Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 31

Na Sadérék Ngadagoan ’Kota dina Pademén anu Kaayaanana Tetep’?

Na Sadérék Ngadagoan ’Kota dina Pademén anu Kaayaanana Tetep’?

”Ibrahim keur ngadago-dago kota anu dirancang jeung diadegkeun ku Allah dina pademen anu kaayaanana tetep.”​—IBR. 11:10.

KAWIH 22 Karajaan Allah, Sing Geura Ngadeg!

NU DIBAHAS *

1. Loba umat Allah nyieun pangorbanan naon, jeung naon alesanana?

JUTAAN umat Allah dina jaman ayeuna nyieun pangorbanan. Loba nu mutuskeun pikeun tetep léngoh. Nu geus kawin mutuskeun pikeun teu boga budak. Sababaraha kulawarga nyaderhanakeun kahirupanna. Maranéhna jiga kitu téh lantaran hayang ngalakukeun leuwih loba pikeun ngawula Yéhuwa. Maranéhna bungah jeung percaya Yéhuwa bakal nyadiakeun kabéh hal nu dibutuhkeun ku maranéhna. Maranéhna moal kaduhung nyieun putusan jiga kitu. Ku naon? Sabab ti jaman baheula gé, Yéhuwa terus ngaberkahan umat-Na nu satia. Contona Ibrahim, ”bapa pikeun sakumna jalma iman”.​—Rum 4:11, Sunda Formal [SF].

2. (a) Ceuk Ibrani 11:8-10, 16, ku naon Ibrahim réla ninggalkeun Ur? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Ibrahim réla ninggalkeun kahirupanna nu genah di kota Ur. Ku naon? Lantaran manéhna ngarepkeun kota dina ”pademen anu kaayaanana tetep”. (Baca Ibrani 11:8-10, 16.) Naon ”kota” éta téh? Naon waé tangtangan nu disanghareupan ku Ibrahim bari ngadagoan kota éta diadegkeun? Jeung kumaha urang bisa nuturkeun tuladan Ibrahim sarta jalma-jalma séjén dina jaman kiwari nu nyonto iman manéhna?

NAON KOTA ”DINA PADEMEN ANU KAAYAANANA TETEP” TÉH?

3. Naon kota nu didago-dago ku Ibrahim téh?

3 Kota nu didago-dago ku Ibrahim téh nyaéta Karajaan Allah. Karajaan éta bakal diparéntah ku Yésus Kristus jeung 144.000 urang Kristen nu diistrénan. Paulus nyebut Karajaan éta sabagé ”kota Allah anu jumeneng, nya eta Yerusalem sawarga”. (Ibr. 12:22; Wahyu 5:8-10; 14:1) Yésus ngajar murid-muridna ngadoakeun supaya Karajaan éta geura maréntah di bumi, sakumaha di sawarga.​—Mat. 6:10.

4. Saperti nu disebutkeun dina Kajadian 17:1, 2, 6, naon nu dipikanyaho ku Ibrahim ngeunaan kota, atawa Karajaan, nu dijangjikeun ku Allah?

4 Na Ibrahim apal sacara rinci kumaha Karajaan Allah bakal diatur? Henteu. Salila mangabad-abad, éta téh dirasiahkeun. (Epe. 1:8-10; Kol. 1:26, 27) Tapi Ibrahim apal sababaraha turunanana bakal aya nu jadi raja, lantaran Yéhuwa geus ngajangjikeun éta. (Baca Kajadian 17:1, 2, 6.) Ibrahim percaya pisan kana jangji-jangji Allah nepi ka saolah-olah manéhna geus ningali langsung Pribadi nu Dipilih, atawa Mésias, nu bakal jadi Raja dina Karajaan Allah. Éta sababna Yésus ngomong ka urang Yahudi, ”Ibrahim nu jadi karuhun aranjeun, suka bungah lantaran baris ningal poean Kami datang ka dunya. Eta teh . . . geus kasaksian ku anjeunna kalawan suka bungah.” (Yoh. 8:56, SF) Jelas, Ibrahim apal sababaraha turunanana bakal jadi bagian tina Karajaan nu diadegkeun ku Yéhuwa. Manéhna gé réla ngadagoan jangji éta ngawujud.

Naon buktina Ibrahim percaya kana jangji-jangji Yéhuwa? (Tingali paragrap 5)

5. Naon buktina Ibrahim ngadago-dago kota nu dirancang ku Allah?

5 Naon buktina Ibrahim ngadago-dago kota, atawa Karajaan, nu dirancang ku Allah? Kahiji, Ibrahim teu jadi rahayat tina karajaan jeung teu ngadukung raja mana waé nu aya di bumi. Manéhna milih pikeun ngumbara jeung teu matuh di hiji tempat. Kadua, Ibrahim henteu ngadegkeun karajaan sorangan. Manéhna nurut ka Yéhuwa sarta ngadagoan jangji-Na ngawujud. Tina tindakanana, Ibrahim nunjukkeun iman nu luar biasa ka Yéhuwa. Hayu urang bahas tangtangan nu disanghareupan ku Ibrahim jeung naon palajaranna pikeun urang.

