Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 34

Sadérék téh Dibutuhkeun di Sidang!

Sadérék téh Dibutuhkeun di Sidang!

”Kristus teh lir hiji badan rupa-rupa bagianana, sanajan babagianana rupa-rupa, wujud badanna mah hiji.”​—1 KOR. 12:12.

KAWIH 101 Digawé Sauyunan

NU DIBAHAS *

1. Urang meunang kahormatan naon?

NGAGABUNG jeung umat Yéhuwa téh kahormatan nu luar biasa! Urang ngarasa tengtrem jeung bungah sabab bisa ibadah bareng jeung dulur-dulur saiman di sidang. Naon nu bisa Sadérék lakukeun keur sidang?

2. Paulus méré ibarat naon dina surat-suratna?

2 Mun maca surat-surat Paulus, urang bakal apal naon nu bisa urang lakukeun keur sidang. Dina surat-suratna, Paulus nyaruakeun sidang jeung awak jelema. Manéhna gé nyaruakeun anggota sidang jeung bagian-bagian awak.​—Rum 12:4-8; 1 Kor. 12:12-27; Epe. 4:16.

3. Urang bakal ngabahas tilu palajaran naon?

3 Urang masing-masing dibutuhkeun di sidang sabab urang kabéh bisa nguatkeun sidang, teu sual naon étnik jeung suku bangsa urang, atawa kumaha status ékonomi, status sosial, kabudayaan, jeung pendidikan urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu palajaran penting tina ibarat Paulus. Kahiji, urang bakal ngabahas yén urang masing-masing téh dibutuhkeun di sidang. Kadua, urang bakal ngabahas naon nu bisa urang lakukeun lamun urang ngarasa teu dibutuhkeun di sidang. Jeung katilu, urang bakal ngabahas ku naon urang kudu tetep sibuk ngajalankeun tugas urang di sidang.

URANG MASING-MASING DIBUTUHKEUN DI SIDANG

4. Urang diajar naon tina Rum 12:4, 5?

4 Palajaran kahiji tina ibarat Paulus téh nyaéta urang masing-masing dibutuhkeun dina kulawarga Yéhuwa. Mimitina, Paulus nyebutkeun, ”Lir upama badan, hiji tapi anggahotana rupa-rupa, kaayaan urang oge kitu. Lobaan, rupa-rupa, tapi ku sabab geus ngahiji jeung Kristus, urang teh geus dihijikeun jadi sabadan.” (Rum 12:4, 5) Naon maksudna? Sanajan nu bisa dilakukeun ku urang téh béda-béda, urang masing-masing dibutuhkeun di sidang.

Urang boga kurnia nu béda-béda, tapi unggal anggota sidang téh dibutuhkeun (Tingali paragrap 5-12) *

5. Yéhuwa méré ”kurnia-kurnia” naon ka sidang?

5 Mun mikirkeun jalma-jalma nu dibutuhkeun ku sidang, meureun Sadérék langsung kabayang priya-priya nu boga tanggung jawab pikeun mingpin. (1 Tes. 5:12; Ibr. 13:17) Éta téh mémang bener. Liwat Kristus, Yéhuwa geus méré ”kurnia-kurnia” ka sidang mangrupa priya-priya éta. (Epe. 4:8) Maranéhna téh kaasup anggota Badan Pingpinan, asistén Badan Pingpinan, anggota Panitia Cabang, para pangawas wilayah, instruktur sakola, kokolot, jeung palayan sidang. Kabéh priya ieu téh dilantik ku roh suci pikeun ngurus domba-domba nu dipikanyaah ku Yéhuwa jeung pikeun nguatkeun sidang.​—1 Pet. 5:2, 3.

6. Ceuk 1 Tesalonika 2:6-8, naon nu diupayakeun ku priya-priya nu dilantik ku roh suci?

6 Priya-priya nu dilantik ku roh suci ieu boga tanggung jawab nu béda-béda. Éta téh ibarat bagian awak nu béda-béda, jiga leungeun jeung suku. Sanajan gunana béda, duanana mangpaat keur sakabéh awak. Kitu ogé, priya-priya tadi digawé keur kapentingan sakabéh anggota sidang. Maranéhna teu hayang kapuji, justru sabisa-bisa hayang nguatkeun dulur-dulur saiman. (Baca 1 Tesalonika 2:6-8.) Urang tangtu nganuhunkeun ka Yéhuwa nu geus méré priya-priya rohani nu teu mentingkeun diri ieu!

