Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ngajarkeun Bebeneran

Ngajarkeun Bebeneran

”Nun PANGERAN, . . . jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian.”​—JAB. 119:159, 160.

KAWIH: 29, 53

1, 2. (a) Pagawéan naon nu pangpentingna dina hirup Yésus, jeung naon alesanana? (b) Urang kudu kumaha supaya suksés sabagé ”batur gawé Allah”?

YÉSUS KRISTUS téh tukang kayu, tuluy ka dieunakeun jadi guru. (Mar. 6:3; Yoh. 13:13) Anjeunna bisa ngalampahkeun dua pagawéan éta kalawan sampurna. Sabagé tukang kayu, anjeunna diajar carana ngagunakeun pakakas pikeun nyieun barang-barang tina kai. Sabagé guru, anjeunna boga loba pangaweruh pikeun ngabantu jalma-jalma paham kana bebeneran Firman Allah. (Mat. 7:28; Luk. 24:32, 45) Waktu umur 30 taun, anjeunna eureun jadi tukang kayu tuluy jadi guru lantaran anjeunna apal yén éta téh pagawéan nu pangpentingna. Anjeunna ngomong yén tujuan anjeunna diutus ka dunya téh pikeun ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah. (Mat. 20:28; Luk. 3:23; 4:43) Yésus ngutamakeun pangwawaran warta hadé sarta hayang batur gé ngalampahkeun nu sarua.​—Mat. 9:35-38.

2 Kalolobaan ti urang téh lain tukang kayu, tapi urang kabéh téh guru nu ngajarkeun warta hadé ka batur. Sakitu pentingna pagawéan ieu nepi ka Allah kalibet. Jadi, urang disebut ”batur gawé Allah”. (1 Kor. 3:9, Terjemahan Dunia Baru (NW); 2 Kor. 6:4) Urang satuju jeung nu nulis jabur, ”Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian.” (Jab. 119:159, 160) Firman Yéhuwa téh bebeneran. Éta sababna urang kudu ’bener dina ngajarkeun amanat kayaktian Allah’. (Baca 2 Timoteus 2:15.) Jadi, urang kudu ningkatkeun kamampuh urang dina ngagunakeun Alkitab, pakakas utama pikeun ngajar batur ngeunaan Yéhuwa, Yésus, jeung Karajaan Allah. Supaya urang suksés dina dines, organisasi méré pakakas-pakakas séjénna. Urang kudu ngarti cara ngagunakeunana. Éta kabéh aya dina Pakakas Ngajar.

3. Naon nu kudu diutamakeun dina palayanan urang? Numutkeun Rasul 13:48, saha nu kudu ditéangan ku urang?

3 Bisa jadi Sadérék hayang nyaho ku naon éta disebut Pakakas Ngajar lainna Pakakas Ngawawar. Ieu lantaran ”ngawawar” téh hartina nguarkeun warta, tapi ari ”ngajar” mah hartina ngajelaskeun warta supaya batur paham jeung kajurung pikeun ngalampahkeun naon nu diajarkeun. Waktuna geus singget, jadi nu kudu diutamakeun ku urang téh ngamimitian palajaran Alkitab jeung ngajarkeun bebeneran ka batur sangkan maranéhna jadi murid Kristus. Ku kituna, urang kudu sumanget néangan jalma-jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” jeung ngabantu maranéhna nyembah Yéhuwa.​—Baca Rasul 13:44-47, jeung 48 tina catetan handap. *

4. Kumaha urang bisa manggihan jalma anu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”?

4 Kumaha urang bisa manggihan jalma anu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”? Sakumaha di abad kahiji, hiji-hijina cara téh nyaéta ngawawar. Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Lamun datang ka hiji kota atawa desa, teangan nu daekeun dianjrekan.” (Mat. 10:11) Kiwari ogé sarua. Jalma nu sombong atawa teu paduli ka Allah mah tangtu moal daék ngadéngékeun warta hadé. Ku kituna, urang néangan jalma-jalma nu rendah haté jeung nu bener-bener hayang diajar bebeneran. Hal ieu sarua jeung nu dilakukeun ku Yésus waktu jadi tukang kayu. Saacan nyieun méja, korsi, panto, rancatan, jeung sajabana, anjeunna kudu néangan heula kai nu alus. Tuluy, anjeunna nyokot kotak pakakas, ngagunakeun katarampilanana, jeung nyieun barangna. Kiwari gé urang kudu néangan heula jalma nu rendah haté, sanggeus éta kakara urang bisa ngagunakeun pakakas jeung katarampilan urang pikeun ngajadikeun maranéhna murid.​—Mat. 28:19, 20.

