Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sing Percaya ka Pamingpin Urang, Kristus

Sing Percaya ka Pamingpin Urang, Kristus

”Nu jadi pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus.”​—MAT. 23:10.

KAWIH: 16, 14

1, 2. Tugas gedé naon nu kudu dijalankeun ku Yosua sanggeus Musa maot?

YÉHUWA nyarios ka Yosua, ”Musa abdi Kami geus tilar dunya. Ayeuna maneh katut bangsa Israil geura tarapti meuntasan Walungan Yordan, geusan asup ka tanah anu ku Kami rek dibikeun ka maranehna tea.” (Yos. 1:1, 2) Ieu parobahan gedé keur Yosua, nu geus jadi pangbantu Musa ampir 40 taun!

2 Musa geus lila pisan mingpin bangsa Israil, tapi ayeuna Yosua nu bakal mingpin maranéhna. Jadi, Yosua bisa waé hariwang naha bangsa Israil daék dipingpin ku manéhna. (Pam. 34:8, 10-12) Ngeunaan Yosua 1:1, 2, aya buku réferénsi nu nyebutkeun yén boh baheula boh kiwari, hiji bangsa ngalaman mangsa nu gawat jeung genting waktu pamingpinna diganti ku nu anyar.

3, 4. Lantaran Yosua percaya ka Allah, kumaha manéhna diberkahan, jeung pananya naon nu bakal dibahas?

3 Wajar lamun Yosua hariwang. Tapi, manéhna percaya ka Yéhuwa sarta langsung nuturkeun pituduh-Na. (Yos. 1:9-11) Ku lantaran éta, Allah ngaberkahan Yosua jeung ngagunakeun saurang malaikat pikeun ngabingbing Yosua jeung bangsa Israil. Sigana mah malaikat ieu téh Pangandika atawa Firman, Putra cikal Allah.​—Bud. 23:20-23; Yoh. 1:1.

4 Yéhuwa ngabantu bangsa Israil pikeun narima Yosua sabagé pamingpin nu anyar. Kiwari ogé aya loba parobahan gedé. Urang bisa jadi mikir, ’Organisasi Allah pan terus maju, naha urang bisa yakin yén ieu téh dibingbing ku Yésus, Pamingpin urang?’ (Baca Mateus 23:10.) Pikeun ngajawab pananya ieu, urang bakal ngabahas carana Yéhuwa mingpin umat-Na di jaman baheula waktu aya parobahan.

MINGPIN UMAT ALLAH ASUP KA TANAH PERJANGJIAN

5. Yosua ngalaman hal nu teu biasa naon di deukeut Yériho? (Tingali gambar dina awal artikel.)

5 Teu lila sanggeus meuntasan Walungan Yordan, Yosua ngalaman hal nu teu biasa. Di deukeut kota Yériho, manéhna panggih jeung hiji lalaki nu mawa pedang. Yosua nanya, ”Ieu teh prajurit mana, batur atawa musuh?” Yosua reuwas waktu lalaki éta ngomong yén manéhna téh ”panglima perang PANGERAN”, saurang malaikat nu siap ngabéla umat Allah. (Baca Yosua 5:13-15.) Sanajan di ayat séjén disebutkeun yén Yéhuwa nyarios langsung ka Yosua, katingalina Allah ngagunakeun malaikat pikeun ngomong ngawakilan Mantenna, saperti saacanna.​—Bud. 3:2-4; Yos. 4:1, 15; 5:2, 9; Ras. 7:38; Gal. 3:19.

6-8. (a) Ku naon sababaraha pituduh ti malaikat katingalina anéh? (b) Naon buktina pituduh-pituduh éta téh bijaksana jeung pas dina waktuna? (Tingali ogé catetan handap.)

6 Malaikat éta ngajéntrékeun carana nalukkeun Yériho. Mimitina mah sababaraha pituduh ieu téh katingalina anéh. Misalna, malaikat éta nitah Yosua pikeun nyunatan heula kabéh prajurit. Jadi pikeun sababaraha poé, maranéhna teu bisa perang. Naha ieu téh waktu nu cocog pikeun disunatan?​—Kaj. 34:24, 25; Yos. 5:2, 8.

