Ngomong Jujur
”Ari jeung pada batur, ngomong teh kudu anu saestuna.”—JAK. 8:16.
1, 2. Naon nu digunakeun ku Iblis pikeun nyangsarakeun manusa?
SABABARAHA barang nu dijieun ku jalma, saperti telepon, bohlam, mobil, jeung kulkas, ngalantarankeun kahirupan jadi leuwih genah. Tapi, barang séjénna, saperti péstol, ranjau, roko, jeung bom atom, ngalantarankeun kahirupan jadi leuwih susah. Tapi, jauh saacanna, aya hiji hal nu kacida nyangsarakeun manusa. Naon éta téh? Kabohongan! Bohong téh nyaéta omongan nu teu sabenerna pikeun nipu atawa ngalicikan batur. Saha nu mimiti ngabohong? Si Iblis! Yésus Kristus nyebut manéhna téh ”bapana sagala bohong”. (Baca Yohanes 8:44.) Iraha manéhna mimiti ngabohong?
2 Kajadianana téh rébuan taun katukang basa di Taman Éden. Harita, Adam jeung Hawa keur bagja hirup di Pirdaus nu éndah nu diciptakeun ku Yéhuwa. Tuluy datang Si Iblis. Manéhna nyaho yén Allah ngalarang Adam jeung Hawa ngadahar buah ”ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng”. Lamun teu taat, maranéhna bakal paéh. Sétan ngagunakeun oray Kaj. 2:15-17; 3:1-5.
pikeun ngomong ka Hawa, ”Hamo matak paeh.” Ieu kabohongan nu mimiti. Sétan gé ngomong, ”Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.”—3. Ku naon kabohongan Sétan téh jahat pisan, jeung naon balukarna?
3 Kabohongan Sétan téh jahat pisan lantaran manéhna nyaho lamun Hawa percaya ka manéhna tuluy ngadahar buah éta, Hawa bakal paéh. Éta bener-bener kajadian. Basa Adam jeung Hawa teu taat ka Allah, maranéhna paéh. (Kaj. 3:6; 5:5) Nu leuwih parah, ”maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa” gara-gara dosa Adam. Ayeuna, ”maot . . . geus ngawasaan sakumna manusa. Malah jelema-jelema anu henteu migawe dosa saperti dosa Adam oge anu ngalanggar parentah Allah, kabeh kapurba ku maot”. (Rum 5:12, 14) Urang jadi teu sampurna jeung teu bisa hirup langgeng sakumaha kahoyong Allah. Ayeuna, umur urang ”mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat”, éta gé ”bari ripuh seueur nu karasa”. (Jab. 90:10) Ieu kabéh dilantarankeun ku kabohongan Sétan!
4. (a) Pananya naon waé nu kudu dijawab? (b) Numutkeun Jabur 15:1, 2, saha nu bisa jadi sobat Yéhuwa?
4 Yésus ngomong yén Sétan téh ”tara mihak ka nu bener, lantaran teu kaancikan ku sipat bener”. Sétan masih tetep kitu. Manéhna ”nyasarkeun saalam dunya” ku kabohonganana. (Wahyu 12:9) Urang embung kasasarkeun ku Sétan. Jadi, urang kudu paham kana jawaban tina tilu pananya. Kiwari, kumaha cara Sétan nyasarkeun jalma-jalma? Ku naon jalma-jalma ngabohong? Sarta, kumaha urang bisa ngomong jujur unggal waktu supaya urang teu siga Adam jeung Hawa nu kaleungitan sosobatanana jeung Yéhuwa?—Baca Jabur 15:1, 2.
CARANA SÉTAN NYASARKEUN JALMA-JALMA
5. Kiwari, kumaha cara Sétan nyasarkeun jalma-jalma?
5 Urang bisa nampik tipuan Sétan. Ceuk Rasul Paulus, ”Kana maksud-maksud Iblis teh urang geus teu bireuk deui.” (2 Kor. 2:11) Urang apal yén Sétan ngawasaan dunya ieu, kaasup agama palsu, pamaréntahan nu korupsi, jeung sistim dagang nu sarakah. (1 Yoh. 5:19) Jadi, urang teu héran lamun Sétan jeung roh-roh jahat mangaruhan jalma-jalma nu boga kawasa pikeun ngabohong. (1 Tim. 4:1, 2) Contona, sababaraha pangusaha nyieun iklan yén barangna téh alus padahal mah ngabahayakeun. Maranéhna gé nipu jalma-jalma supaya meunang loba kauntungan.
