Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sadérék Disalindungan ku Karéta jeung Makuta

Sadérék Disalindungan ku Karéta jeung Makuta

”Eta kabeh pinasti bukti, saupama aranjeun enya-enya narurut kana parentah-parentah PANGERAN, Allah aranjeun.”​—JAK. 6:15.

KAWIH: 17, 136

1, 2. Kumaha kaayaan urang Yahudi di Yérusalém sanggeus Jakaria meunang titingalian nu katujuh?

SANGGEUS meunang titingalian nu katujuh, aya loba nu dipikiran ku Jakaria. Manéhna tangtu dikuatkeun ku jangji Yéhuwa nu rék ngahukum jalma-jalma nu teu jujur. Tapi, kaayaan téh kitu-kitu kénéh. Loba nu masih jahat jeung teu jujur, sarta pangwangunan bait di Yérusalém teu bérés-bérés. Ku naon urang Yahudi ninggalkeun tugas ti Yéhuwa? Naha maranéhna balik ka Yérusalém téh ngan saukur hayang hirup genah?

2 Jakaria nyaho yén urang Yahudi nu balik ka Yérusalém téh jalma-jalma nu ariman ka Yéhuwa, ”anu hatena digerakkeun ku Allah” pikeun ninggalkeun imah jeung pagawéan maranéhna di Babul. (Esra 1:2, 3, 5) Maranéhna kudu ninggalkeun tempat nu geus biasa dicicingan tuluy pindah ka Yérusalém. Malah kalolobaan ti maranéhna can pernah ningali éta nagri. Ngawangun bait Yéhuwa téh penting pisan keur maranéhna nepi ka réla indit sajauh kira-kira 1.600 kilométer ngaliwatan daérah nu bahaya.

3, 4. Naon waé tangtangan nu disanghareupan ku urang Yahudi?

3 Bayangkeun perjalananana. Maranéhna bisa mangjam-jam mikirkeun jeung ngobrolkeun bakal siga kumaha imah maranéhna engké. Nu karolot nyaritakeun sakumaha éndahna Yérusalém jeung baitna baheula. (Esra 3:12) Saupama Sadérék aya di ditu, kumaha parasaan Sadérék basa mimiti ningali Yérusalém? Naha Sadérék bakal sedih ningali bangunan nu dipinuhan ku jukut, témbok kota nu rubuh, gerbang nu geus bobol, sarta munara nu geus rugrug? Meureun Sadérék ngabandingkeun témbok éta jeung témbok Babul nu kuat. Tapi, urang Yahudi nu daratang henteu leutik haté. Naon sababna? Sabab Yéhuwa geus kabukti nulungan jeung nyalindungan maranéhna di perjalanan. Teu lila sanggeus nepi ka Yérusalém, maranéhna langsung ngawangun altar di daérah bait sarta ngaduruk kurban ka Yéhuwa unggal poé. (Esra 3:1, 2) Sumanget maranéhna ngagedur jeung siap digawé. Sigana mah euweuh nu bisa ngeureunkeun maranéhna.

4 Bari ngawangun bait, urang Yahudi gé kudu ngawangun imah jeung kota. Maranéhna ogé kudu melak lahan sangkan bisa nyadiakeun kadaharan pikeun kulawarga. (Esra 2:70) Pagawéanana siga nu teu béak-béak. Teu lila, musuh-musuh daratang rék ngeureunkeun pagawéan maranéhna. Serangan ieu lumangsung 15 taun, nu matak urang Yahudi sarieuneun. (Esra 4:1-4) Taun 522 SM, aya tangtangan séjénna ti raja Pérsia nu maréntahkeun sangkan pangwangunan dieureunkeun. Katingalina kota ieu moal bakal bérés diwangun.​—Esra 4:21-24.

5. Kumaha Yéhuwa mantuan umat-Na?

5 Yéhuwa apal yén umat-Na butuh kakuatan jeung kawani. Mantenna masihan titingalian nu pamungkas pikeun ngayakinkeun umat-Na yén Mantenna nyaah jeung ngahargaan upaya maranéhna. Mantenna jangji bakal nyalindungan lamun maranéhna neruskeun pangwangunan. Ngeunaan pangwangunan bait, Yéhuwa nyarios, ”Eta kabeh pinasti bukti, saupama aranjeun enya-enya narurut kana parentah-parentah PANGERAN, Allah aranjeun.”​—Jak. 6:15.

