Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sing Ngandel ka Yéhuwa Sangkan Hirup!

Sing Ngandel ka Yéhuwa Sangkan Hirup!

”Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.”​—SIL. 3:5.

KAWIH: 3, 8

1. Ku naon urang kabéh butuh dililipur?

URANG kabéh butuh dililipur. Bisa jadi urang sering ngarasa hariwang, kuciwa, jeung guligah. Urang bisa ngarasa susah lantaran gering, ngolotan, atawa ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Aya ogé nu dikasaran ku batur. Katambahan, jalma-jalma beuki ka dieu téh beuki jahat. Mémang, ’lobana kasukeran’ ieu téh bukti yén urang hirup dina ”ahir jaman”. Unggal poé, urang beuki deukeut ka dunya anyar. (2 Tim. 3:1) Sanajan kitu, bisa jadi urang geus lila ngadago-dago ngawujudna jangji Yéhuwa bari ngalaman beuki loba kasusah. Jadi, kumaha urang bisa dililipur?

2, 3. (a) Urang nyaho naon ngeunaan Habakuk? (b) Ku naon urang kudu ngabahas buku Habakuk?

2 Hayu urang bahas buku Habakuk pikeun meunangkeun jawabanana. Sanajan Alkitab teu ngajelaskeun loba hal ngeunaan kahirupan Habakuk, eusi bukuna bener-bener ngagedékeun haté. Ngaran Habakuk bisa jadi hartina téh ”Ngeukeupan”. Ieu bisa ngamaksudkeun cara Yéhuwa ngalilipur hamba-hamba-Na, saolah-olah Mantenna nangkeup maranéhna bakating ku deudeuh-deudeuhna. Atawa sabalikna, hamba-hamba-Na anu saperti nangkeup pageuh ka Yéhuwa. Habakuk ngomong ka Yéhuwa jeung nanyakeun sababaraha hal. Yéhuwa masihan ilham sangkan Habakuk nuliskeun obrolanana. Mantenna apal ieu téh loba mangpaatna keur urang.​—Hab. 2:2.

3 Urang bisa nyaho ngeunaan Habakuk nu keur susah haté ieu ngan saukur tina obrolan manéhna jeung Yéhuwa. Buku nu ditulis ku manéhna téh bagian tina ”Kitab Suci” nu ”maksudna ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan”. (Rum 15:4) Kumaha buku Habakuk bisa ngabantu urang masing-masing? Tina buku ieu, urang bisa paham naon hartina ngandel ka Yéhuwa. Nubuat Habakuk gé ngayakinkeun yén teu sual cocoba atawa masalah urang, urang bisa ngarasa tengtrem.

PÉK NGADOA KA YÉHUWA

4. Naon sababna Habakuk ngarasa susah haté?

4 Baca Habakuk 1:2, 3Habakuk hirup dina mangsa nu susah pisan. Manéhna kacida sedihna lantaran jalma-jalma di sabudeureunana téh jahat jeung telenges. Di mana-mana manéhna ningali jalma-jalma sabangsana téh kejem jeung teu adil ka sasamana. Habakuk mikir, ’Iraha anggeusna kajahatan ieu téh? Ku naon kaayaan ieu diantep lila-lila teuing ku Yéhuwa?’ Manéhna teu walakaya. Jadi, manéhna sasambat ka Yéhuwa sangkan geura nyieun tindakan. Habakuk bisa waé mikir yén Yéhuwa teu nyaah deui ka umat-Na atawa Mantenna moal nyieun tindakan. Naha Sadérék gé pernah ngarasa kitu?

Ulah asa-asa ngungkabkeun parasaan waktu keur cangcaya atawa hariwang

5. Urang bisa diajar naon tina buku Habakuk? (Tingali gambar dina awal artikel.)

5 Naha Habakuk téh nanya lantaran teu percaya deui ka Yéhuwa jeung jangji-Na? Henteu! Habakuk ménta tulung ka Yéhuwa supaya teu cangcaya deui jeung bisa nyanghareupan masalahna. Ieu bukti yén manéhna teu nyerah jeung percaya kénéh ka Mantenna. Habakuk keur hariwang jeung bingung. Manéhna teu ngarti ku naon Yéhuwa teu gancang nyieun tindakan jeung ngantep manéhna ngalaman loba kasangsaraan. Yéhuwa ngilhamkeun Habakuk nulis kahariwanganana téh pikeun ngajar urang hal nu penting. Urang teu kudu asa-asa ngungkabkeun parasaan ka Yéhuwa waktu keur cangcaya atawa hariwang. Sabenerna, Mantenna ku cara nu bageur ngajurung urang pikeun ngabudalkeun eusi haté urang. (Jab. 50:15; 62:9) Siloka 3:5 ngajurung urang, ”Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.” Ieu nu dilampahkeun ku Habakuk.

