Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 33

Bungah Ngajalankeun Tugas ti Yéhuwa

Bungah Ngajalankeun Tugas ti Yéhuwa

”Tarima ku nu geus aya, ulah hayang leuwih loba.”​—PAN. 6:9.

KAWIH 111 Sumber Kabungah Urang

NU DIBAHAS *

1. Kumaha sadérék-sadérék upaya pikeun ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan?

 DUNYA ieu geus téréh diancurkeun, tapi loba kénéh nu kudu digawékeun ku urang. (Mat. 24:14; Luk. 10:2; 1 Pet. 5:2) Jadi, urang hayang sabisa-bisa ngawula Yéhuwa. Loba sadérék ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Aya nu ngupayakeun jadi panaratas, nu séjénna ngupayakeun pikeun ngawula di Bétel atawa jadi rélawan proyék pangwangunan, jeung loba sadérék pameget upaya pikeun minuhan sarat jadi palayan sidang atawa kokolot. (1 Tim. 3:1, 8) Tangtu Yéhuwa bungah ningali umat-Na sumanget dina palayanan!​—Jab. 110:3; Yes. 6:8.

2. Bisa jadi, kumaha parasaan urang mun can bisa ngahontal cita-cita rohani?

2 Urang bisa waé leutik haté mun can bisa ngahontal cita-cita rohani, padahal geus lila ngadagoanana. Atawa, urang bisa leutik haté mun urang teu bisa ngahontal cita-cita rohani lantaran urang geus kolot teuing atawa alesan séjénna. (Sil. 13:12) Contona téh Melissa. * Manéhna téh hayang ngawula di Bétel atawa miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan. Tapi ceuk manéhna, ”Abdi téh geus kolot teuing, jadi ayeuna mah cita-cita éta ngan saukur impian hungkul. Kadang abdi ngarasa leutik haté.”

3. Naon anu kudu dilakukeun ku sababaraha sadérék supaya bisa dibéré leuwih loba tugas dina palayanan?

3 Meureun, sababaraha sadérék nu ngora jeung séhat perlu ngamekarkeun sipat-sipat Kristen heula mun hayang dibéré leuwih loba tugas di sidang. Bisa jadi, maranéhna téh pinter, gancang nyieun putusan, jeung sumanget. Tapi, maranéhna perlu upaya supaya bisa leuwih sabar, leuwih taliti dina ngagawékeun tugas, jeung leuwih ngahargaan batur. Lamun maranéhna ngamekarkeun sipat-sipat éta, bisa waé henteu disangka-sangka maranéhna dibéré tugas. Perhatikeun pangalaman Nick. Waktu umur 20 taun, manéhna kuciwa pisan sabab teu dilantik jadi palayan sidang. Nick ngomong, ”Jigana aya nu salah dina diri abdi.” Tapi manéhna teu nyerah. Manéhna tetep ngalakukeun anu panghadéna di sidang jeung dina dines. Ayeuna, manéhna ngawula sabagé anggota Panitia Cabang.

4. Naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Na Sadérék leutik haté lantaran can bisa ngahontal cita-cita rohani Sadérék? Lamun kitu, pék ngadoa ka Yéhuwa jeung caritakeun parasaan Sadérék. (Jab. 37:5-7) Geus kitu, pénta naséhat ka dulur-dulur saiman nu boga loba pangalaman. Tanyakeun hal-hal naon waé nu kudu ditingkatkeun ku Sadérék dina palayanan. Terus sabisa-bisa tuturkeun naséhatna. Ku kituna, meureun Sadérék bakal bisa ngahontal cita-cita rohani Sadérék. Tapi jiga Melissa, meureun Sadérék teu bisa ngahontal cita-cita rohani Sadérék. Mun kitu, kumaha supaya Sadérék bisa tetep bungah? Pikeun ngajawab pananya éta, artikel ieu bakal ngabahas (1) hal naon nu bisa nyieun urang bungah, (2) kumaha carana supaya urang bisa leuwih bungah, jeung (3) cita-cita naon waé nu bisa urang tetepkeun supaya urang bisa leuwih bungah.

NAON NU BISA NYIEUN URANG BUNGAH?

5. Kumaha carana supaya urang bungah? (Pandita 6:9)

5 Pandita 6:9 ngajelaskeun carana supaya urang bisa leuwih bungah. (Baca.) Jalma anu narimakeun hal-hal ”nu geus aya” bakal ngahargaan nu dipibogana. Tapi, ari nu hayang leuwih loba mah moal pernah ngarasa cukup. Naon palajaranana? Supaya leuwih bungah, urang kudu narimakeun hal-hal nu geus aya jeung netepkeun cita-cita nu bisa dihontal.