5. Naon nu kudu diinget ku urang ngeunaan pakakas nu aya dina Pakakas Ngajar? Béré contona. (Tingali gambar dina awal artikel.)

5 Dina kotak pakakas, unggal pakakas gunana béda-béda. Contona téh rupa-rupa pakakas nu digunakeun Yésus waktu jadi tukang kayu. * (Tingali catetan handap.) Aya pakakas pikeun ngukur, nandaan, neukteuk, ngaliangan, ngabentuk kai, sarta alat pikeun nyambungkeun kai jeung ngukur lempeng henteuna kai. Kitu ogé, unggal pakakas nu aya dina Pakakas Ngajar gunana béda-béda. Hayu urang bahas carana ngagunakeun pakakas-pakakas penting ieu.

PAKAKAS PIKEUN NGENALKEUN SAKSI-SAKSI YÉHUWA

6, 7. (a) Caritakeun kumaha Sadérék ngagunakeun kartu JW.ORG. (b) Naon tujuanana ondangan pasamoan?

6 Kartu JW.ORG. Pakakas ieu leutik tapi alus pisan pikeun ngenalkeun saha urang sarta ngajurung batur pikeun muka situs jw.org. Dina situs urang, maranéhna bisa diajar leuwih loba ngeunaan urang jeung ménta diajar Alkitab. Nepi ka ayeuna, geus leuwih ti 400.000 jalma nu ménta diajar Alkitab liwat jw.org, jeung aya ratusan deui unggal poéna! Sadérék bisa mawa kartu ieu kamamana supaya bisa dibikeun ka jalma nu dipanggihan sapopoé.

7 Ondangan. Dina ondangan pasamoan disebutkeun, ”Sadérék diulem pikeun diajar Kitab Suci sareng Saksi-Saksi Yéhuwa.” Tuluy disebutkeun yén manéhna gé bisa diajar ”dina pasamoan ibadah” ”atawa diskusi sareng saurang Saksi”. Jadi, ondangan ieu ngenalkeun saha urang jeung ngondang jalma-jalma nu ”ngarasa jiwana miskin” sacara rohani pikeun diajar Alkitab jeung urang. (Mat. 5:3) Tangtu, saha waé gé meunang datang ka pasamoan urang, teu sual maranéhna daék diajar Alkitab atawa henteu. Lamun datang ka pasamoan, maranéhna bakal diajar loba hal ngeunaan Alkitab.

8. Ku naon penting pikeun terus ngondang jalma-jalma datang ka salah sahiji pasamoan urang? Béré contona.

8 Penting pikeun terus ngondang jalma-jalma datang ka pasamoan sahenteuna sakali. Ku naon? Lamun datang, maranéhna bakal ningali yén Saksi-Saksi Yéhuwa mah béda jeung agama palsu lantaran ngajarkeun bebeneran tina Alkitab jeung ngabantu jalma-jalma wanoh ka Allah. (Yes. 65:13) Ieu nu ditingali ku Ray jeung Linda ti Amerika Serikat sababaraha taun katukang. Pasangan salaki pamajikan ieu percaya ka Allah jeung hayang leuwih wanoh ka Mantenna. Jadi, maranéhna ngarencanakeun pikeun ngadatangan unggal garéja di kotana. Maranéhna rék merhatikeun dua hal saacan ngagabung. Kahiji, maranéhna kudu meunangkeun pangaweruh. Nu kadua, papakéan anggotana kudu nyirikeun hamba Allah. Ieu butuh mangtaun-taun lantaran aya loba garéja di kotana. Tapi, maranéhna kuciwa pisan. Maranéhna teu diajar nanaon jeung papakéan anggota garéja gé teu saropan. Sanggeus ngadatangan garéja nu pangahirna, Linda indit digawé, Ray balik ka imah. Pas keur balik, Ray ngaliwatan Balé Karajaan. Manéhna mikir, ’Cikan urang asup, hayang nyaho.’ Tangtu, ieu pangalaman nu pangalusna keur manéhna! Unggal jalma di Balé Karajaan téh balageur jeung soméah, papakéanana ogé saropan. Ray diuk panghareupna jeung resep pisan kana pangajaranana! Ieu ngingetkeun urang kana kekecapan Rasul Paulus ngeunaan hiji jalma nu mimiti datang ka pasamoan tuluy ngomong, ”Sayaktosna, Allah aya di aranjeun.” (1 Kor. 14:23-25) Ti saprak harita, Ray rutin masamoan unggal poé Minggu. Tuluy manéhna ogé datang ka pasamoan tengah minggu. Ahirna, Linda milu datang ka pasamoan. Sanajan umurna geus 70-an, maranéhna diajar Alkitab tuluy dibaptis.

