Pangaruh Titingalian Jakaria keur Sadérék
”Hiap baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.”—JAK. 1:3.
KAWIH: 120, 117
1-3. (a) Waktu Jakaria mimiti nepikeun nubuat, kumaha kaayaan di Yérusalém? (b) Naon sababna Yéhuwa ngajurung umat-Na baralik deui ka Mantenna?
NABI JAKARIA meunang titingalian nu ahéng, nyaéta gulungan kitab nu ngalayang, karanjang nu di jerona aya awéwé, sarta dua awéwé nu keur hiber nu jangjangna siga jangjang bango. (Jak. 5:1, 7-9) Ku naon Yéhuwa masihan titingalian nu ahéng ieu ka éta nabi? Kumaha kaayaan urang Israil basa éta? Sarta, naon mangpaatna keur urang kiwari?
2 Dina taun 537 SM, umat Yéhuwa kacida bungahna. Sanggeus ditawan di Babul salila 70 taun, ayeuna maranéhna bébas! Maranéhna sumanget rék balik ka Yérusalém pikeun ngawangun deui bait jeung mulihkeun ibadah ka Yéhuwa. Sataun sanggeusna, urang Esra 3:10-13) Tapi, kagiatan pangwangunan éta ditentang, beuki lila beuki kuat. Urang Israil jadi leutik haté nepi ka eureun ngawangun bait. Maranéhna kalah ka ngawangun imah jeung ngagarap kebonna sorangan. Genep belas taun ti harita, bait Yéhuwa can réngsé kénéh. Umat Allah kudu diélingan sangkan baralik deui ka Yéhuwa jeung henteu mentingkeun diri. Yéhuwa hoyong maranéhna ibadah kalawan sumanget tur wani.
Israil ngadegkeun pademén bait. Sakitu gumbirana maranéhna, ”sora nu surak ayeuh-ayeuhan . . . kadenge nepi ka jauhna”. (Yéhuwa narima ibadah urang lamun dijalankeun ku sagemblengna haté
3 Jadi dina taun 520 SM, Yéhuwa ngutus Nabi Jakaria pikeun ngélingan urang Israil kana alesan Mantenna ngabébaskeun maranéhna ti Babul. Ngaran Jakaria téh cocog pisan hartina, nyaéta ”Yéhuwa Tos Émut”. Sanajan bangsa Israil geus mopohokeun padamelan Yéhuwa pikeun maranéhna, Mantenna émut kénéh ka maranéhna. (Baca Jakaria 1:3, 4.) Yéhuwa jangji bakal mantuan maranéhna mulihkeun ibadah sajati. Tapi, Mantenna ogé mépélingan yén ibadah maranéhna bakal ditarima lamun dijalankeun ku sagemblengna haté. Hayu urang bahas titingalian Jakaria nu kagenep jeung katujuh. Urang bakal diajar carana Yéhuwa ngageuing bangsa Israil sarta mangpaatna dua titingalian ieu keur urang kiwari.
HUKUMAN KEUR NU RESEP MAOK
4. Naon titingalian Jakaria nu kagenep? Ku naon gulungan éta nepi ka ditulisan bulak-balik? (Tingali gambar 1 dina awal artikel.)
4 Pasal 5 buku Jakaria dimimitian ku titingalian nu ahéng. (Baca Jakaria 5:1, 2.) Jakaria ningali gulungan kitab nu ngalayang. Gulungan ieu panjangna ampir 9 méter jeung rubakna ampir 4,5 méter. Gulungan éta kabuka jeung aya pesen penting nu ditulis di dinya. (Jak. 5:3) Eusina téh hukuman. Di jaman baheula, biasana gulungan nu ditulisan téh ngan sabeulah. Tapi, saking pentingna éta pesen, gulungan ieu nepi ka ditulisan bulak-balik.
5, 6. Kumaha pandangan Yéhuwa ka jalma nu maok teu sual naon nu dipaokna?
5 Baca Jakaria 5:3, 4. Unggal jalma kudu tanggung jawab ka Allah kana kalakuanana. Komo deui keur umat Allah nu nyandang nami-Na. Maranéhna nyaah ka Allah sarta nyaho yén maok téh bisa nyela nami Allah. (Sil. 30:8, 9) Aya nu mikir yén maok téh teu salah lamun aya alesan nu hadé. Tapi, teu sual alesanana, jalma nu maok ngabuktikeun yén manéhna téh hawek, jeung kahayangna leuwih penting ti batan Yéhuwa, nami-Na, jeung hukum-Na.
