Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 35

Hargaan Unggal Dulur Saiman di Sidang

Hargaan Unggal Dulur Saiman di Sidang

”Panon moal bisa ngomong ka ceuli: ’Urang mah teu butuh maneh!’ Sirah moal bisa ngomong ka suku: ’Urang mah teu butuh maneh!’”—1 KOR. 12:21, Sunda Formal [SF].

KAWIH 124 Terus Satia

NU DIBAHAS *

1. Yéhuwa geus méré naon ka urang masing-masing?

YÉHUWA geus méré kurnia ka urang masing-masing. Sanajan kurnia urang béda-béda, urang kabéh téh penting jeung silih butuhkeun. Rasul Paulus mantuan urang diajar ngeunaan hal ieu. Kumaha carana?

2. Ceuk Epesus 4:16, ku naon urang kudu silih hargaan jeung daék gawé babarengan?

2 Jiga nu disebutkeun ku Paulus dina ayat téma artikel ieu, urang teu meunang saolah-olah ngomong ka dulur saiman, ”Urang mah teu butuh maneh!” (1 Kor. 12:21, SF) Urang kudu silih hargaan jeung ngahiji supaya sidang tengtrem. (Baca Epesus 4:16, SF.) Mun kabéh daék digawé babarengan, unggal anggota sidang bakal ngarasa dipikanyaah. Sidang gé bakal kuat.

3. Urang bakal ngabahas naon waé?

3 Dina hal naon waé anggota sidang kudu silih hargaan? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha kokolot bisa ngahargaan kokolot séjénna. Urang gé bakal ngabahas kumaha urang bisa ngahargaan dulur-dulur saiman nu teu kawin. Terus pandeuri, urang bakal ngabahas carana ngahargaan dulur-dulur saiman nu teu lancar ngomong basa urang.

PARA KOKOLOT KUDU SILIH HARGAAN

4. Dina Rum 12:10, Paulus méré naséhat naon ka para kokolot?

4 Kabéh kokolot sidang dilantik ku Yéhuwa liwat roh suci-Na. Mémang, kurnia jeung kamampuh maranéhna téh béda-béda. (1 Kor. 12:17, 18) Meureun aya nu kakara dilantik jadi kokolot sarta teu pati pangalaman. Nu séjénna teu bisa ngalakukeun loba hal lantaran geus sepuh jeung boga masalah kaséhatan. Tapi, teu meunang aya kokolot nu mikir yén kokolot séjén téh euweuh gunana. Justru, unggal kokolot kudu nuturkeun naséhat Paulus nu dicatet dina Rum 12:10 (SF).​—Baca.

Para kokolot silih hargaan ku cara merhatikeun waktu kokolot séjén keur ngomong (Tingali paragrap 5-6)

5. Kumaha para kokolot ngahargaan kokolot séjén, jeung ku naon éta téh penting?

5 Para kokolot bisa silih hargaan ku cara merhatikeun pas kokolot séjén keur ngomong. Komo deui, mun maranéhna keur rapat jeung ngabahas masalah nu penting. Ku naon? Perhatikeun Menara Pengawal 1 Oktober 1988 nu nyebutkeun, ”Para kokolot bakal ngarti yén Yésus bisa ngagunakeun roh suci pikeun mantuan kokolot mana waé keur manggihan prinsip Alkitab nu bisa ngabantu maranéhna apal naon nu kudu dilakukeun jeung putusan penting naon nu kudu dijieun. (Ras. 15:6-15) Roh suci téh mantuan kabéh kokolot, teu ngan hiji kokolot wungkul.”

6. Kumaha supaya kokolot teu papecah, jeung naon mangpaatna keur sidang?

6 Kokolot nu ngahargaan sasama kokolot mah embung jadi nu panglobana ngomong dina rapat. Manéhna moal nganggap usulna pasti bener. Justru manéhna bakal nepikeun usulna ku cara nu sopan jeung rendah haté. Manéhna gé daék merhatikeun usul ti kokolot séjén. Nu leuwih penting, manéhna daék ngabahas naséhat tina Alkitab jeung daék nuturkeun pituduh ti ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45-47) Mun maranéhna silih pikanyaah jeung silih hargaan, engké roh suci pasti mantuan jeung ngabingbing maranéhna pikeun nyieun putusan nu nguatkeun sidang.​—Yak. 3:17, 18.