PASUKAN MALAIKAT

6. (a) Kumaha titingalian Jakaria nu kadalapan dimimitian? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Ku naon béda-béda warna kudana?

6 Titingalian Jakaria nu pamungkas, nyaéta nu kadalapan, bisa jadi nu paling nguatkeun iman maranéhna. (Baca Jakaria 6:1-3.) Pék bayangkeun, ”ti sela-sela dua gunung tambaga” kaluar opat karéta perang nu ditarik ku kuda. Unggal karéta ditarik ku kuda-kuda nu béda warnana, jadi teu hésé nyirianana. Jakaria nanya, ”Naon hartosna eta kareta-kareta perang teh?” (Jak. 6:4) Urang gé kudu nyaho lantaran aya pangaruhna keur urang.

7, 8. (a) Naon nu dilambangkeun ku dua gunung éta? (b) Ku naon dua gunung éta tina tambaga?

7 Dina Alkitab, gunung biasana ngagambarkeun karajaan, atawa pamaréntahan. Gunung nu ditingali ku Jakaria méh sarua jeung dua gunung nu aya di nubuat Daniél. Gunung nu kahiji ngalambangkeun pamaréntahan Yéhuwa saalam jagat nu sipatna langgeng. Gunung nu hijina deui ngalambangkeun Karajaan Mésias nu dirajaan ku Yésus. (Dan. 2:35, 45) Ti saprak taun 1914, basa Yésus jadi Raja, dua gunung ieu geus aya jeung jadi bagian penting dina laksanana pangersa Allah pikeun bumi.

Yéhuwa masih ngagunakeun malaikat pikeun nyalindungan tur nguatkeun umat-Na

8 Ku naon dua gunung éta tina tambaga? Tambaga téh logam nu mahal sarta gugurilapan. Yéhuwa maréntahkeun urang Israil pikeun ngagunakeun tambaga basa ngawangun tabernakel jeung bait di Yérusalém. (Bud. 27:1-3; 1 Rja. 7:13-16) Hal ieu nandeskeun sakitu mulyana kadaulatan universal Yéhuwa jeung Karajaan Mésias-Na. Manusa bakal ngarasa aman jeung diberkahan.

9. Saha nu numpak karéta-karéta éta, jeung naon tugas maranéhna?

9 Naon nu dilambangkeun ku karéta jeung nu numpakna? Nu numpakna téh para malaikat, bisa jadi sababaraha kelompok malaikat. (Baca Jakaria 6:5-8.) Maranéhna ”asalna ti payuneun PANGERAN, Gustina sakubeng alam”. Para malaikat éta boga tugas istiméwa, nyaéta diutus ka sababaraha tempat pikeun nyalindungan umat Allah, hususna ti serangan nagri Babul, nu aya di ”kaler”. Liwat titingalian ieu, Yéhuwa ngayakinkeun yén umat-Na moal bakal jadi budakna Babul deui. Ieu tangtu nengtremkeun urang Yahudi nu keur ngawangun bait di jaman Jakaria! Maranéhna jadi yakin yén musuh-musuh moal bisa ngaganggu maranéhna.

10. Tina nubuat Jakaria ngeunaan karéta jeung nu numpakna, urang kiwari yakin kana hal naon?

10 Kiwari, Yéhuwa masih ngagunakeun malaikat pikeun nyalindungan jeung nguatkeun umat-Na. (Mal. 3:6; Ibr. 1:7, 14) Ti saprak 1919, basa umat Yéhuwa dibébaskeun ti Babul Raya, musuh maranéhna geus ngupayakeun sagala cara pikeun ngeureunkeun mekarna ibadah sajati. (Wahyu 18:4) Tapi, maranéhna teu pernah hasil. Urang teu perlu sieun, umat Yéhuwa moal ditawan deui ku agama palsu lantaran para malaikat nyalindungan organisasi Yéhuwa. (Jab. 34:8) Malahan, urang bakal terus sibuk ibadah ka Yéhuwa kalawan bungah. Ti nubuat Jakaria, urang jadi paham yén urang aman disalindungan ku dua gunung.