6 Di Jakaria 5:3, 4, perhatikeun yén panyapa ti Allah bakal nyebar ”ka unggal imah bangsat” jeung ”terus aya di imah eta jelema-jelema, nepi ka imah-imahna rarubuh”. Jadi, Yéhuwa bisa ngungkabkeun jeung ngahukum kasalahan umat-Na. Sanajan maranéhna teu kanyahoan maok ku pulisi, dunungan, kokolot sidang, atawa indung bapa, tapi Yéhuwa mah apaleun. Ku Allah, éta kabéh bakal dibolékérkeun, boh nu leutik boh nu gedé. (Ibr. 4:13) Urang bungah bisa aya di antara jalma-jalma jujur nu ”salawasna bisa ngalampahkeun anu bener”.—Ibr. 13:18.
7. Kumaha carana sangkan urang teu keuna ku panyapa nu aya dina gulungan nu ngalayang?
7 Teu sual naon nu dipaokna, Yéhuwa dinyenyeri lamun éta dilampahkeun. Kahormatan pikeun urang bisa hirup saluyu jeung papakon Allah sarta ngajaga tingkah laku sangkan teu nyela nami Mantenna. Ku kituna, urang moal bakal dihukum bareng jeung jalma-jalma nu teu taat ka Allah.
TEDUNAN JANGJI SADÉRÉK ”UNGGAL DINTEN”
8-10. (a) Naon sumpah téh? (b) Raja Sidkia jalir ti sumpah naon?
8 Tuluy, dina éta gulungan aya pépéling keur ”jelema anu sok sumpah palsu” demi nami Allah. (Jak. 5:4) Sumpah téh kekecapan nu neguhkeun benerna hiji omongan. Sumpah ogé bisa ngahartikeun jangji sérius pikeun pantrang atawa pikeun ngalampahkeun hiji hal.
9 Sumpah demi nami Yéhuwa téh hal nu sérius pisan. Urang bisa diajar hal ieu tina pangalaman Sidkia, raja nu pangahirna di Yérusalém. Sidkia Yeh. 17:16.
sumpah demi Yéhuwa yén manéhna bakal tunduk ka raja Babul. Tapi, manéhna jalir. Éta sababna, Yéhuwa nyarios yén Sidkia bakal ”paeh di Babul, lantaran ngalanggar sumpah jeung jangjina ka raja Babul, anu ngangkat manehna kana tahta”.—10 Lantaran Raja Sidkia geus sumpah demi nami Yéhuwa, Mantenna miharep manéhna nedunan éta sumpah. (2 Bab. 36:13) Tapi, Sidkia jalir tuluy ménta tulung ka Mesir pikeun bébas ti Babul. Padahal Mesir teu bisa nulungan manéhna.—Yeh. 17:11-15, 17, 18.
11, 12. (a) Naon jangji pangpentingna dina kahirupan urang? (b) Kumaha jangji pangbaktian urang mangaruhan kahirupan sapopoé?
11 Tina pangalaman Sidkia, urang diajar yén Yéhuwa ngadangukeun sagala jangji urang. Urang kudu nedunan jangji sangkan kamanah ku Mantenna. (Jab. 76:12) Jangji nu pangpentingna téh nyaéta jangji ngabakti ka Yéhuwa. Waktu ngabaktikeun diri ka Mantenna, urang jangji bakal ngawula Mantenna teu sual kaayaan hirup urang.
12 Kumaha urang bisa nedunan jangji ka Yéhuwa? ”Unggal dinten” urang nyanghareupan gogoda boh leutik boh gedé. Cara urang nyanghareupanana ngabuktikeun sakumaha kuatna sosobatan urang jeung Yéhuwa. (Jab. 61:9) Misalna, kumaha lamun aya batur gawé atawa batur sakola nu ngajak bobogohan? Naha Sadérék bakal taat ka Yéhuwa jeung nampik éta gogoda? (Sil. 23:26) Atawa kumaha lamun Sadérék nu hiji-hijina ngawula Yéhuwa di kulawarga? Naha Sadérék ménta pitulung Yéhuwa pikeun terus némbongkeun sipat-sipat Kristen? Teu sual kaayaanana, naha Sadérék unggal poé nganuhunkeun kana kanyaah jeung bingbingan Yéhuwa? Naha Sadérék nyadiakeun waktu pikeun maca Alkitab unggal poé? Sabenerna, urang geus jangji rék ngalampahkeun hal-hal ieu waktu ngabakti ka Yéhuwa. Urang kabukti nyaah ka Mantenna jeung jadi milik-Na lamun taat sarta méré nu panghadéna. Ibadah téh jalan hirup. Lamun satia ka Yéhuwa, Mantenna bakal ngaberkahan urang ku harepan nu éndah.—Pam. 10:12, 13.