PAKAKAS PIKEUN NGAMIMITIAN OBROLAN

9, 10. (a) Ku naon risalah téh gampang digunakeunana? (b) Jelaskeun carana ngagunakeun risalah Naon Karajaan Allah téh?

9 Risalah. Aya dalapan risalah dina Pakakas Ngajar urang. Éta kabéh gampang digunakeun jeung alus pikeun ngamimitian obrolan. Ti saprak risalah nu mimiti dipedalkeun dina taun 2013, leuwih ti lima miliar risalah geus dicitak! Kabéh risalah formatna sarua. Jadi, lamun bisa ngagunakeun hiji risalah, Sadérék bisa ngagunakeun kabéhanana! Kumaha carana ngagunakeun salah sahiji risalah pikeun ngamimitian obrolan?

10 Misalna, Sadérék rék ngagunakeun risalah Naon Karajaan Allah téh? Témbongkeun pananya nu aya dina kaca hareup, tuluy tanyakeun, ”Pernah kapikir teu, naon Karajaan Allah téh? Naha éta téh . . . ?” Tuluy pénta manéhna milih salah sahiji tina tilu jawaban nu aya. Ti batan ngomong jawaban manéhna téh bener atawa salah, langsung waé buka risalahna terus tunjukkeun bagian ”Naon nu Dicarioskeun Kitab Suci” jeung bacakeun ayat nu aya di dinya, nyaéta Daniel 2:44 jeung Yesaya 9:6. Dina panungtungan obrolan, béré pananya nu aya di bagian tukang, ”Pikeun Dipikirkeun”: ”Naon anu bakal kaalaman ku rahayat Karajaan Allah?” Sadérék bisa ngajawab pananya éta waktu ngadatangan deui. Waktu panggih deui, Sadérék bisa ngagunakeun palajaran 7 tina brosur Warta Pikabungaheun ti Allah!, salah sahiji pakakas pikeun ngamimitian palajaran Alkitab.

PAKAKAS PIKEUN NGAHUDANG MINAT

11. Naon tujuan majalah urang, jeung urang kudu kumaha sangkan majalah ieu bisa nepi ka jalma nu cocog?

11 Majalah. Warta Hadé jeung Éling! téh majalah nu paling loba disebarkeun jeung ditarjamahkeun di sakuliah dunya! Lantaran nu macana ti rupa-rupa nagri, topik utamana dirancang supaya dipikaresep ku jalma-jalma di mana waé. Urang kudu ngagunakeun majalah ieu pikeun mantuan batur mikirkeun naon nu pangpentingna dina kahirupan kiwari. Tapi, sangkan majalah ieu bisa nepi ka jalma nu cocog, urang kudu nyaho keur saha majalah ieu dijieun.

12. (a) Dirancang keur saha majalah Éling! téh, jeung naon tujuanana? (b) Anyar-anyar ieu, Sadérék boga pangalaman alus naon dina ngagunakeun pakakas ieu?

