Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 33

Pihudangeunana Nu Maot téh Bukti Allah Nyaahan, Bijaksana, jeung Sabar

Pihudangeunana Nu Maot téh Bukti Allah Nyaahan, Bijaksana, jeung Sabar

Bakal aya pihudangeunana nu maot.​—RAS. 24:15.

KAWIH 151 Yéhuwa Bakal Nyauran

NU DIBAHAS *

1. Ku naon Yéhuwa nyiptakeun kahirupan?

BAHEULA, Yéhuwa téh sorangan. Sanajan kitu, Mantenna teu ngarasa sedih, da Mantenna mah teu butuh sasaha supaya bisa bagja. Tapi, Mantenna hayang nu séjén gé ngarasakeun bagjana hirup. Lantaran sipat-Na nu nyaahan, Yéhuwa mulai nyiptakeun.​—Jab. 36:10; 1 Yoh. 4:19.

2. Kumaha parasaan Yésus jeung para malaikat waktu Yéhuwa nyiptakeun rupa-rupa hal?

2 Mimitina, Yéhuwa nyiptakeun Putra-Na, Yésus. Babarengan jeung Yésus, Yéhuwa ”ngajadikeun saniskara”, kaasup jutaan malaikat. (Kol. 1:16) Yésus resep pisan bisa digawé bareng jeung Bapana. (Sil. 8:30) Para malaikat gé tangtu senang sabab bisa ningali langsung Yéhuwa jeung Yésus nyiptakeun langit jeung bumi. Naon buktina? Para malaikat ”sarurak bungah” waktu bumi diciptakeun, sarta muji Yéhuwa waktu Mantenna nyiptakeun hal-hal séjénna, utamana waktu nyiptakeun manusa. (Ayub 38:7; Sil. 8:31) Unggal ciptaan ngabuktikeun yén Yéhuwa téh nyaahan jeung bijaksana.​—Jab. 104:24; Rum 1:20, Sunda Formal [SF].

3. Sakumaha nu dijelaskeun dina 1 Korinta 15:21, 22, naon mangpaatna korban tebusan Yésus?

3 Yéhuwa hayang manusa hirup langgeng di bumi nu geus diciptakeun ku Mantenna. Tapi Adam jeung Hawa barontak ka Yéhuwa, jadi maranéhna teu bisa deui hirup langgeng. Maranéhna jeung kabéh turunanana bakal maot. (Rum 5:12) Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Yéhuwa langsung ngajelaskeun naon nu bakal dilakukeun ku Mantenna pikeun nyalametkeun manusa. (Kaj. 3:15) Yéhuwa bakal nyadiakeun tebusan supaya turunan Adam jeung Hawa bisa dibébaskeun tina dosa jeung maot. Ku kituna, kabéh manusa nu milih ngawula Mantenna bisa hirup langgeng.​—Yoh. 3:16; Rum 6:23, Terjemahan Dunia Baru [NW]; baca 1 Korinta 15:21, 22, SF.

4. Urang bakal ngabahas pananya naon waé?

4 Urang pasti hayang nyaho leuwih loba ngeunaan pihudangeunana nu maot. Contona, waktu nu maraot dihirupkeun deui, kira-kira bakal kumaha kajadianna? Waktu jalma nu dipikanyaah ku urang dihirupkeun deui, urang bakal apal teu ka maranéhna? Ku naon pihudangeunana nu maot téh bakal mawa kabungah? Tina dihirupkeunana nu maraot, urang diajar naon ngeunaan kanyaah, kabijaksanaan, jeung kasabaran Yéhuwa? Hayu urang bahas hiji-hiji.

KIRA-KIRA BAKAL KUMAHA KAJADIANNA?

