Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 32

Kuatkeun Iman Sadérék ka Nu Nyipta

Kuatkeun Iman Sadérék ka Nu Nyipta

”Percaya hartina . . . ngarasa pasti kana ayana hal anu henteu katembong ku panon lahir.”​—IBR. 11:1.

KAWIH 11 Ciciptaan Muji Allah

NU DIBAHAS *

1. Sadérék geus diajar naon waé ngeunaan Nu Nyipta?

LAMUN kolot Sadérék téh Saksi Yéhuwa, bisa jadi ti leuleutik Sadérék geus diajar ngeunaan Yéhuwa. Sadérék diajarkeun yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Mantenna gé boga sipat-sipat anu alus sarta hayang ngarobah bumi jadi pirdaus.​—Kaj. 1:1; Ras. 17:24-27.

2. Jalma-jalma anu percaya ka Nu Nyipta sok dianggap kumaha?

2 Tapi, loba jalma teu percaya Allah téh aya atawa Mantenna anu nyiptakeun kahirupan. Maranéhna percaya kahirupan téh ujug-ujug aya, asalna tina hiji mahluk hirup anu barobah jadi rupa-rupa mahluk hirup séjénna. Loba jalma anu pendidikanana luhur percaya kana hal éta. Maranéhna yakin, ilmu pengetahuan geus ngabuktikeun yén Alkitab téh salah. Terus ceuk maranéhna, anu percaya ka Nu Nyipta téh nya jalma-jalma anu pendidikanana rendah jeung gampang dibobodo.

3. Ku naon urang kudu nguatkeun iman urang?

3 Na pandangan ti jalma-jalma nu pendidikanana luhur nyieun urang jadi cangcaya yén Yéhuwa téh Nu Nyipta? Éta gumantung kana alesan ku naon urang yakin yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Na ku lantaran geus diajarkeunana kitu atawa geus ngabuktikeun sorangan? (1 Kor. 3:12-15) Teu sual geus sabaraha lila urang jadi Saksi Yéhuwa, urang kabéh kudu terus nguatkeun iman urang. Mun urang ngalakukeunana, urang moal kapangaruhan ku pamikiran jalma-jalma nu teu sajalan jeung Alkitab. (Kol. 2:8; Ibr. 11:6) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas (1) ku naon loba jalma teu percaya ka Nu Nyipta, (2) kumaha urang bisa nguatkeun iman urang ka Yéhuwa anu geus nyiptakeun sagalana, jeung (3) kumaha urang bisa ngajaga iman urang tetep kuat.

KU NAON LOBA JALMA TEU PERCAYA KA NU NYIPTA?

4. Dumasar kana Ibrani 11:1, naon iman téh?

4 Sababaraha jalma mikir, iman téh hartina percaya kana hiji hal tanpa ayana bukti. Tapi, ceuk Alkitab mah iman anu sajati téh teu jiga kitu. (Baca Ibrani 11:1.) Ayat éta nyebutkeun yén iman kana hal-hal anu teu katingali, saperti Yéhuwa, Yésus, jeung Karajaan Allah téh dumasar kana bukti-bukti anu nyata. (Ibr. 11:3) Saurang ilmuwan anu jadi Saksi Yéhuwa ngomong, ”Saksi-Saksi Yéhuwa téh boga dasar anu kuat pikeun hal-hal nu dipercaya ku maranéhna. Maranéhna henteu ngabaékeun ilmu pengetahuan.”

5. Ku naon loba jalma teu percaya yén kahirupan téh diciptakeun?

5 Pan loba bukti anu nunjukkeun yén kahirupan téh diciptakeun ku Allah, tapi ku naon atuh loba nu teu percaya kana hal éta? Sababaraha jalma henteu pernah mariksa bukti-bukti éta. Robert, saurang Saksi Yéhuwa, ngomong, ”Di sakola, abdi teu pernah diajarkeun yén kahirupan téh diciptakeun. Jadi, abdi teu percaya ka Nu Nyipta. Tapi waktu umur 22 taun, abdi panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna ngabuktikeun tina Alkitab yén Allah téh nyiptakeun sagalana. Nu dijelaskeun ku maranéhna téh asup akal.” *—Tingali kotak ” Pesen keur Kolot”.