6, 7. (a) Ku naon kabohongan para pamingpin agama téh bahaya pisan? (b) Sadérék pernah ngadéngé kabohongan naon ti pamingpin agama?
6 Nu bahaya pisan téh kabohongan para pamingpin agama. Naon sababna? Lantaran jalma-jalma nu percaya kana pangajaran nu salah bakal ngalampahkeun hal-hal nu dipikaijid ku Allah. Ku kituna, maranéhna teu bisa hirup Hos. 4:9) Yésus apal yén para pamingpin agama di jamanna osok nipu. Kalawan wani, Yésus ngomong, ”Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meuntas laut ngambah darat, neangan anu daekeun asup kana agama aranjeun saurang-urangeun. Ari geus meunang bet dijadikeun calon eusi naraka [atawa, Gehena],” nu hartina kabinasaan abadi. (Mat. 23:15) Yésus ngomong yén maranéhna téh nyonto bapana, nyaéta Iblis si ”tukang maehan”.—Yoh. 8:44.
langgeng. (7 Kiwari gé aya loba pamingpin agama. Maranéhna disebut pastur, imam, jeung gelar-gelar séjénna. Siga urang Parisi, maranéhna teu ngajarkeun bebeneran tina Firman Allah, tapi ”hal Allah anu sayaktina diganti ku hal anu bohong”. (Rum 1:18, 25) Sababaraha kabohonganana téh nyaéta ”sakali salamet tetep salamet”, jiwa manusa teu bisa maot, réinkarnasi, sarta Allah ngidinan homoséksualitas tur perkawinan jeung nu sajinis.
8. Kabohongan naon nu sakeudeung deui bakal diuarkeun ku para pamingpin pulitik, tapi urang kudu kumaha?
8 Para pamingpin pulitik ogé osok ngabohong pikeun nipu jalma-jalma. Sakeudeung deui, bakal aya kabohongan gedé ti para pamingpin pulitik, nyaéta maranéhna bakal mawa ’kaayaan tenang jeung aman’ di dunya ieu. Tapi, ”kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna”. Jadi, ulah percaya ka maranéhna nu ngomong yén kaayaan dunya ieu bakal leuwih hadé. Urang ”apal pisan yén poéna Yéhuwa bakal datang cara bangsat nu datangna peuting-peuting”.—1 Tes. 5:1-4, Terjemahan Dunia Baru (NW).
ALESANANA JALMA-JALMA NGABOHONG
9, 10. (a) Ku naon jalma-jalma ngabohong, jeung naon balukarna? (b) Naon nu kudu diinget ku urang ngeunaan Yéhuwa?
9 Kiwari, lain jalma-jalma nu boga kawasa wungkul nu osok ngabohong. Artikel ”Alesanana Urang Ngabohong” dina majalah National Geographic nyebutkeun, ”Geus jelas yén ngabohong téh adatna manusa.” Éta hartina, jalma-jalma mikir yén ngabohong téh geus biasa jeung wajar. Jalma-jalma ngabohong pikeun ngalindungan diri, bisa jadi pikeun nyumputkeun kasalahan atawa kajahatanana. Maranéhna ogé ngabohong pikeun meunangkeun duit atawa kauntungan séjénna. Artikel éta gé nyebutkeun yén sababaraha jalma teu asa-asa ngabohong ka ”jalma nu teu wawuh, batur gawé, babaturan, jeung jalma nu dipikanyaah”.