TANGTANGAN NAON WAÉ NU DISANGHAREUPAN KU IBRAHIM?

6. Kota Ur téh jiga kumaha?

6 Kota nu ditinggalkeun ku Ibrahim téh genah, makmur, jeung aman. Kota éta boga bénténg nu kuat pisan. Di tilu sisi kotana gé aya solokan gedé nu ngalindungan kota éta. Jalma-jalma di Ur ahli dina hal nulis jeung ngitung. Terus katingalina kota éta téh baheulana jadi pusat bisnis, sabab di ditu para ahli manggihan loba dokumén nu sok dipaké keur bisnis. Imah-imah di ditu gé ditémbok sarta dicét bodas. Sababaraha imah boga 13 atawa 14 kamar, lanté buruanna gé tina batu.

7. Ku naon Ibrahim kudu percaya Yéhuwa bakal ngalindungan manéhna jeung kulawargana?

7 Ibrahim kudu percaya Yéhuwa bakal ngalindungan manéhna jeung kulawargana. Ku naon? Sabab ayeuna Ibrahim jeung Sarai kudu ninggalkeun panyicingan nu aman jeung genah di kota Ur, sarta kudu cicing dina kémah-kémah di Kanaan. Geus moal aya bénténg nu kuat sarta solokan nu gedé. Jadi, Ibrahim leuwih babari diserang ku musuh.

8. Sakali waktu, masalah naon nu disanghareupan ku Ibrahim?

8 Ibrahim terus ngajalankeun kahayang Yéhuwa. Tapi sakali waktu, manéhna jeung kulawargana kakurangan dahareun. Di tanah Kanaan, aya bahla kalaparan nu parah. Jadi, Ibrahim kudu mawa kulawargana cicing di Mesir pikeun sababaraha waktu. Tapi basa maranéhna cicing di Mesir, Piraon nu jadi pangawasa nagri éta mawa Sarai, pamajikan Ibrahim, ka istanana pikeun ditikah. Pasti Ibrahim hariwang pisan, tapi ahirna Yéhuwa ngahukum Piraon, tuluy Sarai dipulangkeun.​—Kaj. 12:10-19.

9. Dina kulawarga Ibrahim, aya masalah naon waé?

9 Kulawarga Ibrahim gé boga masalah séjén nu beurat. Sarai téh mandul. Geus puluhan taun Ibrahim jeung Sarai sedih lantaran masalah éta. Jadi Sarai méré gandék awéwéna, nyaéta Hajar, ka Ibrahim. Tujuanana supaya Ibrahim jeung Sarai bisa boga budak ti manéhna. Tapi waktu Hajar ngandung Ismail, manéhna mulai ngahina Sarai. Jadi, masalah dina kulawarga Ibrahim téh beuki gedé. Tungtungna, Sarai ngusir Hajar ti imah.​—Kaj. 16:1-6.

10. Masalah naon waé nu nguji iman Ibrahim ka Yéhuwa?

10 Ahirna, Sarai ngandung sarta ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Ishak. Ibrahim nyaah ka dua budakna, boh ka Ismail boh ka Ishak. Tapi lantaran Ismail jahat ka Ishak, Yéhuwa nitah Ibrahim ngusir Ismail jeung Hajar. (Kaj. 21:9-14) Ka dieunakeun, Yéhuwa ménta Ibrahim keur ngurbankeun Ishak. (Kaj. 22:1, 2; Ibr. 11:17-19) Dina kaayaan-kaayaan nu susah ieu, Ibrahim kudu boga iman ka Yéhuwa jeung percaya Mantenna bakal ngawujudkeun jangji-Na ngeunaan putra-putrana.

11. Ku naon Ibrahim kudu sabar ngadagoan Yéhuwa?

11 Harita, Ibrahim kudu sabar ngadagoan Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na. Waktu Ibrahim jeung kulawargana ninggalkeun Ur, katingalina manéhna geus umur 70 taun leuwih. (Kaj. 11:31–12:4) Kira-kira salila saratus taun, Ibrahim cicing dina kémah-kémah, sarta indit ka ditu ka dieu di tanah Kanaan. Manéhna maot umur 175 taun. (Kaj. 25:7) Nepi ka maotna, Ibrahim teu ningali Yéhuwa nyumponan jangji-Na ngeunaan tanah nu bakal dibéré ka turunanana. Ibrahim gé teu ningali kota, atawa Karajaan Allah, diadegkeun. Sanajan kitu, Ibrahim maot waktu umurna geus ”sepuh pisan” jeung sugema. (Kaj. 25:8) Unggal boga masalah, Ibrahim nunjukkeun iman nu kuat jeung terus réla ngadagoan Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Lantaran salila manéhna hirup, Yéhuwa ngalindungan jeung nganggap Ibrahim sobat-Na.​—Kaj. 15:1; Yes. 41:8; Yak. 2:22, 23.