6. Ku naon sababaraha jalma teu percaya ka Nu Nyipta?

6 Nu séjénna teu percaya ka Nu nyipta téh ku lantaran maranéhna ngan percaya kana hal-hal anu bisa ditingali. Tapi kanyataanana, maranéhna percaya ogé ka hal-hal anu teu katingali, misalna angin. Maranéhna percaya angin téh aya lantaran aya bukti-buktina. Kitu ogé jeung iman anu disebutkeun dina Alkitab. Urang bisa percaya kana ”hal anu henteu katembong” téh ku lantaran aya bukti-bukti anu nyata. (Ibr. 11:1) Tapi, butuh waktu jeung upaya pikeun mariksa bukti-buktina. Hanjakalna, loba jalma horéam ngalakukeunana. Jadi wéh, maranéhna nyimpulkeun yén Nu Nyipta téh euweuh.

7. Na kabéh jalma anu luhur pendidikanana teu percaya ka Nu Nyipta? Jelaskeun.

7 Jiga Robert nu tadi dicaritakeun, sababaraha jalma meureun teu percaya ka Nu Nyipta téh lantaran teu diajarkeun di sakolana. Tapi, loba ilmuwan ahirna jadi percaya yén Allah nu nyiptakeun jagat raya ieu jeung jadi nyaah ka Mantenna sanggeus mariksa bukti-buktina. * Jiga para ilmuwan éta, urang sorangan anu kudu nguatkeun iman urang ka Allah, teu sual kumaha pendidikan urang.

KUMAHA CARANA SUPAYA URANG BOGA IMAN KA NU NYIPTA?

8-9. (a) Ayeuna urang bakal ngabahas pananya naon? (b) Naon mangpaatna lamun urang diajar tina ciptaan?

8 Kumaha carana supaya Sadérék boga iman ka Nu Nyipta? Perhatikeun opat carana.

9 Diajar tina ciptaan. Sadérék bakal boga iman ka Nu Nyipta lamun merhatikeun sasatoan, tatangkalan, jeung béntang-béntang. (Jab. 19:2; Yes. 40:26) Beuki sering Sadérék merhatikeun hal-hal éta, Sadérék bakal beuki yakin yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Publikasi-publikasi urang gé sering ngabahas ngeunaan ciptaan. Mun aya hiji artikel anu hésé dipikaharti, ulah diliwat. Coba baca sabisana. Terus, Sadérék gé bisa muka situs Internét urang, jw.org. Di ditu, aya loba vidéo ngeunaan ciptaan anu pernah disetél dina kongrés-kongrés régional sababaraha taun ka tukang.

10. Béré bukti nu nunjukkeun ayana Nu Nyipta. (Rum 1:20)

10 Waktu diajar ngeunaan ciptaan, urang bisa apal Nu Nyipta téh Pribadi nu jiga kumaha. (Baca Rum 1:20.) Contona, panonpoé bisa nyaangan bumi jeung ngajaga bumi supaya tetep haneut. Tapi, aya sinar ultraviolet tina panonpoé anu bisa ngabahayakeun urang. Jadi, urang butuh panyalindungan. Nah, bumi urang téh boga taméng pikeun ngalindungan urang. Aya lapisan gas nu disebut ozon, anu ngurilingan bumi nu ngajaga urang tina sinar ultraviolet. Beuki gedé radiasi tina sinar ultraviolet, lapisan ozon-na gé bakal beuki kandel. Tina conto ieu, na Sadérék satuju yén aya Pribadi anu nyaahan jeung pinter nu geus nyiptakeun ieu kabéh?

11. Di mana Sadérék bisa meunangkeun informasi anu bisa nguatkeun iman Sadérék ka Nu Nyipta? (Tingali kotak ” Bahan-Bahan nu Bisa Nguatkeun Iman”.)

11 Dina Indeks Publikasi Menara Pengawal, Sadérék bisa manggihan informasi-informasi ngeunaan ciptaan anu bisa nguatkeun iman Sadérék. Sadérék gé bisa manggihan informasi éta dina jw.org. Sadérék bisa ningali artikel atawa vidéo anu aya dina kumpulan artikel ”Naha Ieu Dirancang?” Artikel jeung vidéo-vidéona téh pondok sarta méré informasi nu alus ngeunaan sasatoan atawa tutuwuhan. Di ditu gé aya conto ngeunaan kumaha para ilmuwan upaya pikeun nuturkeun rancangan nu aya di alam.