12 Éling! dirancang pikeun jalma-jalma nu teu ngarti atawa nu ngarti saeutik kana Alkitab. Bisa jadi maranéhna teu nyaho nanaon kana pangajaran Kristen, teu bener-bener percaya kana agama, atawa teu nyaho Alkitab téh bisa ngabantu kahirupan maranéhna. Salah sahiji tujuan Éling! nyaéta ngayakinkeun jalma-jalma yén Allah téh aya. (Rum 1:20; Ibr. 11:6) Majalah ieu gé bisa ngabantu batur pikeun percaya yén Alkitab téh ”amanat ti Allah”. (1 Tes. 2:13) Tilu pedalan dina taun 2018 jejerna: ”Apa Kebahagiaan Sejati Itu?”, ”12 Konci Sangkan Kulawarga Suksés”, jeung ”Bantuan bagi Yang Berduka”.

13. (a) Dirancang keur saha majalah Warta Hadé édisi umum téh? (b) Anyar-anyar ieu, Sadérék boga pangalaman alus naon dina ngagunakeun pakakas ieu?

13 Tujuan utama majalah Warta Hadé édisi umum nyaéta ngajelaskeun pangajaran Alkitab ka jalma-jalma nu ngajénan Allah jeung Alkitab. Bisa waé maranéhna geus apal sababaraha pangajaran Alkitab, tapi teu nurutkeun anu bener. (Rum 10:2; 1 Tim. 2:3, 4) Tilu pedalan dina taun 2018 jejerna: ”Apakah Alkitab Masih Berguna?”, ”Bagaimana Masa Depan Kita?”, jeung ”Apakah Allah Peduli kepada Anda?

PAKAKAS PIKEUN NGAGEUING BATUR

14. (a) Opat vidéo nu aya dina Pakakas Ngajar dirancang pikeun naon? (b) Sadérék boga pangalaman alus naon dina ngagunakeun vidéo-vidéo ieu?

14 Vidéo. Di jaman Yésus, tukang kayu ngan saukur boga pakakas manual. Tapi ayeuna, tukang kayu boga pakakas listrik, siga ragaji, bor, jeung mesin hampelas. Kiwari waktu urang ngawawar, salian ti bacaan nu dicitak, urang boga vidéo-vidéo nu alus. Aya opat nu disadiakeun dina Pakakas Ngajar: Ku Naon Perlu Diajar Kitab Suci?, Sapertos Kumaha Program Pangajaran Alkitab ti Sim Kuring?, Naon anu Lumangsung di Balé Karajaan?, jeung Saha Saksi-Saksi Yéhuwa téh? Vidéo nu leuwih pondok téh kurang ti dua menit sarta alus pikeun ngawawar. Vidéo nu leuwih panjang bisa dipaké keur ngadatangan deui atawa ditémbongkeun ka jalma nu boga loba waktu. Vidéo-vidéo ieu téh pakakas nu alus pikeun ngageuing jalma-jalma diajar Alkitab jeung datang ka pasamoan.

15. Naon hasilna waktu jalma-jalma nongton vidéo urang dina basa indungna? Béré contona.

15 Sabagé conto, saurang sadérék istri panggih jeung awéwé nu pindah ti Mikronesia nu basa indungna téh Yapese. Sadérék istri éta nyetél vidéo Ku Naon Perlu Diajar Kitab Suci? dina basa Yapese. Pas keur disetél, awéwé éta ngomong, ”Ieu mah basa urang atuh. Asa teu percaya! Tina logatna, manéhna téh salembur jeung urang. Basana sarua!” Sanggeusna, awéwé éta daékeun maca jeung nongton sagala nu aya di jw.org dina basana. (Bandingkeun Rasul 2:8, 11.) Conto séjénna nyaéta saurang sadérék istri di Amerika Serikat nu boga alo nu cicingna di buana séjén. Manéhna ngirim link vidéo tadi dina basa nu dipaké alona. Alona nongton vidéo éta tuluy ngirim e-mail: ”Abdi kataji waktu ningali bagian dunya ieu dikawasaan ku si jahat. Abdi ngadaptar rék diajar Alkitab.” Ieu téh luar biasa lantaran manéhna cicing di nagri nu ngawatesan kagiatan urang!

