Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Yohanes Jurubaptis—Tuladan Supaya Urang Tetep Suka Bungah

Yohanes Jurubaptis—Tuladan Supaya Urang Tetep Suka Bungah

NAHA Sadérék hayang meunang tugas di sidang tapi éta can kahontal? Bisa jadi éta téh hak istiméwa nu keur dipiboga ku batur. Atawa bisa jadi éta téh tugas atawa hak istiméwa nu pernah dipiboga ku Sadérék. Tapi lantaran umur, masalah kaséhatan, masalah ékonomi, atawa tanggung jawab kulawarga, Sadérék teu bisa ngalakukeun leuwih loba. Bisa ogé Sadérék kudu eureun tina tugas lantaran aya parobahan dina organisasi. Teu sual alesanana, Sadérék meureun ngarasa teu bisa ngalakukeun kabéh nu dipikahayang dina dines ka Allah. Wajar lamun sakapeung Sadérék leutik haté. Jadi, kumaha carana supaya Sadérék teu tutuluyan ngarasa leutik haté, putus asa, atawa keuheul? Kumaha supaya Sadérék tetep suka bungah?

Urang bisa tetep suka bungah lamun diajar tina tuladan Yohanes Jurubaptis. Yohanes boga hak istiméwa nu luar biasa. Tapi, manéhna teu nyangka hirupna bakal béda pisan jeung harepanana. Yohanes gé teu pernah ngabayangkeun yén manéhna bakal leuwih lila dipanjara ti batan ngalakukeun palayananana. Tapi, Yohanes tetep suka bungah nepi ka ahir hirupna. Kumaha bisa kitu? Kumaha urang gé bisa tetep suka bungah sanajan aya nu nguciwakeun?

TUGAS NU NGABUNGAHKEUN

Kira-kira bulan April 29 M, Yohanes ngamimitian tugasna pikeun nyiapkeun jalan keur Mésias. Manéhna nguarkeun, ’Geura tarobat, sabab Karajaan Sawarga geus tereh ngadeg!’ (Mat. 3:2; Luk. 1:12-17) Loba nu nurut ka manéhna. Malah, loba jalma daratang ti nu jauh pikeun ngadéngékeun manéhna, loba ogé nu tobat jeung dibaptis. Ka para pamingpin agama nu ngarasa bener sorangan, Yohanes ogé wani mépélingan yén maranéhna bakal dihukum lamun teu barobah. (Mat. 3:5-12) Tugas manéhna nu pangpentingna téh ngabaptis Yésus kira-kira bulan Oktober 29 M. Ti saprak harita, Yohanes nitah batur pikeun nuturkeun Yésus, Mésias nu dijangjikeun.​—Yoh. 1:32-37.

Lantaran tugas Yohanes téh istiméwa, Yésus ngomong kieu, ”Di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes Jurubaptis.” (Mat. 11:11) Pasti Yohanes ngarasa bungah lantaran meunang loba berkah. Saperti Yohanes, kiwari gé loba nu narima berkah nu luar biasa ti Allah. Contona Sadérék Terry. Manéhna jeung Sandra, pamajikanana, ngawula sapinuh waktu leuwih ti 50 taun. Terry ngomong, ”Abdi pernah boga rupa-rupa hak istiméwa nu ngabungahkeun. Abdi pernah jadi panaratas, digawé di Bétel, jadi panaratas istiméwa, pangawas wilayah, pangawas distrik, jeung ayeuna balik deui jadi panaratas istiméwa.” Tangtu bungah bisa narima hak istiméwa ti organisasi, tapi saperti Yohanes, butuh upaya pikeun tetep suka bungah waktu aya parobahan.

TERUS HARGAAN TUGAS URANG

Yohanes Jurubaptis bisa tetep suka bungah lantaran terus ngahargaan hak istiméwa nu dipibogana. Misalna, sanggeus Yésus dibaptis, murid Yohanes beuki saeutik ari murid Yésus beuki loba. Ningali hal ieu, murid-murid Yohanes hariwang tuluy ngomong ka manéhna, ”Ayeuna Anjeunna oge ngabaptis; jalmi sadayana ka Anjeunna!” (Yoh. 3:26) Yohanes ngajawab, ”Anjeunna jeung kami teh lir panganten lalaki jeung rencangna. Panganten awewe teh hakna panganten lalaki, ari rencangna mah ngan maturan heula di gigireunana bari ngadengekeun. Hatena bungah ngadenge sora panganten lalaki teh. Kami oge kitu, bungah taya papadana ku hal Anjeunna.” (Yoh. 3:29) Yohanes teu nganggap Yésus saingan atawa nganggap hak istiméwana téh euweuh hartina lantaran tugas Yésus leuwih penting. Yohanes tetep suka bungah lantaran ngahargaan tugasna sabagé ’rencangna panganten lalaki’.

