Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Yéhuwa Ngaberkahan Putusan Abdi kalawan Limpah

Yéhuwa Ngaberkahan Putusan Abdi kalawan Limpah

Hiji poé dina taun 1939, abdi sakulawarga hudang tengah peuting, tuluy indit maké mobil leuwih ti sajam ka kota leutik nu ngaranna Joplin di beulah kidul-kulon Missouri, AS. Di daérah éta, urang susulumputan neundeun risalah di handapeun panto unggal imah. Sanggeus réngsé, urang indit maké mobil tuluy panggih deui jeung sadérék-sadérék séjén. Éta téh subuh kénéh. Ku naon urang indit dines saacan aya panonpoé, tuluy rurusuhan ninggalkeun daérahna? Engké ku abdi dicaritakeun.

ABDI lahir taun 1934. Kolot abdi, Fred jeung Edna Molohan, geus 20 taun jadi Siswa-Siswa Alkitab (Saksi-Saksi Yéhuwa). Abdi nganuhunkeun pisan lantaran maranéhna ngajar abdi pikeun mikanyaah Yéhuwa. Abdi matuh di Parsons, kota leutik di kidul-wétan Kansas. Lolobana sadérék di sidang téh kaom nu diistrénan. Kulawarga abdi rutin masamoan jeung ngawawar. Biasana unggal Saptu soré, urang ngawawar di jalan, nu ayeuna disebut ngawawar di tempat umum. Sakapeung urang sok capé, tapi Bapa sok mangmeulikeun és krim sanggeus bérés ngawawar.

Sidang urang leutik, tapi daérah dinesna gedé kaasup sababaraha kota leutik jeung pakebonan. Lamun dibéré publikasi, sababaraha patani teu mayar maké duit, tapi sok méré sayur, endog (langsung dicokot tina sayangna), atawa hayam nu hirup kénéh. Bapa geus nyumbang duit keur publikasi, jadi dahareun éta bisa didahar ku kulawarga.

KAMPANYEU PANGWAWARAN

Kolot abdi boga fonograf pikeun ngawawar. Lantaran leutik kénéh, abdi can bisa makéna. Tapi, waktu milu indung bapa ngadatangan deui jeung ngajar Alkitab, abdi resep lamun dititah nyetélkeun rekaman hutbah Sadérék Rutherford.

Jeung indung bapa di hareupeun mobil nu dipasangan sepéker

Pun bapa masang sepéker badag di luhureun mobil Ford 1936. Éta téh alus pikeun méré kasaksian. Biasana pikeun narik perhatian batur, nu disetél téh musik heula, terus hutbah Alkitab. Tuluy, urang nawarkeun publikasi ka jalma-jalma nu minat.

Di Cherryvale, kota leutik di Kansas, pun bapa markirkeun mobilna di jero taman kota, lantaran di poé Minggu biasana loba jalma ulin di dinya. Ari pék téh, aya pulisi nu datang jeung ngabéjaan yén mobilna kudu diparkir di luar taman. Jadi, bapa mindahkeun mobilna di gigireun taman supaya batur bisa tetep ngadéngé hutbah nu disetél. Dines cara kieu bareng jeung bapa, ogé Jerry, lanceuk abdi, mani resep pisan!

Dina taun éta, urang ngalakukeun kampanyeu husus ka daérah nu jalma-jalmana nentang pisan. Saperti nu disebutkeun di mimiti, urang hudang tengah peuting, buru-buru ngasupkeun bacaan ka handapeun panto imah-imah. Sanggeusna, urang ngumpul deui di luar kota pikeun mastikeun bisi aya nu ditéwak ku pulisi.

Harita, aya cara dines nu disebut barisan informasi. Dines ku cara kieu téh pikaresepeun. Urang maké pelang nu dipasangkeun dina awak, tuluy ngantay ngurilingan kota. Hiji waktu, sadérék-sadérék datang ka kota abdi, tuluy ngurilingan kota bari maké pelang nu tulisanana ”Agama téh Jiret jeung Tipu Daya”. Dimimitian ti imah abdi, maranéhna leumpang hiji satengah kilométer ngurilingan kota, tuluy balik deui ka imah abdi. Hadéna téh euweuh nu nyegat, malah jalma-jalma jadi panasaran.