11. Ku naon urang teu kudu sieun ka serangan nu bakal narajang umat Allah?

11 Moal lila deui, kakuatan pulitik dunya Sétan bakal ngagabungkeun pasukanana pikeun ngancurkeun umat Allah. (Yeh. 38:2, 10-12; Dan. 11:40, 44, 45; Wahyu 19:19) Di nubuat Yéhéskél, pasukan ieu digambarkeun siga angin ribut nu ngagelebug ngalimpudan bumi. Maranéhna narumpak kuda pikeun nyerang umat Allah. (Yeh. 38:15, 16) * (Tingali catetan handap.) Naha urang kudu sieun? Henteu! Pasukan tentara Yéhuwa aya di pihak urang. Dina mangsa cilaka, malaikat Yéhuwa bakal nyalindungan umat Allah sarta ngabinasakeun saha waé nu nentang pamaréntahan Yéhuwa. (2 Tes. 1:7, 8) Poé nu pohara hébatna! Tapi, saha nu bakal mingpin pasukan tentara Yéhuwa?

RAJA JEUNG IMAM DIMAKUTAAN KU YÉHUWA

12, 13. (a) Yéhuwa nitah Jakaria pikeun ngalampahkeun naon? (b) Ti mana urang nyaho yén hiji jalma nu disebut Sirung téh ngagambarkeun Yésus Kristus?

12 Dalapan titingalian éta ngan disaksian ku Jakaria. Tapi saterusna, manéhna ngalampahkeun hiji hal nu disaksian ku batur. Hal éta bakal ngagedékeun haté urang Yahudi nu keur ngawangun bait Allah. (Baca Jakaria 6:9-12.) Tilu lalaki datang ti Babul, nyaéta Héldai, Tobia, jeung Yédaya. Yéhuwa nitah Jakaria pikeun ngumpulkeun emas jeung pérak ti tilu lalaki éta, tuluy dijieun ”makuta”. (Jak. 6:11) Naha éta makuta bakal diterapkeun ka Gupernur Sérubabél, turunan Daud ti kaom Yuda? Henteu. Yéhuwa nitah Jakaria pikeun nerapkeun éta makuta kana sirahna Imam Agung Yosua. Jalma-jalma nu nyaksian pasti teu nyangka.

13 Naha ieu hartina Imam Agung Yosua jadi raja? Henteu. Manéhna teu bisa jadi raja lantaran lain turunan Daud. Manéhna dimakutaan pikeun ngagambarkeun naon nu bakal dilampahkeun ku saurang raja tur imam di mangsa kahareup nu disebut Sirung. Alkitab ngajelaskeun yén Sirung ieu téh nyaéta Yésus Kristus.​—Yes. 11:1; Mat. 2:23. * (Tingali catetan handap.)

14. Salaku Raja tur Imam Agung, naon nu bakal dilampahkeun ku Yésus?

14 Yésus téh nya Raja nya Imam Agung. Anjeunna mingpin pasukan malaikat Yéhuwa sarta ngupayakeun sangkan umat Allah ngarasa aman di dunya nu telenges ieu. (Yer. 23:5, 6) Sakeudeung deui, Kristus bakal nalukkeun bangsa-bangsa demi ngabéla pamaréntahan Allah jeung umat-Na. (Wahyu 17:12-14; 19:11, 14, 15) Tapi saméméhna, Yésus, atawa Sirung, kudu ngalaksanakeun hiji pagawéan penting.

ANJEUNNA BAKAL NGADEGKEUN BAIT

15, 16. (a) Kumaha umat Allah kiwari dipulihkeun tur dimurnikeun, jeung ku saha? (b) Kumaha kaayaan bumi dina ahir Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus?

15 Salian ti jadi Raja jeung Imam Agung, Yésus boga tugas pikeun ”ngadegkeun deui Bait” Yéhuwa. (Baca Jakaria 6:13.) Dina taun 1919, anjeunna ngadegkeun deui bait ku cara ngabébaskeun umat Allah ti pangaruh Babul Raya atawa agama palsu. Yésus mulihkeun sidang Kristen sarta ngalantik ”gandek satia jeung bijaksana”. Kaom nu kaistrén ieu mingpin pagawéan penting nu dilaksanakeun di palataran bait rohani nu aya di bumi. (Mat. 24:45) Yésus ogé ngamurnikeun umat Allah jeung ngabantu maranéhna ngajalankeun ibadah ku cara nu bener.​—Mal. 3:1-3.

