Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sadérék Kabawakeun ku Cara Pikir Saha?

Sadérék Kabawakeun ku Cara Pikir Saha?

”Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya.”​—RUM 12:2, Sunda Formal (SF).

KAWIH: 88, 45

1, 2. (a) Naon jawaban Yésus waktu Pétrus ngomong supaya anjeunna mikirkeun dirina sorangan? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Ku naon Yésus ngajawab kitu?

MURID-MURID Yésus reuwas! Disangkana téh Yésus bakal ngadegkeun deui karajaan Israil, tapi Yésus kalah ka ngomong yén anjeunna bakal sangsara tuluy maot. Rasul Pétrus ngomong, ”Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah. Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!” Yésus ngajawab, ”Nyingkir maneh, Setan! Maneh ngahalangan jalan Kami. Eta pikiran maneh teh pikiran manusa, lain asal ti Allah.”​—Mat. 16:21-23; Ras. 1:6.

2 Tina omonganana, Yésus nunjukkeun yén cara pikir Yéhuwa jeung cara pikir dunya nu dikadalikeun Sétan téh béda. (1 Yoh. 5:19) Pétrus hayang Yésus mikirkeun dirina sorangan siga kalolobaan jalma. Tapi, Yésus apal Yéhuwa hoyong anjeunna nyiapkeun diri lantaran sakeudeung deui bakal ngalaman kasangsaraan jeung maot. Jawaban Yésus jelas némbongkeun yén anjeunna boga cara pikir Yéhuwa jeung nampik cara pikir dunya.

3. Ku naon hésé pikeun boga cara pikir Yéhuwa jeung nolak cara pikir dunya?

3 Ari urang kumaha? Naha cara pikir urang saperti Yéhuwa atawa saperti dunya ieu? Sabagé urang Kristen, urang satékah polah sangkan lalampahan urang kamanah ku Yéhuwa. Tapi, kumaha jeung cara pikir urang? Naha urang ogé satékah polah nyaluyukeun cara pikir jeung cara pandang urang sangkan sarua jeung Yéhuwa? Ieu butuh loba upaya. Tapi, ari boga cara pikir dunya mah teu kudu maké upaya lantaran urang dikurilingan ku pangaruh dunya ieu. (Epe. 2:2) Jalma-jalma gé osok mentingkeun diri, bisa jadi urang kagoda pikeun mikir siga maranéhna. Jadi, boga cara pikir Yéhuwa téh hésé, ari boga cara pikir dunya mah gampang pisan.

4. (a) Kumaha jadina lamun cara pikir urang dipangaruhan ku dunya? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Lamun cara pikir urang dipangaruhan ku dunya ieu, urang bakal jadi mentingkeun diri jeung hayang mutuskeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. (Mar. 7:21, 22) Jadi, kacida pentingna pikeun diajar cara pikir Allah lain cara pikir manusa. Artikel ieu bakal ngabahas carana. Urang bakal ngabahas ku naon boga cara pikir Yéhuwa téh teu ngawatesan tapi justru mawa mangpaat. Urang gé bakal ngabahas carana supaya teu kabawakeun, atawa kapangaruhan, ku cara pikir dunya ieu. Artikel saterusna bakal ngabahas kumaha urang bisa paham jeung boga cara pikir Yéhuwa.

BOGA CARA PIKIR YÉHUWA TÉH GEDÉ MANGPAATNA

5. Ku naon sababaraha jalma teu hayang dipangaruhan ku sasaha?

5 Sababaraha jalma teu hayang cara pikirna dipangaruhan ku sasaha. Ceuk maranéhna, ”Kumaha aing wé.” Bisa jadi maranéhna hayang nyieun putusan sorangan jeung ngarasa boga hak pikeun ngalampahkeunana. Maranéhna teu hayang dikadalikeun ku batur atawa dipaksa nuturkeun batur. * (Tingali catetan handap.)

6. (a) Kabébasan nu siga kumaha nu dipasihan Yéhuwa ka urang? (b) Naha urang bisa sabébas-bébasna?