HARGAAN DULUR-DULUR SAIMAN NU TEU KAWIN

7. Kumaha pandangan Yésus ka jalma-jalma nu teu kawin?

7 Di sidang téh aya loba kulawarga jeung salaki pamajikan. Tapi, aya ogé nu teu kawin. Kumaha sakuduna pandangan urang ka dulur saiman nu teu kawin? Pikirkeun cara pandang Yésus. Basa ngajalankeun palayananna di bumi, Yésus gé teu kawin. Anjeunna tetep léngoh sarta sabisa-bisa ngagunakeun waktu jeung tanagana keur ngajalankeun tugasna. Yésus teu pernah ngajarkeun yén urang Kristen kudu kawin. Tapi, anjeunna gé teu ngomong yén urang Kristen kudu tetep léngoh. Sanajan kitu, ceuk anjeunna, aya sababaraha urang Kristen nu bakal milih pikeun teu kawin. (Mat. 19:11, 12) Yésus ngahargaan jeung teu nyapirakeun maranéhna.

8. Sajalan jeung 1 Korinta 7:7-9, Paulus ngajurung urang Kristen pikeun mikirkeun naon?

8 Jiga Yésus, Paulus gé tetep léngoh waktu ngajalankeun palayananna. Paulus teu pernah ngalarang urang Kristen pikeun kawin. Manéhna ngarti éta mah putusan pribadi. Tapi Paulus ngajurung urang Kristen pikeun mikirkeun, bisa teu maranéhna ngalayanan Yéhuwa bari tetep léngoh. (Baca 1 Korinta 7:7-9.) Paulus teu nyapirakeun urang Kristen nu teu kawin. Malah manéhna milih Timoteus, budak ngora nu léngoh, pikeun ngajalankeun tugas-tugas nu penting. (Pil. 2:19-22) Jadi, bisa henteuna saurang sadérék dibéré tanggung jawab di sidang téh teu gumantung kana statusna, na manéhna geus kawin atawa acan.​—1 Kor. 7:32-35, 38. *

9. Kumaha sakuduna pandangan urang ka dulur saiman nu kawin atawa nu tetep léngoh?

9 Boh Yésus boh Paulus teu pernah ngawajibkeun urang Kristen pikeun kawin atawa tetep léngoh. Jadi, kumaha sakuduna pandangan urang ka dulur saiman nu kawin atawa nu tetep léngoh? Menara Pengawal 1 Oktober 2012 ngamuat jawaban nu hadé, ”Duanana [boh kawin boh léngoh] téh kurnia ti Yéhuwa. . . . Mantenna teu nganggap [jalma nu teu kawin] téh hirupna ngérakeun atawa pikasediheun.” Urang gé kudu mikir jiga kitu. Urang kudu ngahargaan dulur-dulur saiman nu teu kawin.

Mun ngahargaan parasaan dulur saiman nu teu kawin, urang moal ngalakukeun naon? (Tingali paragrap 10)

10. Mun urang ngahargaan dulur-dulur saiman nu teu kawin, urang moal ngalakukeun naon?

10 Kumaha urang bisa ngahargaan parasaan dulur saiman nu teu kawin jeung ngarti kana kaayaan manéhna? Urang kudu inget, aya dulur saiman nu mémang embung kawin. Nu séjénna meureun hayang kawin, tapi can manggihan jalma nu cocog keur jadi batur hirupna. Aya ogé nu ditinggal maot ku batur hirupna. Tapi intina, urang sakuduna teu nanya ku naon maranéhna teu kawin. Urang gé sakuduna teu ngajodo-jodokeun maranéhna. Meureun, kadang aya nu ménta bantuan keur néangan batur hirup. Tapi mun urang teu dipénta, kira-kira kumaha parasaan maranéhna mun urang ngajodo-jodokeun maranéhna? (1 Tes. 4:11; 1 Tim. 5:13) Hayu urang perhatikeun kumaha parasaan maranéhna.

11-12. Kumaha tindakan urang bisa ngaleutikkeun haté nu teu kawin?

11 Perhatikeun pangalaman saurang pangawas wilayah nu hadé pisan dina ngajalankeun tugasna. Manéhna ngarasakeun yén léngoh téh loba mangpaatna. Tapi manéhna nyarita, kadang aya dulur saiman nu nanya kieu, ”Ku naon teu kawin?” Meureun niatna mah alus, tapi pananya jiga kitu téh bisa nyieun leutik haté. Terus, sadérék séjén nu ngawula di kantor cabang ngomong, ”Kadang, aya dulur saiman nu ngarasa watir ka jalma nu teu kawin. Mun kitu, léngoh téh saolah-olah jadi beban, lainna kurnia.”

