Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Pék Beuli Bebeneran sarta Ulah Dijual Deui”

”Pék Beuli Bebeneran sarta Ulah Dijual Deui”

”Pék beuli bebeneran sarta ulah dijual deui, kitu ogé jeung hikmat, didikan, tur pangarti.”​—SIL. 23:23, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH: 94, 96

1, 2. (a) Naon nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék? (b) Bebeneran naon waé nu penting keur urang, sarta naon alesanana? (Tingali gambar dina awal artikel.)

NAON nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék? Sabagé umat Yéhuwa, nu pangpentingna téh nyaéta sosobatan jeung Mantenna. Urang embung nukeurkeun hal éta jeung naon waé. Bebeneran Alkitab gé penting keur urang. Ku lantaran hal éta, urang bisa jadi sobat Yéhuwa.​—Kol. 1:9, 10.

2 Yéhuwa téh Guru Nu Agung, nu ngajarkeun loba bebeneran penting liwat Firman-Na, Alkitab. Mantenna ngajarkeun pentingna nami-Na sarta masihan terang sipat-sipat-Na. Yéhuwa nyarios yén Mantenna nyaah pisan ka urang nepi ka ngorbankeun kahirupan Putra-Na pikeun urang. Mantenna ngajar urang ngeunaan Karajaan Mésias. Mantenna masihan harepan nyaéta kahirupan di sawarga keur jalma nu diistrénan atawa kahirupan di Pirdaus di bumi keur ’domba-domba lian’. (Yoh. 10:16) Yéhuwa ngajar urang carana ngajalankeun kahirupan. Bebeneran ieu téh harta lantaran bisa ngaraketkeun urang jeung Nu Nyipta sarta méré tujuan hirup.

3. Naha urang kudu mayar ka Yéhuwa pikeun meunangkeun bebeneran?

3 Yéhuwa téh Allah nu béréhan nepi ka réla ngorbankeun Putra-Na keur urang. Waktu ningali aya jelema nu néangan bebeneran, Yéhuwa ngabantu manéhna pikeun meunangkeunana. Pikeun diajar bebeneran, urang teu kudu mayar. Pernah aya saurang lalaki nu ngaranna Simon nawarkeun duit ka Rasul Pétrus supaya boga kawasa pikeun méré roh suci ka batur. Pétrus ngajelaskeun yén pamikiranana salah, cenah, ”La’nat eta duit teh, kitu deui anjeun, boga sangka kurnia ti Allah bisa dibeuli ku duit!” (Ras. 8:18-20) Jadi, naon hartina ’meuli bebeneran’?

NAON HARTINA ’MEULI BEBENERAN’?

4. Dina artikel ieu, urang bakal diajar naon ngeunaan bebeneran?

4 Siloka 23:23 (NW) nyebutkeun, ”Pék beuli bebeneran sarta ulah dijual deui, kitu ogé jeung hikmat, didikan, tur pangarti.” Jadi, butuh upaya jeung kudu aya nu dikorbankeun pikeun ’meuli’, atawa diajar, bebeneran Alkitab. Sanggeus ’dibeuli’, bebeneran ”ulah dijual deui” atawa ditinggalkeun. Kumaha urang bisa ’meuli’ bebeneran? Sabaraha hargana? Jawabanana bisa ngabantu urang leuwih ngahargaan bebeneran sarta nguatkeun tékad urang pikeun henteu ninggalkeunana. Urang bakal paham ku naon bebeneran ti Yéhuwa téh leuwih penting ti batan hal séjénna.

5, 6. (a) Jelaskeun kumaha urang bisa meuli bebeneran tapi teu maké duit. (b) Naon mangpaatna bebeneran keur urang?

5 Haratis téh lain hartina teu kudu méré nanaon. Dina basa Ibrani, kecap nu ditarjamahkeun jadi ”beuli” di Siloka 23:23 bisa ogé dihartikeun ”meunangkeun”. Dua kecap ieu nunjukkeun yén hiji jalma kudu nyieun upaya atawa pangorbanan pikeun meunangkeun hiji hal nu dianggap penting. Supaya paham kumaha urang bisa meuli bebeneran, bayangkeun di pasar aya nu ngabagikeun béas haratis. Naha urang ngarepkeun éta béas ujug-ujug aya di dapur? Henteu, urang kudu indit ka pasar jeung nyokot béasna. Sanajan teu kudu maké duit, urang kudu nyieun upaya pikeun meunangkeun éta béas. Sarupa kitu, urang teu perlu duit pikeun diajar bebeneran, tapi urang kudu nyieun upaya jeung pangorbanan.

