Naha Sadérék Terang?
Naon sababna Yésus nyaram jalma-jalma ngucapkeun sumpah?
HUKUM MUSA ngidinan jalma-jalma pikeun ngucapkeun sumpah saperti, ”Abdi sumpah demi Allah,” atawa ”Abdi sumpah demi nami Yéhuwa.” Tapi di jaman Yésus, sumpah téh geus sakitu jamakna nepi ka unggal ngomong, jalma-jalma osok ngucapkeun sumpah. Maranéhna kitu téh sangkan batur leuwih percaya kana omonganana, tapi hal ieu dicaram ku Yésus, malah nepi ka dua kali. Anjeunna ngajarkeun, ”Sebutkeun bae ’Enya’ atawa ’Henteu’. Leuwih ti kitu mah asalna ti Iblis.”—Mat. 5:33-37; 23:16-22.
Numutkeun hiji kamus Alkitab, lamun ningali Talmud, urang bisa nyaho sakumaha jamakna urang Yahudi ngucapkeun sumpah pikeun neguhkeun omonganana. Talmud ngajéntrékeun sumpah naon waé nu kudu ditedunan, jeung sumpah naon waé nu bisa dibatalkeun.
Lain Yésus wungkul nu nyaram kabiasaan salah ieu. Numutkeun sajarawan Yahudi nu ngaranna Flavius Yosefus, aya hiji sékte Yahudi nu embung ngucapkeun sumpah. Anggotana percaya yén sumpah téh leuwih goréng ti batan ngabohong. Maranéhna ngarasa yén jalma nu ngucapkeun sumpah pastina tukang bohong. Hiji buku Yahudi nu disebut Éklésiastikus nyebutkeun nu sarua, ”Saurang jalma nu sering ngucapkeun sumpah téh jahat tina jero haténa.” Tapi, nu dicaram ku Yésus téh sumpah ngeunaan hal-hal nu sapélé. Lamun urang salawasna jujur, urang teu kudu ngucapkeun sumpah sangkan batur leuwih percaya.