Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 34

Kumaha Carana ’Ngarasakeun’ Kasaéan Yéhuwa?

Kumaha Carana ’Ngarasakeun’ Kasaéan Yéhuwa?

”Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.”​—JAB. 34:9.

KAWIH 117 Mekarkeun Kahadéan

NU DIBAHAS *

1-2. Ceuk Jabur 34:9, kumaha carana supaya urang bisa apal sakumaha saéna Yéhuwa?

BAYANGKEUN Sadérék ditawaran kadaharan anu can pernah didahar ku Sadérék saacanna. Sadérék meureun bisa ngira-ngira jiga kumaha rasana ku cara ningali kadaharan éta, ngambeuan, maca resépna, atawa nanya ka batur ngeunaan kadaharan éta. Tapi urang kakara apal, urang beuki atawa henteu kana kadaharan éta lamun geus ngasaan sorangan.

2 Mémang, urang bisa diajar ngeunaan kasaéan Yéhuwa liwat Alkitab, publikasi, atawa ngadéngékeun pangalaman batur. Tapi, ngarah bisa bener-bener paham sakumaha saéna Yéhuwa, urang kudu ngarasakeunana sorangan. (Baca Jabur 34:9.) Misalna, urang hayang jadi panaratas. Tapi supaya bisa ngalakukeun hal éta, urang kudu nyaderhanakeun kahirupan urang. Meureun, urang sering maca jangji Yésus anu nyebutkeun lamun urang ngutamakeun Karajaan, Yéhuwa bakal minuhan kabutuhan urang. (Mat. 6:33) Tapi, urang can pernah ngarasakeun sorangan hal éta. Sanajan kitu, urang percaya kana jangji Yésus. Jadi ahirna urang daék ngirit, ngurangan waktu digawé, jeung leuwih sering dines. Sanggeus ngalakukeun hal-hal éta, urang ahirna bisa ningali jeung ngarasakeun sorangan yén Yéhuwa téh bener-bener minuhan pangabutuh urang sapopoé. Urang jadi bisa ’ngarasakeun’ sorangan kasaéan ti Yéhuwa.

3. Ceuk Jabur 31:20, saha waé nu utamana bakal ngarasakeun kasaéan Yéhuwa?

3 Yéhuwa téh ”sae ka unggal jalma”, kaasup ka jalma-jalma nu teu kenal ka Mantenna. (Jab. 145:9; Mat. 5:45) Tapi, Yéhuwa bakal méré leuwih loba berkah ka jalma-jalma anu nyaah jeung hayang ngawula Mantenna sapinuh haté. (Baca Jabur 31:20.) Perhatikeun sababaraha hal saé anu geus dibikeun ku Yéhuwa keur urang.

4. Kumaha carana Yéhuwa nunjukkeun kasaéan ka jalma-jalma anu ngaraket ka Mantenna?

4 Unggal urang ngajalankeun naon nu geus diajarkeun ku Yéhuwa, urang bisa ningali éta téh aya mangpaatna keur urang. Misalna, waktu urang diajar ngeunaan Yéhuwa sarta jadi nyaah ka Mantenna, Mantenna bakal mantuan urang supaya bisa eureun mikirkeun jeung ngalakukeun hal-hal nu teu dipikaresep ku Mantenna. (Kol. 1:21) Terus waktu urang ngabaktikeun diri sarta dibaptis, urang narima leuwih loba berkah. Urang jadi boga haté sanubari anu bersih sarta bisa nyobat jeung Mantenna.​—1 Pet. 3:21.

5. Naon waé kasaéan Yéhuwa anu dirasakeun ku urang waktu dines?

5 Urang bisa terus ngarasakeun kasaéan Yéhuwa waktu urang dines. Na Sadérék jalmana éraan? Loba Saksi Yéhuwa anu jiga kitu. Meureun saacan jadi Saksi mah, Sadérék teu kabayang engké bakal ngetrokan imah batur, terus méré nyaho ngeunaan Alkitab ka maranéhna. Tapi, nyatana ayeuna Sadérék geus biasa ngalakukeun hal éta. Geus kitu, ku bantuan Yéhuwa, Sadérék jadi bisa resep ngalakukeunana. Salian ti éta, Sadérék gé meureun geus ngarasakeun bantuan séjénna ti Yéhuwa. Misalna, waktu aya nu teu resep kana warta urang, Yéhuwa ngabantu Sadérék supaya bisa tetep tenang. Terus, Yéhuwa gé ngabantu Sadérék inget kana ayat-ayat anu cocog pikeun dibagikeun ka jalma-jalma anu minat. Salian ti éta, lantaran dibantuan ku Yéhuwa, Sadérék bisa terus sumanget ngawawar najan panggih jeung jalma nu teu minat.​—Yer. 20:7-9.