6 Baca Yesaya 55:1-3. * (Tingali catetan handap.) Yéhuwa masihan terang naon hartina ’meuli bebeneran’. Dina ayat-ayat ieu, Yéhuwa nyaruakeun firman bebeneran saperti cai, susu, jeung anggur. Siga cai tiis anu nyegerkeun jalma nu keur halabhab, bebeneran ogé nyegerkeun urang. Siga susu nu matak kuat ka awak budak, bebeneran Alkitab ogé nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Firman-Na ogé disaruakeun siga anggur. Ku naon? Alkitab nyebutkeun yén anggur bisa ngagumbirakeun haté jalma. (Jab. 104:15) Jadi, waktu Yéhuwa nitah urang nginum ”anggur”, Mantenna keur ngajarkeun yén urang bakal bagja lamun urang nuturkeun bingbingan Allah dina hirup urang. (Jab. 19:9) Yéhuwa ngagunakeun babandingan ieu sangkan urang paham naon mangpaatna diajar jeung ngalarapkeun bebeneran. Ayeuna, hayu urang bahas lima hal nu bisa jadi kudu dikorbankeun ku urang pikeun meuli bebeneran.

NAON NU GEUS DIKORBANKEUN KU SADÉRÉK PIKEUN MEULI BEBENERAN?

7, 8. (a) Ku naon butuh waktu pikeun diajar bebeneran? (b) Naon nu dikorbankeun ku saurang palajar, jeung naon hasilna?

7 Waktu. Butuh waktu pikeun ngadéngékeun warta Karajaan, maca Alkitab jeung publikasi Alkitab, diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, nyiapkeun bahan pasamoan, jeung datang ka pasamoan. Pikeun ngalampahkeun éta kabéh, urang kudu ngagunakeun waktu nu sabenerna bisa digunakeun keur kagiatan séjén nu teu pati penting. (Baca Epesus 5:15, 16.) Sabaraha lobana waktu nu dibutuhkeun pikeun diajar bebeneran dasar Alkitab? Unggal jalma béda-béda. Diajar ngeunaan hikmat, cara pikir, sarta naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa téh euweuh watesna. (Rum 11:33) Majalah Watch Tower édisi nu mimiti nyaruakeun bebeneran jeung ”kembang leutik” nu éndah. Di dinya disebutkeun, ”Ulah ngarasa cukup meunangkeun hiji kembang bebeneran. Lamun hiji kembang bebeneran geus cukup, Allah moal nyadiakeun sakitu lobana bebeneran. Terus kumpulkeun, téangan sing loba.” Jadi pék lenyepan, ’Sakumaha loba abdi geus diajar ngeunaan Yéhuwa?’ Sanajan urang hirup abadi, diajar ngeunaan Yéhuwa moal aya tungtungna. Tapi ayeuna, urang kudu ngagunakeun waktu pikeun diajar saloba-lobana ngeunaan bebeneran. Hayu urang tingali salah sahiji contona.

Urang kudu ngagunakeun waktu pikeun diajar saloba-lobana ngeunaan Yéhuwa

8 Mariko, * (tingali catetan handap) saurang awéwé ti Jepang, pindah ka Amerika Serikat pikeun sakola di New York City. Hiji poé, saurang panaratas istri ngawawar ka imahna. Mariko geus boga agama, tapi manéhna daék diajar Alkitab jeung sadérék istri éta. Mariko resep pisan ka pangajaranana nepi ka ménta diajar dua kali saminggu. Teu lila, sanajan Mariko sibuk pisan sakola bari jeung digawé sambian, manéhna rutin datang ka pasamoan. Manéhna ngurangan waktu rékréasi supaya boga leuwih loba waktu pikeun diajar ngeunaan bebeneran. Lantaran nyieun pangorbanan éta, Mariko beuki raket ka Yéhuwa, tuluy kurang ti sataun, manéhna dibaptis. Genep bulan ti harita, dina taun 2006, manéhna jadi panaratas nepi ka ayeuna.

9, 10. (a) Kumaha diajar bebeneran ngarobah cara pandang urang kana harta banda? (b) Naon nu dikorbankeun ku saurang awéwé ngora, jeung kumaha parasaanana?

