Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Nyaluyukeun Cara Pikir Sadérék jeung Cara Pikir Yéhuwa?

Naha Sadérék Nyaluyukeun Cara Pikir Sadérék jeung Cara Pikir Yéhuwa?

”Enyana mah, anyarkeun batin.”​—RUM 12:2, Sunda Formal (SF).

KAWIH: 56, 123

1, 2. Beuki asak rohani, urang jadi paham kana hal naon? Béré ibaratna.

BAYANGKEUN aya saurang budak nu dibéré hadiah ku batur. Ceuk kolotna, ”Ngomong nuhun kituh.” Manéhna nurut lantaran dititah ku kolotna. Tapi beuki gedé, manéhna paham ku naon kolotna mikir yén nganuhunkeun ka jalma nu bageur téh penting. Tungtungna, manéhna sorangan hideng pikeun ngomong nuhun.

2 Sarupa kitu, waktu mimiti diajar bebeneran, urang diajar pentingna taat kana paréntah Yéhuwa nu geus jelas. Tapi beuki asak rohani, urang jadi leuwih paham kana cara pikir Mantenna, nyaéta naon nu dipikaresep, nu dipikaijid, jeung cara pandang Mantenna kana rupa-rupa hal. Waktu pilihan jeung lalampahan urang dipangaruhan ku cara pikir Yéhuwa, éta hartina urang keur ngarobah cara pikir urang sangkan luyu jeung cara pikir Yéhuwa.

3. Ku naon boga cara pikir saperti Yéhuwa téh hésé?

3 Urang resep diajar pikeun boga cara pikir Yéhuwa, tapi éta téh hésé lantaran cara pikir urang teu sampurna. Misalna, urang nyaho pandangan Yéhuwa ngeunaan moral nu bersih, matérialisme, pangwawaran, getih, jeung sajabana. Tapi, bisa jadi urang teu pati paham ku naon Yéhuwa boga pandangan kitu. Jadi, kumaha carana sangkan cara pikir urang beuki sarua jeung cara pikir Yéhuwa? Kumaha hal ieu ngabantu urang ngalampahkeun nu bener ayeuna jeung dina mangsa kahareup?

CARANA NYALUYUKEUN CARA PIKIR URANG

4. Naon nu kudu dilakukeun ku urang pikeun ngarobah cara pikir?

4 Baca Rum 12:2 (SF). Dina ayat ieu, Rasul Paulus ngajéntrékeun naon nu kudu dilakukeun pikeun boga cara pikir Yéhuwa. Manéhna ngomong yén urang ulah ”kabawakeun ku tabeat dunya”. Saperti nu geus dibahas dina artikel saacanna, ieu hartina urang kudu nampik cara pikir jeung sikep dunya ieu. Tapi, Paulus gé nyebutkeun yén urang kudu nganyarkeun batin atawa ngarobah cara pikir urang. Sangkan bisa kitu, urang kudu diajar Firman Allah, paham kana cara pikir-Na, ngalenyepanana, jeung satékah polah nyaluyukeun cara pikir urang.

5. Jelaskeun bédana maca jeung diajar.

5 Diajar téh teu ngan saukur maca sakolébat atawa ngagarisan jawaban. Waktu keur diajar, urang mikirkeun naon nu diajarkeun bahan ieu ngeunaan Yéhuwa, naon nu dilampahkeun ku Mantenna, jeung naon nu dipikirkeun ku Mantenna. Urang ngupayakeun pikeun paham alesanana Mantenna masihan hiji paréntah atawa larangan. Urang ogé mikirkeun naon nu kudu dirobah dina lalampahan jeung cara pikir urang. Tangtu moal mungkin urang ngalenyepan éta kabéh unggal diajar. Tapi, alus lamun urang nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan, bisa waé satengah ti waktu diajar urang.​—Jab. 119:97; 1 Tim. 4:15.

6. Naon hasilna lamun urang ngalenyepan Firman Allah?

6 Lamun rutin ngalenyepan Firman Allah, urang bakal meunangkeun hasil nu luar biasa. Urang jadi yakin yén cara pikir Yéhuwa téh sampurna. Urang jadi paham kana cara pandang Mantenna, jeung ahirna urang gé satuju kana cara pandang éta. Ku cara kitu, urang mekarkeun cara pikir nu anyar. Satahap-satahap, cara pikir urang luyu jeung cara pikir Yéhuwa.