6. Jelaskeun kumaha palatihan téh ngabuktikeun kasaéan Yéhuwa.

6 Yéhuwa gé geus nunjukkeun kasaéana-Na ku cara ngalatih urang dines. (Yoh. 6:45) Dina pasamoan tengah minggu aya conto bahasan nu ngajarkeun carana ngawawar ka batur. Urang gé dijurung pikeun nyobaan cara éta. Mimitina mah meureun urang asa-asa, da urang can pernah nyobaan. Tapi sanggeus dicoba, éh geuning cara éta téh cocog di daérah urang. Terus dina pasamoan jeung kongrés-kongrés, urang gé dijurung pikeun nyobaan rupa-rupa cara ngawawar. Mimitina mah meureun urang geumpeur, tapi lamun urang daék nyobaan, engké Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. Hayu urang bahas naon waé berkahna lamun urang méré nu panghadéna keur Yéhuwa ku cara nyobaan hal-hal nu anyar sakamampuh urang. Geus kitu urang bakal ngabahas hal anyar naon waé nu bisa dilakukeun ku urang.

YÉHUWA NGABERKAHAN JALMA-JALMA ANU PERCAYA KA MANTENNA

7. Urang bakal meunang berkah naon mun ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan?

7 Urang bisa beuki raket ka Yéhuwa. Perhatikeun pangalaman saurang kokolot anu ngaranna Samuel. * Manéhna ngalayanan di Kolombia bareng jeung pamajikanana. Pasangan ieu téh resep pisan bisa naratas di sidangna. Tapi, maranéhna hayang mantuan sidang anu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta. Supaya bisa kitu, maranéhna kudu nyieun pangorbanan. Samuel ngomong, ”Urang nuturkeun naséhat dina Mateus 6:33. Jadi urang ngirit. Keur urang duaan mah, nu panghéséna téh kudu ninggalkeun imah, sabab éta téh imah anu diimpi-impikeun ku urang. Terus, cicilanana ogé geus lunas.” Di tempat tugas anu anyar, biaya hirup maranéhna jauh leuwih murah. Ceuk Samuel, ”Urang ningali, Yéhuwa ngabingbing jeung ngajawab doa-doa urang. Urang gé ngarasa, Yéhuwa bener-bener bungah ningali putusan urang. Terus, Mantenna nunjukkeun kanyaah ku cara anu béda.” Na Sadérék bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan? Sing yakin, Sadérék bakal beuki raket ka Yéhuwa sarta diurus ku Mantenna.​—Jab. 18:26.

8. Sadérék meunang palajaran naon tina koméntar Ivan jeung Viktoria?

8 Urang bisa ngarasakeun suka bungah dina palayanan. Perhatikeun koméntar ti Ivan jeung Viktoria, pasangan salaki pamajikan anu ngawula sabagé panaratas di Kirgistan. Maranéhna hirup saderhana supaya siap ditugaskeun ka mana waé, kaasup mantuan proyék pangwangunan. Ceuk Ivan, ”Dina unggal proyék, urang duaan digawé sakuat tanaga. Sanajan capé digawé sapoéeun, urang ngarasa bungah lantaran geus méré nu panghadéna ka Yéhuwa. Urang gé bungah lantaran jadi boga loba babaturan anu anyar sarta boga loba pangalaman anu éndah jeung maranéhna.”​—Mar. 10:29, 30.

9. Kumaha saurang sadérék istri ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan sanajan boga tangtangan, jeung naon hasilna?