KONGRÉS BASA ABDI KEUR NGORA

Kulawarga abdi sok indit ka Texas pikeun kongrés. Bapa digawé di pausahaan karéta api. Jadi, lamun rék indit ka kongrés jeung nganjangan dulur maké karéta api, urang teu kudu mayar. Uwa jeung pamajikanana, nyaéta Fred Wismar jeung Eulalie, matuh di Temple, Texas. Uwa diajar bebeneran taun 1900-an awal basa keur ngora, tuluy manéhna dibaptis, jeung méré kasaksian ka dulur-dulurna kaasup indung abdi. Sadérék-sadérék nu aya di kota Texas wawuh pisan ka Uwa Fred lantaran manéhna téh hamba zona (ayeuna mah disebut pangawas wilayah). Manéhna jadi tuladan keur abdi lantaran bageur, pikaresepeun, jeung sumanget.

Taun 1941, kulawarga abdi indit ka St. Louis, Missouri, numpak karéta pikeun datang ka kongrés gedé. Sakabéh budak ngora dititah diuk di bagian husus deukeut panggung pikeun ngadéngékeun hutbah Sadérék Rutherford nu jejerna ”Anak-Anak Raja”. Di ahir hutbah, leuwih ti 15.000 budak ngora meunang hadiah! Sadérék Rutherford jeung asisténna méré buku anyar, nyaéta Children, ka unggal budak ngora.

Dina April 1943, urang hadir di kongrés nu jejerna ”Geura Nyieun Tindakan” di Coffeyville, Kansas. Di dinya, aya béwara yén di sakabéh sidang bakal diayakeun sakola anyar, nyaéta Sakola Pangwawaran Kristen. Urang gé narima buku leutik nu eusina 52 palajaran pikeun digunakeun di éta sakola. Dina taun éta kénéh, abdi meunang tugas hutbah nu mimiti. Éta kongrés gé istiméwa lantaran abdi jeung sababaraha sadérék dibaptis di balong nu caina tiis di deukeut kebon.

ABDI HAYANG NGAWULA DI BÉTEL

Sanggeus lulus SMA taun 1951, abdi kudu nyieun rencana pikeun kahareupna. Jerry pernah ngawula di Bétel. Abdi gé hayang ngawula di ditu, jadi abdi ngalamar. Teu lila ti harita, abdi diondang ka Bétel jeung mimiti ngawula di dinya tanggal 10 Maret 1952. Ieu téh putusan nu hadé lantaran abdi jadi bisa ngawula Yéhuwa leuwih sapinuhna.

Hayangna mah abdi gawé di bagian percitakan majalah jeung publikasi séjénna. Tapi, abdi teu pernah digawé di bagian éta. Sabalikna, abdi ditugaskeun jadi palayan di ruang makan, tuluy ka dieunakeun di dapur. Abdi resep digawé di dinya jeung bisa diajar loba hal. Abdi gawéna giliran, jadi mun beurang téh osok aya waktu kosong. Abdi sering ka perpustakaan Bétel, tuluy macaan loba buku pikeun palajaran pribadi. Éta nguatkeun iman jeung sosobatan abdi ka Yéhuwa. Tékad abdi jadi leuwih kuat pikeun ngawula di Bétel salila abdi bisa. Taun 1949, Jerry geus teu di Bétel deui lantaran kawin jeung Patricia, tapi matuhna teu jauh ti Brooklyn. Maranéhna osok ngabantu jeung nguatkeun abdi nu anyaran di Bétel.

Teu kungsi lila, dibutuhkeun leuwih loba anggota Bétel pikeun jadi panyatur tamu. Sadérék-sadérék ieu ditugaskeun pikeun nganjangan sidang-sidang, pangjauhna téh 320 kilométer ti Brooklyn. Di ditu maranéhna méré hutbah umum, tuluy dines bareng jeung sidang. Abdi salah sahiji nu dipilih. Abdi geumpeur kudu nganjangan sidang bari jeung méré hutbah umum. Harita mah hutbah umum téh lilana sajam. Biasana abdi indit ka sidang-sidang téh maké karéta api. Sakali waktu di poé Minggu soré, pas usum salju taun 1954, abdi kudu balik ka New York numpak karéta. Kuduna mah abdi nepi ka Bétel saacan peuting. Tapi, harita aya angin puyuh jeung salju. Mesin karéta pareum, jadi abdi kakara nepi ka New York City poé Senén jam lima isuk. Ti dinya, abdi maké karéta bawah tanah ka Brooklyn. Tuluy, abdi rurusuhan indit gawé di dapur. Abdi rada telat jeung leuleus sabab teu saré sapeupeuting. Tapi, ngawula di sidang-sidang sarta bisa panggih jeung loba dulur saiman téh kabungahna leuwih gedé ti batan pangorbananana.