6. Ibarat naon anu bakal urang bahas, jeung urang bakal diajar naon tina ibarat éta?

6 Loba jalma mikir, maranéhna moal bisa ngarasa cukup ku pangabogana, sabab manusa mah hayang boga atawa ngalakukeun hal-hal anu anyar. Tapi, sabenerna urang téh bisa resep jeung ngarasa cukup ku ”nu geus aya”. Kumaha carana? Hayu urang perhatikeun ibarat Yésus ngeunaan talénta anu dicatet dina Mateus 25:14-30. Urang bakal diajar kumaha carana supaya urang bisa leuwih bungah ku pangaboga urang ayeuna.

KUMAHA CARANA SUPAYA URANG BISA LEUWIH BUNGAH?

7. Caritakeun sacara singget ibarat Yésus ngeunaan talénta.

7 Dina ibarat nu dicaritakeun ku Yésus, aya saurang dunungan nu rék indit ka nagri nu jauh. Saacan indit, manéhna ngumpulkeun palayan-palayanna tuluy nitipkeun talénta pikeun digolangkeun. * Manéhna apal, unggal palayanna téh boga kasanggupan nu béda-béda. Jadi, manéhna méré lima talénta ka palayan nu kahiji, dua talénta ka palayan nu kadua, jeung hiji talénta ka palayan nu katilu. Palayan kahiji jeung kadua getol ngagolangkeun duit dununganana. Tapi, palayan nu katilu mah teu ngagolangkeun duit dununganana, jadi manéhna dipecat.

8. Ku naon palayan nu kahiji ngarasa bungah?

8 Palayan nu kahiji pasti bungah pisan lantaran dibéré lima talénta ku dununganana. Jumlahna téh meni loba pisan. Éta nunjukkeun dununganana percaya pisan ka manéhna! Tapi, kumaha jeung palayan nu kadua? Bisa waé manéhna leutik haté lantaran ngan narima dua talénta. Tapi kumaha sikep manéhna?

Urang bisa diajar naon ti palayan kadua nu dicaritakeun dina ibarat Yésus? (1) Manéhna dibéré dua talénta ku dununganana. (2) Manéhna getol ngagolangkeun taléntana supaya dununganana meunang untung. (3) Untungna dua kalieun (Tingali paragrap 9-11)

9. Naon nu teu disebutkeun ku Yésus ngeunaan palayan nu kadua? (Mateus 25:22, 23)

9 Baca Mateus 25:22, 23 (Sunda Formal). Yésus teu nyebutkeun palayan anu kadua jadi ambek jeung kuciwa lantaran ngan dibéré dua talénta. Manéhna gé henteu kukulutus, ’Urang ngan dibéré sakieu? Pan urang gé digawéna getol jiga palayan anu kahiji. Mun dunungan teu percaya mah, geus wéh taléntana rék dikubur! Urang moal digawé keur manéhna, rék digawé keur sorangan wéh.’

10. Waktu dibéré talénta, naon nu dilakukeun ku palayan nu kadua?

10 Jiga palayan nu kahiji, palayan nu kadua ngarti yén tugas nu dibéré téh tugas penting. Jadi, manéhna bener-bener digawé jeung ngagolangkeun taléntana. Hasilna, dununganana senang. Palayan éta gé dipercayakeun leuwih loba tugas!

11. Kumaha carana supaya urang leuwih bungah?

11 Kitu ogé, urang bisa leuwih bungah dina palayanan lamun bener-bener ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Sing getol dina dines jeung sabisa-bisa ngajalankeun tugas di sidang. (Ras. 18:5; Ibr. 10:24, 25) Saacan masamoan, siapkeun bahanna supaya bisa méré koméntar nu nguatkeun. Mun meunang tugas dina pasamoan tengah minggu, kudu persiapan bener-bener. Atawa mun dipénta ngalakukeun hiji tugas di sidang, urang kudu tanggung jawab jeung ulah ngaengké-engké. Ulah nganggap tugasna téh teu penting jeung miceunan waktu. Pék upaya supaya leuwih tarampil dina ngalakukeun tugas éta. (Sil. 22:29) Lamun urang bener-bener digawé keur Yéhuwa, urang bakal jadi sobat-Na jeung bungah pisan. (Gal. 6:4) Urang gé bakal milu bungah lamun batur narima tugas nu dipikahayang ku urang.​—Rum 12:15; Gal. 5:26.

