneran téh kurnia nu istiméwa ti Yéhuwa

17. Ku naon bebeneran téh istiméwa pikeun Sadérék?

17 Bebeneran téh kurnia nu istiméwa ti Yéhuwa. Ku lantaran éta, urang bisa boga hubungan nu raket jeung Bapa nu di sawarga, hal nu paling istiméwa pikeun urang. Loba nu geus diajarkeun ku Yéhuwa ka urang, tapi ieu kakara mimitina! Mantenna jangji bakal ngajar urang salilana. Jadi, pék hargaan bebeneran saperti Sadérék ngahargaan mutiara nu alus. Terus ”beuli bebeneran sarta ulah dijual deui”. Ku kituna, saperti Daud, urang bisa nedunan jangji, ”Abdi bakal nuturkeun jalan bebeneran ti Ama.”​—Jab. 86:11, NW.

^ par. 8 Ngaran geus diganti.

^ par. 8 Tingali JW Broadcasting, téangan di bagian vidéo WAWANCARA DAN PENGALAMAN > KEBENARAN MENGUBAH KEHIDUPAN.