Siap-siap siaran di studio WBBR

Dina taun-taun awal di Bétel, abdi ogé sok miluan acara palajaran Alkitab nu disiarkeun unggal minggu di stasiun radio urang, WBBR. Studio ieu aya di gedong 124 Columbia Heights lanté dua. Sadérék Alexander H. Macmillan, nu katelahna Sadérék Mac jeung geus mangtaun-taun ngawula di Bétel, rutin ngeusi acara radio ieu. Manéhna téh tuladan nu hadé keur sadérék ngora di Bétel lantaran manéhna tetep satia sanajan ngalaman loba tangtangan.

Selebaran ieu pikeun ngiklankeun WBBR

Dina taun 1958, abdi narima tugas anyar nu aya hubunganana jeung lulusan Sakola Giléad. Abdi ngurus visa jeung perjalanan sadérék-sadérék nu sarumanget ieu. Harita, iinditan maké pesawat téh mahal pisan. Jadi, lolobana lulusan nu ditugaskeun ka Afrika jeung Asia inditna maké kapal barang. Ka dieunakeun, harga tikét pesawat leuwih murah. Jadi, loba misionaris bisa indit ka tempat tugasna maké pesawat.

Nyiapkeun surat diploma keur lulusan Giléad

IINDITAN KA KONGRÉS-KONGRÉS

Taun 1960, abdi ditugaskeun pikeun nyéwa pesawat ti Amerika Serikat ka Eropa keur sadérék-sadérék nu rék datang ka kongrés internasional taun 1961. Abdi hadir di kongrés nu diayakeun di Hamburg, Jerman. Sanggeus kongrés, abdi jeung tilu anggota Bétel séjénna nyéwa mobil pikeun indit ti Jerman ka Italia jeung nganjangan kantor cabang di Roma. Ti dinya, urang indit ka Prancis, ngaliwatan Pagunungan Pyrenees, tuluy ka Spanyol. Harita, kagiatan Saksi di Spanyol dilarang. Urang mawa sababaraha publikasi nu dibungkus siga kado pikeun dibikeun ka dulur saiman di Barcelona. Bungah pisan bisa panggih jeung maranéhna téh! Ti dinya, abdi indit ka Amsterdam tuluy balik ka New York.

Taun 1962, abdi ditugaskeun pikeun ngatur perjalanan keur 583 sadérék nu rék hadir di kongrés-kongrés internasional taun 1963 di sakuliah dunya, nu jejerna ”Warta Hadé nu Langgeng”. Para delegasi ieu bakal hadir di kongrés nu diayakeun di Eropa, Asia, jeung Pasifik Selatan, tuluy ka Honolulu di Hawaii, jeung tungtungna ka Pasadena di Kalifornia. Maranéhna ogé bakal ka Lebanon jeung Yordania pikeun nganjangan nagri-nagri nu disebutkeun dina Alkitab. Departemén urang ngurus tikét pesawat, hotél, jeung kabéh visa nu diperlukeun.

BOGA BATUR ANYAR PIKEUN IINDITAN

Aya alesan séjén ku naon taun 1963 téh penting keur abdi. Tanggal 29 Juni, abdi kawin jeung Lila Rogers ti Missouri, nu ngawula di Bétel ti taun 1960. Saminggu tas kawin, abdi jeung Lila ogé miluan kuriling dunya pikeun kongrés internasional. Urang indit ka Yunani, Mesir, jeung Lebanon. Ti dinya, urang indit maké pesawat ka Yordania nu ngalarang kagiatan Saksi. Pamaréntahanana teu méré visa keur Saksi-Saksi Yéhuwa. Urang teu yakin bakal kumaha waktu nepi ka ditu. Jadi, mani teu nyangka jeung bungah waktu aya sababaraha dulur saiman nangtung di bagian luhur bandara bari mawa spanduk gedé nu tulisanana ”Wilujeng Sumping Saksi-Saksi Yéhuwa”! Mani bungah bisa nganjangan nagri-nagri nu dicatet dina Alkitab, terus ningali tempatna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub hirup, daérah Yésus jeung para rasul ngawawar, sarta tempat mimiti nyebarna pangajaran Kristen ka ”saalam dunya”.​—Ras. 13:47.