10 Naon balukarna? Jalma-jalma jadi teu silih percaya deui, hubungan ogé jadi ruksak. Contona, bayangkeun parasaan saurang salaki nu satia waktu nyaho pamajikanana salingkuh tuluy Ibr. 4:13.
ngabohong pikeun nyumputkeun kalakuanana. Haténa tangtu ancur. Atawa, bayangkeun sakumaha parahna saurang salaki nu osok kasar ka pamajikan jeung barudakna di imah, tapi di hareupeun batur mah katingali nyaah jeung perhatian. Jalma-jalma modél kitu bisa nipu batur, tapi inget, maranéhna moal bisa nipu Yéhuwa. Alkitab nyebutkeun yén ”kabeh mahluk eces nonggerak katingalieun” ku Mantenna.—11. Urang diajar naon tina conto goréng Ananias jeung Sapirah? (Tingali gambar dina awal artikel.)
11 Dina Alkitab, aya conto pasangan Kristen nu dipangaruhan ku Sétan pikeun ngabohong ka Allah. Ananias jeung Sapirah nipu para rasul. Maranéhna ngajual lahan tuluy mikeun sawaréh hasilna ka para rasul. Tapi, bakating ku hayang kapuji, maranéhna ngomong yén nu dibikeun téh sakabéh hasilna. Yéhuwa apal kana kabohongan ieu tuluy ngahukum maranéhna.—Ras. 5:1-10.
12. Naon nu bakal kaalaman ku jalma nu ngabohong tapi teu tobat? Naon sababna?
12 Kumaha parasaan Yéhuwa ka tukang bohong? Kabéh jalma nu ngabohong pikeun nyilakakeun batur tapi teu tobat bakal digebruskeun ka ”lautan seuneu”, sarua kawas Sétan. Hartina, maranéhna bakal binasa salilana. (Wahyu 20:10; 21:8; Jab. 5:7) Ku naon? Lantaran tukang bohong téh ku Yéhuwa disaruakeun jeung jalma-jalma nu kalakuanana siga ”anjing-anjing jarian”, atawa nu lalampahanana dipikageuleuh ku Allah.—Wahyu 22:15, Sunda Formal (SF).
13. Yéhuwa téh Allah nu kawas kumaha, sarta urang kajurung pikeun ngalampahkeun naon?
13 Urang apal Yéhuwa ”tara ngabohong cara jelema” sarta ”moal kersa jalir”. (Bil. 23:19; Ibr. 6:18) Yéhuwa ’mikacua sungut nu bohong’. (Sil. 6:16, 17) Jadi, lamun hayang kamanah ku Yéhuwa, urang kudu jujur. Urang gé moal ”silih bohongan”.—Kol. 3:9.
URANG ”NGOMONG . . . ANU SAESTUNA”
14. (a) Naon nu ngabédakeun urang Kristen sajati jeung anggota agama palsu? (b) Jelaskeun prinsip nu aya dina Lukas 6:45.
14 Naon nu ngabédakeun urang Kristen sajati jeung anggota agama palsu? Urang mah ”ngomong . . . anu saestuna”. (Baca Jakaria 8:16, 17.) Paulus nyebutkeun yén urang Kristen ngabuktikeun diri sabagé palayan Allah ”ku jalan . . . nyaturkeun kayaktian nurutkeun anu saenyana”. (2 Kor. 6:4, 7, SF) Yésus gé ngomong yén ”mudalna omongan tina sungut teh lantaran hate geus leber”. (Luk. 6:45) Ieu hartina, lamun haté saurang jalma jujur, omonganana gé bakal jujur. Manéhna bakal ngomong jujur ka jalma nu teu wawuh, batur gawé, babaturan, jeung jalma nu dipikanyaah. Hayu urang bahas sababaraha conto kumaha urang bisa jujur dina sagala kaayaan.
15. (a) Ku naon hirup munapék téh goréng? (b) Kumaha budak ngora bisa nolak godaan ti babaturan? (Tingali catetan handap.)