PIKIRAN MANGARUHAN LALAMPAHAN

7, 8. (a) Kumaha pandangan Yéhuwa kana harta banda? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Lamun urang boga cara pandang Yéhuwa ngeunaan harta banda, naon nu bakal terus diutamakeun ku urang?

7 Pikiran urang mangaruhan lalampahan urang. (Mar. 7:21-23; Yak. 2:17) Supaya jelas, hayu urang bahas sababaraha conto. Salah sahiji contona nyaéta kisah lahirna Yésus nu némbongkeun cara pikir Yéhuwa kana harta banda. Allah milih Yusup jeung Mariam pikeun ngagedékeun Putra-Na sanajan maranéhna lain jalma beunghar. (Ima. 12:8; Luk. 2:24) Pas lahir, ku Maria orok Yésus ”diebogkeun dina pamakanan, wadah parab domba. Nu matak nepi ka kitu lantaran di losmen teu kabagian tempat”. (Luk. 2:7) Sabenerna, Yéhuwa bisa ngatur sangkan Yésus dilahirkeun di tempat nu leuwih alus. Tapi, Mantenna hoyong Yésus digedékeun di kulawarga nu ngutamakeun ibadah ka Allah. Ieu nu pangpentingna keur Yéhuwa.

8 Tina kisah lahirna Yésus ieu, urang jadi apal pandangan Yéhuwa kana harta banda. Sababaraha kolot hayang pisan budakna meunangkeun hal-hal nu pangalusna sacara matéri sanajan sosobatan budakna jeung Yéhuwa jadi ruksak. Tapi, Yéhuwa nganggap sosobatan jeung Mantenna téh nu pangpentingna. Naha Sadérék narima cara pandang Yéhuwa ngeunaan hal ieu? Naon nu katémbong tina lalampahan Sadérék?​—Baca Ibrani 13:5.

9, 10. Kumaha carana némbongkeun yén urang boga cara pikir Yéhuwa ngeunaan lalampahan nu nyababkeun batur ingkar tina iman?

9 Conto séjénna téh ngeunaan pandangan Yéhuwa ka jalma nu nyababkeun batur ingkar tina iman, nyaéta ngalampahkeun dosa atawa eureun ngawula Yéhuwa. Ceuk Yésus, ”Upama aya jelema anu ngalantarankeun salah sahiji budak leutik pantar kieu ingkar ti Kami, eta jelema leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, terus alungkeun ka jero laut.” (Mar. 9:42) Ieu téh kekecapan nu tegas pisan! Urang apal Yésus téh siga Bapana. Jadi, urang yakin yén Yéhuwa ngéwa ka jalma nu ngalantarankeun salah sahiji murid Yésus ingkar tina iman.​—Yoh. 14:9.

10 Naha urang boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa sarta Yésus? Naon nu katémbong tina lalampahan urang? Misalna, bisa jadi urang resep kana hiji modél papakéan atawa dangdanan. Tapi, kumaha lamun pilihan urang ngalantarankeun sababaraha anggota sidang kasinggung atawa jadi boga pikiran nu rucah? Naha kanyaah urang ka dulur saiman ngajurung urang pikeun teu keukeuh kana karesep urang?​—1 Tim. 2:9, 10.

11, 12. Lamun urang mikaijid naon nu dipikaijid ku Yéhuwa jeung mekarkeun kadali diri, urang bisa ngajauhan hal-hal naon?

11 Ieu conto nu katilu: Yéhuwa ijid kana hal-hal nu teu bener. (Yes. 61:8) Tangtu, Mantenna apal yén sakapeung urang hésé ngalampahkeun nu bener lantaran urang teu sampurna. Tapi, Mantenna hoyong urang mikaijid naon nu goréng, sakumaha Mantenna. (Baca Amos 5:15.) Ku cara ngalenyepan alesanana Yéhuwa mikaijid naon nu goréng, urang bisa boga cara pandang nu sarua jeung Mantenna sarta boga kakuatan pikeun nampik sagala hal nu goréng.

Sababaraha hal téh salah, sanajan éta teu dijéntrékeun dina Alkitab

12 Lamun urang diajar mikaijid naon nu goréng, urang ogé bisa nyaho yén sababaraha hal téh salah, sanajan éta teu dijéntrékeun dina Alkitab. Misalna, aya hiji kalakuan rucah nu disebut tarian pangkuan (lap dance) nu geus beuki umum ayeuna. Sababaraha jalma ngarasa éta téh lain hubungan séksual, jadi maranéhna mikir yén éta téh teu salah. * (Tingali catetan handap.) Tapi, naha Yéhuwa gé ngarasa kitu? Inget yén Yéhuwa mikaijid sagala hal nu goréng. Jadi, urang kudu ngajauhan hal-hal éta ku cara mekarkeun kadali diri sarta mikaijid naon nu dipikaijid ku Yéhuwa.​—Rum 12:9.