9 Harta banda. Pikeun diajar bebeneran, bisa jadi urang kudu ngorbankeun pagawéan nu gajihna gedé atawa kariér nu alus. Misalna, Pétrus jeung Andréas baheulana nalayan, tapi waktu diajak ku Yésus pikeun jadi muridna, maranéhna ninggalkeun bisnisna. (Mat. 4:18-20) Ieu lain hartina Sadérék kudu eureun digawé sangkan bisa diajar bebeneran. Saurang jalma kudu digawé jeung nganapkahan kulawargana. (1 Tim. 5:8) Tapi basa diajar bebeneran, cara pikir Sadérék kana harta banda barobah. Sadérék sadar naon nu pangpentingna dina kahirupan. Ceuk Yésus, ”Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan.” Sabalikna, anjeunna ngajurung urang, ”Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga.” (Mat. 6:19, 20) Ieu nu dilampahkeun ku saurang awéwé ngora nu ngaranna Maria.

10 Ti leuleutik kénéh, Maria geus resep maén golf. Pas SMA, manéhna jadi leuwih jago deui. Sakitu jagona nepi ka manéhna meunang béasiswa ti hiji universitas. Cita-cita Maria téh hayang jadi pamaén golf profésional jeung néangan loba duit. Tuluy, manéhna diajar Alkitab. Maria resep kana pangajaranana jeung ngalarapkeunana. Ceuk manéhna, ”Beuki diluyukeun sikep tur gaya hirup abdi jeung papakon Alkitab, abdi jadi beuki bagja.” Maria sadar yén manéhna teu bisa ngaraket ka Yéhuwa bari ngudag kariér olahragana. (Mat. 6:24) Jadi, manéhna mutuskeun pikeun ngorbankeun cita-citana demi meunangkeun hal nu leuwih hadé. Ayeuna, Maria geus jadi panaratas. Manéhna ngomong yén hirupna téh ”bagja jeung sugema pisan”.

Yésus jangji yén teu sual sakumaha gedé pangorbanan urang, gantina bakal leuwih ti éta

11. Waktu urang diajar bebeneran, hubungan urang jeung batur bisa kumaha?

11 Hubungan urang jeung batur. Waktu mimiti ngalarapkeun palajaran Alkitab, hubungan urang jeung babaturan tur kulawarga bisa waé barobah. Yésus ngajelaskeun alesanana waktu ngadoakeun murid-muridna, ”Mugia maranéhna disucikeun ku bebeneran. Firman Ama téh bebeneran.” (Yoh. 17:17, NW) ”Disucikeun” téh hartina ”dipisahkeun”. Waktu ngalarapkeun bebeneran, urang dipisahkeun ti dunya lantaran nuturkeun papakon Alkitab. Sanajan urang ngajaga hubungan tetep alus jeung babaturan tur baraya, aya nu jadi teu resep deui ka urang malahan nentang kapercayaan urang. Urang teu héran. Ceuk Yésus, ”Musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.” (Mat. 10:36) Tapi, Yésus jangji yén teu sual sakumaha gedé pangorbanan urang, urang bakal narima gantina leuwih ti éta!​—Baca Markus 10:28-30.

12. Naon pangorbanan ti saurang lalaki Yahudi demi bebeneran?

12 Saurang lalaki Yahudi nu ngaranna Aaron tadina percaya yén nyebutkeun nami Allah téh teu meunang. Tapi, manéhna hayang nyaho bebeneran ngeunaan Allah. Hiji poé, saurang Saksi méré nyaho lamun aksara pokal disisipkeun ka opat aksara konsonan nami Allah dina basa Ibrani, éta bisa dibaca jadi ”Yéhuwa”. Sakitu bungahna Aaron nepi ka manéhna indit ka sinagoga pikeun ngabéjaan hal ieu ka para pamingpin agama di dinya! Disangkana mah maranéhna bakal milu bungah kana bebeneran ngeunaan nami Allah, ari pék téh henteu. Aaron kalah ka diciduhan jeung diusir. Kulawargana gé nentang manéhna. Tapi, Aaron teu eureun diajar ngeunaan Yéhuwa. Manéhna jadi Saksi Yéhuwa jeung terus satia ngawula Yéhuwa saumur hirupna. Urang ogé nyaho yén hubungan urang jeung batur bisa waé barobah lantaran diajar bebeneran.

13, 14. Naon nu kudu dirobah dina cara pikir jeung lalampahan urang waktu diajar bebeneran? Béré contona.

13 Pikiran jeung lalampahan nu salah. Waktu urang diajar bebeneran tuluy nuturkeun papakon Alkitab, urang kudu réla ngarobah cara pikir jeung lalampahan urang. Rasul Pétrus nulis, ”Masing ngesto ka Allah, jeung ulah nurutkeun deui kahayang-kahayang napsu anu bareto basa keur sakarep-karep keneh.” Tuluy manéhna nambahkeun, ”Masing suci kalakuan.” (1 Pet. 1:14, 15) Di kota Korinta kuno, loba nu rucah. Maranéhna kudu nyieun parobahan gedé sangkan bersih di payuneun Yéhuwa. (1 Kor. 6:9-11) Kiwari ogé loba nu siga kitu waktu diajar bebeneran. Pétrus ngajelaskeun hal ieu, ”Bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.”​—1 Pet. 4:3.