5. Ku naon katingalina nu maot moal sakaligus dihirupkeun kabéh?

5 Liwat Putra-Na, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jutaan jalma nu geus maot. Katingalina mah, nu maraot moal sakaligus dihirupkeun kabéh. Ku naon? Sabab mun sakaligus, kaayaan bumi bakal kacow. Pan Yéhuwa mah Allah nu tartib, teu resep ka nu kacow. Kabéh kudu tartib supaya manusa bisa hirup tengtrem. (1 Kor. 14:33) Baheula, basa digawé bareng jeung Yésus, Yéhuwa bijaksana jeung sabar. Supaya bumi siap dicicingan ku manusa, bumi teu diciptakeun sakali jadi, tapi aya prosésna. Engké gé salila Pamaréntahan Sarébu Taun, Yésus bakal bijaksana jeung sabar. Yésus jeung jalma-jalma nu salamet tina Armagédon bakal digawé bareng pikeun nyiapkeun bumi supaya siap dicicingan ku jalma-jalma nu engkéna dihirupkeun deui.

Jalma-jalma nu salamet tina Armagédon bakal ngajarkeun ngeunaan Karajaan Allah jeung paréntah-Na ka jalma-jalma nu dihirupkeun deui (Tingali paragrap 6) *

6. Ceuk Rasul 24:15, saha waé nu bakal dihirupkeun deui ku Yéhuwa?

6 Nu pangpentingna, jalma-jalma nu salamet tina Armagédon téh kudu ngajarkeun ngeunaan Karajaan Allah jeung paréntah-Na ka jalma-jalma nu dihirupkeun deui. Ku naon? Sabab nu dihirupkeun deui téh kalolobaan mah ”nu jahat”, atawa nu teu bener. (Baca Rasul 24:15.) Maranéhna kudu nyieun loba parobahan sangkan bisa meunang mangpaat tina tebusan Kristus. Pék bayangkeun sakumaha lobana pagawéan urang pikeun ngajar jutaan jalma nu teu nyaho nanaon ngeunaan Yéhuwa. Na maranéhna bakal diajar hiji-hiji jiga diajar Alkitab ayeuna? Atawa na maranéhna bakal diajar di sidang-sidang, terus dilatih pikeun ngajar jalma-jalma nu dihirupkeun deui sanggeus maranéhna? Urang can nyaho pasti. Hayu urang dagoan jeung tingali engké. Tapi nu pasti mah, dina ahir Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus, ”sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN”. (Yes. 11:9) Kabayang sakumaha sibuk jeung senangna urang salila sarébu taun éta!

7. Ku naon umat Allah bakal saperasaan waktu ngabantu jalma-jalma nu dihirupkeun deui?

7 Salila sarébu taun engké, urang sabagé umat Yéhuwa masih perlu ngarobah kapribadian urang sangkan bisa nyenangkeun Mantenna. Jadi, urang bakal ngarti kumaha parasaan jalma-jalma nu dihirupkeun waktu urang mantuan maranéhna ngalawan pikiran jeung kahayang nu salah sarta hirup nuturkeun patokan Yéhuwa. (1 Pet. 3:8) Jalma-jalma nu dihirupkeun deui bakal ningali, umat Yéhuwa téh rendah haté sarta masih terus nyieun parobahan supaya bisa nyenangkeun Mantenna. (Pil. 2:12) Ku kituna, maranéhna gé pasti jadi hayang milu ngawula Yéhuwa.

URANG BAKAL APAL TEU KA NU DIHIRUPKEUN DEUI?

8. Ku naon katingalina urang bakal apal ka kulawarga atawa babaturan nu dihirupkeun deui?

8 Katingalina, jalma-jalma bakal apaleun mun jalma nu dipikanyaah ku maranéhna dihirupkeun deui. Ku naon? Aya sababaraha alesan, misalna mun ningali kumaha Yéhuwa ngahirupkeun deui jalma-jalma dina jaman baheula, katingalina engké gé Yéhuwa bakal nyiptakeun deui jalma-jalma ku rupa, cara ngomong, sarta pikiran nu sarua jiga saacan maranéhna maot. Terus, Yésus gé nyaruakeun nu maot jiga nu keur saré. Jadi waktu dihirupkeun deui, maranéhna téh jiga nu dihudangkeun tina saréna. (Mat. 9:18, 24; Yoh. 11:11-13) Mun jalma hudang saré, rupa, sora, jeung ingetanana moal barobah. Pikirkeun kisah Lasarus. Manéhna geus maot salila opat poé, jadi pasti awakna geus mulai ruksak. Tapi waktu Yésus ngahirupkeun deui manéhna, dulur-dulurna langsung apaleun ka manéhna. Lasarus gé langsung inget ka dulur-dulurna.​—Yoh. 11:38-44; 12:1, 2.

