Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Nyaah teh . . . Kudu Nyata dina Prakna”

”Nyaah teh . . . Kudu Nyata dina Prakna”

”Nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.”​1 YOH. 3:18.

KAWIH: 72, 124

1. Naon kanyaah nu pangunggulna? Siga kumaha kanyaah ieu téh? (Tingali gambar dina awal artikel.)

SIPAT KANYAAH téh asalna ti Yéhuwa. (1 Yoh. 4:7) Kanyaah nu pangunggulna dumasar kana prinsip-prinsip nu bener. Dina basa Yunanina, kanyaah ieu disebut a·gaʹpe. Jalma nu boga kanyaah ieu boga parasaan deudeuh ka batur. Tapi teu ngan saukur kitu, manéhna bakal némbongkeunana liwat tindakan nu teu mentingkeun diri. Ieu téh kanyaah nu ngageuing urang pikeun ngalampahkeun kahadéan ka batur. Hasilna, hirup urang bakal bagja jeung sugema.

2, 3. Kumaha Yéhuwa némbongkeun kanyaah-Na nu teu mentingkeun diri ka manusa?

2 Yéhuwa geus némbongkeun kanyaah ka manusa ti saacan nyiptakeun Adam jeung Hawa. Bumi dijieun ku Mantenna sangkan bisa nyumponan pangabutuh manusa. Tapi teu ngan éta wungkul, bumi dijieun sangkan manusa bisa senang hirupna. Ieu téh lain keur Yéhuwa, tapi demi mangpaat manusa. Sanggeus tempatna siap, Mantenna nyiptakeun manusa sarta masihan harepan sangkan bisa hirup langgeng di bumi pirdaus.

3 Ka dieunakeun, Yéhuwa némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri ku cara nu pangunggulna. Sanajan Adam jeung Hawa barontak, Yéhuwa yakin yén turunanana bakal aya nu nyaah ka Mantenna. Ku kituna, Yéhuwa nyadiakeun Putra-Na pikeun jadi tebusan keur manusa. (Kaj. 3:15; 1 Yoh. 4:10) Basa Yéhuwa nyieun jangji ieu, Mantenna nganggap tebusan geus kalaksana. Tuluy 4.000 taun sanggeusna, Yéhuwa masihkeun Putra-Na nu dipikaasih keur manusa. (Yoh. 3:16) Urang nganuhunkeun pisan kana kanyaah Yéhuwa!

Témbongkeun kanyaah sanajan teu gampang

4. Sanajan teu sampurna, ku naon urang yakin manusa bisa némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri?

4 Sanajan teu sampurna, naha urang bisa némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri? Bisa, lantaran urang diciptakeun nyeplés jeung Yéhuwa. Sanajan hésé, urang bisa ngalakukeunana. Habil némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri waktu méré kurban nu panghadéna ka Allah. (Kaj. 4:3, 4) Nuh némbongkeun kanyaah ieu ku cara ngémbarkeun warta Allah mangtaun-taun sanajan loba jalma teu daék ngadéngékeun. (2 Pet. 2:5) Ibrahim ogé ngabuktikeun yén kanyaahna ka Allah leuwih kuat ti batan hal séjénna basa manéhna réla ngorbankeun putrana, Ishak. (Yak. 2:21) Siga hamba-hamba nu satia éta, urang gé tangtu hayang némbongkeun kanyaah sanajan teu gampang.

NAON KANYAAH NU SAJATI TÉH?

5. Kumaha cara urang némbongkeun kanyaah nu sajati?

5 Alkitab ngajelaskeun yén kanyaah sajati ”ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna”. (1 Yoh. 3:18) Mémang urang bisa ngungkabkeun kanyaah ku kekecapan. (1 Tes. 4:18) Tapi, teu cukup ngan saukur ngomong, ”Abdi nyaah ka anjeun.” Urang kudu ngabuktikeunana dina lalampahan. Contona, lamun aya dulur saiman nu teu boga kadaharan atawa papakéan, urang teu cukup ngan saukur ngalilipur manéhna. (Yak. 2:15, 16) Kitu ogé, lantaran urang nyaah ka Yéhuwa jeung sasama, urang teu ngan saukur ngadoa sangkan aya leuwih loba pawarta, tapi ogé getol ngawawar.​—Mat. 9:38.

