Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sing Tengtrem Haté Sanajan Aya Parobahan

Sing Tengtrem Haté Sanajan Aya Parobahan

”[Abdi] parantos ngaraos puas sareng tengtrem.”​—JAB. 131:2.

KAWIH: 128, 129

1, 2. (a) Naon pangaruhna lamun hirup urang ngadadak barobah? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Numutkeun Jabur 131, kumaha urang bisa tetep tengtrem haté?

LLOYD jeung Alexandra geus leuwih ti 25 taun ngawula di Bétel. Tuluy, maranéhna ditugaskeun ka lapangan. Mimitina, maranéhna ngarasa sedih. Lloyd ngomong, ”Abdi ngarasa tugas di Bétel téh geus jadi jati diri abdi. Dina pikiran mah abdi bisa narima alesan parobahan ieu, tapi sababaraha minggu jeung sababaraha bulan sanggeusna abdi sering ngarasa dipiceun.” Sakapeung Lloyd boga pikiran nu positif, tapi sakapeung ngarasa nalangsa pisan.

2 Salila urang hirup, bisa waé urang nyanghareupan sababaraha parobahan nu teu disangka-sangka, nu ngalantarankeun urang guligah jeung strés. (Sil. 12:25) Waktu urang hésé narima atawa nyaluyukeun diri jeung parobahan, kumaha carana urang bisa tetep tenang? (Baca Jabur 131:1-3.) Hayu urang bahas tuladan hamba-hamba Allah, boh di jaman baheula boh di jaman kiwari, nu tetep tengtrem pikiranana sanajan kahirupanana ngadadak barobah.

’KATENGTREMAN TI ALLAH’ NGABANTU URANG

3. Parobahan naon waé nu kaalaman ku Yusup?

3 Bayangkeun conto Yusup. Ti sakabéh anak Yakub, Yusup nu pangdipikanyaahna. Éta sababna lanceuk-lanceukna sirik. Basa umur 17 taun, Yusup dijual jadi budak beulian ku maranéhna. (Kaj. 37:2-4, 23-28) Salila kira-kira 13 taun, manéhna nalangsa di Mesir lantaran jadi budak beulian tuluy ka dieunakeun dipanjara. Yusup jauh ti bapa nu dipikanyaah ku manéhna. Dina kaayaan ieu, manéhna bisa waé ngarasa aral jeung keuheul. Tapi, manéhna teu kitu. Naon sababna?

4. (a) Naon nu dilakukeun ku Yusup waktu keur di panjara? (b) Kumaha Yéhuwa ngajawab doa Yusup?

4 Salila Yusup nalangsa di panjara, tangtu nu sering dipikiran ku manéhna téh bantuan ti Yéhuwa. (Kaj. 39:21; Jab. 105:17-19) Bisa jadi manéhna inget kana impian nu eusina nubuat basa manéhna keur ngora kénéh. Ku kituna, manéhna yakin Yéhuwa nyarengan manéhna. (Kaj. 37:5-11) Manéhna ogé bisa jadi sering ngadoa pikeun ngungkabkeun eusi haténa ka Yéhuwa. (Jab. 145:18) Yéhuwa ngajawab doa Yusup ku cara ngayakinkeun manéhna yén teu sual kumaha kaayaanana, manéhna bakal ”diaping ku Allah”.​—Ras. 7:9, 10. * (Tingali catetan handap.)

5. Kumaha ’katengtreman ti Allah’ bisa nguatkeun tékad urang pikeun ngawula Yéhuwa?

5 Teu sual sakumaha susahna kaayaan urang, urang bisa meunangkeun ’katengtreman ti Allah’ nu ’nengtremkeun pikiran’ jeung nenangkeun haté urang. (Baca Pilipi 4:6, 7.) Waktu ngarasa guligah jeung strés, ’katengtreman ti Allah’ bisa nguatkeun urang pikeun terus ngawula Yéhuwa jeung henteu nyerah. Hayu urang bahas sababaraha tuladan ti sadérék-sadérék urang nu boga pangalaman siga kieu.

SUHUNKEUN BANTUAN YÉHUWA SANGKAN TENGTREM HATÉ

6, 7. Béré conto yén doa bisa ngabantu pikiran urang jadi tengtrem deui.

6 Ryan jeung Juliette ngarasa leutik haté waktu ngadéngé yén maranéhna geus teu jadi panaratas istiméwa sementara. Ceuk Ryan, ”Urang duaan langsung ngadoa ka Yéhuwa. Urang apal ieu téh kasempetan pikeun ngandelkeun Mantenna. Lantaran aya loba jalma nu anyar di sidang, urang ngadoa sangkan Yéhuwa ngabantu urang pikeun jadi tuladan nu hadé di sidang.”

7 Kumaha Yéhuwa ngajawab doa maranéhna? Ceuk Ryan, ”Sanggeus ngadoa, parasaan négatif jeung hariwang téh langsung leungit. Katengtreman ti Allah ngajaga haté jeung pikiran urang duaan. Urang sadar, lamun boga sikep nu bener, urang bisa terus digunakeun ku Yéhuwa.”