15 Budak ngora, bisa jadi hidep hayang diaku ku babaturan. Tapi ku lantaran éta, sababaraha budak ngora jadi munapék, di hareupeun jeung di tukangeun téh béda. Lamun keur bareng jeung kulawarga atawa dulur saiman, maranéhna api-api bageur, tapi lamun di média sosial atawa keur bareng jeung jalma nu teu ngawula Yéhuwa mah béda pisan. Maranéhna ngomong jorang, papakéanana teu pantes, ngadéngékeun musik nu lirikna bejad, mabok, maké narkoba, bobogohan susulumputan, atawa ngalampahkeun hal goréng séjénna. Maranéhna ngabohong ka kolot, ka dulur saiman, jeung ka Yéhuwa. (Jab. 26:4, 5) Tapi, Yéhuwa apal ka jalma nu hormatna ’ngan semet omonganana, tapi hatena mah jauh’ ti Mantenna. (Mar. 7:6) Leuwih hadé lamun urang ngalampahkeun siloka ieu, ”Ulah sirik ku nu marigawe dosa, anggur sing ajrih ka PANGERAN.”—Sil. 23:17. * (Tingali catetan handap.)
16. Waktu ngeusian formulir dines sapinuh waktu, urang kudu kumaha?
16 Lamun Sadérék hayang jadi panaratas biasa atawa asup ka dines sapinuh waktu husus, misalna dines Bétel, Sadérék kudu ngeusian formulirna. Sadérék kudu jujur ngajawab pananya ngeunaan kaséhatan, pilihan hiburan, jeung kaayaan moral Sadérék. (Ibr. 13:18) Kumaha lamun Sadérék pernah ngalakukeun hal nu dipikaijid ku Yéhuwa atawa nu ngaganggu haté sanubari tapi can pernah ngomong ka kokolot? Pék pénta bantuan maranéhna supaya Sadérék bisa ngawula Yéhuwa ku haté sanubari nu bersih.—Rum 9:1; Gal. 6:1.
17. Urang kudu kumaha lamun jalma nu nganiaya urang tatanya ngeunaan dulur saiman?
17 Sadérék kudu kumaha lamun kagiatan urang dilarang, Sadérék ditéwak, tuluy ditanya-tanya ngeunaan dulur saiman? Naha Sadérék kudu ngabéjaan Pan. 3:1, 7; Mat. 27:11-14) Lamun urang aya dina kaayaan sarupa kitu, urang kudu bijaksana jeung ati-ati supaya teu nyilakakeun dulur saiman.—Sil. 10:19; 11:12.
sagalana? Naon nu dilakukeun ku Yésus waktu gupernur Rum tatanya ka anjeunna? Yésus ngalarapkeun prinsip Alkitab nu nyebutkeun, ”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.” Sakapeung, anjeunna teu ngomong nanaon! (18. Naon tanggung jawab urang lamun aya kokolot nu tatanya ngeunaan dulur saiman?
18 Kumaha lamun Sadérék nyaho aya dulur saiman nu ngalampahkeun dosa gedé? Kokolot boga tanggung jawab pikeun ngajaga sidang tetep bersih sacara moral. Bisa jadi maranéhna tatanya ngeunaan masalah éta ka Sadérék. Sadérék bakal kumaha, komo deui lamun jalmana téh sobat atawa baraya Sadérék? Ceuk Alkitab, ”Lamun maneh nyarita nu saenyana, kaadilan baris jalan.” (Sil. 12:17; 21:28) Sadérék boga tanggung jawab pikeun nyaritakeun nu sabenerna, ulah aya nu disumput-sumputkeun. Kokolot boga hak pikeun nyaho nu sabenerna supaya maranéhna bisa mulihkeun hubungan jalma éta jeung Yéhuwa.—Yak. 5:14, 15.
19. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?
19 Daud ngadoa ka Yéhuwa, ”Gusti misuka kana haté anu iklas.” (Jab. 51:6, NW) Daud nyaho yén nu penting téh eusi haté urang. Jadi, urang Kristen kudu ngomong ”anu saestuna” unggal waktu. Hal séjén nu ngabédakeun urang ti anggota agama palsu nyaéta urang ngajarkeun bebeneran Alkitab. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha carana.
^ par. 15 Tingali pananya 6, ”Kumaha Abdi Bisa Nolak Godaan?”, tina brosur Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora, sarta pasal 16, ”Bermuka Dua—Haruskah Aku Mengaku?”, tina buku Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis, Jilid 2.
Jalma nu ngabohong bisa nipu batur, tapi moal bisa nipu Yéhuwa