Sikep Yohanes ieu ngabantu manéhna ngarasa puas teu sual naon tugasna. Misalna, ti barang lahir Yohanes téh Nasir, jadi teu meunang nginum anggur. (Luk. 1:15) Ngeunaan hirup Yohanes nu saderhana ieu, Yésus ngomong, ”Yohanes sumping, puasa, tara ngaleueut anggur.” Ari Yésus jeung murid-muridna mah euweuh pantrangan kawas kaom Nasir, hirupna siga kalolobaan jalma. (Mat. 11:18, 19) Salian ti éta, Yohanes teu bisa nyieun mujijat. Tapi murid-murid Yésus mah, nu sababaraha di antarana pernah jadi murid Yohanes, bisa nyieun mujijat. (Mat. 10:1; Yoh. 10:41) Hal-hal éta henteu dipikirkeun teuing ku Yohanes, manéhna tetep sibuk dina tugasna ka Yéhuwa.

Lamun urang ogé ngahargaan tugas nu keur dilakonan ayeuna, urang bakal tetep suka bungah. Terry, nu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Abdi ngupayakeun nu panghadéna dina unggal tugas abdi.” Waktu inget deui kana tugas-tugas nu pernah dilakonan, manéhna ngomong, ”Nu kainget ku abdi mah hal-hal alusna wungkul.”

Urang bisa bener-bener suka bungah lamun ngalenyepan yén tugas atawa tanggung jawab urang téh istiméwa, lantaran urang jadi ”batur gawé Allah”. (1 Kor. 3:9, Terjemahan Dunia Baru) Lamun urang boga barang antik, éta bakal dielapan sangkan tetep méncrang. Kitu ogé lamun urang ngalenyepan yén ngawula Allah téh kahormatan nu luhur, hal-hal négatif moal ngaruksak suka bungah urang. Urang moal ngabanding-bandingkeun pangorbanan urang jeung batur. Urang gé moal nganggap hak istiméwa urang leuwih rendah ti batan hak istiméwa batur.​—Gal. 6:4.

UTAMAKEUN PALAYANAN KA YÉHUWA

Bisa jadi Yohanes apal palayanan manéhna bakal aya eureunna, tapi manéhna teu pernah nyangka bakal sakitu ngadadakna. (Yoh. 3:30) Dina taun 30 M, kira-kira genep bulan sanggeus ngabaptis Yésus, Yohanes dipanjarakeun ku Raja Hérodés. Tapi, Yohanes tetep sabisa-bisa méré kasaksian. (Mar. 6:17-20) Ku naon manéhna bisa tetep suka bungah sanajan aya parobahan ieu? Manéhna ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa.

Basa keur di panjara, Yohanes meunang béja ngeunaan kamajuan palayanan Yésus. (Mat. 11:2; Luk. 7:18) Yohanes yakin Yésus téh Mésias, tapi bisa jadi manéhna hayang nyaho naha Yésus bakal ngalaksanakeun sakabéh nubuat Kitab Suci ngeunaan Mésias. Mésias téh pan bakal jadi raja, naha sakeudeung deui Yésus bakal maréntah? Mun kitu mah Yohanes bisa dibébaskeun ti panjara. Yohanes hayang nyaho leuwih loba naon nu dilakukeun ku Yésus, jadi manéhna ngirim dua muridna pikeun nanya ka Yésus, ’Naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea? Atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh anu sanes?’ (Luk. 7:19) Yohanes tangtu ngadéngékeun bener-bener waktu murid-muridna baralik deui jeung nyaritakeun mujijat Yésus sarta nepikeun pesen Yésus keur Yohanes, ”Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, anu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan.”​—Luk. 7:20-22.

Dibéjaan siga kitu Yohanes tangtu dikuatkeun. Éta ngabuktikeun yén nubuat-nubuat ngeunaan Mésias téh laksana dina diri Yésus. Sanajan Yésus teu ngabébaskeun Yohanes ti panjara, Yohanes apal palayanan manéhna teu cumah. Dina kaayaan siga kitu, manéhna bisa tetep suka bungah.

Lamun urang terus merhatikeun laporan kagiatan pangwawaran sadunya, urang bisa tetep suka bungah

Saperti Yohanes, urang bisa tetep tabah bari jeung bungah tur sabar lamun ngutamakeun palayanan. (Kol. 1:9-12) Urang bisa tetep tabah lamun maca jeung ngalenyepan Alkitab. Ieu bisa ngingetkeun urang yén dines urang ka Allah téh teu cumah. (1 Kor. 15:58) Ceuk Sandra, ”Maca Alkitab sapasal sapoé ngaraketkeun abdi ka Yéhuwa. Nu dipikiran ku abdi téh Yéhuwa, lain diri sorangan.” Urang ogé moal bakal mikiran diri sorangan lamun sering merhatikeun laporan kamajuan ti organisasi Yéhuwa. Sandra ngomong, ”Ku ayana acara bulanan tina JW Broadcasting, abdi duaan ngarasa leuwih raket ka organisasi, ku kituna abdi duaan bisa tetep suka bungah dina palayanan.”

Dina palayananana nu singget, Yohanes Jurubaptis ngajalankeun tugasna ku ”roh jeung kakawasaan Nabi Elias”, tapi siga Élias, manéhna gé ”jelema biasa kawas urang”. (Luk. 1:17, Sunda Formal; Yak. 5:17) Lamun urang siga manéhna tetep ngahargaan jeung ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa, urang bakal tetep suka bungah teu sual kaayaan urang.