7. Naon berkah nu ditarima ku para palayan sapinuh waktu?

7 Meureun di sidang aya nu dilantik jadi panaratas biasa, panaratas istiméwa, atawa utusan injil. Di sakuliah dunya, loba dulur saiman nu jadi para palayan sapinuh waktu. Pagawéan utama maranéhna téh ngawawar jeung ngajadikeun murid. Maranéhna geus ngabantu loba jalma jadi murid Yésus Kristus. Sanajan maranéhna teu boga loba duit, hirup maranéhna pinuh ku berkah ti Yéhuwa. (Mar. 10:29, 30) Tangtu urang nyaah ka maranéhna jeung nganuhunkeun kana naon nu geus dilakukeun ku maranéhna keur sidang!

8. Ku naon unggal pawarta téh penting dina pandangan Yéhuwa?

8 Na anu dibutuhkeun ku sidang téh ngan priya-priya nu dilantik jeung sadérék-sadérék nu ngawula sapinuh waktu wungkul? Henteu! Unggal pawarta téh penting dina pandangan Allah jeung sidang. (Rum 10:15; 1 Kor. 3:6-9) Ku naon? Sabab urang kabéh ngajalankeun salah sahiji tugas nu pangpentingna, nyaéta ngabantu jalma-jalma jadi murid Yésus. (Mat. 28:19, 20; 1 Tim. 2:4) Kabéh pawarta, boh nu geus dibaptis boh nu acan, hayang ngutamakeun tugas ieu dina kahirupan.​—Mat. 24:14.

9. Ku naon urang nyaah ka para sadérék istri?

9 Kumaha jeung para sadérék istri? Yéhuwa gé nganggap maranéhna penting. Yéhuwa ngahargaan para ibu, pamajikan, randa, jeung sadérék-sadérék istri nu can kawin nu terus satia ka Mantenna. Alkitab gé sering nyaritakeun ngeunaan para wanita nu nyenangkeun Allah. Maranéhna téh dipuji lantaran bijaksana, boga iman, sumanget, wani, béréhan, jeung bageur ka batur. (Luk. 8:2, 3; Ras. 16:14, 15; Rum 16:3, 6; Pil. 4:3; Ibr. 11:11, 31, 35) Para sadérék istri di sidang gé nunjukkeun sipat-sipat éta. Ku kituna, urang tangtu nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa ku ayana para wanita Kristen ieu!

10. Ku naon urang ngahargaan sadérék-sadérék nu geus sepuh?

10 Urang gé diberkahan ku ayana sadérék-sadérék nu geus sepuh di sidang. Di sababaraha sidang, aya sadérék-sadérék nu geus sepuh nu saumur-umur satia ngawula Yéhuwa, atawa aya ogé nu can lila diajar bebeneran. Bisa jadi, maranéhna téh boga masalah kaséhatan. Ku kituna, meureun maranéhna jadi teu bisa ngalakukeun loba hal keur sidang atawa dina dines. Tapi, maranéhna téh geus méré nu panghadéna dina dines pangwawaran. Maranéhna gé sabisa-bisa nguatkeun jeung ngalatih batur! Urang tangtu diajar loba hal tina pangalaman maranéhna. Maranéhna téh penting sarta dipikanyaah pisan ku Yéhuwa jeung ku urang.​—Sil. 16:31.

11-12. Kumaha barudak ngora di sidang nguatkeun Sadérék?

11 Pikirkeun ogé barudak ngora di sidang. Maranéhna téh nyanghareupan loba masalah lantaran hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan si Iblis jeung pinuh ku pangajaran-pangajaran palsuna. (1 Yoh. 5:19) Urang pasti gedé haté mun ningali maranéhna méré koméntar dina pasamoan, miluan dines, jeung wani ngabéla kapercayaanna. Barudak ngora, hidep téh dibutuhkeun di sidang!​—Jab. 8:2, Terjemahan Dunia Baru.

12 Sanajan kitu, masih tetep aya sadérék-sadérék nu ngarasa teu dibutuhkeun di sidang. Kumaha supaya urang masing-masing teu ngarasa jiga kitu? Hayu urang bahas.

SING YAKIN SADÉRÉK TÉH DIBUTUHKEUN

13-14. Ku naon aya nu ngarasa teu dibutuhkeun di sidang?