PIKIRKEUN TI AYEUNA NAON NU BAKAL DILAMPAHKEUN ENGKÉ

13. Ku naon urang kudu mikirkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan kaayaan nu bisa jadi disanghareupan ku urang engké?

13 Waktu keur diajar, urang kudu mikirkeun pandangan Yéhuwa supaya urang bisa nyieun putusan nu bijaksana. Jadi, waktu urang kudu gancang nyieun putusan dina hiji kaayaan, urang moal bingung. (Sil. 22:3) Hayu urang perhatikeun sababaraha contona tina Alkitab.

14. Urang diajar naon tina jawaban Yusup ka pamajikan Potipar?

14 Waktu pamajikan Potipar ngagoda Yusup, Yusup langsung nampik. Jelas, Yusup geus ngalenyepan pandangan Yéhuwa ngeunaan perkawinan. (Baca Kajadian 39:8, 9.) Yusup ngomong ka pamajikan Potipar, ”Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.” Ieu némbongkeun yén manéhna boga cara pikir Allah. Ari urang kumaha? Kumaha lamun aya batur gawé nu ngagoda Sadérék? Atawa, kumaha lamun aya batur nu ngirim SMS atawa gambar porno? * (Tingali catetan handap.) Leuwih gampang pikeun tetep satia ka Yéhuwa lamun urang geus diajar jeung narima cara pandang Mantenna ngeunaan hal éta sarta geus mutuskeun naon nu rék dilakukeun.

15. Kumaha urang bisa tetep satia saperti tilu urang Ibrani?

15 Pikirkeun ogé conto ti tilu urang Ibrani nu katelah Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo. Waktu Raja Nébukadnésar nitah maranéhna nyembah arca emas jieunanana, maranéhna teu daékeun. Tina jawaban maranéhna, katingali yén maranéhna geus mikirkeun saacanna naon balukarna lamun tetep satia ka Yéhuwa. (Bud. 20:4, 5; Dan. 3:4-6, 12, 16-18) Ari kiwari kumaha? Kumaha lamun dunungan nitah Sadérék nyumbang duit keur perayaan nu aya patalina jeung agama palsu? Ti batan kakara mikir pas keur nyanghareupan kaayaan siga kitu, leuwih alus lamun ti ayeuna urang ngalenyepan kumaha pandangan Yéhuwa kana hal éta. Ku kituna, pas kaayaan éta muncul, urang jadi leuwih gampang pikeun ngomong jeung ngalampahkeun nu bener siga tilu urang Ibrani tadi.

Naha Sadérék ngarisét, ngeusian dokumén hukum, jeung ngomong ka dokter? (Tingali paragrap 16)

16. Lamun paham kana cara pikir Yéhuwa, urang bisa leuwih siap dina kaayaan darurat médis. Jelaskeun.

16 Ngalenyepan cara pikir Yéhuwa ogé bisa ngabantu urang tetep satia ka Mantenna pas nyanghareupan kaayaan darurat médis. Tangtu, urang boga tékad pikeun nampik transfusi getih utuh atawa opat komponén utamana. (Ras. 15:28, 29) Tapi, aya sababaraha prosedur médis nu ngagunakeun getih nu kudu diputuskeun sacara pribadi dumasar kana prinsip-prinsip Alkitab. Iraha waktu nu alus pikeun nyieun putusan éta? Naha pas keur di rumah sakit, pas keur nyeri-nyerina jeung kudu gancang nyieun putusan? Tangtu henteu. Kudu ti ayeuna kénéh urang ngarisét, ngeusian dokumén hukum nu ngajelaskeun naon kahayang urang, sarta ngomong ka dokter. * (Tingali catetan handap.)

17-19. Ku naon penting pikeun diajar cara pikir Yéhuwa ti ayeuna? Béré contona.

17 Ahirna, pikirkeun jawaban Yésus waktu Pétrus ngomong, ”Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah.” Jelas, Yésus geus sering ngalenyepan naon nu dipiharep Allah ti anjeunna sarta nubuat-nubuat ngeunaan hirup maot anjeunna. Pangaweruh ieu bisa nguatkeun anjeunna pikeun tetep satia ka Yéhuwa. Ku kituna, anjeunna bisa ngorbankeun kahirupanana keur sakabéh jalma.​—Baca Mateus 16:21-23.