9. Ku naon nu dihirupkeun deui moal langsung boga awak jeung pikiran nu sampurna?

9 Nu dihirupkeun deui téh moal langsung sampurna. Yéhuwa mémang jangji, engké di Pirdaus moal aya saurang-urang acan nu ”udah-aduh ku panyakit”. (Yes. 33:24; Rum 6:7) Jadi, jalma nu dihirupkeun deui téh awakna bakal séhat, tapi moal langsung sampurna. Mun langsung sampurna mah, kulawarga jeung babaturanana moal apaleun ka manéhna. Jadi katingalina, pikeun sampurna téh butuh waktu jeung prosésna gé lalaunan, moal sakaligus. Éta bakal lumangsung salila Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. Dina ahir sarébu taun, Yésus bakal mulangkeun Karajaan ka Bapana. Engké, kabéh kahayang Yéhuwa geus ngawujud, kaasup nyieun kabéh manusa jadi sampurna.​—1 Kor. 15:24-28; Wahyu 20:1-3.

KU NAON PIHUDANGEUNANA NU MAOT TÉH BAKAL MAWA KABUNGAH?

10. Bakal kumaha parasaan Sadérék mun panggih deui jeung nu maraot?

10 Pék bayangkeun, kumaha rasana mun Sadérék panggih deui jeung kulawarga atawa babaturan nu geus maot? Saking ku bungahna, meureun Sadérék bakal seuseurian, atawa malah nepi ka ngeclak cipanon. Atawa meureun, Sadérék jadi hayang nyanyi muji Yéhuwa. Nu pasti mah, Sadérék bakal nyaah pisan ka Yéhuwa jeung Putra-Na nu geus ngahirupkeun deui nu maraot.

11. Sajalan jeung kekecapan Yésus dina Yohanes 5:28, 29, jalma-jalma nu nuturkeun patokan hirup ti Allah bakal kumaha?

11 Jalma-jalma nu dihirupkeun deui gé pasti bakal bungah pisan! Tapi, maranéhna kudu barobah. Maranéhna kudu miceun kapribadian heubeul sarta nuturkeun patokan hirup ti Allah. Nu daék barobah bakal hirup langgeng, tapi nu embung barobah mah moal diidinan hirup di Pirdaus.​—Yes. 65:20; baca Yohanes 5:28, 29.

12. Yéhuwa bakal méré berkah naon ka kabéh jalma di bumi?

12 Waktu Yésus maréntah, kabéh umat Allah bakal ngarasakeun benerna kekecapan dina Siloka 10:22 (NW), ”Nu ngabeungharkeun téh berkah Yéhuwa, jeung éta moal dibarengan ku kapeurih.” Ku bantuan roh suci, umat Allah bakal beuki beunghar sacara rohani. Maksudna, sipat-sipat maranéhna bakal beuki sarua jeung Kristus. Lila-lila, maranéhna gé bakal sampurna. (Yoh. 13:15-17; Epe. 4:23, 24) Terus unggal poé, awak maranéhna bakal beuki séhat. Pasti hirup téh bungah pisan! (Ayub 33:25) Mun mikirkeun nu maraot bakal dihirupkeun deui, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

NGAHARGAAN KANYAAH YÉHUWA

13. Sajalan jeung Jabur 139:1-4, kumaha pihudangeunana deui nu maot nunjukkeun Yéhuwa perhatian pisan ka urang?

13 Jiga nu geus dibahas, pas Yéhuwa ngahirupkeun deui nu maot, Mantenna bakal mulangkeun ingetan jeung sipat-sipat éta jalma saperti saacan manéhna maot. Naon hartina? Yéhuwa téh nyaah pisan ka Sadérék. Mantenna merhatikeun jeung inget kana sagala pikiran, parasaan, omongan, jeung kalakuan Sadérék. Jadi saupama Sadérék maot jeung kudu dihirupkeun deui, Mantenna bisa mulangkeun kabéh ingetan, sikep, jeung sipat Sadérék jiga saacan Sadérék maot. Raja Daud gé apal Yéhuwa perhatian pisan ka urang masing-masing. (Baca Jabur 139:1-4.) Kumaha parasaan Sadérék sanggeus apal sakumaha perhatianna Yéhuwa ka Sadérék?