6 Urang bisa yakin yén urang masih bisa boga pandangan pribadi sanajan boga cara pikir Yéhuwa. Ceuk 2 Korinta 3:17, ”Di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.” Yéhuwa teu nangtukeun urang kudu jadi jalma nu siga kumaha. Urang bébas milih naon kahayang jeung karesep urang. Urang mémang diciptakeun ku Yéhuwa téh siga kitu. Tapi, ieu lain hartina urang bisa sabébas-bébasna. (Baca 1 Petrus 2:16.) Waktu rék mastikeun naha hiji hal téh bener atawa salah, Yéhuwa hoyong urang dibingbing ku Firman-Na. Naha ieu téh ngawatesan, atawa mawa mangpaat?

7, 8. Naha boga pandangan saperti Yéhuwa téh ngawatesan urang? Béré contona.

7 Ibaratna siga kieu, kolot mapatahan budakna. Bisa jadi maranéhna ngajar budakna pikeun jadi jalma nu jujur, getol digawé, jeung resep nulungan batur. Hal ieu teu ngawatesan. Tapi, kolot keur nyiapkeun budakna supaya hirupna suksés. Waktu geus déwasa jeung ninggalkeun imah, budakna bakal boga kabébasan pikeun nyieun pilihan pribadi. Lamun manéhna nuturkeun papakon moral ti kolotna, manéhna bakal nyieun putusan nu hadé. Manéhna gé moal ngalaman loba masalah sarta moal ngarasa hariwang jeung kaduhung.

Yéhuwa miharep urang boga pandangan nu sarua jeung Mantenna sarta ngalarapkeun papakon moral-Na

8 Siga kolot nu nyaahan, Yéhuwa hoyong barudakna sugema hirupna. (Yes. 48:17, 18) Jadi, Mantenna ngajar urang prinsip-prinsip dasar ngeunaan moral jeung sikep urang ka batur. Yéhuwa miharep urang boga pandangan nu sarua jeung Mantenna sarta ngalarapkeun papakon moral-Na. Ieu teu ngawatesan, tapi urang jadi leuwih bijaksana jeung bisa nyieun putusan nu leuwih hadé. (Jab. 92:6; Sil. 2:1-5; Yes. 55:9) Urang masih bisa boga karesep sorangan, tapi urang bakal milih nu hadé nu mawa kabagjaan. (Jab. 1:2, 3) Loba mangpaatna lamun urang boga cara pikir Yéhuwa!

CARA PIKIR YÉHUWA LEUWIH UNGGUL

9, 10. Naon buktina cara pikir Yéhuwa leuwih unggul ti batan cara pikir dunya?

9 Alesan séjénna ku naon urang hayang boga cara pikir Yéhuwa téh lantaran cara pikir-Na jauh leuwih unggul ti batan cara pikir dunya. Dunya ieu méré naséhat ngeunaan moral, carana kulawarga bisa bagja, sarta carana urang bisa suksés boh dina kariér boh dina widang séjénna. Tapi, kalolobaanana mah teu saluyu jeung cara pikir Yéhuwa. Misalna, dunya ieu sering ngajurung jalma-jalma pikeun ngudag kapentingan sorangan sarta nganggap yén laku lampah cabul téh teu masalah. Sakapeung, dunya gé mangaruhan yén salaki pamajikan bakal leuwih bagja lamun papisah atawa pepegatan padahal alesanana teu sapira. Naséhat-naséhat ieu papalingpang jeung pangajaran Alkitab. Tapi, naha naséhat ti dunya téh leuwih cocog pikeun jaman kiwari ti batan naséhat ti Alkitab?

10 Ceuk Yésus, ”Kawijaksanaan Allah mah katembong tina hasil-hasilna.” (Mat. 11:19) Sanajan aya loba kamajuan di widang téknologi, hal éta teu bisa ngaréngsékeun masalah-masalah gedé nu nyababkeun urang teu bagja, saperti perang, rasisme, jeung kajahatan. Geus kitu, dunya ogé teu ngamasalahkeun laku lampah cabul. Tapi, loba jalma ngaku yén hal-hal éta téh ngaruksak kulawarga, nyababkeun panyakit, jeung balukar goréng séjénna. Kumaha ari naséhat Yéhuwa? Urang Kristen nu nuturkeun cara pikir Yéhuwa mah boga kulawarga nu leuwih bagja, awak nu leuwih séhat, sarta bisa rukun jeung dulur saiman di sakuliah dunya. (Yes. 2:4; Ras. 10:34, 35; 1 Kor. 6:9-11) Jadi jelas, cara pikir Yéhuwa leuwih unggul ti batan cara pikir dunya.