9 Urang gé bisa tetep bungah dina palayanan najan aya tangtangan. Misalna perhatikeun pangalaman Mirreh, saurang randa anu geus sepuh ti Afrika Barat. Tadina manéhna téh saurang dokter, tapi ayeuna geus pansiun. Terus manéhna mulai naratas. Tapi manéhna téh boga panyakit, jadi hésé leumpang. Ku kituna, mun ngawawar ti imah ka imah téh paling ngan bisa sajam. Tapi mun méré kasaksian di tempat umum mah bisa leuwih lila. Terus Mirreh gé dines maké telepon, jadi manéhna bisa ngobrol jeung loba jalma anu minat sarta daék diajar Alkitab. Ku naon Mirreh daék ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan? Ceuk manéhna, ”Abdi nyaah pisan ka Yéhuwa jeung Yésus Kristus. Abdi osok ngadoa ménta Yéhuwa ngabantu abdi supaya bisa méré nu panghadéna dina palayanan.”​—Mat. 22:36, 37.

10. Jiga nu disebutkeun dina 1 Petrus 5:10, jalma anu daék ngalakukeun leuwih loba hal keur Yéhuwa bakal meunang berkah naon ti Mantenna?

10 Urang meunang leuwih loba palatihan ti Yéhuwa. Kenny, saurang panaratas ti Mauritius, meunang loba palatihan ti Yéhuwa. Sanggeus diajar bebeneran, manéhna eureun kuliah, dibaptis, sarta mulai ngawula Yéhuwa sabagé panaratas. Ceuk Kenny, ”Abdi hayang jiga Nabi Yésaya nu ngomong, ’Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!’” (Yes. 6:8) Kenny geus sering mantuan proyék pangwangunan jeung narjamahkeun publikasi-publikasi ka basa manéhna. Kenny ngomong, ”Abdi dilatih ngarah tarampil ngagawékeun tugas-tugas abdi. Abdi gé jadi sadar aya hal-hal anu teu bisa dilakukeun ku abdi. Terus, abdi jadi apal urang kudu ngupayakeun sipat naon waé supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayan jeung ngabantu dulur-dulur saiman.” (Baca 1 Petrus 5:10.) Meureun Sadérék gé bisa nyieun pangorbanan supaya meunang leuwih loba palatihan ti Yéhuwa.

Salaki pamajikan ngawawar di daérah nu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta; sadérék istri nu ngora kénéh miluan proyék pangwangunan Balé Karajaan; salaki pamajikan nu geus sepuh keur ngawawar liwat telepon. Maranéhna bagja pisan dina palayanan Tingali paragrap 11)

11. Naon anu diupayakeun ku sadérék-sadérék istri di Korea Selatan supaya bisa miluan dines? Naon hasilna? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

11 Saksi-Saksi Yéhuwa anu geus lila ngawula Yéhuwa gé perlu dilatih waktu nyobaan cara dines anu anyar. Misalna, pas aya pandémi COVID-19, para kokolot di Korea Selatan nulis, ”Sababaraha pawarta nu boga masalah kaséhatan jadi bisa dines, sabab dinesna maké konferénsi vidéo. Tilu sadérék istri anu umurna 80-an daék diajar maké komputer. Ayeuna, ampir unggal poé maranéhna dines.” (Jab. 92:15-16) Na Sadérék gé daék ngalakukeun leuwih loba hal dina dines sarta ngarasakeun leuwih loba kasaéan Yéhuwa? Perhatikeun sababaraha cara anu bisa ngabantu Sadérék ngalakukeunana.

CARANA SUPAYA BISA NGALAKUKEUN LEUWIH LOBA HAL DINA PALAYANAN

12. Yéhuwa ngajangjikeun naon ka jalma-jalma nu ngandelkeun Mantenna?

12 Kudu ngandelkeun Yéhuwa. Yéhuwa jangji bakal méré loba berkah ka jalma-jalma nu percaya sarta daék méré nu panghadéna keur Mantenna. (Mal. 3:10) Saurang sadérék istri ti Kolombia nu ngaranna Fabiola ngarasakeun kumaha Yéhuwa nyumponan jangji-Na ieu. Sanggeus dibaptis, manéhna téh hayang jadi panaratas. Tapi, manéhna kudu ngabiayaan salaki jeung tilu budakna. Jadi waktu manéhna geus bisa pansiun, manéhna bener-bener ngadoa ka Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Biasana mun batur ngurus duit pansiun, kudu ngadagoan lila, tapi ari abdi mah ngan sabulan. Meni ajaib!” Dua bulan sanggeusna, manéhna mulai naratas. Ayeuna, manéhna geus umur 70-an sarta geus 20 taun leuwih naratas. Manéhna geus mantuan dalapan jalma pikeun dibaptis. Ceuk manéhna, ”Nya, mémang kadang abdi ngarasa leuleus, tapi Yéhuwa mantuan abdi unggal poé supaya bisa terus naratas.”