12. Naon anu dilakukeun ku Melissa jeung Nick supaya bisa tetep bungah?

12 Melissa, nu tadi dicaritakeun dina paragrap 2, teu bisa ngawula di Bétel atawa miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan. Najan kitu, manéhna ngomong, ”Abdi upaya pikeun ngalakukeun nu panghadéna dina dines panaratas jeung nyobaan rupa-rupa cara pikeun ngawawar. Abdi jadi bungah pisan.” Terus Nick, anu pernah kuciwa lantaran teu dilantik jadi palayan sidang, ngomong, ”Abdi ngalakukeun naon nu bisa dilakukeun, jiga ngawawar jeung méré koméntar dina pasamoan. Abdi gé ngadaptar pikeun ngawula di Bétel. Taun hareupna, abdi ngawula di ditu.”

13. Naon hasilna lamun Sadérék bener-bener ngagawékeun tugas Sadérék ayeuna? (Pandita 2:24)

13 Lamun Sadérék bener-bener ngagawékeun tugas Sadérék ayeuna, na ka hareupna Sadérék bisa narima leuwih loba tugas? Bisa waé, jiga Nick. Tapi lamun henteu, jiga Melissa, Sadérék bisa leuwih bungah jeung bagja lantaran geus méré nu panghadéna keur Yéhuwa. (Baca Pandita 2:24.) Sadérék gé bakal leuwih bungah lantaran naon nu dilakukeun ku Sadérék téh nyenangkeun Dunungan urang, Yésus Kristus.

CITA-CITA NU BISA NYIEUN URANG LEUWIH BUNGAH

14. Najan geus méré nu panghadéna keur Yéhuwa, naon nu masih kudu urang upayakeun?

14 Mun urang geus méré nu panghadéna keur Yéhuwa, na urang masih kudu upaya pikeun ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan? Enya. Urang kudu terus netepkeun cita-cita rohani. Mun boga cita-cita rohani, urang bisa jadi pawarta jeung guru anu leuwih tarampil. Urang gé bisa leuwih kajurung pikeun ngabantu dulur saiman. Urang bisa ngahontal cita-cita éta mun urangna henteu mentingkeun diri jeung daék mikirkeun batur.​—Sil. 11:2; Ras. 20:35.

15. Cita-cita rohani naon waé nu bisa nyieun Sadérék leuwih bagja?

15 Cita-cita rohani naon nu bisa Sadérék tetepkeun? Pék pénta kabijaksanaan ti Yéhuwa supaya Sadérék nyaho cita-cita rohani naon nu bisa dihontal ku Sadérék. (Sil. 16:3; Yak. 1:5) Sadérék bisa nyoba pikeun ngahontal cita-cita rohani jiga nu disebutkeun dina  paragrap 1, misalna jadi panaratas ékstra atawa panaratas biasa, ngawula di Bétel, atawa jadi rélawan pangwangunan. Sadérék gé bisa diajar basa anyar supaya bisa ngawula di daérah séjén nu ngagunakeun basa éta. Mun Sadérék hayang ngahontal cita-cita rohani éta, pék baca buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yehuwa pasal 10 jeung pénta naséhat ti para kokolot. * Lamun Sadérék terus upaya pikeun ngahontal cita-cita rohani, dulur-dulur saiman bakal ningali kamajuan rohani Sadérék. Sadérék gé bakal leuwih bagja.

16. Kumaha mun ayeuna Sadérék can bisa ngahontal cita-cita rohani?

16 Tapi, kumaha mun ayeuna Sadérék can bisa ngahontal salah sahiji cita-cita rohani éta? Pék tetepkeun cita-cita rohani séjén anu cocog jeung kaayaan Sadérék. Perhatikeun sababaraha contona.

Cita-cita rohani naon nu bisa dihontal ku Sadérék? (Tingali paragrap 17) *

17. Dumasar 1 Timoteus 4:13, 15, kumaha carana supaya sadérék pameget bisa leuwih tarampil dina ngajar?

17 Baca 1 Timoteus 4:13, 15. Sadérék-sadérék pameget nu geus dibaptis, na Sadérék bisa ningkatkeun katarampilan ngajar Sadérék? Ku naon éta téh penting? Lamun Sadérék bener-bener upaya ngarah leuwih tarampil dina maca, nepikeun hutbah, jeung ngajar, éta bakal méré loba mangpaat keur dulur-dulur saiman. Pék tetepkeun tujuan pikeun diajar jeung ngalarapkeun katarampilan ngajar nu aya dina brosur Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar. Pilih rék diajar katarampilan nu mana heula, terus latihan bener-bener, jeung larapkeun waktu Sadérék nepikeun hutbah. Terus, Sadérék bisa ménta naséhat ti panaséhat ékstra atawa ti para kokolot nu tarampil dina nepikeun hutbah jeung ngajar. * (1 Tim. 5:17) Tong ngan saukur mikirkeun kumaha carana Sadérék bisa leuwih tarampil. Tapi, pikirkeun kumaha carana Sadérék bisa nguatkeun iman jeung ngajurung dulur-dulur saiman nyieun tindakan. Ku kituna, Sadérék jeung maranéhna bisa leuwih bagja.