13 Hayu tingali palajaran kadua tina ibarat Paulus. Ieu aya hubunganana jeung masalah nu disanghareupan ku loba dulur saiman dina jaman ayeuna, nyaéta ngarasa dirina teu dibutuhkeun di sidang. Paulus nulis, ”Sanajan upamana ceuk suku, ’Kami mah teu kaasup badan da lain leungeun,’ teu bisa dilain-lain yen suku lain bagian badan. Sanajan upamana ceuk ceuli, ’Kami mah teu kaasup badan da lain mata,’ teu bisa disebutkeun yen ceuli lain babagian badan.” (1 Kor. 12:15, 16) Naon palajaranna?

14 Mun ngabanding-bandingkeun diri jeung batur, bisa jadi Sadérék ngarasa diri teu dibutuhkeun di sidang. Meureun batur mah ngajarna jago, tarampil ngatur sidang, atawa pinter nguatkeun dulur-dulur saiman. Bisa jadi, Sadérék ngarasa teu bisa jiga maranéhna. Ieu téh sabenerna nunjukkeun Sadérék rendah haté. (Pil. 2:3) Tapi kadé, mun Sadérék teterusan ngabandingkeun diri jeung maranéhna, Sadérék bisa leutik haté. Malah Sadérék jadi bisa ngarasa teu dibutuhkeun sama sakali di sidang. Mun ngarasa jiga kitu, Sadérék kudu kumaha?

15. Naon nu disebutkeun dina 1 Korinta 12:4-11 ngeunaan kurnia nu dibéré ka urang?

15 Pék pikirkeun, Yéhuwa méré kurnia sacara mujijat ka sababaraha urang Kristen dina abad kahiji. Maranéhna dibéré kurnia nu béda-béda. (Baca 1 Korinta 12:4-11.) Sanajan kurnia jeung kamampuhna béda-béda, kabéh urang Kristen éta dihargaan. Kiwari, urang mémang teu dibéré kurnia sacara mujijat deui. Tapi, kaayaan urang jeung murid Yésus dina abad kahiji téh sarua. Najan kamampuh urang béda-béda, urang kabéh dihargaan pisan ku Yéhuwa.

16. Naon naséhat ti Rasul Paulus nu kudu dituturkeun?

16 Ti batan ngabanding-bandingkeun diri jeung dulur saiman, mending urang nuturkeun naséhat ti Rasul Paulus, ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.”​—Gal. 6:4.

17. Urang meunang mangpaat naon lamun nuturkeun naséhat Paulus?

17 Lamun urang nuturkeun naséhat ti Paulus jeung mariksa kalakuan sorangan, meureun urang jadi sadar, geuning urang téh boga kurnia jeung kamampuh nu teu dipiboga ku batur. Misalna, aya kokolot nu hutbahna mah meureun teu pati alus, tapi manéhna bisa mantuan loba jalma pikeun jadi murid Yésus. Atawa bisa jadi manéhna teu pinter ngatur sidang, tapi manéhna téh bageur jeung soméah, jadi para pawarta laluasa ménta naséhat ka manéhna. Atawa meureun, manéhna resep narima tamu. (Ibr. 13:2, 16) Mun urang apal kana kurnia urang sorangan, urang bakal ngarasa dibutuhkeun ku sidang. Urang gé moal sirik deui ka dulur-dulur saiman nu kurniana béda ti urang.

18. Kumaha carana supaya urang bisa leuwih tarampil ngajar batur?

18 Teu sual naon kurnia urang, urang kabéh kudu boga tékad supaya leuwih getol dines jeung leuwih tarampil ngajar batur. Pikeun ngabantu urang, Yéhuwa méré palatihan-palatihan liwat organisasi-Na. Misalna dina pasamoan tengah minggu, urang diajar carana leuwih tarampil dina dines. Na Sadérék geus nyoba cara-cara éta dina dines?

19. Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék supaya bisa miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan?

19 Palatihan séjénna nu luar biasa téh nyaéta Sekolah bagi Penginjil Kerajaan. Nu bisa miluan sakola ieu nyaéta sadérék-sadérék nu ngawula dina dines sapinuh waktu sarta umurna antara 23 nepi ka 65 taun. Nya meureun Sadérék mikir, Sadérék mah moal pernah bisa miluan sakola ieu. Tapi ti batan mikirkeun alesan-alesan Sadérék teu bisa miluan, mending pikirkeun naon waé alesanna Sadérék hayang miluan sakola ieu. Terus, jieun rencana supaya Sadérék bisa nyumponan saratna. Ku bantuan Yéhuwa jeung ku upaya Sadérék, naon nu katingalina mustahil téh bisa jadi kanyataan!