Kumaha Ibrahim jeung Sarah, Yakub, sarta para imam nu meuntas Walungan Yordan némbongkeun yén maranéhna percaya ka Yéhuwa? (See paragraph 13)

13-14. Pangalaman saha waé anu bisa ngabantu urang percaya ka Yéhuwa jeung ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan?

13 Diajar ti jalma-jalma anu ngandelkeun Yéhuwa. Alkitab nyaritakeun loba hamba Allah dina jaman baheula anu ngalakukeun nu panghadéna keur Yéhuwa. Kalolobaan ti maranéhna kudu upaya heula, kakara meunang berkah ti Yéhuwa. Misalna Ibrahim. Manéhna meunang berkah sanggeus ninggalkeun imahna ”bari teu uninga kudu ngajugjug ka mana”. (Ibr. 11:8) Terus Yakub. Manéhna diberkahan ku Yéhuwa sanggeus gelut jeung malaikat. (Kaj. 32:24-30) Salian ti éta, waktu urang Israil rék asup ka Tanah Perjangjian, para imam kudu ngancrubkeun heula suku kana walungan éta, kakara urang Israil bisa meuntasan Walungan Yordan.​—Yos. 3:14-16.

14 Urang gé bisa diajar ti sadérék-sadérék dina jaman ayeuna anu ngandelkeun Yéhuwa jeung ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Misalna, perhatikeun pangalaman Payton jeung pamajikanana, nyaéta Diana. Maranéhna resep maca pangalaman ti dulur saiman anu ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Misalna pangalaman-pangalaman anu aya dina kumpulan artikel ”Mereka Merelakan Diri”. * Payton ngomong, ”Waktu maca pangalaman maranéhna, urang téh jiga keur ningali jalma anu ngadahar dahareun anu ngeunah. Beuki lila ditingali, urang beuki kabita pikeun ’ngarasakeun sorangan kumaha saéna Yéhuwa’.” Ahirna, Payton jeung Diana pindah ka daérah nu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta. Na Sadérék pernah maca kumpulan artikel éta? Na Sadérék gé pernah nongton vidéo Menginjil di Daerah Terpencil—Australia jeung Menginjil di Daerah Terpencil—Irlandia anu aya dina jw.org? Bahan-bahan éta bisa mantuan Sadérék pikeun néangan cara supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan.

15. Naon mangpaatna gaul jeung jalma-jalma anu bisa méré pangaruh anu alus?

15 Pék gaul jeung jalma-jalma anu bisa méré pangaruh alus. Urang bakal leuwih kabita nyobaan kadaharan anu anyar lamun urang sering gaul jeung jalma-jalma nu beuki kana kadaharan éta. Kitu ogé, lamun urang sering gaul jeung jalma-jalma anu ngutamakeun Yéhuwa dina kahirupanana, urang bakal leuwih kajurung pikeun néangan cara supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Salaki pamajikan nu ngaranna Kent jeung Veronica geus ngarasakeun sorangan hal éta. Ceuk Kent, ”Babaturan jeung kulawarga ngajurung urang pikeun nyobaan rupa-rupa dines palayanan. Urang sadar, lamun urang sering gaul jeung jalma-jalma anu ngutamakeun Karajaan, urang bakal leuwih wani nyobaan hal-hal anu anyar.” Ayeuna, Kent jeung Veronica ngawula sabagé panaratas istiméwa di Serbia.