14. Kumaha sakuduna parasaan urang sanggeus nyaho Yéhuwa téh apal sagala hal ngeunaan urang?

14 Na urang kudu sieun lantaran Yéhuwa apal sagala hal ngeunaan urang? Henteu. Mantenna merhatikeun téh lain jang néangan kasalahan urang, tapi lantaran bener-bener nyaah ka urang. Unggal jalma téh penting keur Yéhuwa. Mantenna inget pisan naon waé nu kaalaman ku urang nepi ka urang jadi jalma nu jiga ayeuna. Éta pasti ngagedékeun haté pisan! Jadi, urang sakuduna teu ngarasa sorangan. Unggal menitna, Yéhuwa aya di gigireun urang. Mantenna siap nulungan urang iraha waé.​—2 Bab. 16:9.

NGAHARGAAN KABIJAKSANAAN YÉHUWA

15. Kumaha pihudangeunana nu maot nunjukkeun Yéhuwa téh bijaksana?

15 Lantaran sieun maot, loba jalma kapaksa ngahianat ka babaturanna atawa ngalakukeun nu goréng. Maranéhna kapaksa ngalakukeun éta lantaran musuh-musuh nu dipangaruhan ku Sétan ngancam rék maéhan maranéhna. Tapi, ancaman jiga kitu mah moal mempan keur urang. Sanajan musuh maéhan urang, Yéhuwa bakal ngahirupkeun urang deui. (Wahyu 2:10) Urang yakin moal aya nu bisa megatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. (Rum 8:35-39) Harepan pihudangeunana nu maot téh nunjukkeun sakumaha bijaksanana Yéhuwa! Jadi, urang moal sieun waktu balad-baladna Sétan ngancam rék maéhan urang. Malah, urang bakal beuki wani jeung terus satia ka Yéhuwa.

Na putusan-putusan abdi nunjukkeun abdi percaya kana jangji Yéhuwa pikeun nyumponan pangabutuh abdi? (Tingali paragrap 16) *

16. Dua pananya naon nu kudu dipikirkeun ku Sadérék? Jawaban Sadérék nunjukkeun naon?

16 Lamun musuh ngancam rék maéhan, Sadérék percaya teu Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui Sadérék? Supaya bisa ngajawabna, pék pikirkeun, ’Na putusan abdi unggal poé nunjukkeun yén abdi percaya ka Yéhuwa?’ (Luk. 16:10) Terus, ’Na cara hirup abdi nunjukkeun yén abdi percaya Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh sapopoé mun abdi miheulakeun hal-hal rohani?’ (Mat. 6:31-33) Mun Sadérék ngajawab ’enya’ keur dua pananya tadi, éta nunjukkeun Sadérék percaya ka Yéhuwa. Sadérék gé bakal siap nyanghareupan tangtangan nu bakal datang.​—Sil. 3:5, 6.

NGAHARGAAN KASABARAN YÉHUWA

17. (a) Kumaha pihudangeunana nu maot nunjukkeun Yéhuwa téh sabar? (b) Kumaha carana nunjukkeun rasa sukur kana kasabaran Yéhuwa?