6. Ku naon ngadoa téh penting?

6 Habakuk ngandelkeun Sobat jeung Bapana nyaéta Yéhuwa. Manéhna ngaraket ka Mantenna. Habakuk teu ngan saukur kukulutus atawa ngandelkeun pamikiranana sorangan. Tapi, manéhna ngungkabkeun parasaan jeung kahariwanganana liwat doa. Ieu tuladan nu hadé keur urang. Yéhuwa, nu ngamakbul doa, ngajurung urang pikeun ngandelkeun Mantenna ku cara ngadoa jeung ngungkabkeun kahariwangan urang. (Jab. 65:3) Lamun éta dilakukeun, urang bakal ningali jawaban doa ti Yéhuwa. Urang bakal ngarasa dikeukeupan ku Yéhuwa waktu Mantenna ngalilipur jeung nungtun urang. (Jab. 73:23, 24) Mantenna bakal ngabantu urang paham pandangan Mantenna kana kaayaan urang. Ku kituna urang bakal boga pandangan nu leuwih saimbang kana kasusahan urang. Ngadoa ka Yéhuwa téh cara nu panghadéna pikeun némbongkeun yén urang ngandel ka Mantenna.

DÉNGÉKEUN YÉHUWA

7. Kumaha réaksi Yéhuwa sanggeus Habakuk ngungkabkeun kahariwanganana?

7 Baca Habakuk 1:5-7. Sanggeus ngungkabkeun kahariwanganana ka Yéhuwa, Habakuk bisa jadi hayang nyaho kumaha réaksi Yéhuwa. Sabagé Bapa nu nyaahan, Yéhuwa paham kana parasaan Habakuk. Mantenna apal Habakuk téh keur susah jeung ménta pitulung-Na. Jadi, Yéhuwa teu nyarékan Habakuk, tapi masihan terang yén urang Yuda nu teu satia sakeudeung deui bakal dihukum. Bisa jadi Habakuk téh nu pangmimitina dibéré nyaho ngeunaan hal ieu.

8. Ku naon Habakuk bingung ku jawaban doa ti Yéhuwa?

8 Yéhuwa ngajelaskeun yén Mantenna rék nyieun tindakan. Mantenna bakal ngahukum urang Yuda nu telenges jeung jahat. Di ayat 8 dina basa aslina, Yéhuwa nyebutkeun yén ieu bakal kajadian ”di jaman maranéh”. Ku kituna, Yéhuwa némbongkeun yén hukuman éta bakal datang waktu Habakuk sarta urang Israil nu sajaman jeung manéhna hirup kénéh. Jawaban doa ti Yéhuwa béda jeung nu diharepkeun ku Habakuk. Bangsa Babul téh kejem pisan, leuwih kejem ti batan bangsana nu apal kana papakon Yéhuwa. Jadi, ku naon Yéhuwa ngagunakeun bangsa kapir nu jahat pikeun ngahukum umat-Na? Ieu bisa ngalantarankeun urang Yuda beuki sangsara. Kumaha parasaan Sadérék lamun jadi Habakuk?

9. Naon deui nu ditanyakeun ku Habakuk?

9 Baca Habakuk 1:12-14, 17. Sanajan Habakuk paham yén Yéhuwa bakal ngagunakeun bangsa Babul pikeun ngahukum jalma-jalma jahat nu aya di sabudeureunana, manéhna masih kénéh bingung. Tapi, manéhna rendah haté jeung boga tékad pikeun terus ngandelkeun Yéhuwa. Malahan manéhna ngomong yén Yéhuwa téh ”Allah anu ngaraksa” manéhna. (Pam. 32:4; Yes. 26:4) Habakuk yakin yén Allah téh bageur tur nyaahan. Jadi, manéhna teu sieun nanyakeun deui sababaraha pananya, saperti: Ku naon Yéhuwa ngidinan kaayaan di Yuda kalah ka beuki parah jeung umat-Na beuki sangsara? Ku naon Mantenna teu langsung nyieun tindakan? Ku naon Nu Mahakawasa ”ngajeunkeun” kajahatan aya di mana-mana? Pan Yéhuwa téh ”suci” jeung moal bakal ’tahan ningali eta jalmi-jalmi jahat tur bengis’.