6, 7. (a) Siga kumaha kanyaah nu teu ”iklas” téh? (b) Béré conto kanyaah nu palsu.

6 Jadi, kanyaah urang kudu ”iklas” atawa ”wening”, ulah pupulasan. (Rum 12:9; 2 Kor. 6:6) Sakapeung, aya jalma nu katingalina nyaah, tapi kumaha di jero haténa? Naha kanyaahna iklas, atawa aya maksudna? Kanyaah téh teu bisa munapék, nu kitu mah kanyaah nu palsu.

7 Pék perhatikeun conto-conto kanyaah palsu. Basa Sétan ngomong ka Hawa di Taman Éden, manéhna siga nu mikirkeun kapentingan Hawa. Tapi saenyana, Sétan hayang nyilakakeun Hawa. (Kaj. 3:4, 5) Waktu Daud jadi raja, manéhna boga sobat nu ngaranna Ahitopél. Tapi, Ahitopél ngahianatan Daud demi kapentinganana sorangan. Manéhna lain sobat sajati. (2 Sam. 15:31) Kiwari, jalma-jalma murtad jeung saha-saha nu rék ngabaruntakkeun sidang bisa waé ”omonganana ngareunah, barisa ngolo”. (Rum 16:17, 18) Katingalina maranéhna perhatian ka batur, tapi nyatana mah ngan mikirkeun dirina sorangan.

8. Pananya naon nu kudu dilenyepan ku urang?

8 Kanyaah nu palsu téh pikageuleuheun sabab dipaké keur nipu jalma-jalma. Urang bisa waé ngabobodo manusa, tapi teu bisa ngabobodo Yéhuwa. Ceuk Yésus, jalma-jalma nu munapék bakal dihukum ”bebeakan”. (Mat. 24:51) Salaku hamba Yéhuwa, urang moal munapék. Jadi, pariksa diri sorangan, ’Naha kanyaah abdi téh sajati, atawa mentingkeun diri tur pupulasan?’ Hayu urang bahas salapan cara pikeun nunjukkeun kanyaah nu ”iklas”.

CARANA KANYAAH URANG ”NYATA DINA PRAKNA”

9. Kanyaah sajati ngajurung urang pikeun ngalampahkeun naon?

9 Resep nyieun kahadéan sanajan teu katingali ku batur. Urang kudu tetep nyaah jeung réla nyieun kahadéan sanajan teu aya nu nyahoeun. (Baca Mateus 6:1-4.) Ananias jeung Sapirah mah teu kitu. Maranéhna hayang batur nyahoeun basa maranéhna méré sumbangan. Maranéhna ogé teu jujur ngeunaan lobana sumbangan éta. Jadi lantaran munapék, maranéhna dihukum. (Ras. 5:1-10) Lamun urang bener-bener nyaah ka dulur saiman, urang bakal resep méré bantuan jeung embung kanyahoan ku batur. Urang bisa diajar ti sadérék-sadérék nu mantuan Badan Pingpinan nyiapkeun kadaharan rohani. Maranéhna teu hayang kasohor jeung moal ngabéja-béjakeun naon pagawéan maranéhna.

Sing réla nyieun kahadéan sanajan teu aya nu nyahoeun

10. Kumaha carana urang ngajénan batur?

10 Ajénan batur. (Baca Rum 12:10.) Yésus ngajénan murid-muridna basa ngumbah suku maranéhna. (Yoh. 13:3-5, 12-15) Urang ogé kudu upaya pikeun rendah haté kawas Yésus jeung ngaladénan batur. Para rasul teu bener-bener ngarti ku naon Yésus ngalampahkeun éta, ngarti-ngarti téh sanggeus maranéhna narima roh suci. (Yoh. 13:7) Urang ngajénan batur ku cara teu ngarasa leuwih punjul ti batur lantaran urang leuwih pinter, leuwih beunghar, atawa boga tugas di sidang. (Rum 12:3) Urang ogé moal sirik lamun batur dipuji, tapi milu bungah sanajan ngarasa urang gé pantes dipuji.