Geus 55 taun Lila jadi batur nu satia pikeun abdi. Sababaraha kali urang datang ka Spanyol jeung Portugal waktu kagiatan Saksi dilarang kénéh. Urang ngagedékeun haté dulur-dulur saiman bari mawa publikasi jeung pangabutuh séjénna. Malah, urang bisa datang ka sadérék-sadérék nu dipanjara di Cádiz, Spanyol. Abdi bungah pisan lantaran bisa méré hutbah nu nguatkeun maranéhna.

Bareng jeung Patricia sarta Jerry Molohan waktu rék ka Kongrés ”Katengtreman di Dunya” taun 1969

Ti taun 1963, abdi geus ngurus perjalanan keur kongrés-kongrés internasional di Afrika, Amerika Selatan jeung Tengah, Australia, Eropa, Hawaii, Puerto Riko, Selandia Baru, jeung Timur Jauh. Sababaraha kali abdi jeung Lila hadir di kongrés-kongrés nu teu bisa dipopohokeun, misalna taun 1989 di Warsawa, Polandia. Loba dulur saiman ti Rusia datang ka kongrés ieu. Éta téh kongrés mimiti keur maranéhna! Urang panggih jeung dulur-dulur saiman nu pernah dipanjara mangtaun-taun di Uni Soviet lantaran ngabéla iman.

Tugas séjénna nu dipikaresep ku abdi nyaéta nganjangan jeung ngagedékeun haté kulawarga Bétel jeung misionaris di sakuliah dunya. Nu panungtungan, urang nganjangan Korea Selatan, tuluy panggih jeung 50 sadérék nu keur dipanjara di Suwon. Maranéhna boga pandangan nu positif jeung miharep bisa bébas ngawula Yéhuwa deui. Panggih jeung maranéhna téh ngagedékeun haté urang duaan.​—Rum 1:11, 12.

KAMAJUAN NGADATANGKEUN SUKA BUNGAH

Abdi geus ningali kumaha Yéhuwa ngaberkahan umat-Na ti taun ka taun. Basa abdi dibaptis taun 1943, ngan aya kira-kira 100.000 pawarta. Ayeuna, leuwih ti 8.000.000 Saksi ngawula Yéhuwa di 240 nagri. Upaya nu satékah polah ti lulusan Giléad mawa pangaruh gedé dina kamajuan ieu. Abdi bungah bisa gawé babarengan jeung loba misionaris sarta ngabantu maranéhna bisa nepi ka tempat tugasna.

Untung ti ngongora abdi mutuskeun rék ngagunakeun kahirupan pikeun ngawula Yéhuwa jeung ngalamar ka Bétel. Salila ieu, Yéhuwa ngaberkahan abdi kalawan limpah. Salian ti bungah bisa ngawula di Bétel, abdi jeung Lila ogé resep bisa ngawawar bareng jeung sababaraha sidang di Brooklyn leuwih ti 50 taun sarta boga loba sobat.

Ayeuna, abdi masih ngawula di Bétel sarta terus didukung ku Lila. Sanajan umur abdi geus 84 taun leuwih, abdi bungah bisa kénéh digawé di Bétel di bagian koréspondén.

Abdi jeung Lila ayeuna

Bungah pisan jadi bagian ti organisasi Yéhuwa nu luar biasa sarta ningali benerna Malaki 3:18 (Terjemahan Dunia Baru), ”Maranéh bakal ningali deui bédana jalma nu bener jeung jalma nu jahat, bédana jalma nu ngawula Allah jeung nu henteu.” Unggal poé urang ningali dunya Sétan beuki ruksak sarta jalma-jalma teu boga harepan jeung kabungah. Tapi, jalma nu mikanyaah jeung ngawula Yéhuwa hirup bagja sanajan nyanghareupan kasusah. Maranéhna boga harepan nu pasti. Méré nyaho batur ngeunaan warta hadé téh mangrupakeun kahormatan! (Mat. 24:14) Sakeudeung deui, Karajaan Allah bakal ngarobah dunya ieu jadi pirdaus. Urang hayang poé éta geura datang! Engké, sakabéh jalma di dunya bakal séhat jeung bagja sarta hirup langgeng.