Jiga Ibrahim jeung Sarai, kumaha umat Allah nunjukkeun iman jeung kasabaran? (Tingali paragrap 12) *

12. Naon nu keur didago-dago ku urang? Naon nu bakal urang bahas?

12 Jiga Ibrahim, urang gé keur ngadagoan kota nu pademénna dina kaayaan nu tetep. Tapi urang lain ngadagoan kota éta diadegkeun, sabab Karajaan Allah geus ngadeg taun 1914 sarta geus maréntah di sawarga. (Wahyu 12:7-10) Urang mah ngadagoan Karajaan éta maréntah di bumi. Bari ngadagoan éta ngawujud, urang gé nyanghareupan masalah nu méh sarua jeung Ibrahim sarta Sarai. Na umat Allah jaman ayeuna bisa nyonto Ibrahim? Dina majalah Warta Hadé, sok aya pangalaman hirup ti sadérék-sadérék urang nu boga iman jeung sabar jiga Ibrahim sarta Sarai. Hayu urang bahas sababaraha pangalaman hirup maranéhna jeung naon palajaranna keur urang.

NYONTO TULADAN IBRAHIM

Bill Walden réla nyieun pangorbanan sarta ngarasakeun loba berkah ti Yéhuwa

13. Sadérék diajar naon ti Sadérék Bill?

13 Kudu réla nyieun pangorbanan. Mun hayang ngutamakeun Karajaan Allah dina kahirupan, urang kudu nyonto Ibrahim nu réla nyieun pangorbanan demi nyenangkeun Allah. (Mat. 6:33; Mar. 10:28-30) Perhatikeun pangalaman Sadérék Bill Walden. * Dina taun 1942, pas mimiti diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, Bill téh téréh lulus ti hiji universitas di Amerika Serikat jurusan téknik arsitéktur. Salah sahiji propésor geus nyiapkeun pagawéan keur Bill, tapi manéhna nolak. Bill ngajelaskeun yén manéhna hayang ngawula Allah sapinuhna, jadi manéhna geus mutuskeun moal ngudag kariér dunya. Teu lila, pamaréntah nitah manéhna miluan dines militér. Ku cara nu sopan Bill nolak, tapi manéhna kudu mayar dengda nu gedé pisan jeung didakwa lima taun panjara. Sanggeus tilu taun dipanjara, manéhna dibébaskeun. Tuluy, manéhna diondang ka Sakola Giléad jeung ditugaskeun jadi misionaris di Afrika. Geus kitu, Bill kawin jeung Eva. Maranéhna kudu nyieun pangorbanan supaya bisa ngawula babarengan di Afrika sabab di ditu téh hirupna teu gampang. Sababaraha taun sanggeusna, maranéhna balik deui ka Amerika Serikat pikeun ngurus indungna Bill. Waktu nyaritakeun kisah hirupna, Bill ngomong, ”Abdi sok ngeclak cipanon mun mikirkeun Yéhuwa ngagunakeun abdi keur ngalayanan Mantenna salila 70 taun leuwih, éta téh kahormatan nu gedé pisan. Abdi nganuhunkeun pisan, Mantenna mantuan abdi ngutamakeun palayanan dina kahirupan.” Na Sadérék bisa milih dines sapinuh waktu keur jadi kariér Sadérék?

Eleni jeung Aristotelis Apostolidis ngarasa dikuatkeun ku Yéhuwa

14-15. Sadérék diajar naon tina pangalaman Sadérék Aristotelis jeung pamajikanna?

14 Tong ngarepkeun moal aya masalah dina kahirupan. Tina tuladan Ibrahim, urang diajar yén jalma nu méré kahirupanna pikeun ngawula Yéhuwa gé tetep nyanghareupan masalah. (Yak. 1:2; 1 Pet. 5:9) Ieu gé kaalaman ku Aristotelis Apostolidis. * Manéhna dibaptis dina taun 1946 di Yunani. Terus dina taun 1952, Aristotelis tunangan jeung Eleni. Maranéhna hayang ngawula Yéhuwa sapinuhna, tapi Eleni gering. Ari pék téh, manéhna keuna tumor otak. Teu lila sanggeus tumorna diangkat, maranéhna kawin. Tapi sababaraha taun sanggeusna, tumorna jadi deui. Manéhna dioperasi deui, tapi sabagian awakna jadi lumpuh jeung ngomongna jadi balélol. Tapi Eleni tetep sumanget ngawawar najan gering, jeung harita gé aya tangtangan ti pamaréntah.