16 Yésus jeung 144.000 nu jadi raja jeung imam bakal maréntah salila sarébu taun. Dina mangsa éta, maranéhna bakal ngabantu manusa nu satia jadi sampurna. Waktu raja jeung imam ieu réngsé ngajalankeun tugasna, nu hirup di bumi ngan hamba-hamba Allah nu sajati. Ahirna, ibadah sajati dipulihkeun sapinuhna!

MILU NGAROJONG PANGWANGUNAN

17. Kumaha cara Yéhuwa ngayakinkeun urang Yahudi, jeung naon pangaruhna?

17 Naon pangaruhna titingalian Jakaria ka urang Yahudi harita? Yéhuwa jangji bakal mantuan jeung nyalindungan maranéhna pikeun ngaréngsékeun pangwangunan bait. Haté maranéhna tangtu jadi tengtrem. Sanajan kitu, maranéhna masih hamham, naha pagawéan ieu bisa réngsé ku saeutikan jalma? Jakaria nepikeun firman Yéhuwa supaya maranéhna teu sieun jeung hamham deui. Salian ti Héldai, Tobia, jeung Yédaya nu daratang pikeun mantuan maranéhna, bakal aya loba nu ”daratang, ngabantuan ngadegkeun deui Bait PANGERAN”. (Baca Jakaria 6:15.) Urang Yahudi yakin Yéhuwa ngarojong pagawéan maranéhna. Maranéhna jadi wani jeung neruskeun pangwangunan bait sanajan masih aya larangan ti raja Pérsia. Larangan ieu téh siga gunung nu ngahalangan, tapi Yéhuwa bakal nyingkirkeunana. Ahirna, bait réngsé dina taun 515 SM. (Esra 6:22; Jak. 4:6, 7) Tapi, cariosan Yéhuwa éta kalaksana ogé kiwari.

Yéhuwa moal mopohokeun kanyaah urang ka Mantenna! (Tingali paragrap 18, 19)

18. Kumaha Jakaria 6:15 kalaksana kiwari?

18 Kiwari, aya jutaan hamba Yéhuwa. Maranéhna réla méré ”anu panghadena”, saperti waktu, tanaga, jeung harta banda pikeun ngarojong bait rohani Yéhuwa. (Sil. 3:9) Urang yakin yén Yéhuwa ngahargaan dukungan urang. Inget yén Héldai, Tobia, jeung Yédaya méré pérak jeung emas ka Jakaria pikeun dijieun jadi makuta. Makuta éta jadi ”tanda pangeling-eling” yén maranéhna ngarojong ibadah sajati. (Jak. 6:14) Yéhuwa moal mopohokeun palayanan jeung kanyaah urang ka Mantenna.​—Ibr. 6:10.

Urang bungah jadi bagian ti organisasi nu ajeg, aman, jeung langgeng

19. Naon mangpaat titingalian Jakaria pikeun urang?

19 Dina ahir jaman ieu, aya loba nu geus dilaksanakeun ku umat Yéhuwa. Ieu bisa laksana lantaran urang diberkahan ku Yéhuwa jeung dipingpin ku Kristus. Urang yakin yén pangersa Yéhuwa pikeun ibadah sajati bakal jadi kanyataan. Urang gé bungah jadi bagian ti organisasi nu ajeg, aman, jeung langgeng. Mugia Sadérék ngahargaan hal ieu sarta ”narurut kana parentah-parentah PANGERAN”. Ku kituna, Sadérék bakal disalindungan ku Raja tur Imam Agung sarta ku para malaikat. Sing sabisa-bisa ngarojong ibadah sajati. Yéhuwa bakal ngajaga Sadérék tetep aman nepi ka panungtungan ahir jaman, ogé salalawasna!

^ par. 11 Pikeun katerangan leuwih loba, tingali ”Pertanyaan Pembaca” di Menara Pengawal 15 Méi 2015, kaca 29-30.

^ par. 13 ”Urang Nasaret” di ayat ieu asalna ti kecap Ibrani nu hartina ”sirung”.