12 Saurang sadérék istri nu ngalayanan di Bétel ngomong, ”Sababaraha pawarta nganggap kabéh nu teu kawin téh pasti keur néangan batur hirup. Atawa maranéhna mikir, mun aya acara naon waé, nu can kawin pasti ngajadikeun éta kasempetan jang néang pasangan. Sakali waktu, abdi kudu ngagawékeun tugas di luar kota. Abdi mondok di imah saurang sadérék istri. Terus, abdi milu masamoan di ditu. Sadérék istri éta ngomong yén di sidangna aya dua sadérék pameget sapantaran abdi. Cenah mah, manéhna moal ngajodo-jodokeun abdi. Éh ari pék téh, pas geus di Balé Karajaan mah, abdi dijurung-jurung manggihan dua sadérék éta. Kabayang teu sakumaha érana abdi? Jadi kararagok pisan pan.”

13. Naon nu ngagedékeun haté saurang sadérék istri?

13 Sadérék istri séjén di Bétel ngomong, ”Abdi kenal ka sababaraha panaratas nu tetep léngoh. Hirupna bagja, saimbang, jeung boga tujuan nu jelas. Maranéhna resep mantuan batur jeung méré loba hal ka sidang. Maranéhna téh positif, teu ngarasa diri leuwih hadé ti batur lantaran teu kawin atawa moal bagja mun teu kawin jeung teu boga budak.” Urang resep mun kabéh anggota sidang ngahargaan unggal dulur saiman. Teu aya nu ngarasa watir atawa sirik ka Sadérék, sarta teu aya nu ngabaékeun atawa ngagul-ngagulkeun Sadérék. Sadérék bakal ngarasa dipikanyaah ku dulur-dulur saiman.

14. Kumaha carana ngahargaan nu léngoh kénéh?

14 Sadérék-sadérék nu léngoh kénéh pasti nganuhunkeun pisan mun urang teu karunya ka maranéhna pedah maranéhna teu kawin. Urang sakuduna ngahargaan sipat-sipat alus jeung kasatiaan maranéhna. Ku kituna, maranéhna moal pernah ngarasa saolah-olah urang ngomong, ”Urang mah teu butuh maneh!” (1 Kor. 12:21, SF) Justru maranéhna bakal ngarasa dihargaan jeung dibutuhkeun ku sidang.

HARGAAN NU TEU PATI LANCAR NGOMONG BASA SADÉRÉK

15. Pangorbanan naon waé nu dijieun ku para pawarta nu hayang ngalakukeun leuwih loba hal dina dines?

15 Sababaraha taun ieu, loba pawarta diajar basa séjén supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina dines. Supaya bisa kitu téh maranéhna kudu nyieun loba parobahan. Maranéhna réla ninggalkeun sidangna nu baheula supaya bisa ngagabung jeung sidang basa séjén nu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta. (Ras. 16:9) Ieu téh putusan pribadi nu dijieun ku maranéhna supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Meureun maranéhna butuh waktu mangtaun-taun supaya bisa lancar ngomong basa nu anyar. Najan kitu, maranéhna terus mantuan sidang ku loba cara. Sipat-sipat alus jeung pangalaman maranéhna téh nguatkeun sidang. Urang pasti ngahargaan pisan pangorbanan maranéhna!

16. Naon nu ditingali ku para kokolot waktu rék ngusulkeun saurang sadérék pikeun jadi kokolot atawa palayan sidang?

16 Badan kokolot moal nahan-nahan pikeun ngusulkeun saurang sadérék jadi kokolot atawa palayan sidang ngan pédah éta jalma can lancar ngagunakeun basa nu dipaké di sidang. Nu ditingali ku para kokolot téh lain lancar henteuna saurang sadérék ngagunakeun basa nu dipaké di sidang, tapi maranéhna nyumponan sarat-sarat ti Alkitab teu pikeun jadi kokolot atawa palayan sidang.​—1 Tim. 3:1-10, 12, 13; Tit. 1:5-9.