7 Bisa jadi para prajurit mikir, ’Ari kieu mah, mun diserang musuh, kumaha urang bisa ngalindungan kulawarga?’ Tapi, aya kajadian nu teu disangka-sangka! Lainna nyerang, urang Yériho kalah ka sieun ka bangsa Israil. ”Kota Yeriho lawangna ditutup terus tur dijaga, sieun kaasupan ku urang Israil. Teu aya nu bisa asup atawa kaluar ti dinya.” (Yos. 6:1) Béja ieu pasti nguatkeun kapercayaan bangsa Israil kana pituduh Allah!

8 Malaikat ngabéjaan Yosua yén bangsa Israil teu kudu nyerang Yériho. Tapi, maranéhna dititah leumpang ngurilingan kota Yériho sapoé sakali salila genep poé jeung tujuh kali dina poé katujuh. Para prajurit bisa waé mikir, ’Siga nu euweuh gawé!’ Tapi Pamingpin Israil, Yéhuwa, teu ngarasa kitu! Lantaran nuturkeun pituduh Mantenna, iman bangsa Israil jadi leuwih kuat. Maranéhna gé teu perlu perang ngalawan prajurit Yériho.​—Yos. 6:2-5; Ibr. 11:30. * (Tingali catetan handap.)

9. Ku naon urang kudu nuturkeun kabéh pituduh ti organisasi Allah? Béré contona.

9 Urang diajar naon tina kisah ieu? Organisasi Yéhuwa sakapeung osok méré pituduh-pituduh anyar tapi urang teu ngarti alesanana. Misalna, bisa waé baheula urang nganggap teu hadé lamun maké alat éléktronik keur palajaran pribadi, ngawawar, atawa masamoan. Tapi ayeuna, urang bisa ngarasakeun mangpaatna lamun bisa ngagunakeun alat éléktronik. Waktu ningali hasil-hasil alus tina parobahan ieu, iman urang beuki kuat. Urang gé jadi leuwih ngahiji jeung dulur saiman.

KUMAHA KRISTUS MINGPIN URANG KRISTEN ABAD KAHIJI?

10. Saha nu sabenerna ngabingbing sangkan pasualan sunat diréngsékeun ku badan pingpinan di Yérusalém?

10 Kira-kira 13 taun sanggeus Kornélius, nu teu disunat, jadi urang Kristen, sababaraha urang Kristen Yahudi masih kénéh nganggap disunat téh penting. (Ras. 15:1, 2) Hal ieu jadi pasualan keur sadérék-sadérék di kota Antioki. Jadi, para kokolot ngutus Paulus ka Yérusalém pikeun nanyakeun pasualan éta ka badan pingpinan. Tapi, saha nu sabenerna ngutus Paulus? Paulus ngajelaskeun, ”Sim kuring ka ditu teh lantaran meunang pituduh.” Jelas, Kristus nu ngabingbing sangkan pasualan éta dibawa ka badan pingpinan pikeun diréngsékeun.​—Gal. 2:1-3, Terjemahan Dunia Baru.

Kristus téh Pamingpin sidang Kristen di abad kahiji (Tingali paragrap 10, 11)

11. (a) Sababaraha urang Kristen Yahudi masih kénéh percaya naon ngeunaan sunat? (b) Kumaha Paulus rendah haté ngadukung kokolot di Yérusalém? (Tingali ogé catetan handap.)