11. Naon sababna pujian urang kudu iklas?

11 Béré pujian nu iklas. Téangan kasempetan pikeun muji batur. Pujian téh bisa ngagedékeun haté batur. (Epe. 4:29) Tapi, urang kudu mastikeun yén pujian urang téh iklas, lain ngan asal ngomong. Urang ogé moal ngagul-ngagulkeun batur, atawa nyingkahan tanggung jawab urang pikeun méré naséhat. (Sil. 29:5) Lamun urang muji batur tapi ngagogoréng manéhna di tukang, éta hartina urang téh jalma nu munapék. Paulus boga kanyaah nu sajati. Basa nulis surat ka urang Kristen di Korintus, Paulus muji lalampahan hadé maranéhna. (1 Kor. 11:2) Tapi basa maranéhna kudu dinaséhatan, Paulus ngajelaskeun alesanana ku cara nu jelas jeung bijaksana.​—1 Kor. 11:20-22.

Urang nyaah jeung béréhan ku cara méré bantuan nu dibutuhkeun (Tingali paragrap 12)

12. Kumaha carana urang némbongkeun kanyaah nu sajati basa ngondang batur ka imah?

12 Sing resep dianjangan. Yéhuwa maréntahkeun sangkan urang béréhan ka dulur saiman. (Baca 1 Yohanes 3:17.) Tapi, urang kudu iklas. Urang bisa ngalenyepan: ’Naha abdi ngan resep ngondang sobat dalit atawa nu dianggap penting ku abdi di sidang? Naha abdi ngan ngondang nu bisa mulang tarima ka abdi? Atawa, naha abdi béréhan ka dulur saiman nu teu pati wanoh atawa nu teu bisa mulang tarima ka abdi?’ (Luk. 14:12-14) Bayangkeun kaayaan ieu: Kumaha lamun aya sadérék nu ngalaman kasusah lantaran nyieun putusan nu teu bijaksana, terus ménta bantuan ka urang? Atawa, kumaha lamun sadérék nu diondang ka imah urang teu ngahaturkeun nuhun? Yéhuwa masihan terang, ”Kudu daraek silih anjrekkeun ulah bari kukulutus.” (1 Pet. 4:9) Urang bakal bagja lamun méré kalawan iklas.​—Ras. 20:35.

13. (a) Iraha urang kudu leuwih sabar? (b) Kumaha carana urang bisa mantuan nu lemah?

13 Tulungan nu lemah. Alkitab méré paréntah, ”Nu lembek belaan, sing silih sabaran.” (1 Tes. 5:14) Ieu bisa nguji naha kanyaah urang sajati atawa heunteu. Loba sadérék nu baheulana lemah jadi kuat imanna. Tapi, nu séjénna butuh leuwih loba waktu, jadi urang kudu leuwih sabar jeung nyaahan. Kumaha carana mantuan maranéhna? Urang bisa ngagunakeun Alkitab pikeun nyumangetan maranéhna, ngajak dines bareng, atawa ngan saukur ngadéngékeun maranéhna. Urang ogé teu meunang ngecap dina haté yén dulur nu ieu ”lemah”, nu itu ”kuat”. Sabalikna, urang kudu sadar yén urang masing-masing boga kakuatan jeung kalemahan. Malahan, Rasul Paulus gé ngakukeun yén manéhna boga kalemahan. (2 Kor 12:9, 10) Jadi, urang kabéh perlu bantuan jeung panglilipur.