14 Devynn jeung Jasmine geus mangtaun-taun beuki mabok. Sanajan Devynn ahli di widang pembukuan, manéhna héjo tihang, teu bisa matuh digawé di hiji tempat lantaran kabiasaanana. Jasmine katelah gedé ambek jeung kasar. Hiji poé pas keur mabok, Jasmine panggih jeung dua misionaris Saksi di jalan. Maranéhna nawarkeun palajaran Alkitab. Tapi pas minggu hareupna maranéhna datang, Jasmine jeung Devynn keur marabok. Maranéhna teu nyangka dua misionaris éta daék datang ka imahna. Dina waktu séjénna basa misionaris éta datang deui, kaayaanana barobah. Jasmine jeung Devynn sumanget rék diajar bebeneran Alkitab sarta gancang ngalarapkeunana. Kurang ti tilu bulan, maranéhna eureun nginum-nginum jeung ngaresmikeun perkawinanana. Loba jalma di daérahna merhatikeun parobahan Jasmine jeung Devynn. Maranéhna gé kageuing pikeun diajar Alkitab.

15. Naon salah sahiji parobahan panghéséna, jeung naon alesanana?

15 Kabiasaan jeung tradisi nu teu nyenangkeun Allah. Salah sahiji parobahan panghéséna téh nyaéta eureun ti kabiasaan jeung tradisi nu teu nyenangkeun Yéhuwa. Malah, sanggeus diajar ngeunaan parasaan Yéhuwa kana hal-hal éta, masih aya kénéh nu ngarasa hésé nyieun parobahan. Maranéhna sieun ku réaksi kulawarga, batur gawé, atawa babaturanana. Maranéhna apal yén jalma-jalma ngajénan pisan sababaraha tradisi, saperti upacara pikeun ngahormat baraya nu geus maot. (Pam. 14:1) Jadi, kumaha urang bisa nyieun parobahan nu diperlukeun? Urang bisa diajar ti tuladan jalma-jalma di jaman baheula nu nyieun parobahan waktu maranéhna paham kana bebeneran, misalna urang Kristen di Épésus kuno.

16. Pangorbanan naon nu dilakukeun ku sababaraha urang Épésus?

16 Di kota Épésus kuno, sihir téh hal nu lumrah. Naon nu dilakukeun ku jalma-jalma waktu jadi urang Kristen? Ceuk Alkitab, ”Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea. Lamun diitung-itung harga eta kitab-kitab teh kabeh pangaji lima puluh rebu uang perak.” (Ras. 19:19, 20) Maranéhna réla ngaduruk kitab-kitab nu marahal, tuluy diberkahan ku Yéhuwa.

Naon nu geus dikorbankeun ku Sadérék pikeun diajar bebeneran?

17. (a) Hal naon waé nu bisa jadi geus dikorbankeun ku urang pikeun bebeneran? (b) Pananya-pananya naon nu bakal dijawab dina artikel saterusna?

17 Naon nu geus dikorbankeun ku Sadérék pikeun diajar bebeneran? Urang kabéh geus ngorbankeun waktu. Sababaraha aya nu ngorbankeun kasempetan jadi jalma beunghar. Aya ogé nu ngorbankeun hubunganana jeung batur. Kalolobaan ti urang nyaluyukeun cara pikir jeung lalampahan. Urang geus nampik kabiasaan jeung tradisi nu teu nyenangkeun Yéhuwa. Tapi, urang yakin bebeneran Alkitab jauh leuwih penting ti batan sakabéh nu geus dikorbankeun. Lantaran bebeneran Alkitab, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa, hal nu pangpentingna dina hirup urang. Lamun urang mikirkeun berkah-berkah ti bebeneran, teu kaharti ku urang ku naon aya jalma nu daék ’ngajual bebeneran’. Ku naon bisa kitu? Kumaha carana sangkan urang henteu nyieun kasalahan gedé siga kitu? Pananya-pananya ieu bakal dijawab dina artikel saterusna.

^ par. 6 Tina basa aslina, kecap ”nginum” di ayat 1 téh sakuduna ditarjamahkeun ”nginum cai”.

^ par. 8 Sababaraha ngaran dina artikel ieu geus diganti.