11 Kristus ngabingbing badan pingpinan pikeun nandeskeun yén urang Kristen nu lain Yahudi teu kudu disunat. (Ras. 15:19, 20) Tapi, sababaraha taun ti harita, masih kénéh aya urang Kristen Yahudi nu nyunatan budakna. Tuluy, kokolot di Yérusalém ngadéngé béja yén Paulus teu ngajénan Hukum Musa. Jadi, para kokolot ménta Paulus ngalampahkeun hiji hal pikeun ngabuktikeun manéhna téh ngajénan Hukum Musa. * (Tingali catetan handap.) (Ras. 21:20-26) Maranéhna nitah Paulus ngajak opat lalaki ka bait supaya jalma-jalma ningali yén manéhna ngajénan Hukum Musa. Paulus bisa waé ngomong, ’Maenya urang dititah kikieuan, asa teu asup akal? Pan nu salah mah urang Kristen Yahudi nu keukeuh hayang disunat.’ Tapi, Paulus ngarti yén para kokolot hayang sakabéh urang Kristen tetep ngahiji. Jadi, Paulus rendah haté nuturkeun pituduh éta. Urang ogé bisa jadi bingung ku naon Yésus ngantep pasualan sunat ieu sakitu lilana padahal Hukum Musa geus teu dipaké sanggeus Yésus pupus.​—Kol. 2:13, 14.

12. Bisa jadi, ku naon Yésus ngantep pasualan sunat ieu sababaraha waktu saacan bener-bener réngsé?

12 Butuh waktu pikeun nyaluyukeun diri jeung pamahaman nu anyar. Kitu ogé, sababaraha urang Kristen Yahudi butuh waktu pikeun narima kanyataan yén Hukum Musa geus teu kudu dijalankeun. (Yoh. 16:12) Maranéhna masih boga pamikiran yén sunat téh tanda hubungan nu husus jeung Allah. (Kaj. 17:9-12) Nu séjénna sieun dikaniaya ku masarakat Yahudi lantaran béda ti maranéhna. (Gal. 6:12) Tapi dina waktuna, Kristus méré pituduh liwat surat ti Paulus.​—Rum 2:28, 29; Gal. 3:23-25.

KRISTUS MASIH KÉNÉH MINGPIN SIDANG

13. Kiwari, kumaha urang bisa ngadukung Kristus sabagé pamingpin?

13 Kiwari, Kristus masih jadi Pamingpin sidang Kristen. Jadi lamun organisasi nyieun parobahan, tapi urang teu ngarti alesanana, lenyepan cara Yésus mingpin umat Allah di jaman baheula. Boh di jaman Yosua boh di jaman para rasul, Kristus terus méré pituduh nu bijaksana pikeun ngalindungan, nguatkeun iman, jeung ngahijikeun umat Allah.​—Ibr. 13:8.

Pituduh ti gandék nu satia ngabuktikeun yén Yésus merhatikeun urang

14-16. Naon buktina pituduh ti ”gandek satia jeung bijaksana” téh nunjukkeun yén Kristus hayang nguatkeun iman urang?

14 Kiwari, ”gandek satia jeung bijaksana” méré pituduh nu dibutuhkeun ku urang pas dina waktuna. (Mat. 24:45) Pituduh-pituduh ieu ngabuktikeun yén Yésus merhatikeun urang. Marc, nu boga opat budak, ngomong, ”Sétan rék ngalemahkeun sidang ku cara nyerang kulawarga. Ayeuna urang dijurung pikeun ngayakeun ibadah kulawarga unggal minggu, maksudna jelas keur kapala kulawarga: jaga kulawarga Sadérék!”

15 Waktu ningali kumaha Yésus mingpin urang, urang ngarti yén anjeunna hayang nguatkeun iman urang. Misalna, saurang kokolot nu ngaranna Patrick ngomong, ”Mimitina mah aya nu teu resep waktu riungan dines di ahir minggu dibagi dina kelompok-kelompok leutik.” Tapi, manéhna ngomong yén parobahan ieu némbongkeun perhatian Yésus ka sakabéh anggota sidang. Contona, sababaraha sadérék nu tadina éraan jeung jarang milu riungan dines jadi ngarasa dibutuhkeun jeung aya gunana. Ieu nguatkeun iman maranéhna.

16 Kristus ngajurung urang pikeun terus ngutamakeun pangwawaran, pagawéan nu pangpentingna kiwari. (Baca Markus 13:10.) André, kokolot nu anyar, ngupayakeun pikeun nuturkeun kabéh pituduh anyar ti organisasi Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Waktu anggota kantor cabang dikurangan, urang jadi inget yén waktuna geus singget sarta tanaga urang kudu dipaké pikeun ngutamakeun pangwawaran.”