12. Waktu diajar Alkitab, hal naon waé anu kudu urang perhatikeun?

12 Diajar Alkitab. Ilmuwan anu tadi dicaritakeun dina paragrap 4, mimitina mah teu percaya ka Nu Nyipta. Tapi, ahirna manéhna jadi boga iman. Manéhna ngomong, ”Abdi bisa boga iman téh teu ngan saukur diajar ilmu pengetahuan, tapi ogé lantaran abdi bener-bener diajar Alkitab.” Meureun, Sadérék geus boga pamahaman anu bener kana Alkitab. Tapi supaya bisa boga iman ka Nu Nyipta, Sadérék kudu terus diajar Alkitab. (Yos. 1:8; Jab. 119:97) Misalna, Sadérék bisa mariksa bukti-bukti anu nunjukkeun yén catetan dina Alkitab téh sajalan jeung sajarah. Terus, Sadérék bisa merhatikeun ramalan-ramalan Alkitab anu geus jadi kanyataan jeung mariksa kumaha tulisan ti jalma-jalma nu nulis Alkitab téh silih dukung. Ku cara kitu, Sadérék bakal beuki percaya ka Nu Nyipta sarta yakin Alkitab téh amanat ti Allah. *2 Tim. 3:14; 2 Pet. 1:21.

13. Sebutkeun salah sahiji naséhat bijaksana nu aya dina Alkitab.

13 Waktu diajar Alkitab, perhatikeun naon mangpaatna naséhat Alkitab keur urang. Misalna, Alkitab méré paringetan yén beuki kana duit téh bahaya jeung nyababkeun ”rupa-rupa aral”. (1 Tim. 6:9, 10; Sil. 28:20; Mat. 6:24) Na paringetan ieu masih aya mangpaatna? Hiji buku nu ngabahas sikep jalma-jalma nyebutkeun, ”Seringna mah, jalma nu beuki kana duit téh hirupna teu bagja jeung leuwih strés. Malah, jalma nu ngan saukur hayang boga leuwih loba duit gé biasana teu bagja jeung boga masalah kaséhatan.” Jadi, paringetan tina Alkitab ngeunaan ulah beuki kana duit téh bener pisan. Na Sadérék bisa mikirkeun prinsip-prinsip séjén nu gedé mangpaatna? Mun urang paham yén naséhat Alkitab téh aya mangpaatna, urang bakal beuki ngandelkeun Yéhuwa sabab urang yakin Mantenna téh nyaho nu panghadéna keur urang. (Yak. 1:5) Hasilna, hirup urang bakal leuwih bagja.​—Yes. 48:17, 18.

14. Tina Alkitab, urang bisa diajar naon?

14 Waktu diajar Alkitab, tujuan urang téh nyaéta supaya bisa leuwih kenal ka Yéhuwa. (Yoh. 17:3) Tina Alkitab, urang bisa diajar kumaha sipat-sipatna Yéhuwa. Sipat-sipat éta gé katingali tina ciptaana-Na. Mun urang apal kumaha sipat-sipatna Yéhuwa, urang bakal yakin Mantenna téh bener-bener aya. (Bud. 34:6, 7; Jab. 145:8, 9) Terus, mun urang leuwih kenal ka Yéhuwa, iman urang bakal beuki kuat. Sosobatan urang jeung Mantenna gé bakal leuwih raket.

15. Naon mangpaatna nyaritakeun iman Sadérék?

15 Caritakeun iman Sadérék ka batur. Ku kituna, iman Sadérék bakal beuki kuat. Kumaha lamun aya jalma nu teu percaya yén Allah téh aya, tapi Sadérék bingung kumaha cara ngajelaskeunana? Coba téangan informasi dina publikasi ngeunaan hal éta, terus bahas jeung manéhna. (1 Pet. 3:15) Sadérék gé bisa ménta bantuan ka dulur saiman nu geus pangalaman. Teu sual jalma éta narima jawaban Sadérék atawa henteu, Sadérék bakal meunang mangpaat lantaran geus ngarisét. Iman Sadérék bakal leuwih kuat. Terus, Sadérék moal kababawa ku pamikiran jalma-jalma nu teu percaya ka Nu Nyipta.

TERUS KUATKEUN IMAN SADÉRÉK!

16. Naon balukarna mun urang teu ngajaga jeung nguatkeun iman urang?

16 Teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, urang kudu terus ngajaga jeung nguatkeun iman urang. Ku naon? Sabab mun teu ati-ati, iman urang bisa lemah. Sing inget, iman téh dasarna tina hal-hal anu teu katingali. Mun urang teu bisa ningali hiji hal, biasana urang sok gancang poho. Ceuk Paulus, iman anu lemah téh jiga ”dosa anu babari ngajiret urang”. (Ibr. 12:1, Terjemahan Dunia Baru) Kumaha carana supaya iman urang tetep kuat?​—2 Tes. 1:3.