Cita-cita rohani naon nu bisa dihontal ku Sadérék? (Tingali paragrap 18) *

18. Naon anu bisa ngabantu urang leuwih tarampil dina dines?

18 Urang kabéh dibéré tugas pikeun ngawawar jeung ngabantu batur jadi murid. (Mat. 28:19, 20; Rum 10:14) Na Sadérék hayang leuwih tarampil dina pagawéan nu penting ieu? Pék diajar tina brosur Ngajar, terus upayakeun pikeun ngalarapkeun palajaranana. Sadérék gé bisa ningali saran-saran nu alus tina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan Kristen sarta tina vidéo-vidéo anu disetél dina pasamoan tengah minggu. Pék tingali saran mana anu paling cocog di daérah Sadérék. Lamun Sadérék nuturkeun saran-saranna, Sadérék bakal jadi pawarta anu leuwih tarampil jeung bakal leuwih bungah.​—2 Tim. 4:5.

Cita-cita rohani naon nu bisa dihontal ku Sadérék? (Tingali paragrap 19) *

19. Kumaha carana Sadérék ngamekarkeun sipat-sipat Kristen?

19 Ulah poho pikeun netepkeun salah sahiji cita-cita nu pangpentingna, nyaéta ngamekarkeun sipat-sipat Kristen. (Gal. 5:22, 23; Kol. 3:12; 2 Pet. 1:5-8) Kumaha Sadérék bisa ngahontal cita-cita éta? Misalna, lamun Sadérék hayang boga iman nu leuwih kuat, Sadérék bisa maca artikel tina publikasi nu ngabahas kumaha carana pikeun boga iman nu kuat. Sadérék gé bakal meunang mangpaat mun nongton bagian-bagian tina JW Broadcasting® nu nyaritakeun kumaha dulur-dulur saiman terus satia sanajan nyanghareupan tangtangan nu beurat. Terus, pikirkeun kumaha Sadérék bisa nyonto iman maranéhna.

20. Naon anu bisa urang lakukeun ngarah leuwih bungah jeung teu ngarasa kuciwa teuing?

20 Urang kabéh pasti hayang ngalakukeun leuwih loba hal keur Yéhuwa. Engké di dunya anyar, urang bakal ngawula Mantenna sapinuhna. Tapi, ti ayeuna kénéh urang kudu ngalakukeun nu panghadéna waktu ngagawékeun tugas-tugas urang. Ku kituna, urang bakal ngarasa leuwih bungah jeung moal kuciwa teuing sanajan aya cita-cita rohani urang anu can kahontal. Terus nu pangpentingna, urang bakal ngamulyakeun Yéhuwa, ’Allah urang anu bagja’. (1 Tim. 1:11, Terjemahan Dunia Baru) Jadi, hayu urang ngalakukeun anu panghadéna dina palayanan ngarah bisa bungah!

KAWIH 82 ’Caang Maranéh Kudu Mencar’

^ par. 5 Urang nyaah pisan ka Yéhuwa jeung hayang méré nu panghadéna dina palayanan. Meureun urang hayang ngalakukeun leuwih loba hal dina dines atawa meunang leuwih loba tanggung jawab di sidang. Kumaha mun urang geus upaya sabisa-bisa, tapi cita-cita urang can kahontal kénéh waé? Kumaha carana supaya urang bisa tetep sibuk jeung bungah dina palayanan? Hayu urang tingali jawabanana dina ibarat Yésus ngeunaan talénta.

^ par. 2 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 7 KATERANGAN TAMBAHAN: Hiji talénta téh kira-kira sarua jeung upah 20 taun digawé.

^ par. 15 Sadérék-sadérék pameget nu geus dibaptis dijurung pikeun minuhan sarat-sarat supaya bisa ngawula sabagé palayan sidang jeung kokolot. Pék tingali sarat-saratna dina buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yéhuwa pasal 5 jeung 6.

^ par. 17 KATERANGAN TAMBAHAN: Panaséhat ékstra téh nyaéta salah saurang kokolot nu dibéré tugas pikeun méré naséhat nu dibutuhkeun ka para kokolot jeung palayan sidang supaya bisa leuwih tarampil nepikeun hutbah, mandu acara pasamoan, jeung maca paragrap-paragrap dina palajaran Warta Hadé.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék diajar tina publikasi ngarah bisa ngahontal cita-citana, nyaéta leuwih tarampil ngajar.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri netepkeun cita-cita pikeun méré kasaksian teu resmi, terus manéhna méré kartu jw.org ka palayan réstoran.

^ par. 68 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri hayang ngamekarkeun sipat-sipat alus, jadi manéhna méré hadiah ka dulur saiman.