18 Kiwari, Allah hoyong urang jadi sobat-Na jeung hoyong urang satékah polah ngawawarkeun warta hadé. (Mat. 6:33; 28:19, 20; Yak. 4:8) Tapi sababaraha jalma nu niatna alus bisa jadi ngalemahkeun tékad urang, sakumaha nu dilakukeun Pétrus ka Yésus. Misalna, dunungan Sadérék nawarkeun naék jabatan jeung gajih nu leuwih gedé, tapi Sadérék kudu ngurangan waktu pikeun masamoan atawa ngawawar. Atawa, lamun Sadérék sakola kénéh, bisa jadi Sadérék ditawaran pikeun sakola di tempat jauh ti imah. Lamun kitu, naha Sadérék kudu ngadoa, ngarisét, jeung ngomong heula ka anggota kulawarga atawa kokolot saacan nyieun putusan? Leuwih hadé lamun Sadérék diajar cara pandang Yéhuwa ti ayeuna jeung nyaluyukeun cara pikir Sadérék. Jadi, pas tawaran-tawaran éta muncul, Sadérék teu pati kabita. Sadérék apal pisan kudu kumaha lantaran geus mutuskeun pikeun ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa.

19 Bisa jadi kapikir ku Sadérék kaayaan séjén nu ujug-ujug nguji kasatiaan ka Yéhuwa. Tangtu, urang teu bisa nyiapkeun sakabéh kaayaan nu bisa kajadian. Tapi lamun ngalenyepan cara pikir Yéhuwa waktu palajaran pribadi, urang bakal inget deui hal éta jeung nyaho cara ngalarapkeunana dina hiji kaayaan. Jadi waktu keur diajar, pikirkeun kumaha pandangan Yéhuwa kana hiji hal, luyukeun cara pikir urang, jeung pikirkeun kumaha ieu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana ayeuna jeung dina mangsa kahareup.

DIBINGBING KU CARA PIKIR YÉHUWA SALALANGGENGNA

20, 21. (a) Di dunya anyar, urang meunang kabébasan nu siga kumaha? (b) Kumaha urang bisa tetep bungah ayeuna?

20 Urang kabéh ngadago-dago dunya anyar. Kalolobaan ti urang boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi Pirdaus. Di pamaréntahan Karajaan Allah, urang bakal dibébaskeun tina kanyeri jeung kasangsaraan nu kaalaman ayeuna. Tangtu, urang masih bébas nyieun pilihan sakumaha kahayang jeung karesep urang.

21 Tapi éta lain hartina kabébasan urang téh euweuh watesna. Waktu rék nyieun putusan, jalma nu lemah lembut tetep dibingbing ku hukum jeung cara pikir Yéhuwa. Éta bakal mawa kabungah jeung katengtreman nu limpah. (Jab. 37:11) Ti ayeuna kénéh ogé, urang bisa bungah salila urang nyaluyukeun cara pikir urang jeung cara pikir Yéhuwa.

^ par. 12 Dina tarian pangkuan, nu narina maké baju séksi jeung nyieun gerakan-gerakan érotis bari dilahun ku nu mayarna. Gumantung kana kaayaanana, ieu bisa dianggap lampah cabul, ku kituna kokolot bisa ngabentuk panitia pangadilan. Urang Kristen nu pernah ngalakukeun ieu kudu ménta bantuan para kokolot.​—Yak. 5:14, 15.

^ par. 14 Ngirim SMS, poto, atawa vidéo porno liwat handphone téh disebut sexting. Gumantung kaayaanana, kokolot bisa ngabentuk panitia pangadilan keur jalma nu ngalakukeunana. Dina sababaraha kasus, pamaréntah ngahukum rumaja nu ngalakukeun sexting lantaran éta téh dianggap kajahatan. Pikeun katerangan leuwih loba, tingali situs jw.org jeung baca artikel online ”Apa yang Perlu Aku Ketahui tentang Sexting?” (Tingali di bagian AJARAN ALKITAB > ANAK MUDA.) Atawa tingali artikel ”Mengajar Anak tentang Bahaya Sextingdina Sedarlah! Nopémber 2013, kaca 4-5.

^ par. 16 Prinsip-prinsip Alkitab ngeunaan getih geus dibahas di publikasi urang. Salah sahijina tingali buku Carana Tetep Dipikaasih ku Allah, kaca 246-249.