8-10. (a) Kumaha roh Allah ngabantu urang waktu keur guligah? (b) Bisa jadi, kumaha carana Yéhuwa ngabantu urang lamun ngutamakeun palayanan?

8 Roh Allah bisa nenangkeun urang, ogé bisa ngingetkeun urang kana ayat-ayat Alkitab nu ngabantu urang paham naon nu pangpentingna dina kahirupan. (Baca Yohanes 14:26, 27.) Pék pikirkeun pangalaman Philip jeung Mary, pasangan salaki pamajikan nu geus ngawula di Bétel ampir 25 taun. Dina opat bulan, indung Mary, indung Philip, jeung saurang barayana maot. Maranéhna ogé kudu ngarawat bapana Mary nu geus pikun.

9 Ceuk Philip, ”Karasana mah abdi téh bisa nyanghareupan masalah ieu, tapi ari pék téh aya nu kurang. Waktu maca Warta Hadé palajaran, abdi ningali Kolosa 1:11. Mémang, abdi téh geus tabah, tapi can sapinuhna. Abdi kudu ’sabar tawekal dibarengan ku kabungah’. Ayat ieu ngingetkeun abdi, kabungah téh teu gumantung kana kaayaan, tapi gumantung kana pangaruh roh suci Allah.”

10 Lantaran Philip jeung Mary ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa, maranéhna meunang loba berkah. Teu lila sanggeus kaluar ti Bétel, maranéhna meunang sababaraha palajar Alkitab nu nyieun kamajuan alus jeung hayang diajar sababaraha kali saminggu. Ceuk Mary, ”Maranéhna jadi sumber kabungah abdi. Ieu cara Yéhuwa ngupahan haté abdi.”

JIEUN TINDAKAN NU BISA DIBERKAHAN KU YÉHUWA

Kumaha urang bisa nyonto Yusup teu sual kaayaan hirup urang? (Tingali paragrap 11-13)

11, 12. (a) Tindakan Yusup naon nu diberkahan ku Yéhuwa? (b) Kumaha Yéhuwa ngaberkahan Yusup?

11 Waktu kahirupan urang ngadadak barobah, urang bisa jadi guligah nepi ka nu dipikiran téh masalahna wungkul. Bisa waé Yusup siga kitu, tapi manéhna milih ngalampahkeun nu panghadéna dina kaayaan éta. Sakumaha Yusup getol digawé keur Potipar, manéhna gé getol ngalampahkeun tugas ti sipir panjara.​—Kaj. 39:21-23.

12 Hiji poé, Yusup ditugaskeun pikeun ngajaga dua tawanan nu tadina digawé di karaton Piraon. Yusup bageur ka maranéhna. Maranéhna jadi laluasa nyaritakeun kahariwangan jeung impianana dina peuting saacanna. (Kaj. 40:5-8) Yusup teu apal yén obrolan éta bakal ngalantarankeun manéhna dibébaskeun. Dua taun ti harita, Yusup dibébaskeun ti panjara tuluy jadi pangawasa Mesir, nomer dua sanggeus Piraon.​—Kaj. 41:1, 14-16, 39-41.

13. Teu sual kaayaanana, urang kudu kumaha supaya diberkahan ku Yéhuwa?

13 Kawas Yusup, urang bisa waé ngalaman kaayaan nu teu bisa dikukumaha deui. Tapi lamun urang sabar jeung ngalakukeun nu panghadéna, Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. (Jab. 37:5) Sanajan urang ngarasa bingung jeung guligah, urang moal ”nepi ka leungit sumanget”, atawa pegat harepan. (2 Kor. 4:8) Yéhuwa bakal ngaping urang, komo deui lamun urang ngutamakeun palayanan.

UTAMAKEUN PALAYANAN

14-16. Kumaha Pilipus juru injil tetep ngutamakeun palayanan sanajan kahirupanana barobah?

14 Pilipus juru injil méré tuladan nu hadé. Manéhna tetep ngutamakeun palayanan teu sual parobahanana. Sakali waktu, manéhna dibéré tugas anyar di Yérusalém. (Ras. 6:1-6) Tuluy sagalana barobah. Sanggeus Stépanus dipaéhan, urang Kristen dikaniaya kalawan kejem. Jadi, maranéhna kalalabur ti Yérusalém. Lantaran Pilipus hayang tetep sibuk ngawula Yéhuwa, manéhna indit ka Samaria nu jalma-jalmana butuh warta hadé.​—Mat. 10:5; Ras. 8:1, 5.

15 Pilipus réla indit ka mana waé luyu jeung pituduh roh suci. Jadi, manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngawawar ka jalma-jalma nu can pernah ngadéngé warta hadé. Loba urang Yahudi nu nyapirakeun jeung jahat ka urang Samaria. Tapi, Pilipus mah teu kitu. Manéhna sumanget ngawawar ka urang Samaria. Urang Samaria gé ngadéngéna mani ”saregep pisan”!​—Ras. 8:6-8.