GUNAKEUN KURNIA SADÉRÉK JANG NGUATKEUN SIDANG

20. Urang diajar naon tina Rum 12:6-8?

20 Palajaran katilu tina ibarat Paulus téh aya dina Rum 12:6-8. (Baca.) Paulus ngajelaskeun deui yén anggota sidang téh boga kurnia nu béda-béda. Tapi ayeuna mah, manéhna ngajurung urang ngagunakeun kurnia masing-masing jang nguatkeun dulur-dulur saiman.

21-22. Urang diajar naon tina pangalaman Robert jeung Felice?

21 Pikirkeun pangalaman saurang kokolot nu ngaranna Robert. * Manéhna téh ditugaskeun di luar nagri. Tapi sakali waktu, manéhna dititah balik ka nagrina jeung ditugaskeun di Bétel. Sanajan geus diyakinkeun yén parobahan tugas ieu téh lain gara-gara salahna, manéhna ngomong, ”Angger wé, salila mangbulan-bulan urang kuciwa lantaran ngarasa geus gagal ngajalankeun tugas. Urang sering mikir, mendingan urang kaluar ti Bétel.” Kumaha manéhna bisa bungah deui ngalayanan Yéhuwa? Aya kokolot nu ngingetan manéhna yén Yéhuwa ngalatih urang dina tugas-tugas saacanna ambéh urang bisa leuwih kapaké dina tugas nu ayeuna. Robert sadar, manéhna teu meunang teterusan mikirkeun nu geus liwat, tapi kudu mikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku manéhna ayeuna.

22 Sadérék Felice Episcopo boga masalah nu sarua. Manéhna jeung pamajikanana lulus ti Sakola Giléad dina taun 1956, terus ditugaskeun ka Bolivia. Tuluy dina taun 1964, maranéhna boga budak. Ceuk Felice, ”Mani asa beurat pisan kudu ninggalkeun tugas nu penting ieu. Jujur wé, kira-kira salila sataun urang kuciwa. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa ngarobah cara pikir jeung leuwih siap ngajalankeun tanggung jawab sabagé kolot.” Na Sadérék ngarasakeun nu sarua jiga Robert jeung Felice? Na Sadérék leutik haté lantaran geus teu boga tugas jiga baheula? Mun kitu, Sadérék bakal leuwih bagja lamun ngarobah cara pikir Sadérék. Pikirkeun naon nu bisa dilakukeun ayeuna keur ngalayanan Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. Pék terus gunakeun kurnia Sadérék pikeun mantuan batur. Sadérék pasti bungah mun nguatkeun dulur-dulur saiman.

23. Urang kudu mikirkeun naon? Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

23 Urang masing-masing téh penting keur Yéhuwa. Mantenna hayang urang ngagabung jeung kulawarga-Na. Lamun urang mikirkeun naon waé nu bisa dilakukeun jang nguatkeun dulur-dulur saiman, tuluy urang upaya ngalakukeunana, urang moal ngarasa teu dibutuhkeun di sidang! Tapi, kumaha pandangan urang ka dulur-dulur saiman di sidang? Kumaha carana urang nunjukkeun yén urang nyaah jeung ngahargaan maranéhna? Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas hal ieu.

KAWIH 24 Hayu ka Gunung Yéhuwa

^ par. 5 Urang kabéh pasti hayang ngarasa aya gunana keur Yéhuwa. Tapi, kadang urang bingung, naon nu bisa urang lakukeun keur Mantenna. Artikel ieu bakal ngabahas yén urang masing-masing téh dibutuhkeun di sidang.

^ par. 21 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Tilu gambar ieu nunjukkeun naon nu kajadian saacan, salila, jeung sanggeus pasamoan. Gambar 1: Saurang kokolot soméah ka nu kakara datang, saurang budak ngora nyiapkeun alat-alat tata suara, sarta saurang sadérék istri keur ngobrol jeung nu geus sepuh. Gambar 2: Boh nu ngora boh nu kolot hayang méré koméntar dina palajaran Warta Hadé. Gambar 3: Salaki pamajikan milu bebersih Balé Karajaan. Saurang sadérék mantuan budakna ngasupkeun duit kana kotak sumbangan. Saurang sadérék ngora ngurus bacaan-bacaan, jeung sadérék séjén nguatkeun sadérék istri nu geus sepuh.