10. Ku naon sakapeung urang boga parasaan nu sarua jeung Habakuk?

10 Sakapeung, urang gé boga parasaan nu sarua jeung Habakuk. Urang geus ngadéngékeun Yéhuwa. Lantaran percaya, urang maca jeung diajar Firman-Na nu nguatkeun harepan urang. Urang gé ngadéngé jangji-jangji-Na nu dijelaskeun ku organisasi-Na. Tapi, tetep wé urang hayang nyaho, ’Iraha anggeusna kasangsaraan ieu?’ Urang bisa diajar tina lalampahan Habakuk saterusna.

PÉK DAGOAN YÉHUWA NYIEUN TINDAKAN

11. Naon tékad Habakuk?

11 Baca Habakuk 2:1. Obrolan Habakuk jeung Yéhuwa nengtremkeun haté manéhna. Éta nguatkeun tékad manéhna pikeun ngadago Yéhuwa nyieun tindakan. Habakuk ngucapkeun deui tékadna, ”Kaula ngadago waktuna PANGERAN bakal nerapkeun hukum ka nu narajang ka urang.” (Hab. 3:16) Hamba Allah nu satia séjénna ogé terus sabar ngadagoan Yéhuwa. Tuladan maranéhna ngagedékeun haté urang. Éta ngabuktikeun yén urang gé bisa sabar siga maranéhna.​—Mika 7:7; Yak. 5:7, 8.

Urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa sarta yakin Mantenna bakal ngaleungitkeun kanyeri urang dina waktuna

12. Urang bisa diajar naon ti Habakuk?

12 Urang diajar naon tina tékad Habakuk? Kahiji, urang kudu terus ngadoa ka Yéhuwa teu sual naon masalah urang. Kadua, urang kudu ngadéngékeun Yéhuwa liwat Firman jeung organisasi-Na. Jeung katilu, urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan sarta yakin Mantenna bakal ngaleungitkeun kanyeri urang dina waktu nu geus ditangtungkeun ku Mantenna. Lamun nyonto Habakuk, urang bakal tengtrem haté jeung tabah. Harepan bakal ngabantu urang tetep sabar jeung bungah teu sual urang boga masalah naon. Urang yakin yén Bapa urang di sawarga bakal nyieun tindakan.​—Rum 12:12.

13. Kumaha Habakuk dililipur ku Yéhuwa?

13 Baca Habakuk 2:3. Urang yakin Habakuk kamanah ku Yéhuwa lantaran ngadagoan Mantenna. Nu Mahakawasa apal pisan Habakuk téh keur sangsara, jadi Mantenna ngalilipur jeung ngayakinkeun éta nabi yén Mantenna bakal gancang ngajawab pananyana. Sakeudeung deui, kahariwangan Habakuk bakal leungit. Yéhuwa saolah-olah nyarios ka Habakuk, ”Sing sabar nya jeung terus percaya ka Kami. Kami bakal ngajawab doa manéh sanajan karasana lila.” Yéhuwa ngingetkeun Habakuk yén Mantenna geus nangtukeun iraha Mantenna bakal ngawujudkeun jangji-Na. Jadi, Mantenna ngajurung Habakuk pikeun tetep sabar. Manéhna moal bakal dikuciwakeun.

Ku naon urang hayang sabisa-bisa ngawula Yéhuwa? (Tingali paragrap 14)

14. Waktu nyanghareupan cocoba, naon tékad urang?

14 Urang gé kudu ngadago Yéhuwa nyieun tindakan jeung bener-bener ngadéngékeun cariosan Mantenna. Ku kituna, urang bakal yakin jeung ngarasa tengtrem teu sual cocoba naon nu keur disanghareupan. Yésus ngajurung urang sangkan henteu mikirkeun teuing ’poe jeung waktu’ nu teu dibéré nyaho ku Allah. (Ras. 1:7) Sing yakin yén Yéhuwa apal waktu nu pas pikeun nyieun tindakan. Jadi, ulah nyerah. Urang kudu tetep rendah haté, sabar, jeung boga iman ka Allah. Bari ngadagoan, gunakeun waktu kalawan bijaksana pikeun sabisa-bisa ngawula Yéhuwa.​—Mar. 13:35-37; Gal. 6:9.