Yéhuwa masihan tuladan sangkan urang ogé nedunan jangji
13. Urang diajar naon tina titingalian Jakaria nu kagenep?
13 Titingalian Jakaria nu kagenep ngabantu urang paham yén urang moal maok atawa jalir jangji mun nyaah ka Yéhuwa. Urang gé diajar yén sanajan urang Israil sering ngalampahkeun kasalahan, Yéhuwa tetep nedunan jangji-Na sarta teu mopohokeun umat-Na. Mantenna paham yén maranéhna ngalaman kasusah lantaran dikurilingan ku musuh. Yéhuwa masihan tuladan sangkan urang ogé nedunan jangji. Urang bisa yakin
yén Mantenna bakal ngabantu urang. Buktina, Yéhuwa masihan harepan pikeun mangsa kahareup. Moal lila deui, Mantenna bakal mungkas sagala kajahatan ti ieu dunya. Harepan ieu aya dina titingalian Jakaria nu saterusna.YÉHUWA NYINGKIRKEUN KAJAHATAN
14, 15. (a) Naon titingalian Jakaria nu katujuh? (Tingali gambar 2 dina awal artikel.) (b) Saha awéwé nu aya di jero karanjang téh? Ku naon éta karanjang ditutup ku malaikat?
14 Sanggeus Jakaria ningali gulungan kitab nu ngalayang, hiji malaikat ngomong, ”Tenjo.” Jakaria ningali hiji karanjang. (Baca Jakaria 5:5-8.) Karanjang éta ditutupan ku tutup timah. Basa éta karanjang dibuka, Jakaria ningali ”di jerona aya awewe keur diuk”. Malaikat éta ngajelaskeun yén awéwé éta ngaranna ”kajahatan”. Bayangkeun sakumaha reuwasna Jakaria basa awéwé éta rék kaluar. Tapi, malaikat buru-buru ngadedetkeun éta awéwé ka jero karanjang jeung ditutup deui ku tutup timah nu beurat. Naon éta téh hartina?
15 Titingalian ieu ngayakinkeun urang yén Yéhuwa moal ngantep kajahatan terus aya di antara umat-Na. Lamun ningali aya nu goréng, Yéhuwa bakal geura nyingkirkeunana. (1 Kor. 5:12, 13) Ieu digambarkeun ku malaikat nu langsung nutup éta karanjang.
16. (a) Saterusna, Jakaria ningali éta karanjang dikumahakeun? (Tingali gambar 3 dina awal artikel.) (b) Karanjang éta dibawa ka mana ku dua awéwé?
16 Saterusna, Jakaria ningali dua awéwé nu boga jangjang nu kuat Jakaria 5:9-11.) Dua awéwé ieu téh béda jeung awéwé nu aya di jero karanjang. Ku jangjangna nu kuat, maranéhna ngangkat éta karanjang nu eusina ”kajahatan” tuluy dibawa ngapung. Rék dibawa ka mana éta karanjang téh? ”Ka nagri Babul.” Ku naon dibawa ka ditu?
siga jangjang bango. (Baca17, 18. (a) Ku naon Babul téh tempat nu cocog keur ”kajahatan”? (b) Naon tékad Sadérék?
17 Urang Israil di jaman Jakaria tangtu paham ku naon Babul téh tempat nu cocog keur ”kajahatan”. Maranéhna nyaho yén kota éta pinuh ku hal nu rucah jeung ibadah palsu. Jakaria jeung urang Yahudi nu pernah cicing di ditu nyaho sakumaha héséna ngalawan pangaruh kapir. Jadi, titingalian ieu téh jaminan yén Yéhuwa bakal ngajaga ibadah-Na tetep bersih.
18 Titingalian ieu ogé mépélingan urang Yahudi yén maranéhna boga tanggung jawab pikeun ngajaga ibadahna tetep bersih. Kajahatan teu meunang aya di antara umat Allah. Kiwari, Yéhuwa mawa urang ka organisasi-Na nu bersih, tempat urang dipikanyaah jeung dijaga. Urang masing-masing boga tanggung jawab pikeun ngajagana tetep bersih. Kajahatan teu meunang aya di antara umat Yéhuwa.
UMAT NU BERSIH NGAMULYAKEUN YÉHUWA
19. Urang meunang palajaran naon tina titingalian Jakaria?
19 Titingalian Jakaria nu kagenep jeung katujuh méré pangéling nu sérius pikeun jalma nu ngalampahkeun kajahatan. Yéhuwa moal ngantep kajahatan terus aya. Salaku hamba Allah, urang gé kudu ijid kana kajahatan. Titingalian ieu ngayakinkeun yén lamun urang ngupayakeun kamanah ku Bapa, Mantenna moal méré panyapa tapi bakal nyalindungan jeung ngaberkahan urang. Tetep bersih di dunya nu jahat ieu téh mémang hésé, tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa hasil! Kumaha urang bisa yakin yén ibadah sajati bakal tetep aya? Sarta, kumaha urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal nyalindungan organisasi-Na dina mangsa cilaka nu téréh datang? Ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.