16. Jiga nu ditunjukkeun dina ibarat Yésus nu dicatet di Lukas 12:16-21, ku naon sakuduna urang réla nyieun pangorbanan?

16 Jieun pangorbanan keur Yéhuwa. Nyenangkeun haté Yéhuwa téh lain hartina urang kudu ngorbankeun sagala hal anu dipikaresep ku urang. (Pan. 5:19, 20) Tapi, lamun urang henteu méré anu panghadéna keur Yéhuwa lantaran embung nyieun pangorbanan, engké urang bisa jiga lalaki dina ibarat Yésus. Manéhna leuwih ngutamakeun kasenangan hirup tibatan palayanan ka Allah. (Baca Lukas 12:16-21.) Saurang sadérék ti Prancis anu ngaranna Christian ngomong kieu, ”Baheula abdi henteu ngalakukeun anu panghadéna keur Yéhuwa jeung keur kulawarga.” Ahirna manéhna jeung pamajikanana mutuskeun pikeun jadi panaratas. Tapi, manéhna jadi kudu kaluar tina pagawéanana. Ngarah bisa nyumponan pangabutuh sapopoé, maranéhna nyieun usaha bebersih leuleutikan. Maranéhna gé diajar ngarasa puas, sanajan ngan boga duit saeutik. Naon hasilna? Christian ngomong, ”Ayeuna mah urang leuwih bungah dina dines. Urang gé resep ningali jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa.”

17. Ku naon urang bisa waé embung nyobaan cara dines anu anyar?

17 Kudu daék nyobaan cara dines anu anyar. (Ras. 17:16, 17; 20:20, 21) Shirley, saurang panaratas di Amerika Serikat, kudu ngarobah cara dinesna salila pandémi COVID-19. Mimitina mah, manéhna asa-asa rék ngawawar liwat telepon téh. Tapi sanggeus aya palatihan ti pangawas wilayah, manéhna mulai rutin ngawawar maké telepon. Ceuk Shirley, ”Mimitina mah abdi sieun, tapi ayeuna resep pisan dines maké telepon téh. Urang bisa ngobrol ka leuwih loba jalma tibatan waktu ngawawar ti imah ka imah!”

18. Naon anu bisa ngabantu urang nyanghareupan tangtangan?

18 Jieun rencana, terus jalankeun. Waktu aya masalah, urang bisa ménta tulung ka Yéhuwa sarta mikirkeun naon nu bisa urang lakukeun pikeun nyanghareupan masalahna. (Sil. 3:21) Perhatikeun koméntar ti Sonia, saurang panaratas biasa anu ngawula di kelompok basa Rumania di Eropa. Manéhna ngomong, ”Abdi osok nuliskeun rencana abdi dina kertas, terus napelkeunana dina tempat nu gampang katingali. Abdi gé ngagambar jalan cagak, terus nyimpen gambarna di luhureun méja. Waktu rék nyieun putusan, abdi sok ningali gambar éta bari mikirkeun, putusan abdi bakal ngabantu abdi pikeun ngahontal cita-cita rohani atawa henteu.” Sonia ngupayakeun sangkan boga pandangan anu positif kana masalah anu disanghareupanana. Ceuk manéhna, ”Unggal masalah téh bisa jiga témbok anu ngahalangan atawa jiga jambatan anu ngabantu abdi ngahontal cita-cita rohani. Éta mah gumantung kana cara abdi ningali masalahna.”

19. Kumaha carana nunjukkeun rasa sukur urang kana kasaéan Yéhuwa?

19 Yéhuwa téh ngaberkahan urang ku loba cara. Urang bisa nunjukkeun rasa sukur ka Mantenna ku cara ngalakukeun sagala hal nu ngamulyakeun Mantenna. (Ibr. 13:15) Meureun urang bisa néangan cara-cara anyar pikeun ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Ku kituna, Yéhuwa bakal méré leuwih loba berkah. Unggal poéna, hayu urang téangan cara pikeun ’ngarasakeun kumaha saena’ Yéhuwa. Engké urang bakal jiga Yésus, nu ngomong, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.”​—Yoh. 4:34.

KAWIH 80 ’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

^ par. 5 Yéhuwa téh Sumberna hal-hal anu saé. Mantenna resep méré hal-hal anu saé ka kabéh jalma, boh ka nu bageur boh ka nu jahat, tapi utamana mah ka jalma-jalma anu satia ngawula Mantenna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa méré hal-hal anu saé ka umat-Na. Urang gé bakal ngabahas kumaha jalma-jalma anu ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan narima leuwih loba berkah ti Mantenna.

^ par. 7 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 14 Séri artikel ieu saacanna aya dina Menara Pengawal, tapi ayeuna mah aya dina jw.org. Buka bagian MENGENAI KAMI > PENGALAMAN > MERAIH CITA-CITA ROHANI.