KUMAHA URANG BISA NGADUKUNG PITUDUH KRISTUS?

17, 18. Ku naon urang kudu mikirkeun mangpaat tina nyaluyukeun diri jeung parobahan?

17 Pituduh ti Yésus Kristus, Raja urang, bakal ngabantu urang boh ayeuna boh di mangsa kahareup. Terus pikirkeun mangpaat nu ditarima ku Sadérék lantaran geus nyaluyukeun diri jeung parobahan nu anyar. Dina ibadah kulawarga, bahas kumaha parobahan dina pasamoan jeung dines aya mangpaatna keur kulawarga Sadérék.

Naha Sadérék ngabantu kulawarga jeung batur pikeun nyaluyukeun diri waktu aya parobahan dina organisasi Yéhuwa? (Tingali paragrap 17, 18)

18 Lamun urang inget yén pituduh organisasi Yéhuwa téh alus hasilna, urang bakal leuwih réla nuturkeunana. Misalna, lantaran teu kudu nyitak loba bacaan siga saacanna, urang jadi bisa ngirit biaya. Jeung, lantaran maké téknologi anyar, urang bisa nyebarkeun warta hadé ka leuwih loba jalma. Naha urang sacara pribadi bisa leuwih loba ngagunakeun publikasi éléktronik jeung rekaman audio atawa vidéo? Ieu téh hiji cara pikeun ngadukung Kristus nu hayang urang bijaksana dina ngagunakeun sumber daya organisasi.

19. Ku naon urang kudu ngadukung pituduh Kristus?

19 Ku cara ngadukung pituduh Kristus, urang bisa nguatkeun iman dulur-dulur saiman. Urang gé jadi leuwih ngahiji. Ngeunaan anggota kulawarga Bétel nu dikurangan, André ngomong, ”Sikep nu ditémbongkeun ku anggota Bétel nu réla nyaluyukeun diri jeung parobahan, ngalantarankeun abdi jadi leuwih ngajénan maranéhna jeung percaya ka Kristus. Maranéhna nuturkeun karéta Yéhuwa bari tetep bungah dina tugas naon waé.”

SING BOGA IMAN JEUNG PERCAYA KA PAMINGPIN URANG

20, 21. (a) Ku naon urang bisa percaya ka Kristus, Pamingpin urang? (b) Pananya naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Moal lila deui Pamingpin urang, Yésus Kristus, bakal ”unggul” jeung ”ngarebut kaunggulan rongkah”. (Wahyu 6:2; Jab. 45:5) Ti ayeuna urang geus disiapkeun pikeun hirup jeung digawé di dunya anyar. Engké urang bakal ngajar jalma-jalma nu dihirupkeun deui jeung nyieun bumi jadi pirdaus.

21 Urang pasti dibingbing asup ka dunya anyar ku Pamingpin jeung Raja urang asal urang percaya ka anjeunna teu sual aya parobahan naon waé. (Baca Jabur 46:2-4.) Sakapeung, parobahan téh hésé disanghareupanana, komo deui lamun mangaruhan hirup urang. Jadi, kumaha urang bisa tengtrem haté jeung kuat iman? Pananya ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.

^ par. 8 Dina ruruntuhan Yériho, para arkéolog manggihan loba pisan sisikian nu geus dipanén tapi teu kadahar. Ieu ngadukung kisah Alkitab nu nyebutkeun yén pangepungan ku bangsa Israil téh ngan sakeudeung jeung harita maranéhna teu diidinan ngadahar sisikian ti Yériho. Harita téh keur usum panén, jadi éta waktu nu cocog pikeun nalukkeun Tanah Perjangjian lantaran aya loba dahareun di huma.​—Yos. 5:10-12.

^ par. 11 Tingali kotak ”Paulus dengan Rendah Hati Menyambut Ujian” dina Menara Pengawal 15 Maret 2003, kaca 24.