17. Naon nu bisa ngabantu urang pikeun nguatkeun iman?

17 Kahiji, terus pénta roh suci Allah. Ku naon? Sabab iman téh hasil tina roh suci Allah. (Gal. 5:22, 23) Urang teu bisa nguatkeun jeung ngajaga iman urang ka Nu Nyipta mun teu dibantuan ku roh suci-Na. Lamun urang terus ménta roh suci ti Allah, tangtu Mantenna gé bakal méré. (Luk. 11:13) Urang gé bisa ngadoa, ”Kiatkeun kapercayaan abdi-abdi.”​—Luk. 17:5.

18. Dumasar kana Jabur 1:2, 3, urang dibéré kurnia naon?

18 Kadua, sing rutin diajar Firman Allah. (Baca Jabur 1:2, 3.) Waktu jabur ieu ditulis, ngan saeutik urang Israil anu boga salinan lengkep tina Hukum Allah. Tapi, raja jeung para imam bisa maca salinan-salinan éta. Terus unggal tujuh taun sakali, ”lalaki, awewe, barudak”, jeung urang asing di Israil ngarumpul pikeun ngadéngékeun Hukum Allah dibacakeun. (Pam. 31:10-12) Dina jaman Yésus gé, jalma anu boga gulungan-gulungan Kitab Suci téh ngan saeutik. Kalolobaan gulungan éta disimpen di tempat-tempat ibadah. Tapi ari ayeuna mah, ampir kabéh jalma bisa maca Alkitab. Alkitab téh kurnia ti Yéhuwa. Kumaha carana nunjukkeun yén urang nganuhunkeun kana kurnia ieu?

19. Naon nu kudu urang lakukeun supaya iman urang tetep kuat?

19 Urang bisa nganuhunkeun kana kurnia ieu ku cara maca Alkitab unggal poé. Urang kudu boga jadwal keur maca jeung diajar Alkitab. Tong ngan saukur maca pas boga waktu hungkul. Lamun urang boga jadwal, iman urang bisa tetep kuat.

20. Naon sakuduna tékad urang?

20 Teu jiga jalma ”anu palinter sareng garaduh elmu” di dunya ieu, urang mah boga iman anu dasarna tina Alkitab. (Mat. 11:25, 26) Alkitab ngajelaskeun ku naon kaayaan dunya beuki ancur jeung naon anu bakal dilakukeun ku Yéhuwa. Jadi, hayu urang sabisa-bisa nguatkeun iman jeung mantuan saloba-lobana jalma supaya boga iman ka Nu Nyipta. (1 Tim. 2:3, 4) Hayu urang terus neuteup ka hareup! Engké, urang bakal ngamulyakeun Allah sarta ngucapkeun kekecapan dina Wahyu 4:11, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat . . . Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.”

KAWIH 2 Yéhuwa, Nami Gusti

^ par. 5 Kitab Suci méré nyaho yén Allah Yéhuwa téh nyiptakeun sagalana. Tapi, loba jalma teu percaya kana hal éta. Maranéhna mikir, kahirupan téh teu diciptakeun. Urang moal kabawakeun ku pamikiran éta lamun urang bener-bener upaya pikeun nguatkeun iman urang ka Yéhuwa jeung Alkitab. Tapi, kumaha supaya iman urang beuki kuat? Artikel ieu bakal ngabahas carana.

^ par. 5 Loba sakola di sakuliah dunya teu ngajarkeun yén kahirupan téh diciptakeun ku Allah. Sababaraha guru mikir mun maranéhna ngajarkeun hal éta, éta sarua jiga maksa para murid pikeun percaya ka Allah.

^ par. 7 Dina Indeks Publikasi Menara Pengawal, aya koméntar-koméntar ti 60 jalma leuwih anu pendidikanana luhur, kaasup para ilmuwan. Maranéhna percaya yén sagala hal téh aya anu nyiptakeunana. Mangga tingali dina bagian ”Sains”, terus pilih ”ilmuwan yang percaya akan penciptaan”. Sababaraha koméntar maranéhna bisa dibaca ogé dina Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa. Mangga tingali dina bagian ”Sains dan Teknologi”, terus pilih ”’Wawancara’ (Artikel berseri di Sadarlah!)”.

^ par. 12 Misalna, tingali artikel ”Apakah Alkitab Selaras dengan Sains?” dina Sedarlah! Pébruari 2011 jeung artikel ”Apa yang Yehuwa Nubuatkan Menjadi Kenyataan” dina Menara Pengawal Januari 2008.