11. Musa nuturkeun cara pikir saha, jeung naon hasilna?

11 Hamba-hamba Yéhuwa di jaman baheula gé apal yén cara pikir Yéhuwa téh leuwih unggul. Contona, sanajan diajar ”sagala rupi elmu kapinteran urang Mesir”, Musa apal hikmat sajati mah asalna ti Yéhuwa. (Ras. 7:22; Jab. 90:12) Jadi, manéhna ménta ka Yéhuwa, ”Wartoskeun pangersa teh bade kumaha.” (Bud. 33:13) Lantaran nuturkeun cara pikir Yéhuwa, Musa digunakeun ku cara nu istiméwa pikeun ngawujudkeun kahoyong Mantenna. Musa gé meunang kahormatan disebut jalma nu imanna luar biasa ku Yéhuwa.​—Ibr. 11:24-27.

12. Naon nu dituturkeun ku Paulus waktu nyieun putusan?

12 Rasul Paulus téh jalma nu pinter, sakolana luhur, jeung bisa ngomong basa Ibrani ogé basa Yunani. (Ras. 5:34; 21:37, 39; 22:2, 3) Tapi, manéhna teu maké hikmat dunya jeung nyieun putusan dumasar kana Firman Allah. (Baca Rasul 17:2; 1 Korinta 2:6, 7, 13.) Hasilna, palayananana suksés, manéhna ogé boga harepan pikeun narima ganjaran nu langgeng.​—2 Tim. 4:8.

13. Saha nu boga tanggung jawab pikeun nyaluyukeun cara pikir urang jeung cara pikir Yéhuwa?

13 Jelas, cara pikir Allah jauh leuwih unggul ti batan cara pikir dunya. Lamun urang nuturkeun papakon Allah, urang bakal bener-bener suksés jeung bagja. Tapi, Yéhuwa moal maksa urang pikeun nuturkeun cara pikir-Na. Boh ”gandek satia jeung bijaksana” boh kokolot sidang henteu ngadalikeun pikiran urang. (Mat. 24:45; 2 Kor. 1:24) Urang masing-masing boga tanggung jawab pikeun nyaluyukeun cara pikir urang jeung cara pikir Yéhuwa. Kumaha carana?

ULAH KABAWAKEUN KU DUNYA IEU

14, 15. (a) Naon nu kudu dilenyepan sangkan urang boga cara pikir Yéhuwa? (b) Ku naon ulah ngasupkeun cara pikir dunya kana cara pikir urang? Béré contona.

14 Rum 12:2 (SF) nyebutkeun, ”Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya anu ilahar; enyana mah, anyarkeun batin pikeun ngarobah hirup, supaya terang ka anu jadi pangersa Allah, nya eta nyaho mana nu hade tur sampurna anu sapuk jeung pangersa-Na.” Ayat ieu ngajarkeun yén teu sual naon nu mangaruhan pikiran urang saacan diajar bebeneran, urang bisa ngarobah cara pikir urang supaya leuwih sarua jeung Allah. Mémang, faktor turunan jeung pangalaman hirup mangaruhan pikiran urang dina sababaraha hal. Tapi, pikiran urang téh terus barobah. Nu paling gedé pangaruhna nyaéta naon nu dipikirkeun ku urang. Lamun ngalenyepan cara pikir Yéhuwa, urang bisa yakin yén cara pikir Mantenna pasti bener. Ku kituna, urang jadi hayang cara pikir urang sarua jeung Mantenna.

15 Tapi supaya boga cara pikir Yéhuwa, tong ”kabawakeun ku tabeat dunya”. Ieu hartina ulah lalajo, maca, jeung ngadéngékeun hal-hal nu eusina papalingpang jeung cara pikir Allah. Ieu téh penting, ibaratna siga kieu: Jalma nu hayang leuwih séhat bisa jadi milih dahareun nu séhat. Tapi, sakabéh upayana cumah lamun manéhna ogé osok ngadahar dahareun nu geus haseum! Sarupa kitu, sakabéh upaya urang pikeun diajar cara pikir Yéhuwa bakal cumah lamun urang gé ngasupkeun cara pikir dunya ieu.