17. Naon nu kudu dipikirkeun ku kulawarga nu pindah ka luar nagri?

17 Sababaraha kulawarga Kristen kudu pindah ka luar nagri lantaran ngungsi atawa néangan pagawéan. Jadi, meureun barudakna kudu sakola ngagunakeun basa lokal di nagri éta. Kolotna gé bisa jadi kudu diajar basa lokal jang néangan pagawéan. Kumaha mun di ditu aya sidang nu maké basa ti nagri asal maranéhna? Maranéhna kudu ngagabung jeung sidang mana? Sidang nu maké basa lokal atawa sidang nu maké basa ti nagri asal maranéhna?

18. Sajalan jeung Galata 6:5, kumaha cara urang nunjukkeun yén urang ngahargaan putusan saurang kapala kulawarga?

18 Kapala kulawarga kudu mutuskeun manéhna sakulawarga rék ngagabung di sidang mana. Manéhna kudu mikirkeun mana nu panghadéna keur kulawarga. (Baca Galata 6:5.) Lantaran éta téh urusan kulawarga manéhna, urang kudu ngahargaan putusanna. Urang gé kudu ngabagéakeun jeung nyaah ka kulawarga nu ngagabung di sidang urang.​—Rum 15:7.

19. Naon nu kudu dipikirkeun bener-bener jeung didoakeun ku kapala kulawarga?

19 Sababaraha kulawarga ngagabung di sidang nu ngagunakeun basa ti nagri asal maranéhna, tapi meureun barudakna teu pati ngarti. Mun sidang éta aya di daérah nu ngagunakeun basa lokal, bisa jadi barudak bakal hésé ngarti kana acara pasamoan jeung hésé ngaraket ka Yéhuwa. Ku naon? Lantaran di sakola, barudakna maké basa lokal, lain basa ti nagri asalna. Tah mun kitu, kapala kulawarga kudu mikirkeun bener-bener jeung ngadoa ménta hikmat supaya maranéhna nyaho kudu kumaha sangkan barudakna bisa ngaraket ka Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. Bisa jadi, kolot kudu ngabantu barudakna leuwih lancar ngagunakeun basa ti nagri asalna. Atawa, meureun maranéhna sakulawarga kudu pindah ka sidang nu ngagunakeun basa lokal nu dipikaharti ku barudakna. Teu sual naon putusan kapala kulawarga, sidang tempat maranéhna ngagabung kudu ngahargaan jeung ngabagéakeun maranéhna.

Kumaha carana ngahargaan dulur saiman nu keur diajar basa nu anyar? (Tingali paragrap 20)

20. Kumaha carana ngahargaan dulur-dulur saiman nu keur diajar basa anyar?

20 Jadi, ayeuna urang ngarti, di loba sidang aya sadérék-sadérék nu keur susah payah diajar basa nu anyar. Meureun maranéhna jadi hésé ngungkabkeun parasaanna. Jadi, kuduna nu diperhatikeun ku urang téh lain lancar henteuna manéhna maké basa nu anyar, tapi sakumaha nyaah maranéhna ka Yéhuwa jeung sakumaha gedé kahayang maranéhna pikeun ngawula Mantenna. Mun urang merhatikeun hal-hal alus ieu, urang bakal bener-bener ngahargaan jeung nyaah ka maranéhna. Urang moal saolah-olah ngomong ”Urang mah teu butuh maneh!” ngan ku pédah maranéhna teu lancar ngomong basa urang.

URANG TÉH PENTING KEUR YÉHUWA

21-22. Urang dibéré kahormatan naon?

21 Yéhuwa geus méré kahormatan ka urang pikeun ngagabung jeung umat-Na. Teu sual urang lalaki atawa awéwé, kawin atawa henteu, ngora atawa kolot, lancar ngagunakeun hiji basa atawa henteu, urang kabéh dihargaan ku Yéhuwa jeung ku dulur-dulur saiman.​—Rum 12:4, 5; Kol. 3:10, 11.

22 Hayu urang terus larapkeun palajaran tina ibarat Paulus ngeunaan awak jelema. Ku kituna, urang bakal ngarti naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman. Urang gé bakal terus nyaah jeung ngahargaan maranéhna.

KAWIH 90 Sing Silih Hatéan

^ par. 5 Kasang tukang umat Yéhuwa téh rupa-rupa. Maranéhna gé boga kurnia nu béda-béda. Artikel ieu bakal ngabahas ku naon urang kudu ngahargaan unggal dulur saiman di sidang.

^ par. 8 Urang teu nyaho pasti Timoteus tetep léngoh saumur hirupna atawa henteu.