14. Urang kudu réla ngalampahkeun naon pikeun ngupayakeun karukunan?

14 Upayakeun karukunan. Rukun jeung dulur saiman téh penting pisan. Sanajan aya batur nu salah sangka atawa teu adil ka urang, urang kudu satékah polah ngupayakeun rukun jeung maranéhna. (Baca Rum 12:17, 18.) Lamun urang nganyenyeri haté batur, urang kudu ménta hampura, iklas tina haté. Contona, ti batan ngomong, ”Punten atuh mun manéh ngarasa kitu”, leuwih hadé mun ngaku salah ku cara ngomong, ”Punten nya omongan urang geus nganyenyeri manéh”. Karukunan ogé penting hususna dina perkawinan. Teu alus lamun salaki pamajikan akur di hareupeun batur, tapi mun di imah mah pacicing-cicing, pasengor-sengor, malahan mah telenges.

15. Naon buktina urang iklas ngahampura?

15 Réla ngahampura. Lamun aya nu nganyenyeri, urang bakal réla ngahampura jeung miceun kakeuheul urang. Urang bakal ngalakukeunana sanajan batur teu sadar geus nganyenyeri urang. Urang kudu ”silih pikanyaah, silih kanyahokeun. Katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh piara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan”. (Epe. 4:2, 3) Sangkan bisa iklas ngahampura, ulah nginget-nginget kasalahan batur. Kanyaah téh ”tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur”. (1 Kor. 13:4, 5) Lamun urang ngunek-ngunek, hubungan urang jeung dulur saiman sarta Yéhuwa bisa ruksak. (Mat. 6:14, 15) Urang kabukti iklas ngahampura lamun ngadoakeun batur nu nganyenyeri urang.​—Luk. 6:27, 28.

16. Kumaha sakuduna pandangan urang lamun narima tugas di organisasi?

16 Ngorbankeun kapentingan pribadi. Lamun urang narima tugas husus di organisasi, urang bisa ngabuktikeun yén urang henteu ”hayang senang sorangan”. (1 Kor. 10:24) Contona, patugas tata tartib di kongrés bisa asup ka gedong ti heula saacan dibuka keur umum. Maranéhna bisa waé kagoda pikeun nyadangkeun korsi nu pangeunahna pikeun maranéhna jeung kulawargana. Tapi, loba patugas tata tartib milih diuk di tempat nu teu pati ngeunaheun di bagian nu ditugaskeun ka maranéhna. Maranéhna némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. Kumaha urang nyonto tuladan maranéhna?

17. Waktu saurang Kristen ngalampahkeun dosa gedé, kanyaah bakal ngajurung manéhna pikeun ngalampahkeun naon?

17 Ngakukeun dosa jeung eureun ngalampahkeunana. Sababaraha urang Kristen nutup-nutupan dosa gedé nu dilampahkeunana, bisa jadi lantaran maranéhna éra atawa teu hayang nguciwakeun batur. (Sil. 28:13) Tapi, éta téh lain kanyaah lantaran bisa ngabahayakeun dirina sorangan jeung batur. Ku naon bisa kitu? Yéhuwa moal masihan roh suci-Na, ku kituna sidang moal bakal tengtrem. (Epe. 4:30) Jadi, waktu saurang Kristen ngalampahkeun dosa gedé, kanyaah bakal ngajurung manéhna pikeun ngaku ka kokolot sidang sangkan geura dibantu.​—Yak. 5:14, 15.

18. Sakumaha pentingna kanyaah nu sajati téh?

18 Kanyaah téh sipat nu pangunggulna. (1 Kor. 13:13) Ku ayana sipat ieu, jalma-jalma bisa ningali saha murid Yésus nu sajati, nu bener-bener nyonto Yéhuwa, sumberna kanyaah. (Epe. 5:1, 2) Paulus ngomong yén lamun teu boga kanyaah, manéhna téh teu aya hartina. (1 Kor. 13:2) Mugia urang masing-masing némbongkeun kanyaah teu ngan di ”biwir” wungkul, tapi kudu ”nyata dina prakna”.