Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Hasil tina Kahadéan

Hasil tina Kahadéan

DI HIJI kota leutik di Gujarat, India, bapana John dibaptis jadi Saksi Yéhuwa dina ahir 1950-an. Tapi John, lima adi lanceukna, jeung indungna aktif di agama Katolik Roma. Jadi, maranéhna nentang agama bapana.

Hiji poé, bapana ménta John nganteurkeun surat ka hiji dulur saimanna. Tapi isuk éta, curuk John raheut basa keur muka drum kaléng. Lantaran hayang nurut ka bapana, curukna dibeulit ku kaén, seug John nganteurkeun éta surat.

Waktu nepi, John méré éta amplop ka pamajikanana sadérék éta. Manéhna ogé Saksi Yéhuwa. Manéhna ningali curukna John raheut. Jadi manéhna ngaluarkeun kotak ubar, mersihan raheutna, jeung masangkeun perban. Tuluy John disuguhan entéh haneut bari diajak ngobrol ngeunaan Alkitab.

Parasaan John ka Saksi Yéhuwa mulai robah lantaran ngarasakeun kahadéan éta. Jadi, John nanya dua hal ngeunaan kapercayaan Saksi nu béda jeung kapercayaan Garéja Katolik. Manéhna nanya naha Yésus téh sarua jeung Allah, sarta naha urang Kristen kudu ngadoa ka Mariam. Sadérék istri éta bisa basa Gujarati jeung bisa ngajawab pananya John tina Alkitab maké basana John. Manéhna ogé méré buku leutik ”This Good News of the Kingdom” (Warta Hadé Karajaan).

Basa maca éta buku, John sadar ieu téh bebeneran. Manéhna ngadatangan pastor jeung nanyakeun dua pananya nu sarua. Éta pastor ambek pisan jeung ngabalédog John ku Alkitab bari ngagorowok, ”Sétan siah! Di mana ayatna Yésus téh lain Allah? Mana ayatna Mariam teu kudu disembah? Tunjukkeun!” John mani soak ningali kalakuan éta pastor. John ngomong yén manéhna moal nincak deui garéja Katolik. Manéhna mémang teu pernah datang deui!

Tuluy John diajar Alkitab, jadi Saksi, jeung ngawula Yéhuwa. Ahirna, anggota kulawarga séjénna ogé jaradi Saksi. Kira-kira 60 taun sanggeusna, tapak raheut dina curuk John ngingetkeun manéhna yén hiji kahadéan ngageuing manéhna pikeun ngawula Yéhuwa saumur hirupna.​—2 Kor. 6:4, 6.