16 Ka dieunakeun, roh suci ngabingbing Pilipus pikeun ngawawar ka kota Asdod jeung Késaréa, nu loba pendudukna téh lain urang Yahudi. (Ras. 8:39, 40) Tuluy kahirupan Pilipus robah deui. Manéhna matuh di dinya jeung boga kulawarga. Tapi teu sual parobahanana, Pilipus tetep sibuk dina palayanan. Ku kituna, Yéhuwa terus ngaberkahan manéhna jeung kulawargana.​—Ras. 21:8, 9.

17, 18. Waktu kahirupan barobah, naon mangpaatna lamun urang ngutamakeun palayanan?

17 Loba palayan sapinuh waktu ngomong yén ngutamakeun palayanan téh ngabantu maranéhna tetep bungah jeung boga pikiran nu positif sanajan kaayaanana barobah. Misalna Osborne jeung Polite, salaki pamajikan di Afrika Selatan, teu ngawula deui di Bétel. Maranéhna ngarasa bakal gampang meunangkeun pagawéan sambian jeung pamatuhan. Tapi ceuk Osborne, ”Sihoréng, néangan pagawéan téh teu gampang geuningan.” Ceuk Polite, ”Salila tilu bulan, urang duaan teu meunang pagawéan. Tabungan gé geus béak. Mani susah pisan.”

18 Naon nu ngabantu Osborne jeung Polite nyanghareupan kaayaan ieu? Ceuk Osborne, ”Ngawawar bareng jeung sidang ngabantu urang duaan tetep positif jeung mikirkeun hal-hal rohani.” Ti batan cicing di imah bari jeung terus hariwang, maranéhna sibuk dina palayanan. Hal éta mawa kabungah keur maranéhna! Osborne nambahkeun, ”Urang duaan néangan gawé ka mana-mana. Tungtungna mah meunang ogé pagawéan téh.”

ANDELKEUN YÉHUWA SAPINUHNA

19-21. (a) Kumaha carana sangkan pikiran urang tetep tengtrem? (b) Naon mangpaatna lamun urang nyaluyukeun diri jeung parobahan?

Nyaluyukeun diri jeung parobahan téh nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa

19 Sakumaha nu geus dibahas, lamun urang ngalampahkeun nu panghadéna jeung sapinuhna ngandel ka Yéhuwa, pikiran urang bakal tengtrem teu sual kumaha kaayaanana. (Baca Mika 7:7.) Ahirna, urang bakal sadar yén nyaluyukeun diri jeung parobahan téh nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Polite ngajelaskeun yén sanggeus teu ngawula deui di Bétel, manéhna jadi bener-bener ngandel ka Yéhuwa, malahan dina kaayaan nu kacida susahna. Ceuk manéhna, ”Sosobatan abdi jeung Mantenna jadi leuwih raket.”

20 Mary, nu disebutkeun saacanna, masih ngarawat bapana nu geus rémpo bari tetep naratas. Ceuk manéhna, ”Ayeuna abdi nyaho, waktu keur guligah, abdi kudu cicing heula, ngadoa, tuluy reureuh. Abdi meunang palajaran penting nyaéta abdi kudu masrahkeun masalah ka Yéhuwa. Hal ieu bakal dibutuhkeun dina mangsa kahareup.”

21 Lloyd jeung Alexandra ngaku yén parobahan dina kahirupanana téh nguji iman maranéhna ku cara nu teu disangka-sangka. Tapi, maranéhna bisa ngarasakeun mangpaat tina ujian éta. Ayeuna, maranéhna ngarasa boga iman nu cukup kuat, jadi bisa tetep tenang waktu nyanghareupan masalah. Maranéhna gé ngarasa jadi jalma nu leuwih hadé.

Parobahan nu teu disangka-sangka ngahasilkeun berkah nu teu disangka-sangka! (Tingali paragrap 19-21)

22. Lamun ngalampahkeun nu panghadéna, urang bisa yakin kana hal naon?

22 Di dunya ieu, kahirupan urang bisa ujug-ujug barobah. Urang bisa dibéré tugas palayanan nu anyar, boga masalah kaséhatan, atawa kudu ngarawat anggota kulawarga. Teu sual kumaha kaayaanana, sing yakin yén Yéhuwa merhatikeun Sadérék jeung bakal masihan bantuan pas dina waktuna. (Ibr. 4:16; 1 Pet. 5:6, 7) Ayeuna mah lampahkeun wé nu panghadéna. Pék ngadoa jeung andelkeun Bapa Yéhuwa sapinuhna. Ku kituna, teu sual parobahan naon nu disanghareupan, Sadérék bakal meunangkeun katengtreman pikiran ti Yéhuwa.

^ par. 4 Mangtaun-taun sanggeusna, Yusup méré ngaran putra cikalna Ménasé lantaran ceuk manéhna, ”Ku kersaning Allah, aing geus hanjat tina balangsak.” Yusup paham yén budakna téh kurnia ti Yéhuwa pikeun ngalilipur manéhna.​—Kaj. 41:51.