15 Salila 30 taun, Aristotelis ngurus pamajikanna. Salila éta gé, manéhna ngalayanan jadi kokolot, panitia kongrés, jeung mantuan pangwangunan Balé Kongrés. Tuluy dina taun 1987, pas keur ngawawar, Eleni katinggang panto beusi nu beurat. Manéhna koma salila tilu taun, jeung ahirna maot. Aristotelis nyarita, ”Salila mangtaun-taun, abdi nyanghareupan loba masalah nu ngadadak jeung teu kasangka-sangka. Abdi kudu teger jeung teu meunang leutik haté. Yéhuwa terus méré kakuatan keur nyanghareupan masalah-masalah éta.” (Jab. 94:18, 19) Yéhuwa nyaah pisan ka umat-Na nu sabisa-bisa ngalayanan Mantenna sanajan loba masalah!

Audrey Hyde terus mikirkeun harepan dina mangsa kahareup

16. Sadérék Nathan méré naséhat alus naon ka pamajikanna?

16 Terus pikirkeun harepan. Ibrahim bisa teger pas aya masalah sabab manéhna terus mikirkeun harepan nu Yéhuwa jangjikeun. Sadérék Audrey Hyde gé terus mikirkeun harepan pas aya masalah. Salakina nu mimiti, Nathan H. Knorr, maot lantaran kangker. Tuluy, salakina nu kadua, Glenn Hyde, keuna panyakit Alzheimer. * Sadérék Audrey nyaritakeun kekecapan ti Sadérék Nathan sababaraha minggu saacan maot. Kekecapan éta nguatkeun pisan. Ceuk Audrey, ”Nathan ngingetan abdi, ’Najan maot gé, urang tetep boga harepan nu pasti. Urang moal bakal ngarasakeun deui kanyeri.’ Manéhna gé ngajurung abdi, ’Teuteup mangsa kahareup, di ditu aya hadiah keur Enéng. . . . Kudu terus sibuk mantuan batur supaya Enéng bagja.’” Éta téh naséhat nu alus pisan. Urang gé kudu terus sibuk mantuan batur jeung bagja lantaran boga harepan!​—Rum 12:12.

17. (a) Ku naon urang yakin kana harepan urang? (b) Ceuk Mika 7:7, urang kudu kumaha supaya bisa narima berkah dina mangsa kahareup?

17 Ayeuna, urang boga leuwih loba alesan pikeun yakin kana harepan urang. Kajadian-kajadian di dunya nunjukkeun urang keur hirup dina panungtungan ahir jaman. Moal lila deui, Karajaan Allah bakal maréntah di bumi. Urang bakal narima loba berkah, salah sahijina nyaéta nu maot bakal dihirupkeun deui. Lantaran Ibrahim boga iman jeung sabar, Yéhuwa bakal ngaberkahan manéhna ku cara ngahirupkeun deui manéhna jeung kulawargana. Na engké Sadérék bisa panggih jeung Ibrahim? Bisa. Carana, Sadérék kudu jiga Ibrahim nu réla nyieun pangorbanan demi Karajaan Allah, tetep boga iman sanajan loba masalah, jeung sabar ngadagoan Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na.​—Baca Mika 7:7 tina catetan handap. *

KAWIH 74 Milu Ngawihkeun Kawih Karajaan

^ par. 5 Urang bisa waé teu sabar ngadagoan jangji-jangji Allah ngawujud, sarta jadi kaleungitan iman. Kumaha urang bisa sabar ngadagoan jangji-jangji Yéhuwa lamun nyonto tuladan Ibrahim? Sarta, hamba-hamba Yéhuwa nu satia dina jaman ayeuna méré tuladan naon?

^ par. 13 Pangalaman hirup Sadérék Bill dimuat dina Menara Pengawal 1 Désémber 2013 kaca 8-10.

^ par. 14 Pangalaman hirup Sadérék Aristotelis dimuat dina Menara Pengawal 1 Pébruari 2002 kaca 24-28.

^ par. 16 Pangalaman hirup Sadérék Audrey dimuat dina Menara Pengawal 1 Juli 2004 kaca 23-29.

^ par. 17 Tapi urang mah bakal terus nungguan Yéhuwa. Urang bakal sabar ngadagoan Allah nu nyalametkeun urang. Allah urang bakal ngadéngékeun urang.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Pasangan salaki pamajikan nu geus kolot terus satia ngawula Yéhuwa sanajan nyanghareupan loba tangtangan. Iman maranéhna dikuatkeun ku harepan kana jangji-jangji Yéhuwa dina mangsa kahareup.