16. Urang kudu ngalindungan diri tina naon?

16 Naha urang bisa nyingkahan sakabéh cara pikir dunya? Henteu. Urang masih bisa keuna ku sababaraha cara pikirna lantaran urang masih kénéh hirup di dunya. (1 Kor. 5:9, 10) Malahan waktu keur ngawawar, urang ngadéngé carita jalma-jalma ngeunaan pamikiran jeung kapercayaan nu salah. Tapi, sanajan urang teu bisa nyingkahan éta sama sakali, éta ulah nepi ka terus dipikiran jeung ditarima ku urang. Saperti Yésus, urang kudu geuwat nampik cara pikir nu asalna ti Sétan. Urang gé bisa ngalindungan diri ku cara sabisa-bisa nyingkahan cara pikir dunya.​—Baca Siloka 4:23.

17. Kumaha carana nyingkahan cara pikir dunya ieu?

17 Misalna, urang kudu ati-ati milih babaturan. Alkitab mépélingan, lamun urang nyobat jeung nu teu ngawula Yéhuwa, cara pikir urang bisa siga maranéhna. (Sil. 13:20; 1 Kor. 15:12, 32, 33) Urang gé kudu ati-ati milih hiburan. Urang nampik hiburan nu eusina téh téori évolusi, katelengesan, jeung lampah cabul. Ku kituna, pikiran urang moal karacunan ku hal-hal nu ”ngahalangan kanyaho ka Allah”.​—2 Kor. 10:5.

Naha urang ngabantu budak pikeun nampik hiburan nu ngaruksak? (Tingali paragrap 18, 19)

18, 19. (a) Ku naon urang kudu ati-ati kana cara pikir dunya, jeung naon waé contona? (b) Pananya naon nu kudu dilenyepan, jeung naon alesanana?

18 Urang ogé kudu apal jeung nampik cara pikir dunya nu henteu terang-terangan. Misalna, aya berita nu ngagulkeun sababaraha pandangan pulitik. Berita séjénna nguar-nguarkeun tujuan nu diimpi-impikeun ku loba jalma sarta hal-hal hébat nu geus kahontal ku dunya ieu. Aya ogé film jeung buku nu ngajurung jalma pikeun mikir ”aing heula” jeung ”kulawarga nomer hiji”. Éta katingalina asup akal, alus, malahan bener, tapi sabenerna mah papalingpang jeung Alkitab. Alkitab nyebutkeun yén urang jeung kulawarga bisa bener-bener bagja lamun ngutamakeun kanyaah ka Allah. (Mat. 22:36-39) Salian ti éta, bisa jadi kalolobaan carita jeung hiburan keur budak leutik bisa ditarima, tapi aya ogé nu sacara teu langsung ngajarkeun yén lampah cabul téh teu salah.

19 Mémang aya hiburan nu bisa ditarima. Tapi, tetep wé urang kudu ngalenyepan, ’Naha abdi sadar lamun aya pamikiran dunya nu diasupkeun sacara teu langsung? Naha abdi ngalindungan budak jeung diri abdi tina sababaraha acara TV jeung bacaan? Naha abdi ngabantu budak boga cara pikir Yéhuwa sangkan manéhna teu kapangaruhan ku cara pikir dunya nu didéngé jeung ditingali?’ Lamun bisa ngabédakeun cara pikir Allah jeung cara pikir dunya, urang moal ”kabawakeun ku tabeat dunya”.

SADÉRÉK KEUR KABAWAKEUN KU SAHA?

20. Naon nu bisa mangaruhan urang?

20 Urang kudu inget yén sumber informasi téh ngan aya dua. Hiji ti Yéhuwa, nu séjénna ti Sétan jeung dunyana. Saha nu mangaruhan Sadérék? Éta gumantung kana sumber informasi Sadérék. Lamun urang narima cara pikir dunya, dunya bakal mangaruhan cara pikir urang sangkan mentingkeun diri. Jadi, urang kudu ati-ati waktu milih naon nu ditongton, dibaca, didéngékeun, jeung nu dipikirkeun.

21. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

21 Artikel ieu geus ngabahas yén pikeun boga cara pikir Yéhuwa, urang kudu nyingkahan cara pikir dunya. Tapi éta teu cukup, urang gé kudu ngalenyepan cara pikir Allah supaya cara pikir urang bisa saperti Mantenna. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas carana.

^ par. 5 Sabenerna, jalma nu tara gumantung ka batur gé kapangaruhan ku jalma séjén. Misalna, pandangan urang ngeunaan asal-usul kahirupan atawa hal nu leuwih saderhana saperti papakéan, saeutikna mah kapangaruhan ku batur. Tapi, urang bisa milih rék dipangaruhan ku saha.