YÉHUWA MASIHAN KAHIRUPAN KA JALMA NU NGANDELKEUN MANTENNA

15, 16. (a) Jangji-jangji naon nu aya dina buku Habakuk? (b) Urang diajar naon tina jangji-jangji ieu?

15 Yéhuwa jangji, ”Jalma nu balener tangtu bakal harirup, ku karana satiana ka Allah,” sarta ”sakuliah bumi bakal pinuh ku kanyaho kana kaagungan PANGERAN.” (Hab. 2:4, 14) Yéhuwa jangji bakal masihan kahirupan abadi ka jalma nu sabar jeung ngandelkeun Mantenna.

16 Jangji nu aya di Habakuk 2:4 sakitu pentingna nepi ka tilu kali dicutat ku Rasul Paulus dina surat-suratna! (Rum 1:17; Gal. 3:11; Ibr. 10:38) Urang yakin yén teu sual naon kasusah nu disanghareupan, urang bakal nyaksian ngawujudna jangji-jangji Yéhuwa lamun ngandelkeun Mantenna. Yéhuwa miharep urang mikirkeun harepan pikeun mangsa kahareup.

17. Naon nu dijangjikeun ku Yéhuwa lamun urang ngandelkeun Mantenna?

17 Urang nu hirup di ahir jaman meunang palajaran penting ti buku Habakuk. Yéhuwa ngajangjikeun kahirupan abadi ka jalma-jalma nu balener jeung ngandelkeun Mantenna. Jadi, terus kuatkeun kayakinan urang ka Allah, teu sual masalah jeung kahariwangan urang. Kekecapan Yéhuwa ka Habakuk ngayakinkeun urang yén Mantenna bakal ngarojong jeung nyalametkeun urang. Urang dijurung pikeun ngandelkeun Mantenna sarta sabar ngadagoan Karajaan Allah maréntah bumi lantaran waktuna geus ditangtukeun. Dina waktuna, sakuliah bumi bakal dipinuhan ku hamba-hamba Yéhuwa nu bagja jeung resep rukun.​—Mat. 5:5; Ibr. 10:36-39.

ANDELKEUN YÉHUWA JEUNG RASAKEUN KABUNGAH

18. Naon pangaruhna kekecapan Yéhuwa ka Habakuk?

18 Baca Habakuk 3:16-19. Kekecapan Yéhuwa téh gedé pisan pangaruhna ka Habakuk. Habakuk ngalenyepan hal-hal luar biasa nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur umat-Na di jaman baheula. Ahirna, kayakinanana ka Yéhuwa beuki kuat. Manéhna yakin Yéhuwa bakal gancang nyieun tindakan! Éta nabi kalilipur sanajan masih kénéh kudu ngalaman kasusah. Habakuk teu cangcaya deui, tapi yakin pisan Yéhuwa bakal nyalametkeun. Malah, kekecapan manéhna di ayat 18 téh bisa jadi mangrupakeun salah sahiji ungkapan kayakinan nu kacida éndahna. Sababaraha ahli yakin ieu bisa dihartikeun, ”Abdi bakal kukurilingan bari ajol-ajolan bakating ku gumbira lantaran Gusti.” Ieu méré urang kayakinan nu kuat! Yéhuwa teu ngan saukur masihan jangji nu éndah keur mangsa kahareup. Mantenna ogé ngayakinkeun urang yén teu lila deui Mantenna bakal ngawujudkeun jangji-jangji-Na.

19. Kumaha urang bisa dililipur ku Yéhuwa saperti Habakuk?

19 Palajaran penting tina buku Habakuk nyaéta urang kudu ngandelkeun Yéhuwa. (Hab. 2:4) Sangkan bisa terus ngandelkeun Yéhuwa, urang kudu nguatkeun sosobatan jeung Mantenna. Jadi, ieu nu kudu dilakukeun ku urang. (1) Terus ngadoa, ungkabkeun sakabéh kahariwangan urang. (2) Déngékeun bener-bener cariosan Yéhuwa liwat Firman-Na jeung tuturkeun pituduh ti organisasi-Na. (3) Sing satia jeung sabar bari ngadagoan Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na. Éta nu dilakukeun ku Habakuk. Sanajan mimitina manéhna ngarasa susah pisan, ari geus ngobrol jeung Yéhuwa mah manéhna ngarasa gedé haté jeung bungah! Lamun nyonto Habakuk, urang ogé bakal dililipur, saolah-olah dikeukeupan, ku Bapa Yéhuwa di sawarga. Naha urang bisa manggihan panglilipur nu leuwih hébat di dunya nu jahat ieu?