PAKAKAS PIKEUN NGAJARKEUN BEBENERAN

16. Jelaskeun tujuan unggal brosur: (a) Regepkeun Allah Sangkan Hirup Langgeng. (b) Warta Pikabungaheun ti Allah! (c) Saha nu Milampah Pangersa Yéhuwa Kiwari?

16 Brosur. Kumaha carana ngajarkeun bebeneran ka jalma nu teu lancar maca atawa teu boga bacaan Alkitab dina basa indungna? Urang bisa ngagunakeun brosur Regepkeun Allah Sangkan Hirup Langgeng. * (Tingali catetan handap.) Hiji pakakas nu hadé pikeun ngamimitian palajaran Alkitab nyaéta brosur Warta Pikabungaheun ti Allah! Témbongkeun 14 topik nu aya dina kaca pangtukangna tuluy tanyakeun mana nu paling dipikaresep ku nu boga imah. Pék mimitian diajar maké pasal éta. Naha Sadérék pernah ngalakukeun ieu waktu ngadatangan deui? Brosur nu katilu nyaéta Saha nu Milampah Pangersa Yéhuwa Kiwari? Ieu dirancang pikeun ngajelaskeun organisasi urang ka palajar Alkitab. Carana ngagunakeun ieu brosur dibahas dina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan Kristen Maret 2017.

17. (a) Jelaskeun tujuan dua buku palajaran Alkitab. (b) Naon nu kudu terus dilakukeun ku jalma nu anyaran dibaptis, jeung naon alesanana?

17 Buku. Sanggeus ngamimitian palajaran Alkitab maké brosur, iraha waé gé Sadérék bisa pindah ka buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? Pakakas ieu ngajarkeun leuwih loba pangajaran dasar Alkitab. Lamun palajar Alkitab nyieun kamajuan jeung geus ngaréngsékeun éta buku, Sadérék bisa neruskeun palajaran maké buku Carana Tetep Dipikaasih ku Allah. Pakakas ieu bisa ngabantu palajar pikeun ngalarapkeun prinsip Alkitab dina kahirupanana. Inget, sanajan geus dibaptis, jalma nu anyaran masih kudu ngaréngsékeun dua buku éta. Ku kituna, manéhna boga iman nu kuat jeung bisa tetep satia ka Yéhuwa.​—Baca Kolosa 2:6, 7.

Eusi Pakakas Ngajar téh pakakas-pakakas nu dibutuhkeun pikeun ngajarkeun warta hadé

18. (a) Numutkeun 1 Timoteus 4:16, naon nu kudu dilakukeun ku urang salaku guru, jeung naon hasilna? (b) Naon tujuan urang maké Pakakas Ngajar?

18 Salaku Saksi Yéhuwa, urang boga tanggung jawab pikeun ngajarkeun ”amanat anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan”. Ku kituna, jalma-jalma bisa meunangkeun hirup abadi. (Kol. 1:5; baca 1 Timoteus 4:16.) Jadi, urang butuh pakakas nu aya dina Pakakas Ngajar. (Tingali kotak ” Pakakas Ngajar”.) Mangpaatkeun pakakas éta sabisa-bisa. Urang masing-masing bisa mutuskeun mana nu rék dipaké jeung iraha makéna. Tapi inget, tujuan urang lain saukur nyebarkeun bacaan. Urang gé moal mikeun bacaan ka jalma nu teu boga minat. Tujuan urang nyaéta supaya jalma-jalma nu rendah haté jeung nu bener-bener hayang wanoh ka Yéhuwa bisa jadi murid. Maranéhna téh jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”.​—Ras. 13:48; Mat. 28:19, 20.

^ par. 3 Rasul 13:48 (NW): ”Waktu ngadaréngé ieu ucapan, jalma-jalma ti bangsa séjén kacida barungaheunana sarta ngamulyakeun firman Yéhuwa, jeung kabéh nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng jadi palercaya.”

^ par. 5 Tingali artikel ”Tukang Kayu” jeung ”Kotak Peralatan Tukang Kayu” dina Menara Pengawal 1 Agustus 2010.

^ par. 16 Lamun jalmana teu bisa maca, Sadérék bisa ngagunakeun brosur Regepkeun Allah nu tulisanana ngan saeutik.