17 Yéhuwa geus nangtukeun iraha percisna dunya nu jahat ieu bakal diancurkeun. (Mat. 24:36) Mantenna sabar jeung moal ngancurkeun dunya ieu saacan waktuna. Sabenerna, Yéhuwa téh hayang pisan ngahirupkeun deui nu maot. (Ayub 14:14, 15) Tapi, Mantenna sabar ngadagoan waktu nu cocog. (Yoh. 5:28) Urang kudu nganuhunkeun pisan sabab Yéhuwa geus sabar. Pék pikirkeun: Lantaran Yéhuwa sabar, loba jalma, kaasup urang sorangan, boga kasempetan pikeun ’tobat tina dosa’. (2 Pet. 3:9) Yéhuwa hayang saloba-lobana jalma meunangkeun harepan hirup langgeng. Jadi, hayu tunjukkeun rasa sukur urang kana kasabaran Yéhuwa. Kumaha carana? Ku cara bener-bener néangan jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” sarta mantuan maranéhna nyaah jeung ngawula Yéhuwa. (Ras. 13:48, NW) Ku kituna, maranéhna gé bakal boga kasempetan nu sarua jiga urang.

18. Ku naon urang kudu sabar ka batur?

18 Yéhuwa bakal sabar ngadagoan urang sampurna, nyaéta nepi ka ahir sarébu taun. Saacan urang sampurna, Yéhuwa bakal terus ngahampura dosa-dosa urang. Jadi, urang gé sakuduna nyonto Mantenna, sarta ningali hal-hal hadé ti batur jeung sabar ka maranéhna. Pikirkeun pangalaman saurang sadérék istri. Salakina téh déprési, terus lila-lila jadi eureun masamoan. Sadérék istri éta nyarita, ”Mani beurat pisan. Kabéh rencana urang sakulawarga gagal.” Tapi, manéhna terus sabar ka salakina. Manéhna gé ngandelkeun Yéhuwa jeung teu pernah nyerah. Manéhna nyonto Yéhuwa, ningali hal-hal hadé ti salakina. Ceuk manéhna, ”Salaki urang téh bageur, manéhna gé terus upaya keur nyanghareupan masalah ieu.” Jadi, urang gé kudu sabar ka kulawarga atawa anggota sidang nu keur nyanghareupan kasusah!

19. Naon sakuduna tékad urang?

19 Yésus jeung para malaikat gumbira waktu bumi diciptakeun. Engké aranjeunna pasti bakal leuwih gumbira deui waktu ningali bumi pinuh ku manusa sampurna nu nyaah jeung ngawula Yéhuwa. Terus, bayangkeun ogé sakumaha gumbirana jalma-jalma nu bakal maréntah bareng Yésus di sawarga. Maranéhna ningali, nu geus dilakukeun ku maranéhna téh aya mangpaatna keur umat manusa. (Wahyu 4:4, 9-11; 5:9, 10) Urang gé bisa ngabayangkeun, engké moal aya deui nu ceurik lantaran sedih. Engké mah jalma-jalma ceurik téh lantaran gumbira. Terus moal aya deui nu gering, sangsara, jeung maot. (Wahyu 21:4) Bari ngadagoan éta kabéh, urang kudu boga tékad pikeun nyonto Bapa urang nu nyaahan, bijaksana, jeung sabar. Ku kituna urang bakal terus bungah, teu sual naon masalah nu disanghareupan ku urang. (Yak. 1:2-4) Urang pasti nganuhunkeun lantaran Yéhuwa geus jangji bakal aya ’pihudangeunana nu maot’!​—Ras. 24:15.

KAWIH 141 Kahirupan téh Mujijat

^ par. 5 Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan, bijaksana, jeung sabar. Sipat-sipat éta katingali tina cara Mantenna nyiptakeun sagala hal jeung tina jangji-Na pikeun ngahirupkeun deui nu maot. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha pananya ngeunaan pihudangeunana nu maot. Urang gé bakal diajar carana ngahargaan kanyaah, kabijaksanaan, jeung kasabaran Allah.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Urang Indian (pribumi di Amerika) nu maot ratusan taun katukang, dihirupkeun deui di Pirdaus. Saurang sadérék nu salamet tina Armagédon bungah ngajarkeun lalaki éta carana meunangkeun mangpaat tina tebusan Kristus.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék méré nyaho bosna yén aya poé-poé husus unggal mingguna nu dipaké keur ibadah, jadi manéhna moal bisa digawé lembur dina poé-poé éta. Tapi dina poé-poé séjénna, manéhna daék digawé lembur.